Muterna Waktu Puasa ka Puasa


Asa cikeneh urang rineh
Ka sisi ka gigir teu noleh
Mapay pacabakan kokoreh
Aya leuleuwih mere maweh

Asa kakara bieu urang nampeu
Teu dahar najan ukur sampeu
Teu lincah balilah, limpeu
Lain sabab salah dahar, weureu

Asa kamari urang taki-taki
Beuteung kosong moal salatri
Ngajauhan hal nu jadi daki
Beurang, istri ngajauhan salaki

Asa kakara urang ngumbara
Sabelas bulan teu katara
Runtuyan waktu nu nyaliara
Ayeuna balik deui ka muara

Apanan bieu bulan Rajab
Sakilatna kawas nu serab
Gancang lir bengsin kalentab
Mun dahar mah matak olab

Ayeuna nincak bulan Rewah
Lain waktuna euwah-euwah
Nengetan sagala pilampah
Sugan na waktuna bisa bungah

Isukan geningan puasa
Nu dianti beh ditu mula
Teu kudu nunggu ka jaga
Teu karasa ninggang mangsa

Isukan geningan puasa
Sugan nepi kana waktuna
Dipaparin waktu waluya
Sampurna mapag puasa

Diri nyampeur sasieur
Kukumpul dingkul beunyeur
Najan na sirah matak lieur
Jaga nu bakal kasampeur

Nincak puasa mawa bagja
Tatan-tatan ti anggalna
Siap elmu jiwa jeung raga
Reug-reug panceg dirina

Diri jeung napsu saha eleh
Padungdung silih tojeh
Najan katempona ngalempreh
Ahir baring nyata mana nu soleh

(Dicutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150321325491894)

Kamari Bulan Puasa, Isukan Bulan Puasa Deui


Teu karasa geningan nyérélékna waktu téh. Asa anyar kénéh nincak bulan Puasa téh. Asa can lila ninggalkeun bulan Puasa téh. Ayeuna geus nincak bulan Rewah deui. Mangkaning geus tanggal lilikuran, anu sababaraha poé deui ogé tangtuna bulan Rewah téh bakal lekasan. Bulan Rewah lekasan bakal asup kana bulan Puasa.

Geus bulan Puasa deui geningan.

Bakating ku ngeunahna hirup di dunya, waktu téh teu karasa nyérélékna. Ti detik ka detik, menit ka menit, jam ka jam, poé ka poé, minggu ka minggu jeung ti bulan ka bulan téh mani gancang pisan majuna. Kamari bulan puasa, isukan ogé geus bulan puasa deui. Basa éta ogé apanan ngalaman bulan puasa anu saterusna diselang ku sabelas bulan panyelangna, saméméh manggih deui bulan puasa. Muter terus waé ti puasa ka puasa, kitu jeung kitu. Ngan nepikeun ka iraha atuh arék muteran waktu ti puasa ka puasa téh?

Naha aya hal anu penting atawa miboga harti pikeun kahirupan dina muterna waktu éta téh…?

Lamun niténan kahariwang kamari basa ninggalkeun bulan puasa, sieun teu panggih deui reujeung bulan puasa taun hareup, mudah-mudahan teu kajadian. Mudah-mudahan bisa nepi ka bulan puasa anu geus di hareupeun. Ulah kapegat ku nanaon, pangpangna mah ku tungtung hirup. Kahariwang mudah-mudahan jadi doa pikeun nepikeun deui kana bulan puasa isukan.

Kalender taun 2011 atawa 1432 H

Bulan puasa mangrupakeun bulan anu agung, anu teu bisa dimomorékeun kitu waé. Di jero bulan puasa kacida loba hal-hal anu penting jeung miboga harti anu penting pikeun kahirupan, boh kahirupan di dunya pon kitu deui kahirupan di aherat. Kusabab kitu, saacanna asup kana bulan Puasa téh kudu miboga rarancangan jeung kahayang pikeun ngalakonan kahirupan salila bulan Puasa. Ulah nepikeun ka bulan puasa téh kawas bulan-bulan séjénna anu taya punjulna, anu teu miboga harti nanaon.

Kumaha atuh supaya bisa nyanghareupan bulan Puasa kalawan sampurna?

(Gambar meunang nginjeum ti http://lh5.ggpht.com/-5gSOmqjNdT8/TSSlOLNQFII/AAAAAAAAIB0/oEpdj7rgPhE/kalender_2011.jpg)

Puasa Sakeudeung Deui


“Cim, apal teu ayeuna tanggal sabaraha?” Si Duyéh nanya ka si Acim mangsa maranéhna keur arulin di sisi lembur, opatan reujeung si Omon ditambah ku si Atok. Opatanana keur nyarieun kokolécéran tina daun kalapa.

