Ngungkulan Érror 5B00 Printer Canon G2000


Hasil citakan printer réngsé dibenerkeun

Biasana mah lamun nyitak tulisan maké printer téh ngan ukur rupa (warna) hideung wungkul, tara maké warna-warni. Pék sakali maké nyitak poto dina keretas, geningan rupana anéh. Siga anu teu kaluar sawaréh warnana. Pas dipariksa ngagunakeun kamonésan printer pikeun mariksa hasil citakan printer, bener waé rupa M (Magenta)-na teu kaluar. Dicobaan di-Cleaning, angger waé. Ahirna dicoba sababaraha kali nepikeun ka System Cleaning, angger kalahka error printerna. Cenah printerna error 5B00. Kudu dibenerkeun ka tukangna cenah !
Aduh, kumaha ieu ? Mangkaning kudu nyitak sababaraha lembar tulisan. Ieu mah lain ngan ukur nyitak rupa-rupa wungkul, nyitak hideung wungkul ogé teu bisa.
Tungtungna néangan cara ti internét, kumaha cara ngungkulan error 5B00. Alhamdulillah, manggihan cara anu gampang. Teu kudu maké pakakas nanaon, ngan ukur mencétan kenop anu aya dina printer wungkul.
Ceuk loka E-Print, pikeun ngungkulan erro 5B00 printer Canon G2000 kacida gampangna. Carana nyadiankeun keretas pikeun nyitak hasil ngecekna jeung mencetan kenop Stop jeung Power.

  1. Printer kudu pareum saméméh dibenerkeun ku ieu cara. Lamun hurung, kudu dipareuman heula.
  2. Printer kudu dieusian ku sababaraha lambar keretas.
  3. Pencét kenop Stop (kenop anu digambaran segitilu dibuleudan), ulah dileupaskeun. Terus pencét oge kenop Power reujeung teu dileupaskeun.
  4. Kakara leupaskeun kenop Stop bari teu ngaleupaskeun kenop Power. Satutasna, pencétan kenop Stop 5 kali bari teu ngaleupaskeun kenop Power. Réngsé éta, kakara kenop Power dileupaskeun. Mangka lampu warna héjo bakal kikiceupan. Tunggu nepikeun ka lampu héjona henteu kikiceupan.
  5. Sanggeus lampu héjo hurungna anteng, pencét kenop Stop lima kali, disusul tepus ku mencét kenop Power sakali. Tungguan nepikeun ka printer réngsé nga-reset tug nepikeun nyitak dina keretas. Printer bakal nyitak aksara D=000.0 dina keretas.
  6. Tuluy pencét kenop Stop tilu kali disusul ku kenop Power sakali. Printer bakal nyitak dina keretas satengah lambar. Teu kaharti, naon waé anu ditulis dina keretas téh, da kodeu wungkul. Lamun geus nyitak lambaran ieu, hartina printer geus réngsé dibebenerna.
  7. Pareuman printer terus hurungkeun deui. Printer geus bisa digunakeun.

Tunda talatah