Deudeuh Teuing Jalan di Sumedang


Hujan anu ngaririncik marengan abringan kandaraan mapay jalan gedé ti Sumedang muru ka béh kulonkeun. Kandaraan téh henteu bisa gancang da kahalangan ku kandaraan séjén anu di hareupna. Anu di hareupeunana, sing sarwa kitu, henteu bisa gancang da pada-pada kahalangan ku kandaraan anu aya di hareupeunana. Mapay jalan gedé téh mani ngeyented. Malahan dina tempat-tempat anu husus mah kandaraan téh kudu maling jalan ka belah katuhu. Sanajan jalan belah katuhuna aya kandaraan ogé maksakeun saeutik-eutikeun ménta jalan belah katuhu. Lamun henteu kitu, kudu ati-ati pisan ngajalankeun kandaraanana sabab di jalan belah kénca mah aya logak anu jero. Anu tadina geus ngeyented téh kudu eureun heula saheulanan mah pikeun nyayagakeun kandaraan saméméh ngaliwatan jalan anu ngagejlok.

Treuk nyangsaya di jalan Cadaspangeran nalika banna nincak logak
Treuk nyangsaya di jalan Cadaspangeran nalika banna nincak logak

Mungguh kitu kaayaan jalan liliwatan ti Sumedang muru ka Bandungkeun. Loba logak anu lain saeutik jeung henteu leutik. Sabenerna mah lain ngan ukur jalan béh kuloneun Sumedang wungkul, dalah jalan di dayeuh Sumedangna waé (baypass) katut jalan wétaneun Sumedang anu muru ka wewengkon Cirebon, henteu jauh bédana. Jalan liliwatan ti wétan ka kulonkeun téh loba anu barolong. Dipapay ti hareupeun astana Cimayor, bunderan Alam Sari, sababaraha tempat di jalan bay pass, tanjakan Ciguling Anjungtirta, tanjakan saméméh gapura Wilujeng Sumping di Sumedang, deukeuteun Pom Bensin Cihérang, Singkup pertelon jalan Cadaspangeran nepikeun ka asup Cadaspangeran, jalan téh loba pisan logakna. Pon kitu deui wewengkon Tanjungsari aya sababaraha tempat anu raruksak: tanjakan ti wewengkon Gudang nepikeun ka hareupeun SMAN 1 Tanjungsari. Jatinangor di lebah wawates Sumedang – Bandung ogé henteu tinggaleun.

Anu ngaliwatan ka ieu jalan lain ngan ukur kandaraan anu gedé, dalah kandaraan anu leutik saperti motor ogé kudu ati-ati. Ulah balangah nalika ngajalankeun kandaraanana. Lamun balangah bisa-bisa ticatrok nalika ngagiles logak.

Naha bet diantep waé?

Sabenerna mah lain diantep. Jalan ieu téh di sababaraha tempat tacan lila kakara dibebener (diaspal). Ngan kanyataanana geus ruksak deui. Henteu kuateun sigana mah jalanna diliwatan waé kandaraan anu beurat. Terus ayeuna, pikeun ngoméan anu ruksakna, cenah mah taya waragadna. Kétang najan dibebener ayeuna ogé lamun rarancang jeung prak-prakan di lapangan henteu (tacan) panceg mah angger bakal gampang ruksak deui. Kudu aya rarancang anu bener dina ngoméan jalan ieu. Da lain perkara ngoméan jalan wungkul, tapi aya perkara séjén anu ngarojong kana gampang ruksakna jalan téh diantarana waé perkara hawa (usum-usuman/cuaca), rarancang jalan jeung cara maké jalanna.

