Budaya liliuran téh ampir sarua jeung budaya ngahiras. Bédana téh, lamun liliuran mah biasana dina perkara pepelakan (tatanén). Jadi budaya liliuran mah condongna kana pakasaban. Dina liliuran mah biasa ayana iketan anu rada pageuh antara anu mantuan jeung anu dibantuanna. Dina liliuran mah anu dibantuan téh, sacara henteu langsung kudu mantuan deui jalma anu mantuan manéhna magawé. Da ieu mah aya pakaitna jeung pakasaban, atawa usaha kumaha néangan pangupa jiwa, jadi istilahna mah henteu haratis. Sanajan kitu, teu jadi halangan ogé lamun henteu mantuan deui pagawéan jalma anu mantuan téa. Ngan akibatna tangtuna ogé kahareupna moal aya anu mantuan deui.

Tujuanana liliuran, tangtuna ogé supaya pagawéan téh gancang réngséna. Béda reujeung dipigawena ngan ukur ku saurang atawa ku sakulawarga. Da anu ngaranna tatanén mah tangtuna ogé aya waktuna anu husus, teu bisa sagawayah. Ngamimitian tatanén di kebon hususna dipigawé waktu mimiti usum hujan. Jadi urang lembur kabéh anu ngabogaan maksud pikeun tatanén, ngabogaan waktu anu ampir sarua. Jadi, lamun hayang migawéna ku jalan liliuran, kudu milih waktu anu teu sarua, supaya bisa silih bantuan. Dina poé ayeuna mah bagéan migawé di kebon si éta, isukan mah di kebon si itu, lamun pagéto mah di kebonna si saha. Jadi, diprak-prakanana henteu babarengan di kebonna séwang-séwangan.
Ngabagi waktuna bisa ku jalan dibadamikeun heula reujeung tatangga anu arék mantuan jeung dibantuan.
Ku jalan ngalakukeun liliuran ieu, loba mangpaat anu kapanggih, diantarana waé:
- Ngurangan béaya pikeun muruhan batur anu mantuan. Da ku jalan liliuran mah, pikeun males atawa mayarna téh ku jalan gawé deui.
- Ngurangan waktu pikeun digawé. Jadi pagawean gancang réngséna. Jadi bibinihan anu arek dipelak téh gancang kapelakeun.
- Budaya silih bantuan terus dijaga.
- Kahirupan natangga jadi ayem tengtrem, moal aya pcogregan gara-gara hirup séwang-séwangan.
(Gambar meunang nginjeum ti http://jawatimur.lensaindonesia.com/wp-content/uploads/2011/09/ilustrasi-Petani-di-Kediri-mulai-tanam-palawija.jpg)