Paselangna peuting jeung beurang Unggal paselang jeung lolongkrang Mangsa-mangsa nu geus kasorang Mangsa-mangsa nu geus ka tukang Bati rasa nu matak ringrang
Léngkah-léngkah pasoléngkah Kedal ucap henteu merenah Gindig pikir matak tugenah Sisi gigir robah kagebah Hareup tukang nambah salah
Pagiling gisik unggal usik Kasigeung, ka halik-halik Unggal waktu unggal detik Ngaranjah anu lain milik Tampolana nu batur sidik
Anjog reuma lega pajaratan Lenglang caang taya halangan Siap sayaga rupa pepelakan Badarat manco sewang-sewangan Garap lolongkrang saheulaanan
Lungsur langsar nu dipamrih Jauhkeun tina rara kasedih Papada leungitkeun kapeurih Ceuceub ku bungangang kasilih Nikmatna sing tambih-tambih
Najan ramo-ramo teu pataréma Maksud mah pada-pada sarua Janglarkeun rereged sadaya Lubarkeun pakoét salaksa Ilangkeun panghalang deleka
Notes Gadget mangrupakeun hiji pakakas atawa aplikasi anu bisa digunakeun pikeun nyatet catetan anu basajan. Ieu pakakas paranti nyatet téh sarua waé jeung Sticky Notes biasa bawaanana Windows. Ngan anu ngabédakeunana téh Sticky Notes anu ieu mah bisa diteundeun dina layar monitor palebah sisi (sidebar) paranti neundeunan Gadget. Jadi, Sticky Notes ieu mah henteu diteundeun dina Tray Icon atawa Taskbar.
Sticky Notes
Salian ti éta, Sticky Notes anu ieu mah lamun loba lambaranana anu ditumpuk. Ngan ukur hiji lambaran anu bisa ditempo. Lamun lambaranana leuwih ti hiji, henteu bisa dijajarkeun. Pikeun pindah ka lambaran anu séjén téh kudu pindah ka lambaran saterusna atawa saméméhna heula. Pilihan jinis aksarana leuwih saeutik, ngan ukur aya tilu pilihan.
Sakumaha ngaranna, Notes Gadget diteundeun dina lebah sidebar anu bisa ditempo dina layar anu leur kosong (dina modeu déstop). Cicingna (tempatna) moal robah-robah ka mamana lamun henteu dipaksa robah. Pon kitu deui gedéna. Ngan aya dua ukuran, leutik jeung rada gedé (sakumaha ukuran gadgét séjénna).
Anu ngaranna pamanggih mah bisa meunang jeung nimu ti mana waé. Sagala anu kapanggih naha arék mangrupa pikiran atawa barang, bisa ti mana waé. Ngan anu dipimaksud di dieu mah pamanggih téh dina rupa pikiran. Rupana téh kaluar tina pikiran jeung angen-angen, anu bisa dimudalkeun atawa ditembrakeun. Éta pamanggih téh bisa diwincik jadi mangrupakeun perkara anu jelas nyata lain ngan ukur pikiran anu pondok atawa saeutik jeung lain pokona wungkul. Éta pamanggih téh bisa dibéjérbéaskeun supaya kaharti kalawas jelas atra ku pihak/jalma séjénna.
Mikir meunang pamanggih jadi ngebray caang ibarat lampu
Lamun dikaitkeun reujeung tulisan dina blog, anu ngaranna pamanggih téh kacida pentingna. Tapi sabenerna mah pamanggih téh lain ngan ukur anu aya pakaitna reujeung blog wungkul, tapi dina hal séjén ogé bisa diterapkeun. Ngan pamanggih dina hal ieu mah, aya pakaitna reujeung pamanggih pikeun ngeusian blog, hususnya pamanggih anu bisa dijadikeun bahan ngeusian blog mangrupa tulisan. Pamanggih anu kaluar tina pikiran, bisa diwalatrakeun jeung dijelaskeun kalawan jéntré supaya bisa kaharti ku anu ngalongok blog, anu tungtungna bisa kaharti maksud tulisan anu dipimaksud.
Anu ngaranna pamanggih bisa kapanggih di mana waé, nah eukeur jalan-jalan, keur ulin, keur maca, keur ngimpleng. Pokona mah lolobana anu ngaranna pamanggih téh teu bisa ditangtukeun bakal kapanggih di mana reujeung iraha. Pamanggih ieu ku nyerelekna waktu atawa robahna tempat osok kapopohokeun atawa leungit. Teu nempo naha pamanggih éta téh penting atawa henteu. Kusabab kitu kudu ditarékan kumaha carana supaya anu ngaranna pamanggih téh teu gampang leungit atawa kapopohokeun. Dina hal ieu aya cara anu gampang din ngokolakeun pamanggih supaya ulah poho atawa leungit, nyaéta ku jalan dicatet. Pamanggih anu kapanggih téh gagancangan ditalian ku jalan ditulis supaya ulah ka mana waé atawa leungit. Jadi saacanna pamanggih éta leungit atawa kalindes ku pamanggih atawa perkara séjénna, gancang talian. Sanajan ngan ukur ku sakecap atawa dua kecap, anu ngaranna pamanggih mah kudu gagancangan ditulis. Supaya engké dina waktuna rinéh téh bisa dipikiran deui jeung di walatrakeun ku mangrupa tulisan anu leuwih jéntré.