(Gambar meunang nginjeum ti grup Sumedang Tandang di pesbuk)

Pentingna Jalan Tol Pikeun Lancarna Lalampahan di Sumedang


Nilik kana kaayaan mah matak pikahariwangeun jeung matak pikakeseleun. Henteu hariwang jeung kesel kumaha lamun nempo kaayaan Sumedang ayeuna hususna waé ngeunaan kaayaan jalan di sakuliah Sumedang. Kaayaan jalan di sabudeureun Sumedang, henteu di dayeuh, henteu di pasisian, ampir kabéhanana dina kaayaan ruksak. Geus jadi sabiwir hiji pikeun urang Sumedang anu osok nyanyabaan ka luar ti Sumedang, jalan di Sumedang mah barutut. Salian ti butut, jalan téh beuki padedet ku kandaraan anu nyababkeun lalampahan osok henteu lungsur-langsar. Lalampahan anu kuduna/biasana sakeudeung, bisa mangjam-jam di jalanna. Hariwang nyorang jalan butut sieun nyababkeun cilaka. Keuheul kusabab lila di jalan.

Jalan beypas di Sumedang anu ruksak
Jalan di Sumedang anu ruksak

Salaku tempat liliwatan, Sumedang jadi tempat pangliwatan anu lalampahan ti wétan ka kulon atawa sabalikna. Lalampahan anu dilakonan jaman ayeuna mah maraké kandaraan, naha kandaraan anu narik jalma atawa narik pangabutuh kahirupan. Kandaraan ti wewengkon wétan (Cirebon jeung saterusna) anu muru ka wewengkon kulon (dayeuh Bandung jeung saterusna) lalar liwat ngaliwatan jalan di Sumedang. Pon kitu deui sabalikna, kandaraan anu indit ti béh kulon muru ka béh wétan. Rupa-rupa kandaraan unggal poé ngaliwatan Sumedang, ti mimiti kandaraan leutik jeung hampang kayaning motor nepikeun ka kandaraan anu gedé jeung beurat kayaning mobil puso. Kangaranan anu osok diliwatan ku mangrupa-rupa kandaraan, komo kandaraan anu beurat, teu anéh lamun jalan anu osok diliwatanana gampang pisan ruksakna. Salian ti ngakibatkeun gampang ruksak, kandaraan anu bareurat mah majuna ogé osok keketeyepan. Antukna mawa léléda kana lalampahan di jalan.

Lamun disaliksik, aya pakaitna antara lobana kandaraan utamana kandaraan gedé jeung beurat reujeung gampang ruksakna jalan di Sumedang. Béh dituna aya pakaitna ogé reujeung macétna jalan. Perkara alusna (kualitas) jalan aspalna mah urang ka sisikeun heula.

  1. Ku lobana kandaraan gedé anu bareurat ngakibatkeun jalan hususna jalan anu poko di Sumedang gampang ruksakna. Jalan henteu bisa nahan beurat kandaraan anu lalar liwat. Loba kandaraan gedé anu henteu adeuh dina babawaanana. Babawaan dina luhureun kandaraanana osok kaleuleuwihi. Anu mawa kandaraan henteu ngitung kana kamampuhan jalan anu baris disorangna. Anu diitung téh ngan ukur kamampuhan kandaraan anu dipaké narik babawaanana. Najan jalan anu disorang mampuhna nahan beungbeurat ngan ukur 20 ton, ari kandaraanana masih kénéh mampuh narik beungbeurat leuwih ti 30 ton, osok ngahaja narikna nepikeun ka 30 ton.
  2. Kusabab jalan téh loba anu raruksakna, kandaraan anu lalar liwat téh osok rerengkogan jeung keketeyepan. Sanajan dina jalan anu datar (lain nanjak jeung mudun), kandaraan téh osok ati-ati lamun nyorang jalan anu goréng mah. Antukna lalampahan di jalan téh henteu bisa gancang sakumaha biasana.
  3. Ngeunaan macét mah sabenerna lain ngan ukur kusabab jalan anu raruksak wungkul. Sabab séjénna mah loba teuing kandaraan anu maraké jalan. Beuki dieu beuki loba waé kandaraan téh. Lain ngan ukur kandaraan gedé wungkul, dalah kandaraan leutik kayaning motor jeung angkot ogé bisa nyababkeun macét. Beuki loba kandaraan, beuki padedet di jalanna. Ditambah deui osok aya kandaraan anu eureun di mana waé, matak ngahalangan kandaraan séjén anu lalar liwat.

