Hirup Lir Gilinding Anu Muter


Anjog ka blogna Kang Acép Aprilyana, nyampak pedalan ngeunaan Roda Dunia. Eusina merenah pisan pikeun bekel hirup utamana lamun keur ngalaman kasusahan atawa keur senang. Dua hal anu papalingpang éta téh apanan osok kapanggih dina kahirupan. Lain ku batur wungkul, dalah ku diri sorangan ogé pasti kaalaman. Duanana pasti kaalaman dina kahirupan ieu. Aya kalana hirup téh karasa susahna, aya kalana ogé hirup téh karasa senangna.

Hirup lir ibarat gilinding
Hirup lir ibarat gilinding

Ku muterna gilinding kahirupan ieu, kaayaan anu kalakonan ku jalma moal angger dina hiji kaayaan. Sakumaha gilinding anu muter, kadang di handap kadang di luhur. Henteu tetep dina hiji kaayaan. Lamun keur di handap pasti hiji waktu mah bakal aya di luhur. Kitu deui lamun keur aya di luhur, hiji waktu mah pasti bakal aya di handap. Lamun diibaratkeun kana rasa mah, di luhur bisa disandingkeun reujeung senang, sedengkeun ari keur di handap bisa diibaratkeun keur nandangan kasusah.

Kumaha atuh nyinghareupan kahirupan anu terus muter téh?

Masih numutkeun éta pedalan, dina ngambah kahirupan anu muter lir gilinding kudu dibarengan ku nikreuhna jalma dina ngalakonan kahirupanana. Lamun kabeneran keur cicing di handap (keur susah), kudu dibarengan ku usaha anu bener. Ulah ngan ukur nungguan pitulung ti batur atawa nungguan pitulung Gusti Alloh wungkul. Kitu deui mangsa keur aya di luhur, anggeur kudu nikreuh usaha supaya bisa aya dina kaayaan anu dipikahayangna.

Pikeun pedalan anu leuwih lengkep mah mangga wae longok ka blog Kang Acép Aprilyana.

(Gambar meunang nginjeum ti MyIlham.com)

Béda Mangsa Béda Ceta


Lain waktu anu kudu disalahkeun, lamun kaayaan ngalaman parobahan. Geus jadi hiji papastén, lamun waktu ngangkleung ngoloyong taya kendatna. Geus jadi hiji katangtuan, lamun waktu terus maju taya eureuna. Waktu ngalaman robah, kaayaan ogé pipilueun ngilu robah. Ieu meureunan anu disebut ‘dinamis’ téh. Kaayaan kahirupan di alam pawenangan henteu tetep renggenek kitu jeung kitu. Ti waktu ka waktu ngalaman parobahan. Kaayaan anu henteu tetep dina hiji kaayaan. Ngan parobahan anu tetep mah, parobahan tetep jadi parobahan.

Waktu dina kahirupan jalma
Waktu dina kahirupan jalma

Parobahan tetep jadi parobahan. Bisa robah jadi leuwih alus tibatan asalna, atawa parobahan anu leuwih goréng tibatan asalna. Kumaha anu jadi jejer parobahanana. Kumaha anu mawa parobahanana. Anu mawana mapay jalan bener, bakal jadi leuwih alus. Anu mawana mawa ka jalan anu goréng, bakal leuwih goréng.

Parobahan teu leupas tina jejer anu mawa parobahanana. Nguluyurna waktu beuki dieu beuki dieu, sareundeuk saigel reujeung parobahan anu dialaman ku jejerna. Nguluyurna waktu, dina lolongkrang ambahan waktu, mawa rupa-rupa lalakon anu kasorang. Mangpirang-pirang lalakon mekelan rupa-rupa pamanggih. Pamanggih anu jadi cekelan jeung daluang pakeun jadi pieunteungeun atawa jadi pangajaran.

Daluang méré angkeran, mana jalan anu kudu disorang. Mana anu bisa disorang, mana anu henteu meunang disorang. Daluang méré watesan mana papagon jeung larangan. Daluang beuki ampeg ku panjangna lalampahan nu disorang. Beuki lila lalampahan, beuki lila waktu nu disorang, beuki lega ambahan daluang.

Daluang jadi bekel lumampah mapay jalan kahirupan, saméméh dipungkas ku bagbagan lekasan.

*Parobahan lain paro bahan.

