Sasambat


Hawar-hawar ti jauhna
Sasambat sora manéhna
Sanajan ti kaanggangan
Kuring moal kasamaran

Lumengis ceurik papanting
Kawas hayang didatangan
Da bongan atuh paanggang
Nunggelis anggang sorangan

Baranang béntang keur caang
Di langit siga anu ngariceupan
Kiceup deudeuh ti manéhna
Sok hamo harepan samar laksana

Sasambat atuh ka saha
Ceuk haté da bongan kabayang baé
Ka saha atuh ka saha
Rék wakca da bongan cumantél baé

Advertisements

Haleuang Kuliner Sunda 2015


Dina raraga Dies Natalis Unpad (Universitas Padjadjaran) anu ka-58, unit Kesenian Universitas Padjadjaran bakal ngayakeun pagelaran anu dijejeran ku ‘Haleuang Kuliner Sunda’. Pagelaran entragan taun 2015 ieu bakal dilumangsungkeun dina poé Ahad ping 13 Séptémber 2015. Waktuna jam tujuh peuting nepikeun ka jam satengah sapuluh. Ari tempatna nyaéta di GOR Jati Kampus Unpad Jatinangor.

Sakumaha jejerna, pagelaran ieu gedé pakaitna reujeung kadaharan anu aya di tatar pasundan. Kadaharan ieu dipidangkeun ngaliwatan lalaguan atawa kawih anu geus kawentar di masarakat urang Sunda. Kadaharan kayaning Tauco, Borondong Garing, Peuyeum Bandung, Surabi Haneut jeung Tahu Sumedang geus aya lagu atawa kawihna.

Pagelaran Haleuang Kuliner Sunda 2015
Pagelaran Haleuang Kuliner Sunda 2015

Dina ieu pagelaran lalaguan anu aya pakaitna reujeung kadaharan éta baris dihaleuangeun. Leuwih ngeunahna deui, lain ngan ukur dihaleuangkeun wungkul, tapi kadaharan anu disebutkeun dina laguna ogé bakal diidangkeun ka anu lalajo. Contona waé, Nalika lagu anu dipidangkeunana lagu Peuyeum Bandung, kadaharan peuyeum bakal dibagikeun kanu lalajo kalawan haratis.

Ngeunaan lalaguanana, aya 12 lagu anu bakal dipintonkeun. Lagu kasebut nyaéta Borondong Garing – És Lilin – Peuyeum Bandung – Tauco Cianjur – Colénak – Tahu Cibuntu – Tahu Sumedang – Galéndo – Wajit Cililin – Surabi Haneut – Rujak Cuka – Karédok Leunca reujeung lagu bubuka ‘Kuliner Sunda’ yasana Ganjar Kurnia.

Musik anu mirigna, lalaguan anu dipidangkeun bakal dipirig ku rupa-rupa musik tradisional Sunda kayaning calung, degung, Angklung Arumba, Celempungan, Kacapi Biola, Pop Sunda jeung Band modern. Sedengkeun anu baris midangna aya Bungsu Bandung, Rika Rafika, Sony Riya Windyagiri jeung Novi Aksmiranti katut anu séjénna.

Ieu pagelaran téh bisa didongdon ku saha waé. Anu hayang lalajo bisa datang dina waktuna kalawan teu kudu mayar karcis alias haratis….

Féstival Budaya Sunda 2015: Lomba Nyanyi Sunda


Saterusna aya Lomba Nyanyi Sunda dina Féstival Budaya Sunda 2015 anu diayakeun ku Gerpeda. Sakumaha lomba séjénna anu ngeusi ieu féstival, Lomba Nyanyi Sunda bisa diiluan ku saha waé asal urang Jawa Barat. Arék barudak sakola, mahasiswa atawa masarakat biasa bisa ngiluan kana ieu lomba. Ngeunaan laguna bébas asal lagu dina Basa Sunda anu eusina ngeunaan budaya Sunda. Lagu anu dihaleuangkeunana paling lila tujuh menit. Ulah leuwih ti éta.

Lomba Nyanyi Sunda dina Féstival Budaya Sunda 2015
Lomba Nyanyi Sunda dina Féstival Budaya Sunda 2015

Anu hayang ngiluan kudu daptar heula kalawan mayar waragad daptar anu gedéna 75 rébu dilengkepan ku ngeusian formulir anu disadiakeun ku loka fbs2015.blogspot.com. Daptar paling elatna dina ping 8 Méi 2015.

Ari lumangsung lomba nyanyina dina ping 28 Méi 2015 anu tempatna di SMA Negeri 8 Bandung. Saméméh diayakeun lomba, anu ngiluan kana lomba kudu ngiluan heula rembugan (technical meeting) dina ping 9 Méi 2015.

