Jalma anu Miboga Harepan


Harepan jeung harepan, kacida pisan dipiharepna ku saban jalma. Ngan kadang harepan ngan ukur jadi harepan, kusabab dina kanyataanana mah henteu sarua jeung naon anu dipiharep. Harepan kadang osok jadi kanyataan. Arék naon waé wujudna, harepan bakal tetep aya dina diri jalma. Harepan anu wujudna bisa mangrupa doa dina haté, harepan anu hartina paménta jeung kahayang, harepan anu hartina kahayang anu kudu kacumponan, harepan bisa ogé jadi perkara anu kudu ngawujud.

 

Harepan

 

Harepan…, éta téh harepan.

Unggal jalma ngabogaan harepan séwang-séwangan. Ngan aya anu ngabédakeuna téh digantungkeun ka mana éta harepan jalma. Aya anu ngagantungkeunana ka anu Maha Ngobulkeun Pangharepan, tapi aya ogé jalma anu ngagantungkeun harepanan ka papada jalma deui. Salian ti éta aya ogé jalma anu ngagantungkeun harepanana téh ka mahluk séjénna salian ti jalma.

Pon kitu deui ngeunaan gedéna atawa ukuran harepan. Unggal jalma ngabogaan harepan anu béda-béda. Aya jalma anu ngabogaan harepan anu kacida gedéna, kacida pisan dipikaharepna anu tangtuna ogé kudu bisa kalaksanakeun. Aya ogé jalma anu ngabogaan harepan anu biasa-biasa waé, kumaha derna atawa kumaha geletuk batuna kecebur caina. Aya ogé harepna anu henteu dipiharep ku jalma.

Sanajan kitu, anu ngaranna harepan pasti tetep aya. Boh harepan anu ditojokeun pikeun kaalusan, naha pikeun dirina atawa jalma séjén (lingkungan sabudeureunana). Atawa bisa ogé harepan anu goréng, teu sapagodos reujeung kahirupan kailaharan jalma loba.

Naon waé harepanana, harepan bakal tetep aya.

Ngaran Jalma (Bagean ka-2): Beurat ku Ngaran


Dina milih ngaran budak, kolot osok milih ngaran anu alus, da sakumaha dina tulisan nu geus kaliwat, ngaran teh bisa jadi mangrupakeun harepan atawa kahayang kolot ka budakna. Mangkana budak dibere ngaran ku hiji ngaran teh, kolot miharep supaya budakna loyog reujeung ngaranna. Contona wae, hiji budak anu dingaranan ku ngaran Cahya, kolotna ngabogaan harepan supaya budakna jadi atawa ngabogaan cahya dina kahirupanana. Atawa ngaran-ngaran sejenna anu ngawakilan kahayang kolot atawa doa kolotna.

Sanajan ngaranna alus, sakumaha kahayang kolotna oge alus, ari dina kahirupan sapopoena mah, eta budak teh tug nepikeun ka gedena, tacan tangtu sarua reujeung kahayang kolot anu diwawakilanan ku ngaranna. Jadi antara ngaran reujeung pasipatanana teh kadang aya anu papalingpang.

Dina hal ieu aya anu disebut atawa istilah, beurat ku ngaran. Geus lumrah, lamun aya budak atawa jalma anu beurat ku ngaran, ngaran eta budak teh osok diganti ku ngaran anu sejen, anu leuwih hampang. Supaya eta budak teh teu beurateun teuing ku ngaranna.

Naon atuh ari beurat ku ngaran teh?

Saperti disebutkeun di luhur, ngaran reujeung pasipatanana teh beda pisan, beda jauh. Ari ngaranna teh alus, anu ngandung harti supaya eta budak teh ngabogaan pasipatan anu sarua reujeung ngaranna, sedengkeun buktina dina kahirupanana, pasipatanana teh beda pisan. Jadi eta budak teh osok asa dibeungbeuratan ku ngaranna anu alus. Jadi wae supaya henteu beurateun teuing, ngaranna teh ‘kudu’ diganti.

Ngaran Jalma (Bagean Ka-1): Pentingna Ngaran


Naon atuh hartina ngaran?

Naon atuh pentingna ngaran?

Sanajan eta pananya teh teu bisa langsung dijawab, tapi da tiap jalma pastina oge ngabogaan ngaran. Taya hiji oge jalma anu teu ngabogaan ngaran. Nya sahanteuna hiji jalma teh ngabogaan panelah atawa ngabogaan landian pikeun ngageroan atawa nyebutkeun eta jalma. Da lamun teu dipapay heula mah, rada susah oge naon atuh hartina ngaran pikeun hiji jalma, da arek ngabogaan ngaran atawa henteu oge, angger wae kasebutna mah jalma, moal jadi nu lian.

Tiap jalma anu gubrag ka dunya, teu ngabogaan ngaran. Da ngaran mah diberena teh lamun eta jalma geus gubrag ka dunya, atawa geus aya calon pijelemaeun. Ngaran hiji jalma teh, biasana mah meunang kolot eta jalma. Waktu jalma eta gubrag ka dunya, kolotna eta budak teh biasana mah langsung mere ngaran pikeun eta budak.

