Sésérahan


Isuk-isuk kénéh geus ngabring, ngiringkeun calon pangantén bari angkaribung barangbawa. Teu sirikna sagala dibawa. Ti mimiti anu hampang nepikeun ka anu beurat. Ngabring teu lalaki teu awéwé, teu budak teu kolot, ngilu nganteurkeun calon pangantén lalaki ti imahna nuju ka imah calon pangantén awéwé.

Gambaran jalma keur ngabring bari mawa barang keur diserahkeun ka calon pangantén awéwé

Dina poéan dirapalanana, biasana mah bari ngiringkeun calon pangantén lalaki, jalma-jalma anu ngilu nganteur pangantén lalaki téh, bari babawaan. Babawaan pikeun bekeleun hirup rumah tangga calon panganten. Lamun kaparengah anu panganténana téh salembur, nganteurkeunana tara maké kandaraan. Ngabringna téh bari laleumpang kaasup calon panganténna. Unggal anu ngiringkeun biasana mah teu nepikeun ka henteu barang bawa. Aya anu mawa baki dieusian sagala, anu mawa baskom eusi dahareun, anu nanggung atawa ngagotong cau, nepikeun ka anu manggul atawa ngagotong lomari pakéan. Pokona mah naon anu bakal dibekelkeun ka calon pangantén pikeun ngalakonan rumah tanggana, ti kolotna calon pangantén lalaki, dibawa dina poéan harita.

Jadi sakalian dirapalan téh, ogé langsung dikirim bekel pikeun ngalakonan hirup rumah tangga. Jigana mah supaya ulah bulak balik ngirim bekel. Da geus jadi kabiasaan, lamun geus dirapalan mah, pangantén téh ngalakonan hirup rumah tanggana osok ngilu heula di imah mitoha awéwé. Salila tacan meunang atawa nyieun imah sorangan mah osok ngadon ngilu di imah kolotna pangantén awéwé. Sahanteuna lamun geus sagala dibekelan mah ku kolot pangantén lalaki, piraku henteu betah cicing di imah kolot pangantén awéwé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://t3.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcTzbc35qBlSb0Q66NyeMc_2VneFgO-9-2eoxao56eupjU1fIfz6g4fEWY9nUQ)

Kecap Babawaan Barang (Barangbawa)


Dina babawaan atawa barangbawa, loba pisan rupana (hususna béda ngaran babawaan/barangbawa). Rupa-rupana téh gumantung kana kumaha cara mawana jeung ngagunakeun naon mawana. Jadi anu ngabédakeunana téh kumaha cara mawana (ngagunakeun parabot/alat babantu naon) jeung maké naon mawana (maké anggahota awak naon mawana). Béda cara mawa bisa ngakibatkeun bédana ngaran babawaan. Pon kitu deui reujeung bédana maké anggahota awak ngakibatkeun bédana ngaran ogé.

Jalma keur nanggung suluh
  1. Nyuhun. Lamun mawa barang éta barangna téh diteundeun di luhureun sirah saperti mawa parab domba sabeungkeutan dina luhureun sirah.
  2. Manggul. Mawa barang dina taktak.
  3. Nanggung. Mawa barang atawa babawaan dina takatak bari maké rancatan. Barang anu ditanggung dibagi dua diteundeun atawa ditalian kana tungtung rancatan.
  4. Nyumiat. Mawa barang maké taktak bari maké rancatan. Ngan barang anu dibawana henteu dibagi dua sakumaha nanggung. Barang anu dibawana dihijikeun dikaitkeun atawa ditalian dina hiji tungtung rancatan. Rancatan anu dipakéna biasana mah anu panjang, pikeun nyaimbangkeun beuratna babawaan.
  5. Nogéncang. Sarua reujeung nyumiat.
  6. Ngagotong. Mawa barang ku duaan (dua urang jalma). barang anu dibawana biasana mah dihijikeun ditalian atawa digantungkeun kana rancatan. Barang anu dibawa diteundeun di tengah-tengah rancatan. Tungtung rancatan dipanggul ku dua urang jalma maké taktak.
  7. Mundak. Mawa barang langsung dina taktak atawa punduk.
  8. Nanggeuy. Mawa barang dina leungeun anu ditanggeuykeun ka luhur.
  9. Ngajingjing. Mawa barang maké leungeun kalawan ditalian atawa maké wadah.
  10. Ngélék. Mawa barang kalawan diselapkeun kana kélék. Barang anu dibawana biasana mah leutik jeung hampang.
  11. Ngagandong. Mawa barang dina tonggong, bisa dicekelan maké leungeun atawa ditalian. Talina bisa maké tali biasa atawa maké samping.
  12. Mangku. Mawa barang atawa barangbawa make leungeun jeung diteundeun diluhureun atawa palebah beuteung.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2010/12/nanggungsuluh.jpg)