Wilujeng Boboran Siam 1437 H


Wilujeng boboran siam 1 Syawwal 1437 H
Wilujeng boboran siam 1 Syawwal 1437 H

Patalimarga Mudik Padedet ku Kandaraan, Diayakeun One Way


Geus nincak kana panungtungan bulan puasa deui geningan. Panungtungan puasa anu disambung ku Idul Fitri, geus jadi budaya lamun loba jalma anu ngadon baralik ka sarakanana sanggeus nyaba sawatara lila. Sanggeus mangbulan-bulan teu mulang ngalongok lembur reujeung baraya di lembur, dina waktu lebaran mah biasana osok maksakeun osok baralik heula. Meujeuhna deui dijalanan ku pamaréntah ogé ku jalan merékeun pagawéan jeung sakola. Anu biasa gawé ogé dina mangsana lebaran mah dibéré peré salila saminggueun.

Atuh, teu anéh lamun waktuna lebaran mah patalimarga anu baralik ka lembur (mudik) téh osok padedet. Teu di mana teu di mendi, najan di jalan tol ogé waktuna mudik mah osok padedet pisan (macét). Teu tinggaleun ogé jajalaneun anu ngaliwatan wewengkon Sumedang, osok miluan macét. Kitu téa mah teu anéh kusabab jalan loba anu ngaliwatan, boh ku kandaraan gedé kayaning beus boh kandaraan leutik kayaning motor.

Jalan di Sumedang anu padedet ku kandaraan nalika mudik
Jalan di Sumedang anu padedet ku kandaraan nalika mudik

Pikeun ngungkulan kaayaan jalan anu padedet ku patalimarga, Polres Sumedang geus nyieun cara pikeun ngungkulanana. Salasahijina ku cara ngalaksanakeun one way atawa sajalur, nyaéta jalan anu biasa diliwatan ku kandaraan ti wétan jeung ti kulon bakal dipaksa pikeun diliwatan ngan ukur ku kandaraan anu ti kulon ka wétankeun wungkul. Kandaraan anu ti wétan ka kulonkeun sina eureun heula. Ieu cara teu salilana dilumangsungkeun. One way dijalankeun sakeudeung-sakeudeung, kurang leuwihna mah satengah jaman. Sanggeus réngsé mah bakal dibuka deui, jalan bisa diliwatan ku kandaraan boh ti kulon boh anu ti wétan. Jeung ngalaksanakeun one wayna ngan ukur dina nalika kaayaan patalimarga anu padedet.

Tempat anu bakal dilaksanakeun one way aya opat tempat. Tempat kahiji nyaéta di wewengkon Jatinangor nepikeun ka deukeuteun Tanjungsari. Terus ti wewengkon Pasar Tanjungsari nepikeun ka pertelon Simpang. Anu katiluna ti tungtung dayeuh Sumedang nepikeun ka Cimalaka. Anu panungtungan di wewengkon Cijelag.

Wilujeng Boboran Siam 1436 H


Wilujeng boboran siam 1 Syawwal 1436 H
Wilujeng boboran siam 1 Syawwal 1436 H

Salila Lebaran, Treuk Gedé Teu Meunang Ngulampreng ka Sumedang


Sakumaha diwartakeun ku Metrotvnews.com, salila lebaran taun ayeuna kandaraan sabangsaning treuk anu gedé teu meunang ngulampreng ka jajalanan di wewengkon Sumedang. Ieu panyaram téh diterapkeun mimiti lima poé saméméh lebaran (H-5) nepikeun ka lima poé satutas lebaran.

Lamun aya treuk gedé anu maksakeun atawa ngahaja ngaliwat bakal dibéré hukuman (sanksi) anu beurat. Treukna bakal dikonci gembok teu meunang dipajukeun nepikeun ka waktuna réngsé dina poéan H+5. Jadi pikeun anu mibanda treuk gedé, ulah waka dipaké salila lebaran ayeuna mah.

Treuk gede di jalan Cadaspangeran. Salila lebaran teu meunang ngaliwat
Treuk gede di jalan Cadaspangeran. Salila lebaran teu meunang ngaliwat

Tapi teu sakabéh treuk gedé dicaram. Aya dua rupa treuk gede anu bisa ngaliwat nyaéta treuk anu mawa sembako (kadaharan poko masarakat) jeung treuk bengsin (BBM).

