Belang Betong


Mangsa keur budak mah remen ngadéngé kekecap ieu téh. Pangpangna mangsa sakola di SD. Kolot téh loba anu mapagahan ka budakna supaya ulah belang betong ari sakola téh. Sakola mah kudu rajin. Tapi ieu husus pikeun budak anu ngedul kana sakolana, kadang daék sakola kadang embung sakola. Rajeun daék sakola lamun dipapaksa kudu sakola. Da budak anu rajin sakola mah henteu kudu ditititah deui sakolana.

Gambaran barudak sakola keur indit sakola
Gambaran barudak sakola keur indit sakola

Budak anu daék sakolana kakapeungan disebutna téh belang betong. Atuh, saha kolotna anu hayang miboga anak anu kedul sakola, atawa daék kakapeungan. Kolot mah nyakolakeun budak téh supaya daék diajar, supaya pinter. Supaya miboga élmu pikeun bekel hirup ka hareupna. Lamun kedul mah atuh moal meunang élmu anu mucekil.

Dina prak-prakanana, lain ngan ukur pikeun budak anu daék kakapeungan sakola wungkul. Belang betong ogé osok dilarapkeun dina hal séjénna. Budak anu keur diajar solat ogé, aya kalana nalika horéam mah tara dilakonan. Budak téh ngalakonan solat lamun keur hayang, lamun waktuna horéam mah najan dipapaksa ogé angger horéam. Lamun dititah ka masigit pikeun diajar ngaji, ogé sarua waé. Kadang daék indit ngaji, kadang cicing waé di imah najan geus waktuna ngaji ogé.

Najan remen dilarapkeun ka barudak, sabenerna mah bisa dilarapkeun ka saha waé kaasup pikeun kolot. Kolot anu kadang daék kadang embung bisa disebut belang betong. Ngan hanjakal remen dipaké pikeun budak anu keur mangsana diajar, boh diajar di sakola (élmu umum) atawa diajar élmu agama.

Kaulinan Barudak jadi Ékstrakurikulér di SDN 1 Cibening


Meunang inpo anu dipidangkeun ku blog SDN 1 Cibening Purwakarta yén di sakola éta anu ngaranna Kaulinan Barudak téh diasupkeun kana kagiatan ékstrakurikulér. Jadi barudak sakola salian ti diajar pangajaran umum sakumaha anu geus diatur dina kurikulum ogé bisa ngiluan kana kagiatan ékstrakurikulér tambahan. Barudak bisa ngiluan diajar jeung ngaulinkeun Kaulinan Barudak saperti oray-orayan jeung ucing sumput. Diasupkeunana Kaulinan Barudak kana ékstrakurikulér ieu mangrupakeun salasahiji jalan pikeun ngajaga jeung miara budaya di Tatar Sunda hususna ngeunaan Kaulinan Barudak.

-
-
-

Dina émprona, barudak anu ngiluan kana ieu éktrakurikulér téh lalatihan di buruan sakola nalika peré sakola jeung balik sakola. Maranéhanana mintonkeun Kaulinan Barudak baheula ngaliwatan pintonan kasenian. Kalayan dipirig ku tatabeuhan seni Sunda, barudak dialajar budaya anu kacida mundelna ku niléy-niléy kahirupan jeung ngadidik maranéhna.

Salian ti Kaulinan Barudak, aya deui éktrakurikulér husus ngeunaan kasenian Sunda, saperti seni sisingaan. Beuki dihangkeutkeunana ékstrakurikulér kasenian ieu henteu leupas tina bakal diayakeunana kagiatan Pramuka anu baris dilumangsungkeun di SDN 2 Cikopo dina ping 25 – 29 Oktober. Dina ieu kagiatan, unggal sakola mintonkeun kasenian séwang-séwangan.

(Inpo jeung potret meunang nginjeum ti blog SDN 1 Cibening)

Jeméngan


Rupa-rupa pasipatan jalma mah, utamana pasipatan barudak. Aya budak anu babarian aya budak anu kuatan. Aya budak anu henteu nanaon ogé osok ngadadak babarian. Aya deui budak anu kuatan, najan dikukumaha ogé angger henteu réngrot-réngrot.