“Maenya maneh teu apal, Yéh? Apanan ayeuna mah kakara gé tanggal 20 Mei.” Tembal si Acim ka si Duyéh.

“Heu-euh….” Si Atok ngarojong.

“Lain tanggal batur ieu mah.” Si Duyéh melong ka si Atok. “Tapi tanggal urang.”

“Oh…, eta. Teuing atuh teu apal.” Si Atok unggut-unggutan.

“Tanggal sabaraha nya…?” Si Acim ngahuleng. Mikir….

Ari si Omon mah anteng waé ngaréngsékeun barangjieunna.

“Mon, manéh apal ayeuna tanggal sabaraha?” Si Acim ahirna mah nanyakeun ka si Omon.

“Arék naon kitu tunyu-tanya ngeunaan tanggal sagala?” Si Omon malik nanya, siga anu embungeun pipilueun.

Dikitukeun téh, si Acim bingung. Arék naon nya?

“Ari manéh nanyakeun perkara éta, aya naon kitu?” Tungtungna mah si Acim malik nanya ka si Duyéh.

“Apanan kamari téh geus bulan Rajab lain. Tah apanan ayeuna meureunan geu nincak bulan Ruwah….”

Meunang jawaban kitu, si Acim mikir deui. Geus bulan Ruwah nya? “Terus pakaitna jeung bulan Rajab naon kitu?”

“Ih! Manéh mah kawas anu teu apal kana réntétan bulan waé.” Si Duyéh melong ka si Acim. “Ari geus bulan Ruwah, ceuk manéh bulan naon kitu?”

“Nya bulan…, bulan Puasa atuh.” Rénjag si Acim ngarénjag. Kakara sadar. Heu-euh geus bulan Ruwah mah apanan bulan Puasa.

“Tah ningan manéh apal.”

“Lamun kitu mah atuh sakeudeung deui ogé urang téh bakal puasa nya….” si Atok siga anu nanya ka dirina sorangan.

“Nya heu-euh atuh. Kusabab éta kuring nanya, sugan waé manéh apal, tanggal sabaraha ayeuna téh.” Si Duyéh nganaha-naha.

“Tah si Omon biasana mah apaleun kana tanggal urang mah.” si Acim nuduhkeun ka si Omon anu keur muter-muter kokolécéranana.

“Mon, tanggal sabaraha ari ayeuna?” Si Duyéh nanya ka si Omon.

“Teu apal kuring ogé anu benerna mah. Ngan ceuk indung kuring mah cenah ka puasa téh paling ogé dua mingguan deui.” Tungtungna mah si Omon ngajawab anu daria.

“Dua minggu deui nya?” Anu tiluan ngajarenghok.

Si Omon nyenghél. “Geus siap acan?”

Rajaban, Ngayakeun Acara Intihan


Ti buritna keneh barudak teh geus haget pisan pikeun nyinghareupan malem minggu. Panggung pikeun pentas geus ngajuglug di gigireun masigit. Toa jeung sapeker geus dipasang di deukeuteun panggung. Korsi ngajalajar di hareupeun panggung. Sedengkeun sababaraha urang ibu-ibu eukeur siap-siap kupruk-keprek di dapur imahna Mang Ahmad, nyiapkeun dahareun pikeun peuting.

Nya peuting ayeuna teh apanan bakal diayakeun acara intihan barudak ngaji. Dina raraga ngareuah-reuah poean Rajaban, barudak ngaji teh geus biasa ngayakeun acara intihan, anu dijerona teh dieusi ku acara mintonkeun kamonesan barudak ngaji. Barudak ngaji dibere tugas sewang-sewangan, aya anu dibere tugas pikeun sisindiran, pidatoan, nadoman, maca sajak katut sandiwara. Aya oge anu bagean maca surat tina Juzamma anu geus diapalkeun.

Kabehanana oge pikeun nyiapkeun acara peuting ayeuna, malem minggu. Barudak anu osok ngaraji jeung geus ngalaksanakeun latihan mah, mani sumanget pisan nyinghareupan malem ayeuna teh. Da dina malem ayeuna maranehna bakal mintonkeun kabisa jeung kamonesanana sewang-sewangan. Bakal mintonkeun hasil latihan salila kurang leuwih sabulan. Maranehna bakal naek ka panggung, anu bakal dilalajoanan ku urang lembur, hususna ku kolotna. Maranehna bungah yen geus bisa mintonkeun dirina, yen dirina geus bisa cumarita atawa sahanteuna bisa nangtung di luhur panggung bari dilalajoanan ku jalma rea. Nya, anu ngarasa era mah, pasti aya. Ngan lolobana mah da hayang gera naek, hayang gera naek. Pangpangna hayang gera rengse. Da geus rengse mah biasana osok gancang dibagi pincuk.

