Paeunteung-eunteung


Lembur kuring geningan da lembur kuring. Perenahna di sisi lamping pagunungan. Teu anéh lamun taneuh lemburna henteu rata, monténg ka béh kidul. Lampingna dipungkas ku walungan gedé jeung pileuweungan.

Ari lembur manéhna aya di béh kiduleun lembur kuring. Sarwa waé perenahna di lamping pagunungan. Ngan aya di lamping anu monténg ka béh kalér. Atuh lampingna téh dipungkas ku walungan anu sarua.

Lamun disawang ti lembur kuring mah lembur manéhna téh kacida deukeutna. Ngan ukur kahalangan ku walungan reujeung leuweung. Hanjakal waé jalan anu nepungkeun lembur kuring jeung lembur manéhna téh ngan ukur jalan satapak. Jalan anu ngan ukur bisa diliwatan ku jalan leumpang. Ditambah deui kudu meuntas walungan gedé anu euweuh sasakan.

Paeunteung-eunteung jeung lembur manehna
Paeunteung-eunteung jeung lembur manehna

Nyawang lembur manéhna ti handapeun tangkal camara mah siga anu nampeu. Pilemburanana, imah-imahna, buruanana, katempo henteu kasamaran tingal. Hanjakal éta ngan ukur dina sawangan. Nyatana mah jauh kusabab jalan anu kudu disorang pikeun nganjugjug ka lembur manéhna téh kudu nguriling ka girang walungan gedé.

Paparabotan urang Lembur di Musieum Fatahillah Jakarta


Nganjang ka Kota Tua Jakarta, ngalongok musieum Fatahillah. Kukurilingan nempoan anu aya di jero musieum. Taya anu anéh, kalolobaanana mah anu diancokeun téh paparabotan anu osok aya di imah kayaning méja, korsi, jeung dipan. Nu séjénna mah paling ogé lukisan anu digantung dina témbok, sababaraha rupa tulisan anu eusina ngeunaan sajarah Batawi baheula, rupa-rupa batu titinggal jaman baheula katut tironan prasasti anu aya pakaitna reujeung Batawi baheula.

Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur
Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur

Tina sababaraha barang anu dipidangkeun téh, aya paparabotan anu biasa dipaké ku urang lembur. Di hiji rohangan anu dieusi ku barang jeung katerangan ngeunaan Karajaan Sunda, aya paparabotan anu osok aya di dapur urang pilemburan reujeung parabot paranti tatanén.

Rupa-rupa parabot paranti tatanen
Rupa-rupa parabot paranti tatanen

Dina kumpulan paparabotan dapur aya rupa-rupa paparabotan saperti sééng, hawu, hihid, boboko, dulang, céntong, kendi, aseupan, téko jeung nu séjénna. Sedengkeun di deukeuteunana aya tempat anu midangkeun paparabotan paranti tatanén diantarana waé bedog, koréd, étém, sastra jeung kolénjér. Dua ngaran anu panungtung mah kakara manggihan jeung teu apal nu kumaha waé rupa parabotna. Di gédéngeunana aya ogé rupa-rupa baju anu osok dipaké urang pilemburan. Ceuk béja mah, rupa-rupa paparabotan iey téh mangrupakeun paparabotan urang suku Baduy di Banten.

Mendet Solokan, di Lembur jeung di Dayeuh


Solokan sisi jalan  dipendet
Solokan sisi jalan dipendet

Kumaha nya lamun kaayaan dina éta potrét téh kajadianana di dayeuh? Sigana mah langsung waé dicarékan lak-lak dasar. Nanaon meureunan kawas euweuh gawé waé. Untung waé kajadianana di lembur.

Di lembur mah lamun aya solokan di sisi jalan anu dipendet nalika usum hujan téh, henteu anéh deui. Da éta mah ngahaja. Solokan di sisi jalan tempat ngocorkeun cai hujan (cileuncang) téh osok dipendet. Tujuanana supaya taneuh dina éta solokan téh henteu dadas kabawa palid ka hilir. Supaya solokanana henteu ngagedéan jeung ngajeroan kusabab dihakanan ku cileuncang. Ku jalan dipendet, taneuh téh henteu kabawa palid ka hilir tapi nyangsang dina pedentan anu dijieun. Jadi, mendet solokan téh lain taya maksud.

Kumaha atuh lamun di dayeuh, lamun solokan di dayeuh ngahaja dipendet? Di dayeuh mah moal aya anu daékeun ngahaja mendet solokan sisi jalan. Da solokan di dayeuh mah teu meunang dipendet, supaya cai hujan bisa ngocor kalawan bébas henteu kahalangan. Lamun cileuncang di solokan kahalangan, caina bakal ka mana-meni, lain mapay solokan. Cileuncang anu sakuduna mapay solokan, kusabab kahalangan bakal ngocor ka jalan. Sanajan euweuh anu ngahaja mendet solokan, kanyataanana mah loba anu osok mendet solokan ku jalan miceun runtah ka solokan. Runtah anu dipiceun ka solokan téh lila-lila mah jadi mendet éta solokan. Ahirna, henteu ngahaja dipendet ogé, solokan di dayeuh mah osok mendet sorangan.

