Wilujeng Boboran Siam 1435 H


Wilujeng Boboran Siam 1435 H
Wilujeng Boboran Siam 1435 H

Wilujeng Boboran Saum 1433 H


Wilujeng Boboran Saum 1433 H

Kunaon ‘Idul Adha Kurang Ramé Tibatan ‘Idul Fitri?


Lamun dibandingkeun mah, antara Boboran Saum jeung Boboran Haji taya bédana. Duanana kaasup poéan anu agung pikeun urang Islam. Duanana sarua miboga ngaran ‘Hari Raya’.

Ngan dina kanyataanana mah geningan osok aya bédana. Dina nyanghareupanana jeung ngaliwatan dua poe anu agung éta osok béda. Poéan ‘Idul Fitri (Boboran Saum) biasana mah leuwih ramé jeung leuwih diagung-agungkeun katut leuwih direuah-reuah tibatan poéan ‘Idul Adha (Boboran Haji). Sikep dina nyanghareupan dua éta poé katara bédana. Naha bet béda atuh nya?

Bedana Boboran Saum jeung Boboran Haji

Sigana mah aya sababaraha perkara anu ngajadikeun bédana téh:

  1. Boboran Saum mah kacida dianti-antina ku jalma-jalma kusabab jadi tanda lekasanana Ibadah Puasa. Lamun dina bulan puasa mah loba panyengker atawa larangan, sanggeus nepi ka Boboran Saum mah apanan taya deui panyengker (panyengker anu lamun dirempak bakal ngabatalkeun ganjaran puasa).
  2. Anu ilubiung atawa miboga hajat kana Boboran Siam mah kacida lobana (ampir sakabéh urang Islam), sedengkeun apanan Boboran Haji mah dianggap ngan ukur pikeun anu mampuh pikeun munggah haji wungkul.
  3. Ditambah deui dina nyanghareupan Boboran Saum mah aya istilah peré lila, bisa mulang ka lembur heula (mudik). Sedengkeun ari Boboran Haji mah peréna téh apanan ngan ukur dina poéan Boboranana wungkul.

Silih Hampura Ngaliwatan Patarémana Dampal Leungeun


Lebaran atawa boboran bisa disebut poéan dilubarkeunana atawa boboranana sagala dosa. Sakumaha jangji Alloh jeung Rosulna, pikeun jalma anu ngalakonan ibadah puasa sabulan campleng lilana kalawan didadasaran ku ihlas jeung ngan ukur miharep rido Gusti Alloh wungkul, bakal meunang panghampura ti Gusti Alloh tina sagala dosa anu geus kaliwat. Ieu mangrupakeun jangji Gusti Alloh ngaliwatan Rosul Muhammad saw. Jadi sakabéh jalma anu ngalakonan puasa anu purna sarat jeung rukunna, bakal meunang panghampura ti Gusti Alloh. Ngan anu kudu jadi catetan, panghampura anu dijangjikeun ieu téh mangrupakeun panghampura tina sagala dosa ti Gusti Alloh, anu tangtuna ogé panghampura dosa anu dipilampah langsung ka Gusti Alloh.

Sedengkeun, anu ngaranna dosa jalma mah lain ngan ukur dosa ka Gusti Alloh wungkul. Dosa jalma téh ogé kaasup dosa anu kajadian diantara papada jalma. Dosa anu diakibatkeun ku campur gaulna di masarakat antara hiji jalma reujeung jalma séjén. Dosa ka papada jalma moal bisa langsung dihampura atawa dilubarkeun ku Gusti Alloh lamun tacan sililubarkeun antara papada jalma. Jadi dosa papada jalma mah moal langsung dihampura atawa dilubarkeun ku jalan ngalakonan puasa sabulan campleng, lamun henteu silihampura antara jalma reujeung jalma.

Sasalam beres solat 'Id

Kusabab kitu, dina poéan lebaran osok diayakeun sasalaman. Satutasna ngalakonan ibadah solat ‘Id, osok diteruskeun kana sasalaman diantara anu hadir ka lapang atawa masigit. Ku jalan sasalaman ieu, mudah-mudahan jadi cukang lantaran pikeun sililubarkeun sagala dosa diantara anu sasalamanana. Ku patarémana dampal leungeun, sing jadi jalan lubarna sagala dosa papada jalma. Anu nyampurnakeun dihampurana dosa ti Gusti Alloh ogé ti papada jalma.