Waktu nyerelek teu bisa dipondah deui.

Sanggeus wanci Insya, sanggeus barudak rengse ngalaksanakeun solat Isya, nya prung wae atuh acara Intihan teh dimimitian. Sanggeus acara bubuka, diteruskeun kana pintonan barudak. Pintonanana rupa-rupa, aya anu sisindiran, pidatoan, nadoman, sajak, jeung sandiwara. Si Acim, si Duyeh, si Omon oge teu tinggaleun, mintonkeun bageanana. Si Acim bagean sisindiran, ari si Duyeh mah kabagean nadoman, sedengkeun si Omon kabagean pidatoan.

Barudak keur pentas dina Intihan

Atuh, kolot-kolotna anu baroga budak jeung budakna bisa naek ka panggung teh, kacida barungahna. Barudakna geus bisa mintonkeun kamampuhanana, kabisana. Teu saeutik kolot anu ngalungan duit ka panggung waktu budakna naek ka panggung.
Kira-kira nincak waktu jam 11 peuting, acara intihan teh rengse. Atuh barudak teh langsung muru ka emper masigit pikeun nyokot pincuk. Sanggeus kabagean kabehanana, nya dalahar balakecakan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.kompasiana.com/)

Rajaban Éta téh Tanggal 27 Rajab


“Cim, ari Rajaban téh iraha jadina?” Si Duyéh nanya ka Si Acim, mangsa manéhna duaan eukeur ngala suluh di sisi leuweung.

“Cenah mah malem Ahad hareup.” Témbal si Acim anu eukeur ngumpulkeun suluh beubeunanganana.

“Ahad hareup nya…?” Si Duyéh mikir. Manéhna ngitung poé reujeung tanggal. “Mun minggu hareup mah atuh tanggal 23 Rajab atuh nya….”

Si Acim unggeuk.

“Naha nya…, apanan Rajaban téh tanggal 27 Rajab lain…?” Si Duyéh melong ka si Acim bangun anu bingung.

Si Acim teu buru-buru ngajawab.

“Nya ari kajadian Isro’ Mi’roj mah heu-euh tanggal 27 Rajab. Tapi ieu mah apanan nyambut kajadian Rajaban. Jadi teu kudu tanggal 27 Rajabna waé….”

“Oh….” Si Duyéh unggut-unggutan. “Tapi, tanggal 27 Rajab téh peré lain…?”

Si Acim teu ngajawab.

“Naha teu dilaksanakeun pas maleman tanggal 27-na waé nya. Apanan poé Kemisna téh peré…, teu sakola.” Si Duyéh ngagerendeng sorangan.

Manéhna nyampeurkeun ka si Acim anu masih kénéh ngumpulkeun suluh.

“Naha bet henteu maleman tanggal 27-na nya…?” Ceuk manéhna nanya ka si Acim.

“Ulah nanya ka kuring atuh. Da éta mah kumaha Mang Ahmadna waé atuh.” Témbal si Acim.

Si Duyéh cicing teu ngomong deui. Nempo babaturanana kitu, si Acim jadi karunyaeun.

“Ceuk kolot kuring mah cenah, dina maleman tanggal 27 Rajabna téh bakal dilaksanakeun Rajaban pikeun kolot. Jadi barudak mah Rajabanna téh malem Ahad hareup, lain malem Kemisna.” Si Acim ngajelaskeun.

“Oh…, kitu nya.” Si Duyéh kakara ngartieun. “Nya lamun kitu mah, kumaha deui….”

“Maksud manéh naon kitu? Hayang malem Kemis…?” Si Acim melong ka si Duyéh.

“Heu-euh.” Si Duyéh pondok.

“Naha…? Arék ka mana kitu ari malem Ahadna?”

“Eu…, taya nanaon. Moal ka mamana….” Tembal si Duyeh rada bingung.

Si Acim melong. “Curiga kuring mah….”

“Curiga naon…?” Si Duyeh malik nanya bari neuteup si Acim.

“Teu…, ah!” Si Acim embung keteterusan.

Si Duyéh jempé.

“Hayu ah urang balik, geus burit.” Ceuk si Acim bari nyieun tempat pikeun meungkeut suluh.

“Dagoan heula atuh. Kuring mah acan dikumpulkeun suluhna.” Ceuk si Duyéh bari tuturubun muru ka tempat ngumpulkeun suluh beubeunanganana.

Rajaban teh Isro’ Mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad saw.