Tina masalah jalan anu raruksak katut macét, lain taya cara pikeun ngungkulanana. Ngan pikeun sawatara waktu mah tacan aya hasilna. Jalan téh aya kalana dibebenah jeung dialusan. Ngan nyakitu téa. Dialusan ku dialusanana, angger waé kagaley deui ku kandaraan beurat mah henteu lila alusna. Perkara beurat babawaan kandaraan anu ngaleuwihan kamampuhan jalan, cenah mah bakal diterapkeun papagon jeung tetekon anu jelas. Kandaraan teu meunang babawaan anu beuratna ngaleuwihan kamampuhan jalan anu diliwatanana. Ngan tacan katingali hasilna.

Sabenerna mah aya hiji cara anu bisa jadi andelan pikeun ngungkulan masalah gampang ruksakna jalan katut macét téh nyaéta ayana jalan tol anu nyambungkeun Cileunyi ka Dawuan (Cisumdawu). Ku ayanan jalan tol ieu sahanteuna bakal ngurangan beungbeurat jalan di Sumedang anu diliwatan ku kandaraan. Kandaraan anu bareurat mah sina ngaliwatan jalan tol. Lamun jalan tol geus ngajanggélék, jalan di Sumedang moal loba teuing diliwatan kandaraan kusabab parindah ka jalan tol. Anu lalampahan kalawan hayang gancang nepi ka tempat jugjugan, bisa ngaliwatan jalan tol. Anu hayang ngaliwatan jalan biasa, moal padedet teuing reujeung kandaraan séjén.

Antukna, jalan di Sumedang bakal rada lénglang ku kandaraan: henteu macét jeung henteu gampang ruksak. Matak ngeunah kana lalampahan. Harepnana mah kitu, sanajan kasawang aya madorotna. Mugia waé gancang laksana.

Ulah Balangah, Ulah Malaweung, Bisi Titajong


Keur leutik mah geus jadi kacapangan lamun leumpang téh cenah ulah balangah. Ma’lum ngaranna budak mah, lamun leumpang téh tara husu. Lamun leumpang téh osok tumpa-tempo ka mana waé, ka sisi ka gigir. Lamun leumpang téh tara nempo kana jajalaneun atawa titincakan. Leuheung lamun jalanna téh rata reujeung euweuh nanaon. Dalah dina waktuna leumpang dina jalan anu taneuhna garinjul mah apanan matak titajong. Leuheung lamun titajongna téh kana taneuh, moal nyeri teuing. Kumaha lamun titajongna kana batu kusabab jalanna garinjul ku batu? Apanan nyerina téh kacida pisan. Acan deui lamun labuh terus tidungsruk kana batu. Tarang ticatrok kana batu. Cilaka ngaranna.

Ngan tadi ogé ngaranna budak mah masih kénéh bisa dihampura. Da acan loba tinimbangan reujeung masih kénéh loba kapanasaran (matak luak lieuk ogé, nempoan anu aya di sakurilingeunana). Budak mah kudu loba diajar. Tina naon waé diajarna mah, ti kolotna atawa ti sakurilingeunana. Malaweung atawa balangah saeutik mah moal nanaon, matakna osok dihulag ku kolotna ulah balangah ogé. Jadi tanda kanyaah ti kolot ka budakna supaya ulah cilaka.

Nyupiran bari nyoo henpon

Ka ayeunakeun, anu osok balangah téh lain ngan ukur budak wungkul. Jalma anu geus kolot jeung déwasa ogé remen katempo lamun leumpang atawa ngulampreng di jalan téh osok balangah atawa malaweung. Loba perkara anu nyababkeun malaweungna téh, naha kaayaan sakurilingeunana atawa anteng nyonyoo cocooan. Ngaranna geus gedé atawa geus kolot, apanan geus jauh ti kolotna (henteu dibarengan ku kolotna lamun leumpang atawa ngulampreng ka jalan téh). Kolotna geus henteu bisa nyaram atawa ngahulag, ngaulah-ulah supaya ulah balangah atawa malaweung di jalan. Kumaha lamun cilaka…? Wayahna waé….

