Ngalangsu Maju


Najan nutur indung suku,
Kamana waé éta lumaku,
Apal ka saha kudu satuhu,
Kamana waé éta satuju,

Satujuan, salalampahan,
Sarimbagan nu ditéangan,
Hiji nu jadi dicekelan,
Tong leupas najan méh-méhan,

Paudag-udag, pagancang-gancang,
Salila aya dina cangcang,
Paheula-heula najan jeung réncang,
Lalakon moal kabancang,

Hiji nu tong dirempak,
Ulah silih tabrak,
Komo nu jadi taktak,
Bisi jadi matak,

Hiji nu tong diganggu,
Miheulaan hulu,
Kusabab napsu nu diburu,
Hayang gera nepi ka ditu,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=438940291893)

Rajaban Éta téh Tanggal 27 Rajab


“Cim, ari Rajaban téh iraha jadina?” Si Duyéh nanya ka Si Acim, mangsa manéhna duaan eukeur ngala suluh di sisi leuweung.

“Cenah mah malem Ahad hareup.” Témbal si Acim anu eukeur ngumpulkeun suluh beubeunanganana.

“Ahad hareup nya…?” Si Duyéh mikir. Manéhna ngitung poé reujeung tanggal. “Mun minggu hareup mah atuh tanggal 23 Rajab atuh nya….”

Si Acim unggeuk.

“Naha nya…, apanan Rajaban téh tanggal 27 Rajab lain…?” Si Duyéh melong ka si Acim bangun anu bingung.

Si Acim teu buru-buru ngajawab.

“Nya ari kajadian Isro’ Mi’roj mah heu-euh tanggal 27 Rajab. Tapi ieu mah apanan nyambut kajadian Rajaban. Jadi teu kudu tanggal 27 Rajabna waé….”

“Oh….” Si Duyéh unggut-unggutan. “Tapi, tanggal 27 Rajab téh peré lain…?”

Si Acim teu ngajawab.

“Naha teu dilaksanakeun pas maleman tanggal 27-na waé nya. Apanan poé Kemisna téh peré…, teu sakola.” Si Duyéh ngagerendeng sorangan.

Manéhna nyampeurkeun ka si Acim anu masih kénéh ngumpulkeun suluh.

“Naha bet henteu maleman tanggal 27-na nya…?” Ceuk manéhna nanya ka si Acim.

“Ulah nanya ka kuring atuh. Da éta mah kumaha Mang Ahmadna waé atuh.” Témbal si Acim.

Si Duyéh cicing teu ngomong deui. Nempo babaturanana kitu, si Acim jadi karunyaeun.

“Ceuk kolot kuring mah cenah, dina maleman tanggal 27 Rajabna téh bakal dilaksanakeun Rajaban pikeun kolot. Jadi barudak mah Rajabanna téh malem Ahad hareup, lain malem Kemisna.” Si Acim ngajelaskeun.

“Oh…, kitu nya.” Si Duyéh kakara ngartieun. “Nya lamun kitu mah, kumaha deui….”

“Maksud manéh naon kitu? Hayang malem Kemis…?” Si Acim melong ka si Duyéh.

“Heu-euh.” Si Duyéh pondok.

“Naha…? Arék ka mana kitu ari malem Ahadna?”

“Eu…, taya nanaon. Moal ka mamana….” Tembal si Duyeh rada bingung.

Si Acim melong. “Curiga kuring mah….”

“Curiga naon…?” Si Duyeh malik nanya bari neuteup si Acim.

“Teu…, ah!” Si Acim embung keteterusan.

Si Duyéh jempé.

“Hayu ah urang balik, geus burit.” Ceuk si Acim bari nyieun tempat pikeun meungkeut suluh.

“Dagoan heula atuh. Kuring mah acan dikumpulkeun suluhna.” Ceuk si Duyéh bari tuturubun muru ka tempat ngumpulkeun suluh beubeunanganana.