Naék Kelas jeung Roko


Dina mangsa nyanghareupan samen, osok dibagi rapot heula. Kacida bagjana lamun nempo rapot anu mertelakeun yén bisa naék kelas, henteu ngendog di kelas anu sarua. Bagja jeung resep kusabab naék kelas. Komo lamun nempo niléy rapot anu angkana aralus. Beuki nambah deui gumbirana, najan henteu meunang réngking hiji ogé. Lamun réngking hiji? Pasti éta mah leuwih-leuwih deui gumbirana.

Roko

Pikeun nembrakeun rasa gumbira éta biasana mah dina waktuna mapag samen téh osok barangbéré ka guru. Barangbéréna biasana mah ku mangrupa roko. Dina mapag samen, kolot budak anu naék kelas téh osok ngahaja méré roko ka guru kelasna. Rokona mah biasana sabungkus, henteu loba-loba teuing. Nya itung-itung mulangtarima, najan henteu loba jeung siga anu taya hartina. Salian ti roko mah, sigana jarang, teuing teu apal. Da kolot kumaha kolot budak biasana mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.okezone.com/)

Parebut Kuntung Roko


Dina mangsa urang lembur nyarekar, biasana mah osok marawa ududeun sagigireun mawa sintung kalapa téh. Ceuk paribasa mah cenah, pikeun nyuguh kanu disekarna atawa anu geus maot téa. Salian ti anu dua éta, osok ditambahan ku mawa cai sajalikén, rupa-rupa kekembangan jeung menyan. Malahan aya ogé anu mawa seupaheun lamun jalma anu disekar téh keur hirupna resep nyeupah. Kabéhanana téh saacanna indit ka kuburan osok dido’aan heula ku jalma anu dipikolot atawa jalma anu bisa. Nepi ka kuburan, terus waé mendekung ngado’a di gigireun kuburan kolotna atawa kuburan anu disekar. Ari kekembangan diawurkeun di luhureun kuburan, kitu deui cai meunang ngado’aan, dibanjurkeun kana kuburan nepikeun ka taneuhna baseuh. Sedengkeun sintung kalapa osok dipaké siga parupuyan lamun di imah mah, dijieun paranti meuleum menyan meunang ngado’aan nepikeun ka béakna, jeung haseupna ngebul ka awang-awang. Sanggeus kitu, biasana mah ditungtungan ku nyeungeut roko, atawa neundeun seupaheun dina luhureun kuburan kénéh. Satuluyna mah urang lembur anu nyekar teh balik ka lembur.

Seupaheun jeung Sintung kalapa di luhureun kuburan

Dina mangsa urang lembur marulang ti kuburan, barudak anu ngahaja arulin ka kuburan mah tara tuluy baralik. Caricing heula waé di kuburan bari ngarobrol. Sanggeus kolot-kolot anu nyarekar baralik, barudak téh ribut lalumpatan néangan kuburan anu aya seungeut rokoan. Barudak téh parebut roko anu tacan béak ku seuneu. Roko anu ngelun kénéh ku seuneu téh dicarokotan tina luhureun kuburan. Nya, itung-itung udud gratis, tibatan béak teu puguh, nya mending diudud. Ngan hanjakal euweuh barudak anu daék maliré kana seupaheun mah. Sanajan angger kénéh, tacan kacocéng, jiga anu arembungeun lamun kudu mawa seupaheun mah. Teuing ku naon…. Teu resepeun nyeupah meureunan…!

Roko Cap Sigay


“Bu, si Acim mah tos wantun nyesep…!” Ceuk si Ijah, babaturan sakelasna si Acim ka guru anu kakara asup ka kelas.

Si Ibu, anu ngaranna Ibu Héni teu langsung ngajawab. Manéhna muru kana bangkuna anu aya di hareup. Terus neundeun buku anu dibawana di luhureun méja.

“Leres Bu….” Si Kokom mairan.

Bu Héni neuteup nguriling ka sakurilingeun kelas.

“Leres éta téh, Cim?” Bu Héni kakara nanya ka si Acim bari neuteup.

Anu diteuteup cicing waé siga anu teu sieun dicarékan.

“Leres, Bu.” Témbalna antaré pisan.

“Naha…? Apanan saur Ibu ogé, alit kénéh mah teu kénging wantun-wantun nyobian nyesep.” Ceuk Bu Héni nyaram.

“Da raos Bu….”

“Naon raosna kitu?” Bu Héni neuteup ka si Acim. “Sesepeun téh pinuh ku panyawat wungkul. Sarengna deui da moal matak wareg kana patuanganana ogé.”

Si Acim teu langsung ngajawab. Manéhna ngalieuk ka si Omon anu diuk dina korsi di béh kencaeunana.

“Da sanés abdi wungkul, Bu.” Ceuk si Acim.

Daun kawung dipoe

“Abdi mah henteu kétang Bu.” Si Omon ngabéla dirina.

Bu Héni melong ka si Omon.

“Naha…? Leres éta téh Mon?” Bu Héni nanya ka si Omon.

“Henteu abdi mah Bu. Abdi mah henteu nyesep….”

“Bohong kétang Bu. Omon ogé sasarengan sareng abdi nyesepna da.” Si Acim keukeuh.

Bu Héni gantian neuteup si Omon jeung si Acim.

“Atos. Atos! Anu atos mah atos. Mung ka payunna ulah sakali-kali deui nya.” Bu Héni méré peupeujeuh ka barudak, hususna si Omon jeung si Acim.

“Tapi…, Bu?” Si Acim teu kebat nyaritana.

“Naon Cim? Tos kacanduan nya…?”

“Sanés kitu Bu. Da abdi mah nyesepna ogé henteu nganggo bako.” Ceuk si Acim.

“Nu leres…?” Bu Héni neuteup.

“Muhun, Bu. Da abdi mah nyesepna ogé Roko Cap Sigay….”

“Maksadna? Roko naon kitu éta téh?”

“Muhun, roko cap sigay. rokona pun aki.” Témbal si Acim.

“Eta, Bu. Abdi sareng Acim mah nyesepna sanés roko tapi nyesep saun kawung.” Si Omon mantuan mangjawabkeun si Acim.

“Oh éta…. Tapi tetep, ulah dugikeun ka kateterasan, nya. Da anu namina nyesep mah sami waé, awon” Bu Héni ngawawadian.