Ujungjaya Baris jadi Dayeuh Gedé


Masarakat Adat Ujungjaya ngimpleng yén wewengkon kacamatan Ujungjaya baris jadi kota gedé tur agréng (metropolis husus). Hal ieu bisa kagambar ku ayana pangwangunan anu keur lumangsung ayeuna. Ti mimiti proyék jalan tol Cisumdawu (Cileunyi-Sumedang- Dawuan), Bandara Internasional Kertajati di Majelangka anu nampeu pisan ka Ujungjaya, Waduk Jatigedé, nepikeun ka pangwangunan rél karéta api anu nepungkeun Bandung jeung Cirebon.

Wewengkon Kacamatan Ujungjaya
Wewengkon Kacamatan Ujungjaya

Ditambah deui ayanana uga ti jaman baheula anu nyebutkeun yén ‘Uga Ujungjaya Bakal Jadi Nagara’. Nurutkeun Pupuhu Majelis Ujung Luhur Masarakat Adat Ujungjaya, Dasiman Juhaéni nalika ngayakeun ‘Kunjungan Pengurus Masyarakat Adat Ujungjaya’ ka Gedong Nagara, uga ieu mibanda harti jeung tanda anu lega yén di wewengkon Ujungjaya baris aya pangwangunan anu kacida rongkahna. Kitu cenah sakumaha anu diwartakeun ku Pikiran Rakyat Online.

Pikeun masarakat Adat Ujungjaya sorangan geus sayaga dina ngabantuan pamaréntah Kabupatén Sumedang hususna dina ngararancang pangwangunan di wewengkon Ujungjaya. Sayaga pikeun gawé babarengan bari tetep nyekel pageuh kana budaya lokal anu geus nyampak. Kusabab pangwangunan ieu teu bisa dipondah deui, masarakat Adat Ujungjaya kudu siap sayaga dina nyinghareupan sagala rupana.

(Gambar meunang nginjeum ti Ujungjaya Online)

Mendet Solokan, di Lembur jeung di Dayeuh


Solokan sisi jalan  dipendet
Solokan sisi jalan dipendet

Kumaha nya lamun kaayaan dina éta potrét téh kajadianana di dayeuh? Sigana mah langsung waé dicarékan lak-lak dasar. Nanaon meureunan kawas euweuh gawé waé. Untung waé kajadianana di lembur.

Di lembur mah lamun aya solokan di sisi jalan anu dipendet nalika usum hujan téh, henteu anéh deui. Da éta mah ngahaja. Solokan di sisi jalan tempat ngocorkeun cai hujan (cileuncang) téh osok dipendet. Tujuanana supaya taneuh dina éta solokan téh henteu dadas kabawa palid ka hilir. Supaya solokanana henteu ngagedéan jeung ngajeroan kusabab dihakanan ku cileuncang. Ku jalan dipendet, taneuh téh henteu kabawa palid ka hilir tapi nyangsang dina pedentan anu dijieun. Jadi, mendet solokan téh lain taya maksud.

Kumaha atuh lamun di dayeuh, lamun solokan di dayeuh ngahaja dipendet? Di dayeuh mah moal aya anu daékeun ngahaja mendet solokan sisi jalan. Da solokan di dayeuh mah teu meunang dipendet, supaya cai hujan bisa ngocor kalawan bébas henteu kahalangan. Lamun cileuncang di solokan kahalangan, caina bakal ka mana-meni, lain mapay solokan. Cileuncang anu sakuduna mapay solokan, kusabab kahalangan bakal ngocor ka jalan. Sanajan euweuh anu ngahaja mendet solokan, kanyataanana mah loba anu osok mendet solokan ku jalan miceun runtah ka solokan. Runtah anu dipiceun ka solokan téh lila-lila mah jadi mendet éta solokan. Ahirna, henteu ngahaja dipendet ogé, solokan di dayeuh mah osok mendet sorangan.

Pabukon Soeman HS, Pabukon Agréng di Pekanbaru


Nganjang ka Pabukon Propinsi Riau anu aya di Pekanbaru, matak ngajenghok ogé. Henteu ngajenghok kumaha, da nempo wangunana kacida agréngna. Wangunanana jangkung nepikeun ka genep tingkat. Unggal tingkat miboga kumpulan buku anu béda-béda. Jinis bukuna ogé rempeg pisan. Ditambah deui buku-bukuna alanyar wungkul. Salian ti éta, ditambah ku pangladén pikeun anu nganjang katut anu hayang nginjeum buku anu alus: aya internét haratis, jadi anggahota pabukon ogé haratis. Ngan samentara mah anu bisa jadi anggahota kalawan bisa nginjeum buku téh pikeun urang dayeuh Pekanbaru wungkul. Urang luar dayeuh Pekanbaru mah cenah karunya bulak-balikna pikeun nginjeum jeung masrahkeun buku anu ngan ukur saminggueun waktu nginjeumna.