Isro’ Mi’roj teh asalna tina dua kecap, nyaeta Isro’ jeung Mi’roj. Lamun diwincik mah, hartina eta kecap teh nyaeta: Isro’ hartina lalampahan ti dina waktu peuting. Lalampahan ieu teh dilakonan ku Nabi Muhammad ti Masigit Harom di Kota Mekkah ka Masigit Asqo di Baitul Maqdis Palestina. Sedengkeun ari hartina Mi’roj nyaeta naek ka luhur, ieu mah nuduhkeun kana lalampahan Nabi Muhammad ti Masjid Aqso ha Sidrotul Muntaha kanggo ngadeuheus ka Gusti Allah. Eta dua lalampahan teh dilakonan dina waktu ngan sapeuting.

Ieu kajadian teh lumangsung dina waktu taun ka dua belas jadi Rosul. Dina mangsa harita Nabi Muhammad keur dina kaayaan ditibanan kasedih. Dina taun eta teh Nabi Muhammad ditinggalkeun maot ku istrina, Khodijah jeung Amangna, Abu Tholib.

Nya pikeun ngupahan eta kasedih teh, Gusti Allah miwarangan Nabi Muhammad kanggo ngadeuheus ka Anjeunna, ku ngalakonan Isro’ sareng Mi’roj.

Ari oleh-oleh uihna tina ngalakonan Isro’ Mi’roj ieu teh nyaeta ibadah Sholat. Ibadah Sholat mangrupakeun ibadah anu parentahna langsung ti Gusti Alloh. Mimitina mah ibadah sholat teh kudu dilaksanakeun 50 kali dina waktu sapoe sapeuting. Ngan dumasar kana piwejang Nabi Musa, Nabi Muhammad ngadeuheus deui ka Gusti Allah pikeun ngurangan wilanganana. Nya ahirna mah nepikeun ka lima waktu. Nya nepikeun ka ayeuna, ibadah solat teh dilaksanakeunana teh ngan lima waktu dina sapoe sapeuting.

Eta teh mangrupakeun hiji hikmah dina lalakon Isro’ Mi’roj. Jadi, kuayana intihan ieu teh, mudah-mudahan urang sadayana tiasa ngajaga ibadah solat urang.

Eta teh mangrupakeun eusi tina pidatoan anu diapalkeun ku si Omon. Sanggeus kitu manehna beres macakeun pidatoanana, si Omon diuk di antara barudak nu sejenna. Saurang-urang ka hareup pikeun latihan persiapan nyinghareupan intihan.

Barudak keu solat babarengan

(Gambar meunang nginjeum ti http://t0.gstatic.com)

Rajaban éta Lain Naék Tarajé Waktu Peuting


“Mon kuring mah acan kabagéan kénéh. Kumaha nya…? Sieun teu apal waé kuring mah.” Ceuk si Acim ka si Omon bangun anu hariwang.

Si Omon teu némbalan. Manéhna gegereyeman waé. Ngapalkeun pidatoan jigana mah.

“Mon…?” Si Acim ngagentraan si Omon.

Si Omon tetep waé teu ngawaro.

“Ih…, ari manéh kumaha…?” Si Acim keseleun. Manéhna baeud. Ari si Omon angger ngadeluk waé ngapalkeun.

Keur kitu ngong sora Adan Maghrib ti tajug. Atuh si Omon curinghak, terus ngajak si Acim pikeun muru ka tajug. “Cim, hayu urang ka tajug. Geus Maghrib.”

“Kuring mah ka imah heula….” Témbal si Acim bari ngaléos muru ka imahna. Manéhna jiga anu keseleun kénéh ka si Omon. Ari si Omon gogodeg waé nempo paripolah babaturanana téh. Manéhna terus muru ka imahna pikeun disalin.

Sanggeus solat Maghrib reujeung wiridan, barudak téh ngarumpul jadi sababaraha riungan di jero tajug. Si Acim nyampeurkeun si Omon.

“Cim, kumaha…? Geus aya béja arék dibagi ayeuna cenah atawa henteu?” Si Omon nanya ka si Acim.

Si Acim teu langsung ngajawab.

“Manéh ambék ka kuring nya…?” Si Omon nyelok.

Si Acim ngarénghap heula. “Henteu atuh….”

“Bisi waé pédah tadi teu diwaro ku kuring.” Ceuk si Omon.

“Kumaha atuh, geus kabagéan acan…?” Si Omon nanya deui.

“Acan…, apanan tadi ogé ceuk kuring acan kabagéan kuring mah.” si Acim masih kénéh jamedud.

“Tanyakeun atuh ka Mang Ahmad.” Si Omon méré saran.

“Apanan Mang Ahmadna ogé keur sibuk kénéh, ngatur nu lian.”

“Nya tungguan waé heula atuh. Da piraku Mang Ahmad ogé pohoeun ka manéh.” Si Omon ngupahan.

Si Acim teu némbalan. Duanana terus muru ka émpér tajug. Dariuk di deukeuteun lawang panto. Si Omon neruskeun ngapalkeun pidatoanana. