Tambal Ban Tubeless, Lain Nambal ku Jalan Ditubles


Mimitina mah sugan téh anu ngaranna tambal ban tubeless téh tambal ban kujalan ditubles. Ban mobil atawa ban motor jeung ban sapédah anu kacugak ku paku atawa bitu, ditambalna téh ditubles. Ari pék téh lain kitu maksudna. Paingan waktu arék nambal ban sapédah anu bitu, ditolak ku tukang nambal banna, pokna téh ieu mah tambal ban tubles. Bari jeung teu apal naon maksudna bet teu bisaeun nambal ban sapédah, kapaksa néangan tukang nambal ban nu lianna.

Ka béh dieunakeun, kakara apal naon anu ngaranna ban tubles (tubeless maksudna mah). Ban tubeless mah béda reujeung ban biasa. Lamun ban biasa mah miboga ban jero, ari ban tubeless mah henteu miboga ban jeroan. Ban tubeless mah ngan ukur miboga ban luar wungkul. Jadi dina nambalna ogé béda reujeung ban biasa.

Tambal ban tubeless

Dina waktuna kacugak ku paku, ban biasa mah langsung kempés. Ari ban tubeless mah henteu langsung kempés (kusabab ban tubeless mah dijieun tina bahan anu béda reujeung ban biasa). Dina nambalna, ban biasa mah ditambalna maké karét anu dirapetkeun atawa dilém pikeun nutupan anu bolongna dina ban jero, ari ban tubeless mah nambalna téh ku jalan dipaseuk ban luar anu bolongna maké bahan husus paranti nambal ban tubeless.

(Gambar meunang nginjeum ti http://mandacutie.wordpress.com/)

Kareta Mesin


Danget ayeuna mah lamun ngobrolkeun karéta mesin téh, cenah bener karéta mah aya mesinan. Nya diinget-inget mah aya benerna ogé, anu ngaranna karéta mah pasti aya mesinan. Da karéta moal bisa maju lamun euweuh mesinan.

Ngan lamun dikaitkeun reujeung karéta mesin jaman baheula, ieu kaayaan téh kacida papalingpangna. Da baheula mah anu ngaranna karéta mesin téh euweuh mesinan. Tong boro aya mesinan, dalah wujudna ogé kacida bédana. Baheula mah anu ngaranna karéta mesin téh gilindingna ngan ukur aya dua jeung bisa dibabawa ka mana waé, teu kudu mapay rel kareta, tapi pikeun majuna téh kudu maké tanaga jelema. Béda jeung karéta jaman ayeuna. Karéta jaman ayeuna mah gilindingna téh kacida lobana, teuing aya sababaraha hiji gilindingna téh. Katambah deui awakna ogé gedé jeung ngantay manjang ka tukang. Ditambah deui, éta karéta téh kakara bisa maju lamun napak dina rél karéta.

Kacida pisan bédana.

Kumaha atuh wangunan karéta mesin baheula téh? Naha bet béda reujeung ayeuna?

Ngaran karéta mesin baheula mah taya hubunganana reujeung karéta anu aya mesinan. Da karéta mesin baheula mah teu nyirikeun yén éta téh karéta. Sesebutan karéta mesin téh teu jadi wawakil kana wujud éta barang. Da anu ngaranna karéta mesin baheula mah sarua reujeung sapédah ayeuna. Jadi baheula mah anu ngaranna sapédah téh katelahna karéta mesin.

 

Kareta mesin (asal poto: internet)

Teuing naon sababna bet disebut karéta mesin. Aya anu apal?

Teu Tangtu, Jauh Jeung Deukeut Nurutkeun Rarasaan


Kabeneran pasosore teh mani bengras pisan. Jalan-jalan ulin ka imah babaturan, make sapedah. Anjog ka imah babaturan, teu nyampak di imah. Ceuk kolotna cenah mah kira-kira maghriban balikna teh. Sedengkeun ayeuna kakara jam lima. Hartina teh kudu ngadagoan sajam lilana. Dititah ngadagoan di imah babaturan teh kuring embung, da sieun kesel lamun kudu ngadagoan lila. Nya, kuring nyieun alesan hayang ulin heula, jalan-jalan. Nya kolot babaturan teh teu maksa pikeun ngadagoan di imahna. Sanggeus pamitan heula, kuring indit naek sapedah. Ngan…, bingung kudu ka mana? Ulin ka mana atuh…?