Wilujeng Boboran Siam 1435 H


Wilujeng Boboran Siam 1435 H
Wilujeng Boboran Siam 1435 H

Jalan Motong di Sumedang pikeun Lebaran Masih Kénéh Ruksak


Dina nyanghareupan lebaran ieu, pamaréntah kacida manco kana perkara anu jadi masalah katompérnakeun hususna kana fasilitas anu ngarojong kana ieu kajadian. Satutasna réngsé bulan puasa, teu bisa dipondah deui, anu ngaranna mudik téh geus jadi hiji kabiasaan. Loba jalma anu ngadon baralik nalika lebaran ka sarakanana séwang-séwangan. Ngalongok lemburna atawa kulawarga asalna.

Salasahiji wewengkon jalan di Sumedang anu nepungkeun Bandung-Sumedang anu kakara dibebener
Salasahiji wewengkon jalan di Sumedang anu nepungkeun Bandung-Sumedang anu kakara dibebener

Sumedang salaku salasahiji kabupatén anu aya di propinsi Jawa Barat osok dijadikeun tempat liliwatan jalma anu ngadon baralik (mudik) ieu. Utamana anu ti béh kulon ka béh wétan atawa kidul. Jalan nasional anu nepungkeun wewengkon Cileunyi (Bandung) ka Majalengka jadi salasahiji jalan poko pikeun anu baralik ti wewengkon Bandung ka wewengkon béh wétan saperti Cirebon. Salian ti éta, aya sababaraha jalan propinsi jeung kabupatén anu biasa dipaké jalan motong (alternatif) ti jalan poko séjénna saperti jalan Pantura atawa jalan ti béh kidul. Lamun jalan pantura atawa jalan di wewengkon kidul padedet ku kandaraan, loba kandaraan anu motong ka wewengkon Sumedang.

Aya sababaraha jalan di wewengkon Sumedang anu bisa dipaké jadi jalan motong. Diantarana waé Sumedang-Wado-Malangbong, Tanjungsiang-Cikaramas-Sumedang, Cikaramas-Tanjungkerta-Sumedang, Cikamurang-Cijelag, jeung Sanca-Buahdua-Conggéang-Ujungjaya. Tina sakabéh jalan motong éta, rata-rata kaayaan jalanna ruksak. Lain moal dibenerkeun sabenerna mah. Cenah, eukeur prosés kénéh pikeun memener jalan éta. Ayeuna kakara nincak undakan téndér, kitu ceuk warta anu diancokeun ku Tribun News. Jadi nalika baralik ngaliwatan jalan motong éta, kaayaan jalanna masih kénéh loba anu lalogak ruksak. Kakara dibenerkeun sanggeusna lebaran.

Sedengkeun jalan poko (jalan nasional) ti Bandung ka Cirebon mah geus dibebenah. Jalan anu ruksak pisan dibenerkeun, jadi ngageleser. Sanajan kitu, di sababaraha tempat geus aya deui anu ruksak.

Jadi, lamun baralik ka lembur ngaliwatan jalan, hususna di wewengkon Sumedang, kudu ati-ati.

Poé Lebaran


Wilujeng Boboran Siam 1434 H
Wilujeng Boboran Siam 1434 H

Ilangna layung konéng
Ditéma surupna panon poé
Cicirén anu jadi totondén
Bagantina poé papancén

Dur bedug nutup poé
Poé tungtung nu simpé
Wanci mangkak nérékél
Mapag nu dianti sakabéh

Jorowokna sora takbir
Aweuh-aweuhan ti masigit
Mapag poéan nu Fitri
Nu ditunggu sapiri umpi

Sabulan campleng tutas gawé
Dipungkas ku sahiji poé
Poé anu leuwih ramé
Tibatan poé-poé nu hadé

Meletékna srangéngé di wétan
Ngajak gera tatan-tatan
Gera indit ka lapangan
Ngabaris ngajajar na amparan

Gera écagkeun bangbaluh
Gera buka-legakeun kalbu
Gera piceun murukusunu
Poé ieu poé nu ditunggu

Poé bogana urang Islam
Tutas nohonan kawajiban
Jangji nu baris ditedunan
Meunang hampura kabéhan

Tacan sampurna kabagjaan
Tanpa lubarkeun kasalahan
Antara urang jeung urang
Salaku mahluk nu hilapan

Najan raga teu amprokan
Panangan teu pataréma
Seja nohonan kabiasaan
Hampura jadi pamaksadan