Papaharé


“Is, éta teu kénging langsung ameng. Ka bumi heula disalin acuk heula.” Ceuk indungna si Euis mangsa manéhna nempo anakna, nyaéta si Euis anu kakara datang ti sakola, henteu ka imahna heula tapi langsung ulin di tepas imahna si Onah.

Si Euis ngalieuk ka indungna anu arék indit ka kebon sanggeus mulang heula ka imahna.

“Muhun, Ma. Sakedap.” Témbalna.

“Kadé tong hilap nya. Éta raksukan bilih kotor dianggo ameng mah. Kanggo énjing sakola deui. Sareng éta deui emam heula…,” péntana deui bari terus ngaléos ka béh wétankeun.

“Muhun…,” tembal si Euis deui pondok.

“Urang atosan heula yu…,” ceuk si Onéng ngaharéwos kanu tiluan, si Onah, si Euis jeung si Icih.

“Muhun, urang disalin heula nya. Supados tiasa nyalsé amengna.” Ceuk si Euis deui.

“Éh, urang papaharé yu?” Ceuk si Onah kanua tiluan.

“Hayu atuh. Tapi di teun saha?” Si Icih melong ka si Onah.

“Di dieu waé atuh nya. Supaya entos papaharé teras ameng deui di dieu.” Ceuk si Onah nawarkeun tempat.

“Satuju…!” Ceuk anu tiluan.

“Aya naon waé kitu di dieu?” Si Icih nanya.

“Nya di dieu mah paling aya ogé lalab jeung lauk asin.” Témbal si Onah.

“Éh, muhun. Is, nyandak réncangna anu rada saé nya….” Pénta si Onéng bari seuri.

“Pami aya….” Témbal si Euis turun ti tepas.

“Piraku waé….” Ceuk si Icih.

Nu tiluan, si Euis, si Icih jeung si Onéng langsung muru ka imahna séwang-séwangan. Sedengkeun si Onah terus muru ka jero imahna, terus ka dapur nyadiakeun sangu jeung deungeunna pikeun papaharé. Manéhna mawa dua piring ka tepas, anu hiji dieusi ku sangu sedengkeun anu hiji deui dipinuhan ku lalab, aya daun sitrong, daun sampeu meunang nyeupan, roay jeung leunca.

Teu lila babaturanana anu tiluan geus daratang deui, da puguhanan teu pati jarauh imahna ti imah si Onah téh. Tiluanana mamawa piring dieusi ku sangu jeung deungeunna. Opatanana terus ngariun di tepas.

“Mana sambelna ieu téh?” Ceuk si Icih bari nempoan piring anu dihareupeun si Onah.

“Éh, enya nya. Sakedap, nya….” Si Onah nangtung terus muru ka dapur. Teu lila geus balik deui bari mawa sambel goang dina coét.

“Is, mana atuh réncangna?” Ceuk si Oneng ka si Euis.

“Da mung aya ieu, goréng endog wungkul.” Ceuk manéhna bari nempokeun piring anu dibawana ka si Onéng.

“Sugan téh aya anu anéh….” Ceuk si Onéng bari seuri.

“Nya nu aya waé atuh lah. Apanan ieu ogé aya deungeunna. Komo tah anu resep sambel, aya sambel. Ngan coélna ngan ukur aya nu kieu geningan.” Ceuk si Onah bari ngiserkeun coét jeung piring anu dipinuhan ku lalab.

“Wah éta mah karesep urang atuh.” Si Icih gumbira bari ngarongkong kana piring anu dikatengahkeun ku si Onah. Manéhna nyokot seupan daun sampeu, terus di cocolkeun kana sambel.

“Hayu atuh ah, lapar yeuh.” Si Onéng hayang buru-buru gera dahar.

“Sok atuh ngadunga heula.” Ceuk si Euis bari manéhna gegerendengan ngalapadkeun doana.

Sanggeus kitu mah, opatanana dalahar mani ngalimed pisan, siga anu lapar. Sangu sapiring séwang téh teu nyésa.

Nyieun Sumur Ulah Jero Teuing


“Yéh, keur naon?” Si Acim ngagentraan si Duyéh anu eukeur ongkoh waé heureuy di tepas imahna.

“Éh, Acim. Ka mana, Cim?” Témbal si Duyéh bari eureun heula heureuyna, manéhna terus nangtung nyampeurkeun ka si Acim anu keur nangtung di buruan imah manéhna.

“Tadina mah arék ulin ka imahna si Omon, ngan keur areuweuh geningan.” Témbal si Acim.

“Oh kitu. Ka imah kuring heula atuh.” Si Duyéh ngajak si Acim pikeun nyimpang heula ka imah manéhna.

“Aya naon kitu?”

Sumur

“Euweuh nanaon. Ngan, nya bisi hayang ulin heula waé di imah kuring. Kabeneran keur euweuh sasaha, da kolot kuring keur ka karebon.”

“Nya…, sok lah. Ngan moal lila nya. Da kuring aya perlu deui di imah.” Ceuk si Acim méré sarat.

Si Duyéh naék ka tepas dituturkeun ku si Acim. Di tepas téh geus aya dahareun, kulub hui jeung buku gambar. Katempo ku si Acim, singhoréng si Duyéh téh eukeur gagambaran.

