Sasambat


Hawar-hawar ti jauhna
Sasambat sora manéhna
Sanajan ti kaanggangan
Kuring moal kasamaran

Lumengis ceurik papanting
Kawas hayang didatangan
Da bongan atuh paanggang
Nunggelis anggang sorangan

Baranang béntang keur caang
Di langit siga anu ngariceupan
Kiceup deudeuh ti manéhna
Sok hamo harepan samar laksana

Sasambat atuh ka saha
Ceuk haté da bongan kabayang baé
Ka saha atuh ka saha
Rék wakca da bongan cumantél baé

Advertisements

Kayungyuna Gloria Natapraja Hamel, Leuwih Milih Basa Sunda Tibatan Basa Perancis


Mangkukna, nalika milangkala kamerdikaan Indonésia anu ka-71, ramé naker ngeunaan anggahota Paskibraka anu teu lulus. Sawatara utusan ti unggal propinsi sa-Indonesia teu kabéh lulus bisa ngiluan jadi pasukan pikeun nanggerkeun bandéra Indonésia. Salasahiji anu teu lulus atawa asup jadi pasukan téh nyaéta Gloria Natapradja Hamel. Alesanana basajan pisan, nyaéta inyana mibanda masalah ngeunaan warganagara. Naha bener mangrupakeun warga nagara Indonésia atawa lain. Sakumaha anu katohiyan, bapana lain urang Indonésia tapi urang nagri Perancis. Reujeung inyana mibanda paspor nagri Perancis.

Gloria Natapraja Hamel
Gloria Natapraja Hamel

Kusabab kitu, inyana teu asup jadi pasukan anu nanggerkeun bandéra Indonesia (Paskibraka) nalika upacara milangkala kamerdikaan Indonésia di Istana Negara. Untung waé dina waktu nurunkeun bandérana mah kabawa jadi pasukan Paskibraka.

Sanajan mibanda paspor nagri Perancis, teu ngaruntagkeun kanyaah jeung kadeudeuh ka nagri Indonésia. Ti leuleutik, Gloria Natapraja Hamel geus cicing Indonésia katut sakola di Indonésia, perenahna di wewengkon Dépok. Sanajan mibanda pangabisa nyarita nepikeun ka tilu basa luar nagri kayaning basa Perancis, Jepang jeung basa Inggris, tapi waktu diwawancara ku wartawan mah embungeun lamun kudu nyarita ku basa Perancis téh.

Anu matak kayungyunna, inyana leuwih milih ngagunakeun Basa Sunda tibatan basa luar nagri. Pokna téh, “Abdi téh orang Sunda atuh, abdi téh bahagianya ngarumpul jeung sararéa”. Jadi sanajan mibanda paspor nagri Perancis teu ngurangan kanyaah kana budaya karuhun indungna heuseusna basa Sunda.

Ari urang, salaku urang Sunda, kumaha…?

(Potret meunang nginjeum ti okezone.com)

Boyot


Saha atuh jalmana anu teu hayang jadi jalma panggancangna. Pangpangna bisa lumpat gancang, siga Usain Bolt anu jadi jawara lumpat dina kajawaraan dunia 100 méter. Sanajan henteu siga Usain Bolt ogé, nya sahanteuna teu tinggaleun jauh teuing.

Balap lumpat pagancang-gancang
Balap lumpat pagancang-gancang

Tapi dina kanyataanana mah teu kitu sakabéhna. Ayana kalana waktu diajak lumpat teu bisa gancang. Lamun balap lumpat téh osok tinggaleun waé atawa pangpandeurina. Lamun geus kitu, sok aya anu ngadon moyok, cenah manéh mah boyot atawa pangboyotna.

(Gambar meunang nginjeum ti Olahraga Anak)

Poé Basa Indung Sadunya 2016


Mieling poe basa indung sadunya taun 2016
Mieling poe basa indung sadunya taun 2016

(Gambar: instagram @ram_sundamerch)

Guntreng jeung Gétréng


Papada jalma teu weléh aya pasalingsinganana jeung pasaliana. Moal saterusna sajalan jeung sapamadegan, da anu ngaranna ogé béda jalma. Béda jalma béda ogé kahayang jeung pamadeganana. Pon kitu deui reujeung papada dulur atawa baraya. Lain ngan ukur reujeung batur wungkul, dalah reujeung anu sarundayan ogé osok aya waé anu pasalia téh. Teu anéh lamun aya waktuna gétréng reujeung aya waktuna guntreng.

Nalika satuhu satujuan, balak guntreng ngobrol. Arék ka kalér atawa ka kidul, obrolan téh bakal bakal nyambung. Taya basa jadi pacéngkadan atawa neugteug jeung hog hag. Keur mangsana guntreng mah asa lain jeung sasaha ngobrolna ogé. Arék heureuy atawa ngobrol anu teges, moal matak jadi mas’alah. Éta dina mangsana sareundeuk saigel.

ngobrol
ngobrol

Hanjakal teu salawasna bisa guntreng. Dina waktu-waktu anu lian mah apanan osok aya istilah gétréng. Anu tadina sareundeuk saigel téh robah jadi pahereng-hereng. Anu tadina sapamdegan téh pasalia pamadegan atawa béda kahayang. Anu saurang hayang kieu, anu lianna hayang kitu. Duanana teu sajalan deui. Sanajan anu nyababkeunana mangrupakeun perkara anu teu sapira.

Arék gétréng atawa guntreng, duanana pasti marengan kehirupan jalma jeung bakal aya mangsa-mangsana.

(Gambar meunang nginjeum ti nyunyu.com)

Mumunggang Pangbalikan


Mumunggang Pangbalikan
Mumunggang Pangbalikan

Haté bungah bungangang
Anjog ka pajaran
Nu diimpleng ti tangéhna
Nu diwawaas ti anggangna

Disimbeuh ku kadeudeuh
Ti anggalna dikeureuyeuh
Najan harungan meuweuh
Teu kaéléd kunu maceuh

Diwuwuh ku pangaweruh
Anu linungguh timpuh
Taya basa jadi bangbaluh
Beungbeurat tetep pengkuh

Campuh jeung ngangluh
Mangsa nu anggang aduh
Naha anjog atawa tutuh
Ka pajaran iuh linduh

Néang Pangleuleuwih


Pajarkeun téh néang pangleuleuwih. Néangan leuwihna pikeun dibawa ka imah jadi napakah. Kitu kangaranan usaha tina jual beuli, anu ditéang téh apanan untung tina ngajual jeung meuli. Meuli sakitu, ngajual sakieu. Sakieu dikurangan sakitu, éta pangleuleuwihna.

Néang Pangleuleuwih
Néang Pangleuleuwih

Najan pangleuleuwihna ngan ukur saeutik, teu jadi mas’alah. Kangaranan usaha leuleutikan, pikeun jalma leutik mah leuwihna ngan saeutik ogé kacida bungahna. Komo lamun leuwihna téh loba. Arék loba, arék saeutik ditarimakeun kalawan disukuran.