Tina ieu lomba baris dipilih tilu urang pinunjul anu bakal dilélér hadiah mangrupa piala, sertifikat, goody bag ditambah duit anu gedéna béda-béda. Jawara kahiji bakal meunangkeun duit 3 juta, jawara kaduana 2,5 juta jeung katiluna meunangkeun duit 2 juta.

Éta Socana


Éta Socana
Éta Socana

Sanggian/Rumpaka: Nano S.
Haleuang: Nining Meida/Barman S.

Éta-éta socana
Paneuteup teuing ku seukeut
Éta-éta imutna
Gelenyu ngabandang tineung

Éta-éta rarayna
Marahmay miis mamanis
Éta daya sagalana, sagalana
Karaos éndahna

Kangen-kangen unggal dinten
Nyipta tepang pasosonten
Rasa asih jeung kamelang
Ngahayu-hayu patepung

Bagja-bagja metik cinta
Geter rasa nu sarua
Nyipta-nyipta tinekanan
Ayang-ayangan duaan

Éta-éta socana
Ku centik bulu socana
Éta-éta imutna
Gereget kempot pipina

Éta-éta rarayna
Cahayaan linduh bulan
Sagalana éstu narik raga sukma
Duh éta socana

Sasih Sawelas


Juru kawih: Nining Méida AS/Barman S
Ciptaan Ki Ihin

Sasih Sawelas
Sasih Sawelas

Keur nohonan antara geugeut jeung deudeuh
Bongan léngkah geus anteng paduduaan
Nyungsi peuting tingtrimna katompérnakeun
Bulan imut marahmay dina lahunan

Keur nohonan neuleuman galeuh kadeudeuh
Bongan gupay keur anteng di kaangangan
Nyungsi taun aworna katompérnakeun
Bulan weléh nyangsara kedal kahéman

Sasih sawelas duh tarajé haté jeung haté
Sasih sawelas duh nyingrayna rasa kasimpé
Sasih sawelas duh randakah pusat katresna
Sasih sawelas duh randakah ku pangharepan

Lalaki Raheut Haténa


Wanda Degung, dihaleuangkeun ku Euis Farida

Lalaki raheut hatena (gambaran wungkul)
Lalaki raheut hatena (gambaran wungkul)

Deudeuh teuing
Lalaki raheut haténa
Gudawang beulah bayahna
Bet asa tutung jajantung

Duh karunya
Bet asa ku kaniyaya
Geus paheut jalir jangjina
Sugan téh rék saenyana

Duh ku kaniyaya
Teungteuingeun nasib  diri
Duh, tong téga teuing
Tong luluasan

Kudu kumaha
Atuh nandanganana
Bet asa ku teungteuingeun
Cing émut jungjunan

Cukleuk leuweung cukleuk lamping
Jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain
Jauh ka indung ka bapa
Jauh ka indung ka bapa

Deudeuh teuing
Lalaki raheut haténa
Gudawang beulah dadana
Bet asa tutung jajantung

Duh karunya
Bet asa ku kaniyaya
Geut paheut jalir jangjina
Sugan téh rék saenyana

Duh ku kaniyaya
Teungteuingeun nasib diri
Duh tong téga teuing
Tong luluasan

Kudu kumaha
Atuh nandanganana
Bet asa ku teungteuingeun
Sing émut jungjunan

Rék ceurik, ceurik kumaha
Panto pageuh ditulakan
Rék ceurik, ceurik kumaha
Jodo pageuh pepegatan, Enung
Jodo pageuh pepegatan

Deudeuh teuing
Lalaki raheut hatena
Gudawang beulah bayahna
Bet asa tutung jajantung

Cikapundung


Album Nostalgia Pop Sunda
Album Nostalgia Pop Sunda

Dihaleuangkeun ku Titim Fatimah dina Albeum Nostalgia Pop Sunda 1996 (Mc Records).

Cikapundung Cikapundung Cikapundung
Walungan di kota Bandung
Kota kembang kota midang
Kota pangbangbrang kabingung
Aduh ema aduh bapa
Abdi mah lah geningan alim dicandung
Kajeun dahar karo uyah
Abdi mah kajeun padungdung

Pérak lain japati belang jangjangna
Nolak lain lamun mindeng dianjangan
Mun bapa atos teu suka
Tong nyerikeun anak mitoha
Meureun abdi ngusap diri
Batan abdi ngudar gelung
Pami bapa aya maksad badé nyandung
Kajeun abdi badé pundung
Abdi narah abdi narah
Abdi mah alim dicandung

Cikapundung Cikapundung Cikapundung
walungan di kota Bandung
Kota kembang kota midang
Kota pangbangbrang kabingung
Aduh ema aduh bapa
Abdi mah lah geningan alim dicandung
Kajeun dahar karo uyah
Abdi mah alim dicandung