Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur


Barudak sakola SD Gandasoli Kabupatén Purwakarta sababaraha waktu anu geus kaliwat ngiluan tandur di sawah masarakat. Kalawan dibarengan ku guru-guruna katut diluuhan ku Bupati Purwakarta, Pa H. Dédi Mulyadi, SH, barudak babarengan melakeun binih paré di sawah (tandur). Teu anéh lamun sawah lima kotak anu legana 2000 méter téh henteu lila ogé geus réngsé dipelakan binih paré. Barudak anu miluan kana ieu tandur mani galumbira. Maranéhna meunangkeun pangalaman anyar anu henteu kapanggih salila diajar di sakola.

Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur
Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur

Nurutkeun inpo anu diancokeun ku loka pamaréntah Kabupatén Purwakarta, cenah ieu kagiatan téh mangrupakeun ihtiar guru-guru di Désa Gandasoli pikeun méré atikan ka barudak sakola ngeunaan tata cara melak paré di sawah. Sakumaha piwejang Bupati Purwakarta, cenah, ngatik barudak téh alusna mah langsung prakték di masarakat.

Sanggeus réngsé melakeun paré, ditungtungan ku hareureuy maké leutak. Barudak téh silih balédog ku leutak sawah. Teu anéh lamun pakéan anu diparakéna téh pinuh ku leutak.

Kaduhung Tiheula


Sanajan kaduhung téh osok pandeuri, lain hartina taya kaduhung anu tiheula. Aya kalana kaduhung téh datangna tiheula. Kaduhung kusabab migawé pagawéanana téh tiheula.

Dina wanci isuk-isuk, lamun indit-inditan ka kebon atawa ka sawah osok paisuk-isuk. Indit ka kebon ulah nepikeun ka beurang teuing supaya beubeunangan di kebonna loba atawa lega. Lamun isuk kénéh mah apanan apanan digawéna bisa sabataé henteu heureut waktuna kusabab geus beurang kaselang ku waktu Lohor.

Reumis dina jujukutan

Lamun indit ka kebon atawa sawah isuk-isuk kénéh kalawan nyorang jalan satapak anu pinuh ku jujukutan, biasana mah dangdaunanana osok baraseuh ku cai ibun. Komo jalan satapak anu jujukutanana ngémplo mah, dangdaunan téh osok ngaroyom ka jalan anu keur peujeuh mah leutik. Atuh lamun ngaliwatan éta jalan, baju atawa calana téh bakal baraseuh kabaseuhan ku reumis anu ngagarenclang dina tungtung dangdaunan. Cai ibun dina dangdaunan dina waktu isuk-isuk mah, moal waka ilang lamun tacan kapanasan ku cahya panonpoé atawa kaendagkeun ku angin atawa kadupak ku anu ngaraliwat.

Atuh lamun reumisna sapapanjang jalan mah bisa nyababkeun baseuh jibreg kana baju atawa calana.

Ieu anu disebut kaduhung tiheula. Kaduhung bet indit ka kabon atawa sawah pangheulana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Iwir-iwir


Tempat anu biasa waé sakumaha tempat séjénna. Tempat anu dijadikeun pakebonan tempat pepelakan, tempat melak tatanén urang lembur. Anu ngabédakeun reujeung tempat séjénna, di tempat ieu mah aya taneuh mangrupa gawir atawa lamping anu gurawés. Gawir anu lumayan jangkung, leuwih ti saratus métér di tempat anu pangjangkungna. Lamping ieu dipinuhan ku tatangkalan di lamping béh luhur kusabab taneuhna taneuh beureum. Sedengkeun lamping béh handap, taneuhna mangrupa taneuh porang atawa cadas, dipinuhan ku jujukutan.

Gawir/lamping di Iwir-iwir

Kusabab ayana ieu gawir sigana mah, ieu tempat disebutna Iwir-iwir. Gawir anu lungkawing ieu misahkeun patempatan antara Blok Opat, Blok Tilu reujeung wewengkon Kontrak (Peusar). Daérah Blok Opat-Blok Tilu mangrupa daérah pakebonan (di daerah luhureun lamping), sedengkeun wewengkon Kontrak (Peusar) mah  wewengkon campuran antara pakebonan reujeung pasawahan (daerah di handapeun lamping). Di daérah handapeun lamping mah kaayaanana kacida suburna. Cai ngocor (ti huluwotan) lumayan gedé. Taneuhna dipinuhan ku jinis taneuh porang jeung cadas. Atuh teu anéh lamun di hilirna loba sawah.

Kokoprak, Paranti Nyingsieunan Manuk di Huma


Lamun di huma anu atawa sawah anu paréna keur sumedeng konéng, hartina sakeudeung deui ogé bakal panén, osok loba pisan hama utamana manuk anu bakal ngaganggu kana paré. Paré anu keur sumedeng konéng téh osok didaharan ku manuk, saperti manuk piit. Kusabab kitu anu boga huma atawa sawah osok nyieun alat pikeun nyingsieunan manuk. Salasahiji alat anu bisa dipaké pikeun nyingsieunan manuk téh nyaéta kokoprak.

Kokoprak dipaké pikeun ngagebahkeun manuk anu datang ka huma atawa sawah. Ngaran kokoprak téh dicokot tina sorana. Lamun kokoprak dikenyed-kenyed talina, osok disada koprak-koprak. Sora kaluar tina potongan awi anu diadu reujeung palang atawa gagang awi. Sora kokoprak lumayan bisa ngagebahkeun manuk anu ngadon balangsiar ka huma atawa sawah.

Kokoprak di huma

Kokoprak dijieunna tina leunjeuran awi anu dipotongan kira-kira sasiku atawa saleungeun panjangna. Potongan leunjeuran awi ieu diropéa supaya unggal potonganana miboga buku dina hiji tungtungna. Dina tungtung anu miboga buku diliangan (hareup jeung tukang) pikeun kaluarna sora reujeung diliangna palebah gigirna paranti ngantétkeun potonganana kana gagang. Sababaraha potong awi ieu dijajarkeun jeung dikantétkeun maké gagang anu meunang nyieun tina awi, anu tungtuna mah wangunana ampir sarua reujeung calung (ngan panjangna sarua). Saterusna, katétan potongan awi téh ditatanggeran ku tihang, bisa tina awi atawa tatangkalan diteundeun di tengah huma atawa sawah, atawa ditempatkeun di sisi ogé bisa. Tatangger éta kokoprak ditalian luhurna maké tali anu panjang, disambungkeun ka saung. Eta tali dipaké pikeun ngenyed-ngenyed kokoprak ti saung supaya disada.

Ngan ulah poho, supaya kokoprakna bisa disada, dihandapeun gagang awi (tempat ngantétkeun potongan awi), dina tatanggerna kudu maké palang awi ogé supaya dina waktu dikenyedkeun aya panakol kana kantétan awi. Wangunan ieu siga angklung. Jadi sakumaha angklung, kokoprak ogé disadana téh kusaba diadukan potongan awi anu ngantét kana gagang awi anu di handap.

Kokoprak Paranti Ngagebahkeun Manuk


Kokoprak…?

Lamun nyebut kokoprak, anu kabayang téh pasti huma atawa sawah. Ngan umumna mah huma, da di lembur mah aranglangka anu ngaranna sawah. Humana téh anu eukeur beuneur konéng, anu jadi tanda éta paré téh moal lila deui bakal dipanén.

Da bener kitu. Anu ngaranna kokoprak mah ayana téh di huma atawa sawah anu keur meujeuhna beuneur konéng. Sanajan kitu ti keur beuneur héjo kénéh ogé aya anu geus diteundeunan kokokprak.

Kokoprak

Kokoprak téh mangrupakeun alat anu digunakeun pikeun nyingsieunan atawa ngagebahkeun manuk, pangpangna manuk piit. Paré anu keur meujeuhna beuneur héjo atawa beuneur konéng, osok didaharan ku manuk piit. Kusabab kitu lamun panén paréna hayang mucekil, lain panyésaan manuk, éta paré téh kudu dijaga supaya ulah jadi parab manuk.

Kokoprak dijieunna tina leunjeuran awi (umumna awi tali), anu panjangna kira-kira saleungeun (satengah deupa). Ieu leunjeuran téh dijieun supaya mangrupa calung. Leunjeuran awi éta téh dijajarkeun maké gagang anu dijieunna tina awi kénéh. Gagang awi diteundeun dina tihang awi anu lumayan jangkung, kira-kira saleungeun jalma kolot. Di lebah handapeun gagang awi diteundeunan palang awi dipageuhan kana tihang awi. Palang awi ieu digunakeun pikeun panakol kana awi anu ngajajar.

Tihang kokoprak di tungtung luhurna ditalian maké tali tina awi tali. Talina sina panjang disambungkeun nepikeun ka saung tempat tunggu. Dina makéna, tali anu disambungkeun kana tihang jeung saung téh dikenyed-kenyed di lebah tungtung tali anu di saungna. Kusabab dikenyed-kenyed, tihang kokoprak téh katarik jadi eundeuk-eundeukan. Kusabab tihangna eundeuk-eundeukan, awi anu ngajajar téh ngiluan eundeuk-eundeukan terus nakolan palang awi anu diteundeun di handapeun gagang téa.

Manuk téh jadi kagareuwahkeun ku sora ieu kokoprak jeung ku eundeuk-eundeukanana. Jadi waé manuk anu arék atawa eukeur ngadaharan paré téh kalabur.

