Muludan Santri Miftahul Huda Kampung Ciburuan


Imtihan Maulid Nabi Muhammad saw 1434 H


Saptu peuting, sanggeus solat Isya, barudak santri ngarumpul di Madrasah Miftahul Huda. Santri-santri téh maraké saragam corak héjo. Dariuk dina korsi meunang nginjeum ti Balé Musawarah Dusun anu dijéjérkeun di buruan madrasah. Supaya henteu kahujanan, luhurna ditiungan maké terepal. Ari tamu anu haladir, nyaéta kolot-kolotna barudak santri diangkir supaya asup ka jero rohangan madrasah. Pon kitu deui reujeung sémah anu diondang, sina asup ka jero madrasah. Aya dua rohangan madrasah anu dipaké tempat acarana. Kikiding hahalang rohanganana digeblangkeun (dibuka) supaya dua rohangan éta bisa ngahiji.

Barudak santri keur mintonkeun Mars KPM Miftahul Huda
Barudak santri keur mintonkeun Mars KPM Miftahul Huda

Bari diamparan ku karpét, kolot-kolot jeung sémah anu diondang dariuk dina karpét bari dihareupeunana dijajarkeun idangan kayaning kuéh jeung inuman. Di tungtung rohangan anu hiji diteundenan babangkuan minangka panggungna. Panggung pikeun mentaskeun barudak santri. Ayeuna mah henteu nyieun panggung di luar, da keur usum hujan. Bisi kahujanan, pangpangna anu lalajona. Ari di jero rohangan mah apanan sakabéhna (anu mentas jeung anu lalajo) bisa kaiuhan.

Acara anu diluuhan ku Kapala Desa katut MUI Desa téh bisa lumangsung kalawan lancar. Hanjakal waktuna henteu cukup pikeun mentaskeun sakabéh barudak di luhureun panggung. Anu dipentaskeun téh ngan ukur bisa ceramah jeung Tahfidz Juz’amma wungkul. Salian ti éta mah kapaksa henteu dipentaskeun. Engké waé dina pas Rajaban, bakal dipentaskeun sakabéh barudak. Kitu kasauran Ketua Panitia.

Salasahiji pintonan anu diancokeun
Salasahiji pintonan anu diancokeun

Barudak anu kalolobaanana mah santri istri (satriwati), mentas ka luhur panggung. Mintonkeun hasil latihanana séwang-séwangan. Ti mimiti Qosidahan/Tagonian, Tahfidz Juz’amma katut ceramahan (tausiah). Salian ti éta ogé aya babagi hadiah ka santri anu miboga kapinunjulan (prestasi) anu dipasrahkeun langsung ku Bapa Kapala Desa katut Kapala Dusun. Acara Imtihan téh réngsé dina jam 12 peuting.

Budak anu Masantrén (Santri) mah Jaragoan


Baheula mah anu aya hiji hal anu matak gimir jeung dipikasieun téh. Anu dipikasieun téh lamun panggih jeung jalma atawa budak/rumaja anu réngsé masantrén (santri). Lain kukumaha, anu dipikasieunna téh sieun kalawan teu dihaja naon anu dipigawé atawa diucapkeun matak nyeri atawa matak ngaganggu ka éta jalma/budak anu réngsé masantrén téa.

Ceuk béja ti kolot atawa tina obrolan jalma anu dipikolot, cenah anu réngsé masantrén mah rata-rata jaragoan. Réngsé masantrén téh lain ngan ukur meunang élmu agama atawa bagbagan agama wungkul, tapi miboga kasaktén anu lain joré-joré. Sanajan ngan ukur ngebutkeun carécét (sapu tangan), jalma anu dituju atawa jalma anu disinghareupan ku éta lulusan pasantrén bisa jadi ngarumpuyuk tanpa tangan pangawasa. Éta téh ngan ukur ku ngebutkeun carécét wungkul. Komo deui lamun leuwih ti éta.

Santri anu keur masantren

Ku kaayaan ieu, tangtuna ogé matak hemar-hemir ka jalma anu teu nyaho di nanaon. Nya kaasup kuring. Nu matak, lamun bisa mah henteu panggih jeung jalma anu lulusan pasantrén. Sieun pas dina panggihna manéhna ngebutkeun carécét di hareupeun kuring. Atuh lamun dina kituna téh, kacida bahyana atawa bingungna pikeun kuring.

Ngan untung éta mah jaman baheula, jaman tacan apal dinanaon. Tacan apal di temah wadi, tacan apal kumaha kahirupan sabenerna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://azizmoursall.files.wordpress.com/2011/08/ssa41533.jpg)