Ngaran Tutuwuhan di Dayeuh Bandung


Nurutkeun inpo ti blog mooibandoeng dina pedalan anu dijudulan Nama Tumbuhan Jadi Nama Jalan/Daerah, loba ngaran tutuwuhan anu dipaké ngaran patempatan di dayeuh Bandung. Naha arék dipaké ngaran wewengkon atawa ngaran jalan. Ti mimiti tutuwuhan anu leutik nepikeun ka tutuwuhan anu gedé, dipaké ngaran. Ti mimiti tutuwuhan anu aya kénéh jeung gampang kapanggihna nepikeun ka tutuwuhan anu geus susah kapanggihna.

Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran tutuwuhan
Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran tutuwuhan

Lamun ditataan mah, loba ogé. Sawaréh mah masih kénéh inget kana jinis jeung rupa tutuwuhanana. Sawaréh deui mah asa jadi kaingetan kana éta tutuwuhan téh kusabab geus lila tara manggihan. Ari sawaréh deui mah, lebeng teu apal kana jinis tutuwuhanana kusabab tacan apal jeung manggihan kana éta ngaran tutuwuhan.

Ahirna mah kaideuan pikeun nataan atawa nyungsi tutuwuhan anu aya di lembur pikeun dijadikeun catetan. Mugia aya mangpaatna pikeun ka hareupna.

FastStone Photo Resizer, Pakakas Pikeun Ngarobah Gambar


Program ieu mangrupakeun pakakas atawa utiliti anu miboga mangpaat pikeun ngarobah wangunan (pormat) gambar jeung ngarobah ngaran payil gambar. Program ieu bisa digunakeun pikeun ngarobah pormat, ngarobah ngaran payil, ngarobah ukuran gambar, motong gambar, muterkeun gambar, ngarobah lobana warna, nambahan tulisan kana gambar jeung nambahan tanda cai (watermark) kana gambar kalawan gancang jeung gampang kana sakumpulan gambar. Kamonésan anu disadiakeun téh bisa diterapkeun sakaligus kana sakumpulan gambar (gambarna leuwih ti hiji), anu meunang milih. Operasi ku jalan cokot puragkeun (drag n drop) ogé bisa dipaké dina ieu program.

FastStone Photo Resizer

Kamonésan anu aya dina ieu program téh diantarana:

  1. Ngarobah wangunan gambar jeung ngarobah ngaran kana sakumpulan gambar.
  2. Ngarojong gambar dina wangunan JPEG, BMP, GIF, PNG, TIFF jeung JPEG2000.
  3. Ngarobah ukuran, motong gambar, ngarobah jerona (jumlah) warna, nambahan tulisan.
  4. Ngarobah ngaran kalawan maké wilangan angka.
  5. Néangan jeung ngaganti kecap dina ngaran payil.
  6. Aya paranti nempoan heula saméméh ngarobah.

Pikeun anu merlukeun ieu program katut pikeun manggihan inpo anu leuwih anteb, bisa ngalongok ka loka FastStone di alamat http://www.faststone.org/.

Panambah: Ngaran Itung-itungan jeung Lilana Waktu


Ieu mangrupakeun tulisan panambah ti Kang Riki Ramli M. anu aya pakaitna reujeung ngaran itung-itungan.

  • Sapasi, satengahna tinu sasiki ngan barangna buleud atawa jangkep.
  • Sabeulah, barang hiji dibagi dua nurutkeun kana uratna.
  • Sapotong, barang hiji dibagi dua neukteuk urat.
  • Sajodo, sarua jeung sapasang dilarapkeun jang ka jalma atawa sato.
  • Sarakit, sarua jeung sapasang dilarapkeun jang ka munding.
Cau saturuy dina tangkalna

Sigana upami diteraskeun jadi kana itung-itungan nu teu tangtu (kaluar tina ontek teu kang) kayaning :

  • Samanggar,
  • Saturuy,
  • Sasikat,
  • Sapapan,
  • Sapendul
  • Jst.

Ngaran Lilana Waktu

  • Sakerejep, nuduhkeun waktu saré nu sakeudueng/ saliliran.
  • Sajogjogan, nuduhkeun waktu diukur datangna jalma tiburuan nepi ka imah (nepi/anjog).
  • Salikur/lilikuran, nuduhkeun waktu 21 hiji poé nepi ka poé ka 29.
  • Sapamiangan, sabalikna ti sajogjogan, nuduhkeun waktu rada lila ti sajojogan diitung ti jalma indit nepi ka teu katingali pundukna atawa geus méngkol.

Nuhun pisan ka Kang Riki Ramli M. anu parantos kersa nambihan kana seratan dina ieu blog.