Astana, Tempat Ngurebkeun nu Tilar Dunya


Astana, ngaran lian tina tempat pikeun ngurebkeun jalma anu geus tilar dunya. Jalma anu maot téh dikurebkeunana nya di astana téa. Di pilemburan mah biasana astana téh ngawengku hiji tempat anu husus, pikeun salembureun atawa sababaraha lembureun. Henteu miboga tempat séwang-séwangan di taneuh séwang-séwangan. Atuh lamun arék ngurebkeun anu tilar dunya téh moal ka mamana deui. Kari néangan tempat anu kosong dina lokal astana pikeun nyieun liang lahatna.

Astana
Astana

Perenahna astana téh biasana mah rada jauh ti pilemburan, bisa di sisi leuweung atawa di pakebonan. Kaayaan astana mah biasana gampang dibédakeunana reujeung tempat saliin ti astana. Lokal astana mah salian ti osok diiuhan ku tatangkalan kayaning tangkal samoja, ogé ku tatangkalan séjénna anu tara dituaran. Tatangkalan anu ngahieuman astana, tara ieuh dituaran atawa ditebang. Tatangkalan anu jaradi di astana mah osok diantepkeun waé sina ngiuhan astana. Atuh ti kajauhan ogé lokal astana mah biasana osok katohiyan, ku lobana tatangkalan anu ngalingkungan hiji tempat.

Kaayaan astana mah biasana osok diantepkeun sina barala. Astana kakara caang lamun ninggang dina bulan puasa. Di ahir bulan puasa, saméméh boboran astana téh kakara dicaraangan. Dicaangan téh supaya gampang dina nalika nyekar ka karuhun dina poéan lebaran, jeung supaya apal di lebah mana waé kuburan karuhun atawa kolot téh. Salian ti bulan puasa mah biasana osok diantepkeun sina barala. Kajaba pikeun kuburan karuhun anu dianggap karamat, osok aya anu nyaangan (ku kuncen biasana mah) dina bulan-bulan séjénna.

Hujan Dordar Gelap, Osok Aya Batu Gelap


Lamun keur usum hujan anu dibarung ku dordar gelap, matak sieun ngalamanana. Komo lamun keur di jalan naha inditkeun atawa balikeun, komo deui di pakebonan, matak sieun lamun kapegat ku hujan dordar gelap. Osok aya kabéjakeun aya jalma atawa tatangkalan anu kabentar gelap. Lamun aya jalma anu kabéntar gelap téh apanan bisa nyababkeun palastra, cenah mah nepikeun ka tutungna. Pon kitu deui lamun gelapna ngabéntar tatangkalan, bisa nyababkeun tatangkalan anu kabéntarna paéh jeung tutung.

Batu gelap

Dina palebah ngabéntar tatangkalan, cenah osok kabéjakeun di deukeuteun tangkal anu kabéntarna osok kapanggih batu gelap. Gelap anu ngabéntar tatangkalan téh mamawa batu atawa ngabéntarna maké batu anu remen disebut batu gelap.

Sanajan tatangkalan anu kabéntarna jadi tutung kusabab panas, ari batuna (batu gelap) mah hanteu panas-panas teusing. Teuing pédah kapanggihna geus lila tina waktu ngabéntar tangkalna. Jeung nilik kana rupa batuna, henteu nuduhkeun batu anu panas. Batuna lemes siga anu tapak ngalemeskeun jeung hérang. Katempo ti luar ma jerona téh osok aya lapisan rupa-rupa warnana. Biasana mah wangunana siga kampak anu dijieun tina batu. Ieu batu téh jarang bisa kapanggih, da tara unggal aya gelap ngabéntar tatangkalan anu bisa kapanggih batu gelapna. Jeung deui jarang anu ngahajakeun néangan ieu batu. Batu ieu kapanggihna lamun keur kawénéhan waé.

Ieu batu téh, cenah mah miboga hasiat. Teuing pédah arang kapanggihna meureunan duka teuing pédah naon. Da tacan bisa dibuktikeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Budak mah Ulah Dihulag


Aya hiji wejangan anu katarima, cenah, budak mah ulah loba dihulag. Mending kénéh dijurung waé naon kahayangna. Lamun budak miboga kahayang, ulah nepikeun ka diulah-ulah atawa dihulag-hulag. Dihayon waé sapanjang henteu nepikeun ka matak cilaka mah. Lamun arék ngahalangan atawa ngahulag, aya cara anu alus. Ulah nepikeun ka ngucapkeun kecap anu ngahulag atawa nyegah jeung ngalarang. Ulah nepikeun ka ngucapkeun atawa kaluar kecap: teu meunang, ulah, kadé, jeung kecap ngahulag séjénna.