Astana, Tempat Ngurebkeun nu Tilar Dunya


Astana, ngaran lian tina tempat pikeun ngurebkeun jalma anu geus tilar dunya. Jalma anu maot téh dikurebkeunana nya di astana téa. Di pilemburan mah biasana astana téh ngawengku hiji tempat anu husus, pikeun salembureun atawa sababaraha lembureun. Henteu miboga tempat séwang-séwangan di taneuh séwang-séwangan. Atuh lamun arék ngurebkeun anu tilar dunya téh moal ka mamana deui. Kari néangan tempat anu kosong dina lokal astana pikeun nyieun liang lahatna.

Astana
Astana

Perenahna astana téh biasana mah rada jauh ti pilemburan, bisa di sisi leuweung atawa di pakebonan. Kaayaan astana mah biasana gampang dibédakeunana reujeung tempat saliin ti astana. Lokal astana mah salian ti osok diiuhan ku tatangkalan kayaning tangkal samoja, ogé ku tatangkalan séjénna anu tara dituaran. Tatangkalan anu ngahieuman astana, tara ieuh dituaran atawa ditebang. Tatangkalan anu jaradi di astana mah osok diantepkeun waé sina ngiuhan astana. Atuh ti kajauhan ogé lokal astana mah biasana osok katohiyan, ku lobana tatangkalan anu ngalingkungan hiji tempat.

Kaayaan astana mah biasana osok diantepkeun sina barala. Astana kakara caang lamun ninggang dina bulan puasa. Di ahir bulan puasa, saméméh boboran astana téh kakara dicaraangan. Dicaangan téh supaya gampang dina nalika nyekar ka karuhun dina poéan lebaran, jeung supaya apal di lebah mana waé kuburan karuhun atawa kolot téh. Salian ti bulan puasa mah biasana osok diantepkeun sina barala. Kajaba pikeun kuburan karuhun anu dianggap karamat, osok aya anu nyaangan (ku kuncen biasana mah) dina bulan-bulan séjénna.

Potret Huma Anyar di Lembur


This slideshow requires JavaScript.

Warta ti Sumedang Ngaliwatan Mandala Maya


Sanajan jauh ti lembur, anu ngaranna warta ti lembur mah angger hayang apal. Hayang apal naon anu keur kajadian di sarakan. Kabeneran waé ayeuna mah najan dipisahkeun ku tempat anu jauh, geus henteu jadi halangan deui pikeun meunang inpo atawa warta ti lembur téh. Ieu salasahiji kauntunganana tina ayana téhnologi internét. Ngaliwatan téhnologi internét, sumebarna inpo atawa warta téh kacida gampangna. Inpo sumebar ka saban madhab, henteu dihalangan ku tempat anu jauh jeung waktu pikeun nepikeun éta warta. Warta bisa nepi harita kénéh ka mana waé ayana, asal kadongkang ku téhnologi internét.

Loka Pamarentah Kabupaten Sumedang

Ngeunaan warta ti lembur hususna waé ngeunaan Sumedang, bisa kapanggih ogé ngaliwatan internét. Kabeneran aya sababaraha loka di mandala maya anu dikokolakeun ku urang Sumedang katut eusina utamana ogé ngeunaan Sumedang. Moal tinggaleun teuing ku inpo ngeunaan Sumedang ku jalan nempoa éta loka. Loka-loka ngeunaan Sumedang anu bisa dipanggihan di mandala maya téh diantarana waé:

Éta salasawaréh loka di mandala maya anu eusina kalolobaanana ngeunaan Sumedang.

Balimau Kasai, di Lembur mah Dikuramas Ngaranna


Di wewengkon Riau aya kabudayan anu ngaranna Balimau Kasai. Ceuk babaturan urang Pekanbaru cenah éta téh kabiasaan anu osok dipigawé nalika mapag bulan puasa. Pisapoéeun deui kana bulan puasa, jalma-jalma hususna urang Kampar osok marandi di walungan Kampar. Mandi ieu disebutna téh Balimau Kasai. Cenah, ieu kabiasaan téh jadi hiji cicirén pikeun meresihan jeung nyucikeun diri saméméh ngalaksanakeun ibadah puasa di bulan Romadon. Ngaran Balimau téh, ceuk vivanews miboga harti mandi ngagunakeun cai anu  dicampur ku jeruk anu dingaranan jeruk limau. Jeruk anu osok dipaké téh jeruk purut, jeruk nipis atawa jeruk kapas. Sedengkeun ari Kasai mah seuseungitan  anu dipaké nalika dikuramas. Urang Kampar percayaeun yén seuseungitan ieu bisa ngaleungitkeun rasa ceuceub anu nyangkaruk dina haté.

Urang Kampar keur marandi di sisi walungan Kampar

Lamun nilik kana kabiasaan ieu mah, sarua reujeung kabiasaan di lembur. Di lembur mah ngaranna téh kuramas. Mandi dina poéan saméméh asup kana bulan Romadon. Bédana téh dikruamas mah mandina lain di walungan tapi biasana di tampian atawa di mana waé asal mandi. Mandina bari diangir maké sampo buuk.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.tribunnews.com/)