Budak ceurik
Budak ceurik

Pikeun budak anu babarian mah, najan kasigeung saeutik ogé osok babarian, utamana babarian léwéh atawa ceurik. Budak téh najan ngan ukur kapoyok saeutik atawa teu pira babari pisan nginghakna. Babari pisan neuteulina. Gampang pisan ngaluarkeun cimata.

(Gambar meunang nginjeum ti blogspot.com)

Balantrak


Mangsa-mangsa keur budak mah kacida resepna arulin téh. Naha ulin sosoranganan, komo deui babarengan reujeung babaturan. Ngan lamun dibandingkeun mah resep kénéh ulin bari babarengan reujeung babaturan tibatan ulin sosoranganan. Ulinna, rupa-rupa. Bisa hareureuy di buruan imah, di jero imah atawa ampreng-amprengan ka mana waé. Resep loba batur mah aya batur pakumaha reujeung moal sieun najan arék ka mana waé ogé. Najan kolot teu arapaleun ogé ulinna ka mana, nu penting mah ulah poho balik ka imah.

Barudak anu ngadon arulin ka leuweung
Barudak anu ngadon arulin ka leuweung

Lamun keur bosen ulin di buruan atawa di jero imah, osok ngahajakeun arulin ka tempat anu rada jauh, naha ka kebon atawa ka leuweung. Tujuanana mangrupa-rupa, aya anu ngadon guyang di leuwih walungan, mulung bungbuahan kayaning limus, muncang atawa kadu, atawa ngan ukur leuleumpangan pa tepiswiring. Inditna resep ngabring, muru ka hiji tempat. Salila ngabring osok bari hareureuy ogé, silih gebah kusabab nyumput dinu suni atawa silih udag paheula-heula.

Nepi ka tempat anu dituju, barudak paheula-heula migawé kaulinan anu jadi tujuanana. Lamun arék guyang, paheula-heula arancluk ka walungan. Dina palebah mulung bungbuhana, paheula-heula néangan bungbuahan anu osok maruragan di handapeun tangkalna. Sanggeus seubeuh arulinna atawa beubeunangan, ngabring deui baralik. Ngan osok aya anu ngahaja ditinggalkeun di tempat pangulinan.

Arulin méakeun pangaresep téh remenna mah tara bébéja ka kolotna séwang-séwangan. Lamun ulinna kamalinaan matak deudeupeun kolot-kolot di lembur. Ngadon naréangan budakna séwang-séwangan. Komo lamun geus burit taya waé mulang mah osok pada néangan, tatanya ka tatangga. Waktu mulang, remen dicarékan pajarkeun téh bet ulin kamalinaan, bet balantrak sagala. Atawa naha ulin téh bet jauh-jauh teuing, saha pamawana. Dibarung ku pangwawadi ulah ulin kamalinaan deui atawa ulah balantrak deui.

Hanjakal, anu ngaranna budak mah osok aya mantangulna. Lamun geus diajakan arulin ku babaturan, osok ngalakonan kitu deui….

(Potret meunang nginjeum ti internet)

“Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De’Ranch Lembang”


Dina raraga ngeusian peré barudak sakola, De’Ranch ngayakeun kagiatan anu dingaranan ‘Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda’. Ieu kagiatan téh dilumangsungkeun salila dalapan poé (leuwih ti saminggu), ti mimiti poé Saptu ping 22 Juni 2013 nepikeun ka poé Saptu deui ping 29 Juni 2013.

Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De'Ranch Lembang
Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De’Ranch Lembang

Ieu acara téh mintonkeun rupa-rupa kasenian Sunda saperti Léngsér, Sisingaan, Karinding, Kuda Lumping, Kacapi Suling, Jaipongan, Calung, jeung Pencak Silat. Dibarung ku dipintonkeunana rupa-rupa kaulinan barudak baheula kayaning jajangkungan, congklak, oray-orayan, ayang-ayanggung, jeung anu séjénna. Pidangan kasenian jeung kaulinan barudak téh lolobana mah diancokeun ku barudak sakola. Anu ngadongdon bisa ngilu ilubiuang sacara langsung kana kagiatan anu dilumangsungkeun.