 

Geus jadi pasipatan jalma lamun dihulang téh matak ngahudang panasaran. Naon anu diulah-ulah téh osok ngajurung kana hayang apalna ngeunaan naon anu diulah-ulahna. Pon kitu deui lamun ninggang di budak, anu sagala pisan hayang apal anu aya dina kahirupanana. Lamun dihulag ulah méngkol téh osok matak panasaran naha bet ulah méngkol sagala, anu tungtungna ngajurung kapanasaran naha bakal kumaha jeung aya naon lamun méngkol. Atuh ahirna mah dihulag ulah méngkol téh matak ngajurung pikeun méngkol supaya bisa apal kunaon sababna ulah méngkol.

Jadi dina nyaram, hususna nyaram ka budak kudu ngajauhan kecap-kecap panyaram. Leuwih hadé maké kecap pangjurung kana hal séjénna anu jadi gaganti tina panyaram. Contona, nyaram budak supaya ulah méngkol, bisa diganti ku pangjurung supaya terus lempeng. Atawa lamun budak anu hayang jajan, terus hayang meuli anu teu dimeunangkeun. Alusna mah dititah meuli jajanan anu séjénna anu dimeunangkeun, henteu ku kecap teu meunang jajan éta.

(Gambar diropea meunang nginjeum ti http://kebolangsing.wordpress.com/)

Lamun Labuh mah Kudu Hudang


Kangaranan jalma mah pasti perenah ngalaman labuh. Naha arék dihaja atawa henteu dihaja. Nu pasti mah ngalaman labuh. Komo deui lamun keur mangsa budak mah. Keur mangsa budak anu diajar leumpang, apanan saméméh bisa leumpang téh pasti labuh heula sanajan ngan ukur sakali. Sigana anu ngaranna labuh mah moal leupas tina kahirupan jalma. Najan éta jalmana geus henteu budak deui (dina harti geus kolot atawa mangkak déwasa). Labuh di dieu lain harti ngan ukur ngagubragna awak kana taneuh kusabab suku tacan panceg dina nahan awak, atawa kusabab taneuh titincakan anu leueur. Tapi masih kénéh loba ngaran labuh nu séjénna salian ti éta. Aya labuh kana ngalakonan dosa, aya ogé anu labuh tigubrag kana kagoréngan, atawa dina usahana labuh jadi ngalaman karugian.

Budak anu keur diajar leumpang

Ngan ceuk daluang anu kapanggih mah cenah lain sabaraha kali jalma ngalaman labuh. Tapi anu kudu jadi catetan mah sabaraha kali jalma bisa hudang sanggeusna labuh. Jadi sanajan aya budak keur diajar leumpang ngalaman labuh, lain lobana labuh anu kudu diitung atawa dikurangan supaya ulah loba teuing labuh. Tapi naha éta budak téh bisa hudang deui atawa henteu. Lamun hiji budak keur diajar leumpang, terus labuh, lamun hayang bisa leumpang mangka éta budak kudu bisa hudang deui. Sahanteuna dihudangkeun ku kolotna, ulah nepikeun ka diantep sina labuh nangkarak/nangkuban terus. Sina terus diajar leumpang deui, sanajan engkéna bakal labuh deui. Da lila-lila mah apanan budak (atawa kolot budak anu ngajarkeun leumpang ka éta budak) téh bakal ngarti kumaha carana leumpang anu alus (henteu labuh deui). Sanggeus sababaraha kali labuh mah, tangtuna ogé éta budak téh bakal gampangeun dina diajar leumpangna. Da beuki lila mah beuki panceg suku dina napak jeung nahan awakna. Anu tadina diajar leumpang téh ahirna mah lain leumpang deui, tapi bisa langsung lulumpatan.

Lamun ninggang di kolot atawa mangkak déwasa, labuh téh biasana mah ngakibatkeun kapaur. Osok aya rasa sieun labuh atawa osok loba pipikiran kumaha lamun labuh. Lamun ngulampreng ka jalan anu laleueur apanan ati-ati leumpangna téh, da sieun labuh. Geus labuh mah bakal karasa nyerina titeueul kana taneuh atawa kana batu. Jadi lamun keur budak mah labuh téh teu jadi pikiran, ari geus gedé mah biasana osok jadi pikiran kumaha supaya ulah labuh.