Tukang Maén Bal Urang Sunda di Luar Nagrég


Sabenerna mah anu ngaranna Urang Sunda téh lain ngan ukur jalma-jalma anu nyicingan wewengkon tatar Pasundan wungkul. Tapi aya ogé jalma-jalma anu cicingna di luar wewengkon Pasundan anu kaasup urang Sunda. Wewengkon luar tatar Pasundan téh lain ngan ukur wewengkon di nagri Indonesia wungkul, tapi ogé unggal wewengkon di sakuliah alam dunya. Di sakuliah alam dunya anu ngawengku sakabéh wewengkon, bisa dipanggihan anu ngaranna Urang Sunda. Intina mah anu ngaranna Urang Sunda téh bisa kapanggih di Luar Nagrég (Luar Nagri).

Kaka, tukang maen bal Real Madrid

Di sababaraha wewengkon di Luar Nagrég bisa kapanggih Urang Sunda, anu bisa katempo dina ngaranna éta jalma. Ngaran jalma éta sanajan aya di Luar Nagrég, tapi ngaranna maké kecap anu osok dipaké ku Urang Sunda. Supaya gampang mah, pikeun buktina bisa ditilik dina ngaran-ngaran jalma anu jadi tukang maén bal di Luar Nagrég. Aya sababaraha (lamun henteu disebutkeun loba) ngaran tukang maén bal anu ngaranna maké kecap-kecap tina Basa Sunda atawa anu osok dipaké ku Urang Sunda.

Hayang apal? Ieu diantarana

  1. Adan (Antonio Adan), Real Madrid
  2. Balé (Gareth Bale), Tottenham Hotspurs
  3. Dédé, tukang maen bal urang Brasil
  4. Hakan (Hakan Sukur, Hakan Yakin), tukang maen bal asal Turki
  5. Kaka (Ricardo Kaka), Real Madrid
  6. Nani (Luis Nani), Manchester United
  7. Saha (Louis Saha), Everton
  8. Sami (Sami Khedira), Real Madrid
  9. Yaya (Yaya Toure), Manchester City

Nyieun Blog di WordPress


Nyieun blog di WordPress?

Gampang….

Ieu tulisan mah nga ukur nyaritakeun nyieun blog di pangladén wéb wordpress.com, moal nyaritakeun ngeunaan nyieun blog di pangladén wéb anu séjénna saperti blogspot. Da kabeneran tacan paham ngeunaan blog dinu lain salian ti wordpress. Eta ogé ketang kungsi nyieun blog di blogspot, ngan tacan kungsi dieusian.

Pikeun nyieun blog di wordpress, taya cara anu susah. Carana gampang pisan. Modalna ngan ukur miboga alamat surélék atawa émail. Alamat surélék ieu dipaké pikeun daptar di wordpress. Lamun geus miboga alamat surélék, tinggal asup waé ka alamat loka http://www.wordpress.com/, atawa lamun hayang asup kana wordpress anu make Basa Sunda bisa asup ngaliwatan http://su.wordpress.com/.

Kaca wordpress.com

Lamun asupna maké wordpress.com dina lambaran wordpress anu mucunghul, tuluy téangan jeung klik panumbu sign up now anu aya di handapeun kenop Get Started Here. Sedengkeun lamun asupna ngaliwatan WordPress Basa Sunda bisa maké kenop Daftar Ayeuna!. Dina kaca anu mucunghul, eusian kotak eusian anu aya, diantarana Blog Address, Username, Tulaksandi, Konpirmasi, Email Address.

  1. Blog Address dieusian ku alamat blogna, misalna ciburuan. Lamun éta kotak dieusian ku kecap ciburuan, mangka alamat blogna bakal jadi ciburuan.wordpress.com. Ngan Blog Address ieu kudu milih kecap anu acan aya, anu acan dipiboga ku batur. Pikeun ngeusian ieu Blog Address pilih kecap anu gampang diinget, sarupa atawa sajalan (henteu papalingpang) reujeung eusi blog, katut acan aya anu miboga. Ngeunaan eusi ieu kotak bisa dirobah dina hiji waktu (nyieun deui alamat blog anu béda).
  2. Saterusna kotak eusian Username dieusian ku ngaran anu baris dipaké pikeun asup kana jero blog jeung ngaran pangarang anu nulis dina blog. Ngaran Username ogé teu meunang sarua reujeung anu geus aya. Jadi kudu milih kecap atawa ngaran anu acan aya dina wordpress.
  3. Kotak eusian Tulaksandi reujeng Konpirmasi dieusian ku kecap sandi anu bakal dipaké pikeun asup kana jero blog. Tulaksandi mah bébas arék sarua reujeung batur ogé, ngan ulah nepikeun ka diuar-uar ka batur. Ulah aya batur anu nyahoeun kana tulaksandi ieu. Bisi blog urang diruksak atawa dicokot ku batur.
  4. Terus Email Address dieusian ku alamat surélék.

Sanggeus bérés ngeusianana reujeung disatujuan ku wordpress, dina harti euweuh pangwawadi nanaon anu aya pakaitna reujeung kecap atawa ngaran anu diasupkeun téh tacan aya anu miboga, bisa langsung mencét kenop Sign up.