Remen katohyan di jalan, aya jalma anu ngulampreng di jalan lain husu nempo kana jajalaneun. Tapi kalahka balangah jeung malaweung. Saleuheung lamun leumpang di jalan rata jeung leutik, da ieu apanan tumpak kandaraan boh motor atawa mobil di jalan gedé anu loba kandaraan séjén. Atuh dina sakalina cilaka kusabab malaweung téh lain ngan ukur ticatrok kana batu wungkul. Bisa-bisa dina cilakana téh nepikeun ka palastrana. Pangpangna gangguan anu nyababkeun henteu husuna nempo kana jajalaneun téh nyaéta hénpon. Remen jalma anu keur tumpak kandaraan kalahka nyonyoo hénpon tibatan husu nempo kana jajalaneun.

Kaayaan kieu mah taya deui anu bisa nyarék kajaba anu ngatur di jalan (hususna jalan gedé). Ceuk anu ngatur di jajalanan ogé teu meunang nyoo hénpon nalika tumpak kandaraan (nyupiran kandaraan), bisi cilaka. Lamun mantangul, apanan ditilang. Lain ngan ukur dicaram atawa diulah-ulah deui.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.paseban.com/)

Méré Deudeuieun, Teu Méré Pedit


Singsarwa salah. Duanana ogé sarua waé salah. Méré jeung henteu méré, angger salah. Sahanteuna bisa dianggap salah. Teu bisa kukumaha kétang, da kitu kanyataanana. Ampir unggal parapatan anu aya lampu setopanana, bakal manggihan kaayaan éta. Nalika lampu beureum hurung, nalika kandaraan pada-pada areureun, anu naréangan napakah di jalan téh ngadareukeutan kandaraan. Naha arék ngadeukeutan mobil atawa ngadeukeutan motor. Masing-masing mintonkeun pangabisana pikeun narik ati anu naék kandaraan pikeun ngaluarkeun sabagéan leutik hartana. Tegesna anu tumpak kandaraan téh sina méré (ngaluarkeun) duit ku jalan mintonken (midangkeun) pangabisana. Mungguh kitu kaayaan di jalanan dayeuh Bandung. Éh, kétang sigana mah lain di dayeuh Bandung wungkul, di dayeuh séjénna ogé sigana mah henteu jauh béda.

Budak di jalan

Keur kabeneran tumpak kandaraan mah apanan osok (mindeng) kapéntaan téh. Ngan dina lebah méré reujeung henteuna mah kadang osok aya tinimbangan heula. Naha kudu méré atawa ulah. Da méré reujeung henteu méré téh geningan miboga sabab masing-masing. Méré téh kadang kusabab karunya ku kaayaan anu méntana, atawa ngaragangan (ngahargaan) kana gawéna. Dina lebah henteu méré ogé kadang kusabab karunya kénéh atawa kabeneran henteu mawa duit récéh. Jadi dina henteu méré téh lain kusabab pedit atawa embung méré, ngan aya tinimbangan séjén.

Sakumaha wawaran ti pamaréntah sababaraha waktu nu geus kaliwat pikeun ngurangan barudak anu ngahaja néangan napakah di jalan, leuwih hadé méré duit téh henteu langsung di jalan. Tapi dititipkeun ka lembaga anu husus ngurus barudak anu hirupna di jalan. Jadi lamun hayang méré ka maranéhna leuwih hadé henteu langsung ka jinisna. Jadi duit anu dibikeunkeun téh leuwih loba mangpaatna pikeun dikokolakeun pikeun kumaha carana supaya barudak (hususna) anu dijaralan bisa ngamangpaatkeun pangabisana di tempat anu alus. Da cenah lamun langsung dibérékeun ka maranéhna mah, bakal nyababkeun betah di jalan, reujeung teu apal dipaké naon waé hasilna.