Dina ngalaman labuhna ogé apanan embung lamun kudu labuh deui ku jalan/cara jeung di tempat anu sarua. Da sakali ogé karasa nyerina. Komo deui lamun kudu ngalaman labuh pikeun kaduakalina. Embung lamun kudu labuh dua kali di tempat anu sarua kalawan carana anu sarua kénéh. Lamun kudu ngaliwatan jajalaneun anu sarua apanan bakal kacida ati-atina kusabab geus ngalaman labuh saacanna.

Ngalaman labuh dina harti anu séjén ogé moal leuwih ti labuhna jalma kolot/déwasa. Jalma embungeun ngalaman labuh anu sarua leuwih ti sakali. Dina ngalaman karugian, embung ngalaman karugian anu sarua leuwih ti sakali. Lamun kamari cara usaha anu kitu téh ngakibatkeun rugi, mangka kahareupna mah maké cara anu kitu, da geus kaalamana cara anu kitu téh matak rugi. Lamun ayeuna ngalakonan hiji perkara anu nyababkeun kagoréngan (labuh kana kagoréngan), mangka isuk jaganing géto bakal dijauhan kusabab geus nyaho éta perkara téh geningan nyababkeun kagoréngan.

Jadi labuh jeung labuh téh alus pikeun dijadikeun cukang lantaran diajar nataran kahirupan. Labuh jeung labuh pikeun apal jeung bisa ngungkulan sagala hal anu bakal kapanggih dina kahirupan ka hareupna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://indrakh.wordpress.com/)

Hadé Ku Omong Goréng Ku Omong dina Gempungan


Kangaranan gempungan komo deui gempungan anu gedé, bakal diiluan ku jalma anu lain saeutik-saeutik. Gempungan anu gedé mah osok diiluan ku jalma loba. Salian ti loba, ogé jalma-jalmana osok béda-béda. Naha arék béda jinisna, atawa béda pasipatanana. Béh dituna gempungan anu gedé mah osok diwangun ku sababaraha widang anu ngawengku widangna séwang-séwangan. Widang anu ngahaja dijieun supaya bisa ngokolakeun widang-widang anu digarap ku éta gempungan.

Gempungan jalma-jalma

Ku ayana béda-béda jeung rupa-rupa widang/jalma ieu lamun kurang-kurangna atawa teu bisa diungkulan mah bisa nyababkeun runtagna atawa mandegna gempungan anu diwangun. Gempungan anu diwangun téh bisa-bisa paburantak gara-gara béda-béda pasipatan katut kahayang unggal jalma anu ilubiung kana éta gempungan. Saleuheung lamun ngan ukur béda. Da ieu mah kadang aya jalma/widang anu hayang katangar, asa pangpunjulna tibatan jalma/widang séjénna.

Sanajan unggal jalma anu ilubiung kana gempungan téh miboga tujuan anu sarua nyaéta pikeun ngahangkeutkeun jeung ngamajukeun gempungan, tapi unggal jalma kadang miboga cara jeung jalan séwang-séwangan. Jalan anu disorangna bisa waé béda-béda jeung jalan anu diliwatan ku hiji jalma/widang tacan tangtu bisa disatujuan ku jalma/widang anu lianna. Palebah dieu pentingna omongan atawa komunikasi. Jadi sanajan tujuanana unggal jalma sarua waé pikeun ngahangkeutkeun gempungan, tacan tangtu jalanna bisa sarua.

Ku jalan ayana omongan mah lamun jalanna bisa disaruakeun, nya bisa disaruakeun. Atuh dina henteu bisana disaruakeun ogé, unggal jalma/widang bisa apal kana jalan anu bakal disorang. Naon waé jalan atawa cara kumaha waé anu bakal dipigawé supaya bisa ngaronjatkeun jeung ngamajukeun gempungan. Ku ayana omongan, bakal ngurangan pasipatan jeung pagawéan anu silih éléhkeun, pakia-kia, asa aing uyah kidul, asa aing pangakangna. Unggal jalma/widang bakal apal kana gawéna séwang-séwangan dina gempungan. Unggal jalma bakal apal naon anu bakal dipigawé ku jalma atawa widang séjén anu ilubiung dina éta gempungan.

Antukna, tujuan ahir éta gempungan bisa kahontal ku gawé sakabéh jalma/widang anu ilubiung kana éta gempungan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)