Deukeut Anggang Ceuk Urang Lembur jeung Urang Dayeuh


Waktu babaturan ngayakeun KKN ka daerah pasisian, maranehna teu arapaleun kumaha kaayaan wewengkon tempat pikeun ngalaksanakeun KKN-na. Kusabab kitu, maranehna saacanna prak ngalaksanakeun KKN, nya disungsi heula eta tempat teh, supaya pas dina ngalaksanakeunana geus apal lebah-lebahna. Dina poean ngajugjug eta wewengkon, maranehna kabehanana miang naek mobil salasaurang babaturanana babaturan. Nepi ka desa anu dijugjug, diteruskeun muru ka lembur anu bakal dijadikeun tempat KKN. Jalan anu disorang teh geus butut sanajan geus diaspal oge. Jalanna loba anu barolong, lalogak.

Kusabab hayang apal sabaraha lila deui ka lembur anu dituju, maranehna teh neangan jalma anu bisa dipake tatanya. Tapi teu manggih wae. Sanggeus sababaraha waktu, di sisi jalan aya jalma sababarah urang eukeur nanggung parab meunang ngarit. Nya aya kasempetan pikeun nanyakeun lembur anu arek dituju. Naha jauh keneh atawa geus deukeut. Sanggeus deukeut mah, babaturanana babaturan anu jadi supir teh nanya ka eta urang lembur ngeunaan lembur anu dituju. Nya meunang cekelan yen lembur anu dituju teh teu pati jauh, geus deukeut. Nya maranehna teh barungah da geus deukeut.

Tapi, ceuk babaturan ka babaturanana babaturan eta, nyebutkeun ulah waka bungah. Soalna anu ngaranna deukeut ceuk urang lembur mah beda jeung deukeutna urang dayeuh. Kitu cenah.

Bener kitu…?

Aya benerna oge. Anu ngaranna deukeut jeung jauh ceuk urang dayeuh mah beda jeung jauh deukeutna pikeun urang lembur. Ceuk urang lembur mah, anu ngaranna deukeut teh tacan tangtu deukeut euceuk urang dayeuh. Ceuk urang lembur mah anu ngaranna deukeut teh bisa anggangna dua kilo, atawa tilu kilo. Sedengkeun ceuk urang dayeuh mah, anu ngaranna dua kilo atawa tilu kilo teh bisa jadi mangrupakeun tempat anu jauh.

Jadi jauh jeung deukeut teh eta kumaha anu nganggapna, kumaha jalmana. Da urang lembur mah biasana lamun iinditan neangan pakasaban teh: indit ka kebon atawa ka serang (sawah) teh tara deukeut-deukeut. Aya anu boga kebon atawa sawah anu anggangna lima kilo leuwih ti lembur teh. Pikeun muru ka eta kebon atawa sawah teh, teu make kandaraan tapi kujalan leumpang. Jadi anu ngaranna lalampahan tilu kilo mah teu pati katara jauhna. Geus dianggap deukeut wae. Beda jeung urang dayeuh….

Ngaran Patempatan di Pasawahan Katut Walungan


Istilah-istilah ngaran tempat anu biasa digunakan di wewengkon pasawahan reujeung daerah anu aya caian, diantarana wae:

  1. Basisir, tempat di sisi laut.
  2. Babantar, bagian walungan anu lega sarta déét.
  3. Bojong, lahan anu nyodor ka sisi walungan tur gédé.
  4. Bobojong, jojontor taneuh anu nyodor ka cai, biasana aya di sisi walungan.
  5. Embel, ranca nu jero jeung di beulah luhurna pinuh ku jujukutan.
  6. Jontor, taneuh anu nyodor ka laut.
  7. Kubangan atawa kubang, tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding.
  8. Kamalir, jalan cai leutik.
  9. Kobakan, lobang di tegalan anu aya caian.
  10. Karéés, tempat di sisi walungan anu réa keusikan.
  11. Legon, daerah di basisir anu ngelok saeutik ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik.
  12. Leuwi, bagian walungan anu leuwih jero jeung lega.
  13. Muhara/muara, tuntung walungan (di hilir) tempat patepungna walungan jeung laut, atawa tempat patepungna walungan leutik jeung walungan nu leuwih gedé.
  14. Parigi, jalan cai nu ngahaja meunang nyieun.
  15. Parung, bagian anu déét di walungan jeung dihapit ku leuwi.
  16. Rora, sarupa susukan (cai ngocor) nu aya di leuweung.
  17. Sabang, taneuh darat nu dihapit ku dua walungan.
  18. Sungapan, tempat ngalirkeun cai ti walungan ka sawah.
  19. Saké, walungan leutik.
  20. Seler, walungan leutik.
  21. Situ, sarupa balong ngan leuwih lega.
  22. Sirah cai, tempat kaluarna cai nyusu nu engkéna bakal jadi walungan.
  23. Solokan, susukan.
  24. Tanjung, taneuh nu nyodor ka laut.
  25. Tétélar, taneuh di tengah sawah anu heunteu kahontal ku cai.
  26. Wahangan, walungan.

(Dicutat kalawan diropea tina http://sunda.garutkab.go.id/pub/static_menu/detail/ngamumule_sesebatan_patempatan)