Rupa-rupa buku dina rak buku

Lamun nempo kana wangunanana kacida agréngna. Wangunan anu gedé tur jangkung téh loba rohangan anu dijieun kalawan lowong. Kikidingna ngagunakeun kaca. Atuh bisa nempoan kaayaan dayeuh Pekanbaru ti jero pabukonna. Unggal tingkat dieusi ku tempat-tempat pikeun maca buku anu ngeunaheun. Loba méja jeung korsi pikeun maca kalayan husu. Pikeun leuwih husuna deui aya rohangan husus pikeun maca buku anu wangunana buleud dikidingan ku kaca ampir d sakabéh tingkat. Salian ti rohangan pikeun maca, aya ogé rohangan anu bisa dipaké pikeun ngadu bako atawa diskusi.

Rohangan husus pikeun barudak

Di lantéy kahijina, aya tempat kaulinan pikeun barudak leutik. Kaulinan anu tangtuna ogé lain ngan ukur kaulinan biasa. Tapi kaulinan anu ngandung eusi pangaweruh. Jadi lamun mawa budak ka pabukon anu dingaranan Soeman HS, moal matak hariwang, da bisa ulin kalawan pikaresepeun. Salian ti tempat ulin aya ogé buku-buku pikeun barudak.

Tempat ngopi

Lamun hanaang atawa lapar? Teu kudu bingung ogé. Masih kénéh di lantéy kahiji, aya tempat pikeun ngaleungitkeun hanaang atawa lapar. Kari asup waé ka tempat ngopi (café) anu ngaranna Kopi Kimteng.

Lamun nganjang ka ieu pabukon, bakal karasa ngeunaheunana. Kaayaan anu tiis tibatan kaayaan di luar kusabab aya AC, loba buku bacaan anu bisa dibaca jeung diinjeum (nginjeum buku kudu jadi anggahota heula), bisa internétan kalawan haratis, lamun lapar/hanaang kari meuli di tempat ngopi.

Jadwal Imsakiyah di Pekanbaru


Wewengkon dayeuh Pekanbaru mah béda reujeung wewengkon dayeuh Bandung atawa Sumedang. Wanci di Bandung atawa Sumedang mah teu jauh teuing bédana reujeung wanci di Jakarta. Bédana ngan ukur dua menit atawa tilu menit. Jadi teu pati lieur teuing ngitungna. Sedengkeun ari di Pekanbaru? Apanan teu apal bédana wanci antara Jakarta jeung Pekanbaru. Sedengkeun wanci téh apanan dina bulan puasa mah kacida pentingna. Utamana pikeun saur jeung buka.

Untung waé sanggeus dipaluruh mah meunang inpo ngeunaan wanci imsak jeung bukan pikeun dayeuh Pekanbaru salila sabulan campleng. Sumberna ti Pro Berita.

Ciri wanci sabulaneun pikeun dayeuh Pekanbaru

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.proberita.com/)

Anggapan Mimiti Ngeunaan Dayeuh Pekanbaru


Waktu mimiti nepi ka dayeuhna, ngilikan kaayaanana mah loba kénéh tempat anu kosong. Loba taneuh (lahan) anu kosong tacan diwangunan imah. Lahan kosong anu kapanggih téh diantepkeun waé sina loba tutuwuhan kayaning jujukutan jeung tatangkalan anu jaradi. Lahanna henteu disambut atawa dipelakan tatanén. Malahan aya lahan kosong anu siga leuweung da pinuh ku tatangkalan. Anu nuduhkeun éta lain leuweung téh kusabab aya plang anu nuduhkeun éta lahan téh arék dijual. Dina kahiji waktu mah cenah aya meunang béja aya bayawak anu ngadon ngulampreng ka jalan gedé anu aya di dayeuh. Atuh siga anu deukeut pisan reujeung leuweung waé.

Dayeuh Pekanbaru

Jalan gedéna ogé lumayan ramé ku kandaraan kayaning mobil jeung motor. Ngan henteu nepikeun ka macét. Teuing pédah lain di puseur dayeuhna sigana mah. Wewengkon anu kasorang téh henteu loba teuing kumpulan jalma-jalma kayaning toko atawa mol (mall). Béda reujeung dayeuh Bandung anu kacida raména katut loba macétna.

Atuh anu kapikir téh dayeuh Pekanbaru mah gedéna henteu sagedé dayeuh Bandung. Pon kitu deui raména, henteu sarua raména sakumaha dayeuh Bandung. Lamun reujeung dayeuh Sumedang, kumaha? Sigana mah sarua. Ngan kétang teu bisa dibandingkeun ngan ukur saliwatan. Da dayeuh Pekanbaruna ogé tacan kaubek kabéhanana. Moal kaubek sigana mah, da indit ka dayeuh Pekanbaruna ogé lain pikeun ngubek dayeuh. Siga dayeuh mana atuh nya…? Tacan bisa dibandingkeun.