Ngan lamun henteu méré téh aya kalana matak nyigeung kana rarasaanana. Malahan mah osok aya anu kukulutus sagala, bet euweuh pisan anu haat barang béré saeutik waé mah. Nya, tungtungna mah balik deui ka pribadi séwang-séwangan. Naha arék méré atawa moal.

(Gambar meunang nginjeum ti http://inspirasibangsa.com/)

Nguji Wawanén dina Balap Rorodaan Gilinding Tilu


Maén rorodaan anu gilindingna tilu biasana mah osok dilumangsungkeun dina jalan anu mudun jeung lempeng. Pudunan anu alus mah rata taneuhna, henteu garinjul teuing. Pudunan téh alusna mah diteruskeun ku jalan anu datar pikeun ngeureunkeun rorodaan. Jalanna ogé kudu jalan gedé lamun dipaké pikeun balap. Supaya dina sakali waktu téh bisa dua atawa leuwih rorodaan anu balapna. Dina prakna balap, rorodaan téh biasana mah didorong heula ti tonggohna, supaya majuna rorodaan téh leuwih gancang. Dina nyorang jalan anu mudun téh, rorodaan beuki gancang. Nepi ka tungtung pudunan disambung jalan anu datar, rorodaan téh ngendoran. Rorodaan eureunna téh henteu dierém maké erém, da rorodaan gilinding tilu mah euweuh eréman. Aya kétang erém ngan maké suku anu ditapakeun kana taneuh. Rorodaan eureun sanggeus nyorang jalan anu datar. Eureunna téh biasana mah saeureunna (eureun ku sorangan). Dina balap, budak anu meunang téh biasana mah budak anu rorodaanana pangheulana nepi ka tungtung pudunan atawa budak anu rorodaanana eureun pangjauhna.

Rorodaan gilinding tilu anu osok dipake balap

Anu penting dina balap rorodaan gilinding tilu mah gancang majuna. Ku hayang bisana maju kalawan gancang, loba cara anu dipigawé ku budak. Aya anu maké minyak keletik dina as rorodaanana. Aya ogé anu ku jalan nyieun ambahan (ngawahan) anu rada jauh. Intina mah kumaha supaya rorodaan téh bisa maju kalawan gancang.

Kusabab kitu, dina maén rorodaan gilinding tilu diperlukeun wawanén pikeun budak anu maénna. Budak anu luasan jeung seureudeug mah biasana alus dina maén rorodaana téh. Numpakan rorodaan dina jalan anu mudun, komo bari jeung balap pagancang-gancang reujeung pajauh-jauh diperlukeun wawanén anu kuat. Henteu sieunan reujeung éléhan dina maénna, henteu sieun tidungsruk kanu bala (ka sisi jalan). Pikeun miboga wawanén biasana mah ku jalan diajar ogé bisa. Najan mimitina sieunan jeung ati-ati dina tumpa rorodaanana, ahirna mah sanggeus biasa jeung tapis mah bakal wanian. Komo deui lamun dirojong ku kaayaan anu ramé mah. Beuki loba budak anu ngiluan maén, biasana mah beuki sumanget dina maénna. Anu tadina sieunan bisa jadi wanian tungtungna mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://hanifahnafiatin.wordpress.com/)

Kamonésan Tangtara Indonesia


Ceuk béja mah cenah, tangtara Indonésia mah miboga kamonésan sorangan anu bisa jadi pangbébéda reujeung tangtara-tangtara ti nagara séjén. Lamun di nagara séjén mah, anu ngaranna tangtara téh ngan ukur ngurus jeung miboga pangabisa keur perang wungkul, tangtara Indonésia mah henteu kitu. Tangtara Indonésia mah salian ti nguruskeun ngeunaan perang téh ogé osok nguruskeun hal séjénna. Jadi lain ngan ukur nguruskeun jeung ngeukeuweuk sanjata atawa bedil wungkul anu dipigawéna téh. Tangtara Indonésia mah bisa macul, ngawangun imah atawa sasak pikeun masarakat jeung mantuan gawé babarengan di masarakat.