Jadi, hal anu kahiji pentingna ngaran nyaeta ngaran teh mangrupakeun pamere ti kolot ka budakna. Anu ngaranna kolot ka budak, naon anu diberekeun ka budakna teh tangtuna oge jadi hiji tanda kanyaah pikeun budakna. Ngaran teh jadi hiji tanda kanyaah ti kolot ka budak. Anu ngaranna tanda kanyaah, pastina oge moal wani mere anu goreng, kolot mah lamun mere teh bakal milih anu alus. Bakating ku hayang mere ngaran anu alus, lolobana kolot teh osok mikir heula saacanna mere ngaran ka budak. Ngaran naon anu alus pikeun budakna. Malahan mah aya oge anu nepikeun ka tatanya heula ka kolotna atawa jalma anu dipikolot, leuwih jauhna nanya ka jalma anu bisa atawa jalma anu pinter. Eta teh tujuanana mah nya pikeun kaalusan budakna, alus ngaranna alus pasipatan budakna dina ngajalankeun kahirupanana.

Terus oge, kolot mere ngaran ku hiji ngaran ka budakna teh bisa jadi mangrupakeun harepan kolotna pikeun kahirupan budakna. Jadi dina ngajalankeun kahirupanana teh budak teu weleh nilik kana ngaran manehna, piraku ngaranna alus ari pasipatanana goreng mah.

Salian ti eta oge, ngaran teh jadi hiji pengbebeda hiji jalma jeung jalma sejen. Si eta mah ngaranna Anu, si itu mah ngaranna teh Anu, jeung lian-lianna deui. Dina kahirupan wae, lamun arek ngageroan hiji jalma, tangtuna oge make ngaran eta jalma atawa lalandianana. Moal ku kalimah, “Hey” atawa “Si Eta”. Da tangtuna oge jadi ngabingungkeun, komo lamun jalmana teh eukeur ngariung atawa loba jalma.

Tina harepan kolot, ngaran oge bisa jadi hiji doa. Da harepan teh lamun dinyaankeun mah mangrupakeun doa. Harepan teh jadi kahayang anu kudu kacumponan atawa kajadian. Sedengkeun doa mah langsung menta ka Pangeran ngeunaan hiji hal. Lamun kolot mikahayang budakna teh pinter, kadang aya kolot anu ngaranan budakna teh ku kecap anu aya pakaitna jeung kapinteran. Lamun budakna hayang cageur, kitu oge. Jeung kahayang atawa doa lianna.

Anaking


Deudeuh teuing anaking, anak aing
Lalampahan bet ngarempak anu dipahing
Nyorang jalan anu gurawes lamping
Naha teu sieun kitu lamun teu cicing
Lamun leupas kadali, henteu eling

Ti leutik, teu weleh diatik dididik
Teu weleh mepeling mere pangeling sanajan saeutik
Kana kaalusan teu weleh satuhu, ngiclik
Teu weleh beubeunangan lamun balik
Pangarti teu weleh nambahan, terus diulik

Manjing rumaja, harepan terus nyaliara
Masing jadi jalma anu mawa ajen kulawarga
Hirup reujeung batur tetep natangga
Sagala henteu ngan ukur jadi cocoba
Indit reujeung balik henteu pasalia

Nete taraje nepikeun ka gede baleg tampele
Harepan minuhan mani ku gede hate
Harepan beurang peuting tetep mepende
Harepan nu jadi kanyataan lain pere
Mudah-mudahan henteu talangke diengke-engke

Harepan tinggal harepan, nu pamohalan
Kanyataan pasalian reujeung pikiran
Kahayang ukur cicing dina emun-emunan
Jugjugan mengpar ngencar tina tujuan
Naha…, atuh naha, bet robah udagan

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/amid.abdul.malik.imanuddin?ref=profile#!/notes/amid-abdul-malik-imanuddin/anaking/411429281893)

Tetep Tumetep


Ulah reunghas harepan
Harepan nu jadi tujuan kokojayan
Harepan nu jadi panungtungan
Harepan nu bakal karandapan

Ulah runtag patekadan
Patekadan pikeun bekel ti awitan
Patekadan nu buleud taya codekaan
Patekadan nu nyangkaruk lain sabengbatan

Ulah incah balihlahan
Tetep renggenek na patilasan
Cicing na tempat ambahan
Mapay jalan kahirupan

Ulah ungggut kalinduan
Ngadeg ajeg sanajan pada nambagan
Teu galideur sanajan kapanasan
Teu kendor sanajan kahujanan

Ulah gedag kaanginan
Kukuh pengkuh dina pamadegan
Nyekel pageuh kana tali aisan
Keukeuh kumeukeuh dina panyarandean

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=108333212540456&comments#!/notes/amid-abdul-malik-imanuddin/tetep-tumetep/408074861893)