Wilujeng Boboran Siam 1432 H


Wilujeng Boboran Siam 1 Syawwal 1432 H

Sabulan campleng urang manteng,
Anu gawe atawa ngadon ngedeng,
Ngambah sagara lain na impleng,
Dibarung ku rasa keyeng,

Jog anjog ka pajaratan,
Seja mungkas bakal lekasan,
Ninggalkeun sagara pangbuian,
Ngambah hirup nu anyaran,

Tungtung nu ditunggu-tunggu,
Ayeuna geus henteu di ditu,
Isukan mangsa nu tangtu,
Bakal manggih poe anu kembu,

Teuteup bareubeu bungah sedih,
Ngahiji na dada ngalindih,
Sakeudeung deui bakal patebih,
Jeung lalakon beberesih,

Rasa bungah sugan jadi tanda,
Lubarna sagala dosa,
Pungkasna beresih tanpa ceda,
Mapag poe kalawan sampurna,

Ngan hiji nu dianti-anti,
Rasa sedih lain sajadi-jadi,
Susuganan ngajadi ciri,
Taun hareup panggih deui

Takbiran


Maleman lebaran, mani ramé. Ti masigit, sora anu takbir mani aweuhan ngaliwatan Toa, silih témbalan. Sorana béda-béda, aya sora barudak, kolot jeung sora aki-aki. Ngan kabéh sora téh sorana lalaki, euweuh sora awéwé. Awéwé mah henteu ngiluan Takbiran di masigit, paling anu aya ogé ngadin Takbiran di imahna séwang-séwangan.

Wilujeng Boboran Siam 1 Syawwal 1432 H

Ti mimiti réngsé solat Isa, masigit geus ramé. Anu biasana mah ramé ku anu solat Tarawéh, ayeuna mah ramé ku anu Takbiran (da Tarawéhna geus lekasan). Ti gigireun masigit, ramé ku barudak anu nakolan sagala pikeun nganteur sora anu ngadulag. Aya anu nakolan kohkol meunang nyieun tina awi, aya anu nakolan awak bedug, aya ogé anu nakolan tihang paranti neundeun bedug.

Pokona mah kolot budak araya di masigit kalawan pagawéanana séwang-séwangan. Kolot mah rata-rata caricing di masigit pikeun ngiluan Takbiran. Ngan henteu ngumpul cicingna téh. Aya anu di hareup deukeuteun mimbar, aya anu di juru, aya anu di tengah. Aya anu sila mendeko, aya ogé anu ngadon diharudung sarung kusabab tiris. Malahan mah geus nyérélék ka wanci peutingna mah, naruntutan sawaréhna mah ngadon kérék di masigit.

Ari barudak, lolobana mah teu daék cicing. Aya anu ngadon cilingcingcat ka luar jeung ka jero masigit. Aya anu ngadon hareureuy reujeung babaturanana, aya anu husu ngiluan Takbiran, aya anu resep tatakolan. Pokona mah sagala rupa pagawéan dipilampah sakumaha kahayangna-kahayangna. Ngan aya hiji hal anu dianti-anti ku barudak mah nyaéta néangan dahareun anu dibikeunkeun ku urang lembur.

Kadaharan Kakarén Lebaran


Dina poéan lebaran mah biasana kadaharan téh osok sagala diayakeun. Anu biasana aranglangka aya ogé, biasana mah ngahaja nyieun atawa ngolah éta kadaharan. Kadaharanana mah biasana teu jauh tina kadaharan anu diayakeun waktu mapag bulan puasa. Aya sababaraha jinis kadaharan anu osok diayakeun dina mapag poéan lebaran téh (jadi éta kadaharan téh osok aya dina poéan lebaran). Kusabab dina poéan lebaran mah lumayan loba anu ngaranna kadaharan téh, jadi tara nepikeun ka béak dina sapoé dua poé. Eta kadaharan téh osok nyésa. Komo deui kadaharan anu bisa diteundeun lila mah, osok jadi kakarén lebaran.

Kadaharan kakaren lebaran: Kanéker, akar kalapa, papais, opak, rangginang

Diantara kadaharan anu osok diayakeun dina poéan lebaran téh, jeung jadi kakarén lebaran téh nyaéta: papais (ngan kadaharan ieu mah tara kuat lila, paling sapoé atawa dua poé), kanéker (nyaéta kadaharan anu bahanna sarua jeung papais, ngan wujudna baruleud terus digoréng), opak ketan, rangginang, wajit, jeung kadaharan lainna.