Salian ti ayana pintonan kasenian reujeung kaulinan barudak, ditambah ogé aya bazar anu nyadiakeun kadaharan mangrupa awug, leupeut, gegetuk, bajigur, badros jeung anu séjénna.

(Sumber inpo jeung gambar: De’Ranch Lembang)

Indit Sakola bari Leumpang, Budak Leuwih Pinter


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku Okezone Lifestyle, cenah budak anu indit ka sakola bari leumpang bakal leuwih pinter tibatan anu naék kandaraan. Indit ka sakola bari leumpang bisa nyababkeun budak téh leuwih pinter. Utamana pikeun budak sakola ti jinis awéwé.

barudak nu indit ka sakola bari leumpang
barudak nu indit ka sakola bari leumpang

Nurutkeun panalungtikan anu dipedalkeun ngaliwatan Archives of Pediatrics & Adolescent Medicine, kapinteran budak hususna ngeunaan cara gawé kognitif bisa dialusan (leuwih alus) ku jalan leumpang nalika indit ka sakolana. Hasil panalungtikanana nyebutkeun yén budak sakola (hususna budak awéwé) anu leumpang leuwih alus diajar di sakolana tibatan budak anu inditna bari numpak kandaraan. Jadi aya pakaitna antara ngagerakeun raga nalika indit ka sakola reujeung diajar di sakola.

Panalungtikan anu dijejeran Food and Assessment of the Nutritional Status of Spain Adolescents ieu ngalibetkeun rumaja lalaki jeung awéwé di nagri Spanyol kalawan miboga umur 13 nepikeun ka 18 taun. Jumlah rumaja anu diilukeun téh nepikeun ka 1.700 urang.

Hal séjén anu bisa dijadikeun cekelan nyaéta plastisitas tumuwuhna otak budak paling alus dina nalika/mangsa rumaja. Dina ieu entragan, tumuwuhna cara gawé kognitif budak kacida alusna.

Jadi, lamun ka sakola téh alusna mah bari leumpang.

Ati Beuheung


Pikeun barudak mah anu pangdipikaresep lamun meuncit hayam téh taya deui salian ti atina. Teu anéh lamun sanggeus ngasakan dagingna, kolot téh osok misahkeun atina supaya henteu kadahar. Da éta téa, ati mah pikeun hancengan budak. Teuing naon sababna budak téh bet raresepeun kana ati. Ngan sigana mah, kusabab ati mah hipu henteu saperti daging anu loba sawutan (serat daging). Sanggeus béak ati kakara ngahanca kana dagingna.

Sagédéngeun ati anu bener-bener ati, aya anu ngaranna ati beuheung. Sakumaha ati, sanggeus diasakan mah rupana ampir sarua reujeung ati. Pon kitu deui hipuna reujeung rasana (rarasaan mah). Anu ngabédakeunana mah, ati asli mah ayana dina beuteung hayam. Sedengkeun ati beuheung mah asalna tina beuheung hayam.

Ati hayam meunang ngagoreng
Ati hayam meunang ngagoreng

Dina nalika meuncit hayam, aya anu ngadon ngahaja nandéan getih anu ngocor tina beuheung hayam. Getih meunang nandéan téh diantepkeun heula sina kimpel. Sanggeus kimpel terus digoréng sakumaha ngagoréng daging hayam. Meunang ngasakanana disebut ati beuheung.

Kitu mimitina mah. Ngan sanggeus meunang pangwawadi ti guru ngaji, yén teu meunang ngadahar getih, sanajan geus diasakan ogé. Cenah, getih téh haram atawa teu meunang didahar. Lamun ngarempak, bakal meunang dosa. Ieu téh luyu jeung Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran Surat Al-Baqoroh ayat 172-173. Disingsieunan kitu mah, sanajan mimitina beurat ogé ahirna mah ditinggalkeun. Hayam anu dipeuncit téh tara ditandéan deui getihna.

(Gambar meunang nginjeum ti blogspot.com)