“Ngagambar naon, Yéh?” Si Acim nanya ka si Duyéh bari diuk deukeuteun buku gambar.

“Teu ngagambar nanaon. Eta mah heureuy waé.” Témbal si Duyéh bari nyokot buku gambarna terus diteundeun dihareupeunana. “Eta, bisi hayang kulub hui, nyokot waé.”

Si Acim ngarérét kana piring. Kabita ogé manéhna. Nya manéhna nyokot hiji, terus di pesék tina kulitna. Terus dihuapkeun, mani amis kareueut.

“Ari tadi téh ka imahna si Omon arék naon kitu?” Si Duyéh nanya perkara kaperluan si Acim nepungan si Omon.

“Éta…, tadina mah arék baranginjeum.”

“Nginjeum naon kitu?”

“Linggis….”

“Keur naon…?”

“Éta keur ngali sumur. Kabeneran perlu linggis anu gedé. Da linggis anu leutik mah di tonggoh ogé aya.”

“Nyieun sumur nya? Apanan geus aya lain sumur mah ti basa éta ogé…?” Si Duyéh melong ka si Acim.

“Éh, heueuh nya. Lain nyieun ieu mah, tapi ngajeroan.” Si Acim ngabéléhém.

“Naha kurang jero kitu? Sabaraha méter kitu jerona?”

“Ceuk Mang Odon mah 12 méter. Ngan caina téh saeutik waé. Jadi waé kudu dijeroan.”

“Sabaraha méter deui kitu dijeroanana?” Si Duyéh siga anu panasaran.

“Teu apal kuring gé….”

“Cim, ceuk kuring mah lamun ngali sumur téh ulah jero-jero teuing….” Si Duyéh satengah ngaharéwos nyaritana téh.

“Naha kunaon kitu?” Si Acim melong kana beungeut si Duyéh, panasaran.

“Apal teu manéh, yén di handapeun taneuh téh aya alam deui. Aya alam di handapeun alam urang.” Si Duyéh ngajéntrékeun.

“Bener éta téh?” Si Acim ngajenghok.

“Ih, bener ieu mah. Kuring ogé euceuk nini kuring.” Témbal si Duyéh siga anu yakin. “Ceuk nini kuring, di handapeun dunya urang téh aya dunya deui. Jadi, lamun jero-jero teuing téh bisi tembus ka dunya anu di handapeun urang, terus murang ka dunya éta.”

Si Acim ngabetem. Mikir. Bener teu, nya????

Naon Sababna Jalma Kakandunganana dina Beuteung?


“Mon, kuring boga tatarucingan.” Ceuk si Duyéh ka si Omon. “Tebak nya…!”

“Tatarucingan naon…?” Si Omon malik nanya ka si Duyéh.

“Ieu…,” si Duyéh mikir heula saheulaanan. “Naon sababna jalma di dunya ieu kakandunganana dina beuteung?”

Si Duyéh melong ka si Omon. Ari si Omon ngahuleng.

“Naon sok sababna…?” Ceuk si Duyéh deui bari leungeunna nyekelan taktak si Omon ti gigireunana.

“Kéla atuh….” Témbal si Omon bari ngépéskeun leungeun si Duyéh.

“Tong lila teuing atuh mikirna, da ieu mah gampang.” Ceuk si Duyéh deui maksa.

Si Omon teu ngajawab.

“Gampang atuh jawabanana mah.” Si Duyéh arék miheulaan ngajawab pananyana.

“Ke heula, ceuk kuring ogé.” Si Omon kesel.

Si Duyéh jadi cicing. Ngadagoan jawaban ti si Omon.

Teu lila si Omon méré jawaban. “Nya geus ti dituna atuh. Geus kuduna lamun jalma kakandungan dina beuteung. Enggeus dina naon deui atuh.”

Si Duyéh unggut-unggutan bari mésem.

“Bener teu?” Ceuk si Omon ka si Duyéh, hayang jawabanana téh éta anu bener.

“Lain kitu, da.” Ceuk si Duyéh.

“Enggeus naon kitu?” Si Omon melong ka si Duyéh.

“Sababna mah kieu gera.” Ceuk si Duyéh mani daria pisan, bari memener diukna.

Ari si Omon cicing, ngaregepkeun naon anu bakal dicaritakeun ku si Duyéh.

“Ceuk nini kuring sababaraha waktu anu geus kaliwat, cenah tempat urang hirup teh aya di Buana Panca Tengah. Hartina aya di tengah-tengah. Jadi sabenerna mah di luhureun jeung di handapeun urang téh masih kénéh aya anu ngaranna dunya. Kusabab urang mah ayana di tengah-tengah, jadi waé kakandunganana téh dina beuteung. Kitu…,” ceuk si Duyéh ngajéntrékeun.

“Terus ari anu di luhur jeung handapeun urang kumaha?” Si Omon panasaran. “Sarua henteu?”

“Ké heula. Kuring acan bérés!” Si Duyéh ngagebés, pédah omonganana dipegat.

Si Omon cicing.

“Anu hirupna di dunya luhureun urang mah kakandunganana téh dina beuheung. Sedengkeun anu hirupna di handapeun dunya urang mah kakandunganana téh dina bitis.”

Si Omon melong ka si Duyéh, asa teu percaya. “Bener kitu…?”

“Nya meureunan. Da éta mah ceuk nini kuring.”