Ras inget kuring teh hayang apal wewengkon Banjaran. Nya kuring indit wae mapay jalan ka Banjaran. Ka Banjaran teh baheula wae basa ka babaturan, eta oge poho deui lebah-lebahna mah, teuing wewengkon mana.

Sasapedahan

Indit ti Baleendah teh kira-kira jam lima leuwih sapuluh menit. Mapay jalan ka beh kidulkeun. Jalanna lumayan datar oge, jadi teu pati cape ngaboseh sapedahna. Ngan jalanna teu lempeng, pungkal-pengkol. Ngaliwatan sababaraha pengkolan, tapi tacan katempo-tempo acan geningan anu ngaranna Banjaran teh. Anu ku kuring masih keneh apal mah, cirina Banjaran teh alun-alun reujeung masigitna. Nempo jam, geus nuduhkeun jam satengah genep. Hartina geus ampir satengah jam tapi tacan nepi wae ka Banjaran. Naha geningan jauh oge nya, Banjaran teh. Asa geus jauh ngaboseh sapedah teh, tapi tacan nepi keneh wae ka tempat tujuan. Sanggeus satengah jam leuwih, kakara katempo munara masigit Banjaran teh. Mani jauh geningan Banjaran teh. Sanggeus nepi mah kuring balik deui ka Baleendah. Da ti tadi ge tujuanana teh ngan ukur hayang apal wungkul lebah-lebahna Banjaran. Ari pek geningan Banjaran teh jauh oge ti Baleendah teh. Lamun ka Banjaran kira-kira satengah jam, tangtuna oge balikna ka Baleendah teh moal jauh ti sakitu. Pastina waktu maghrib teh geus nepi deui ke imah babaturan tea.

Anu jadi pikiran kuring mah ngeunaan anggangna Baleendah jeung Banjaran. Naha bet jauh geningan? Padahal mah basa kuring indit ti Cileunyi ka Bandungkeun, waktu satengah jam teh bisa nepi ka Gedebage, lamun ngabosehna antare teh. Sedengkeun Cileunyi ka Gedebage teh da rarasaan mah deukeut, teu jauh-jauh teuing. Tapi, naha nya waktu lalampahan Baleendah ka Banjaran, waktu satengah jam teh asa jauh pisan. Naha bet bisa?

Satengah jam Cileunyi ka Gedebage mah deukeut, sedengkeun satengah jam Baleendah ka Banjaran mah jauh? Naha bet bisa beda kitu? Naha pedah Cileunyi ka Gedebage mah mindeng pisan kitu? Sedengkeun ari ti Baleendah ka Banjaran mah kakara pisan?

Bisa jadi…!

Tapi da eta mah teu bisa jadi jaminan. Soalna lamun bener gara-gara anu ngabedakeunana teh mindeh jeung kakara, ari anggang anu sabenerna teh anu mana? Naha jauh atawa deukeut. Naha gara-gara mindeng disorang, lalampahan anu jauh teh jadi deukeut, atawa gara-gara kakara sakali, lalampahan anu deukeut teh jadi jauh?

Lamun ngukur kana waktu mah, lalampahan antara Baleendah ka Banjaran jeung Cileunyi ka Gedebage teh ampir sarua (lain sarua), kira-kirana mah ngabutuhkeun waktu satengah jam. Tapi, dina pipikiran lalampahan Cileunyi ka Gedebage teh asa leuwih deukeut tibatan lalampahan ti Baleendah ka Banjaran. Naha ieu kusabab diukurna teh ngan ukur ku rarasaan wungkul, henteu make ukuran anu bener atawa anu sarua.

Bisa jadi…!