Sanggeus kitu mah tinggal mariksa alamat surélék anu dipaké daptar ka wordpress pikeun disahkeun.

Ngaran-ngaran Bulan dina Basa Sunda


Nulis ngeunaan kajadian atawa hal anu aya pakaitna reujeung bulan anu eukeur dilakonan, jadi inget kana ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda. Kumaha atuh lamun ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda téh ditaan hiji-hijina. Ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda mah teu leupas tina ngaran bulan dina Basa Jawa jeung ngaran bulan dina Kaléndér Islam (Kaléndér Hijriyah). Da bener ogé, tanggal-tanggal dina pananggalan bulan Sunda mah sarua atawa ampir sarua reujeung pananggalan di Jawa jeung Kaléndér Hijriyah. Anu ngabédakeunana téh ngaran sabagéan bulanna. Sedengkeun éntépanana mah sarua baé. Lobana bulan oge sarua aya dua belas.

Ari ngaran-ngaranna mah nyaéta:

  1. Muharam
  2. Sapar
  3. Mulud
  4. Silih Mulud
  5. Jumadil Awal
  6. Jumadil Ahir
  7. Rajab
  8. Rewah
  9. Puasa
  10. Sawal
  11. Hapit
  12. Rayagung
Kalender Bulan Rayagung 1431

Sedengkeun ngaran poéna mah nyaéta:

  1. Ahad
  2. Senén
  3. Salasa
  4. Rebo
  5. Kemis
  6. Jumaah
  7. Saptu

Ngaran Jalma (Bagean Ka-3): Parobahan Ngaran Jalma di Lembur


Lamun dititenan, ngeunaan ngaran jalma-jalma, hususna di lembur, aya perobahan. Parobahan dina nyieun ngaran jeung ngalarapkeunana. Parobahan ieu aya lamun dikaitkeun reujeung pparobahan waktu. Jadi ngaran jalma-jalma jaman baheula reujeung ayeuna teh aya parobahan.

Lamun baheula mah ngaran-ngaran anu dipake teh kacida basajanna jeung teu susah lamun diucapkeunana. Sababna ngaran jaman baheula mah lolobana diwangun ku kecap anu ngandung dua engang. Tara leuwih. Jadi ngaran jalma teh pararondok. Jeungna deui tara aya ngaran papanjanganana. Ngaran teh ngan sakecap.

Jadi, ngaran anu dipake teh basajan pisan kusabab diwangun ngan ku sakecap jeung jumlah engangna saeutik, paling dua atawa tilu engang.

Kecap-kecap anu osok dipake jadi ngaran teh diantarana wae, pikeun lalaki mah: Cece, Ayok, Adah, Emed, Ihin, Tata, Yoyo, Omo, Oneng, Komar; jeung pikeun awewe: mah Ocoh, Icih, Kenoh, Enah, Omoh, Ijah, Eem, jeung nu sejenna.

Nyedek ka jaman beh dieunakeun, kecap anu dipake ngaran jalma teh osok aya panambahan ku ngaran papanjangan. Jadi anu tadina ngaran teh ngan ukur diwangun ku sakecap, bisa diwangun ku dua kecap atawa leuwih. Salasahiji tujuanna teh pikeun ngabedakeun ngaran hiji jalma jeung jalma sejenna. Misalna wae, kadang aya anu ngaranna teh Cecep. Anu ngaranna Cecep teh biasana mah osok leuwih ti saurang. Nya pikeun ngabedakeun jalma-jalma anu ngaranna Cecep teh osok ditambahan ku kecap papanjanganana. Jadi wae aya anu ngaranna Cecep Sutisna, Cecep Komar, Cecep Maman, jst. Salian ti pikeun ngabedakeun teh, geus jamanna lamun ngaran teh diwangun ku dua kecap atawa leuwih. Asa kurang pas lamun ngan ngaran ngan ukur diwangun ku sakecap. Komo di sakolaan, osok ditanya ngaran papanjanganana. Lamun teu boga ngaran papanjangan teh, apanan aya nu nyebut Cecep wungkul. Padahal kecap wungkul mah lain ngaran.

Pikeun danget ayeuna, kecap ngaran anu osok dipake teh biasana mah kecap-kecap anu meunang minjeum ti basa sejen, basa luar nagri. Contona wae tina basa Arab.

Pikeun kolot anu ngarti kana bagbagan agama Islam mah, lamun ngabogaan budak teh osok dingaranan ku kecap meunang nginjeum tina kecap basa Arab. Malahan mah ngaran sorangan oge osok dilandian atawa diganti jadi make basa Arab, ku jalan make rarangken Abu atawa Umi anu disambungkeun jeung ngaran budak anu meunang ngaranan tina basa Arab. Jadi wae anu tadina ngaranna biasa-biasa misalna Dodo, bisa ngabogaan lalandian jadi Abu Jamilah.