Tangtara keur gawe babarengan reujeung masarakat

Teu anéh lamun sababaraha waktu katukang mah aya program anu ngaranna AMD (ABRI Masuk Désa). Tangtara anu ngiluan éta program ngilu anclub kana kahirupan masarakat utamana dina masalah gawé babarengan (gotong royong). Lamun aya masarakat anu keur gawé babarengan memener jalan atawa sasak, tangtara ogé miluan gawé babarengan.

Ngan hanjakal éta program téh ayeuna mah geus henteu dipigawé deui. Program AMD (ABRI Masuk Désa) geus henteu dilumangsungkeun deui. Da cenah éta mah program anu dijieun ku pamaréntah Orde Baru anu dipingpin ku Pa Suharto. Sanggeus jaman orde réformasi mah tangtara téh dititah balik deui ka barakna séwang-séwangan pikeun nguruskeun urusan pokona salaku tangtara tukang ngajaga nagara.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Ngeunaan Sumedang: Jalan deui, Jalan deui


Lamun ngabandungan ngeunaan Sumedang di mandala maya hususna loka tatali babarayaan kayaning twitter jeung pésbuk, anu ramé dipagunemkeun téh pasti ngeunaan kaayaan jalan. Anu diobrolkeun téh pasti ngeunaan jalan anu aya di Sumedang. Jalan-jalan anu aya kabupaten Sumedang, remen dijadikeun masalah. Anu ngaranna masalah, pasti waé pakaitna téh reujeung anu goréngna, lain anu hadé. Jalan-jalan di kabupaten Sumedang téh cenah mah geus garoréng, loba jalan anu ruksak, pinuh ku liang jeung logak. Ceuk anu ‘mikahéman’ pisan ka Sumedang mah apanan nyebutna lain logak tapi balong.

Jalan anu goréng téh teu nolih di jinis jalanna. Naha arék jalan aspal biasa kayaning jalan kacamatan atawa jalan kabupatén, naha arék jalan propinsi teu leupas tina logak. Malahan jalan nasional ogé henteu leupas tina masalah loba logak ieu. Jalan gedé anu nyambungkeun dayeuh Sumedang jeung dayeuh Bandung anu ngaliwatan wewengkon Cadaspangeran ogé teu leupas tina masalah lobana logak. Pon kitu deui reujeung jalan anu nyambungkeun dayeuh Sumedang ka wewengkon béh wétan: Majalengka/Cirebon sarua waé jalan aspalna garoréng.

Ari jalan-jalan séjénna? Ceuk béja mah sarua waé, loba anu goréngna. Loba jalan anu nyambungkeun dayeuh Sumedang reujeung kacamatan anu aya di kabupaten Sumedang anu sarua goréng ogé. Padahal sawaréhna mah kakara dialusan. Anu kakara alus ogé gancang pisan ruksakna, komo deui jalan anu geus lila henteu dibebener mah. Jalan anu dibebener kalawan alus ku jalan dibeton ogé kayaning jalan beypas (baypass), henteu leupas tina logak. Jalan aspal anu tacan lila dibeton téh geus bareulah deui.

Jalan beypas di Sumedang anu ruksak

Jadi, jalan téh teu kaur alus. Ruksak deui ruksak deui. Hal ieu téh lain tanpa sabab. Da moal ruksak lamun euweuh anu nyababkeun ruksakna mah. Salasahiji sababna mah nyaéta lobana mobil gedé anu bareurat anu ngaliwatan jalan-jalan di Sumedang. Mobil-mobil treuk bareurat anu ti wétan (Cirebon) muru ka kulon (Bandung) téh apanan loba anu ngaliwatan Sumedang. Pon kitu deui sabalikna ti kulon ka wétan. Katambah deui ku mobil anu narikan keusik ti Cimalaka. Beuki ngabeungbeuratan jalan anu aya. Salian ti éta, bisa waé ditambah ku wangunan jalanna anu kurang kuat (taneuhna atawa aspalna).

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.pikiran-rakyat.com/)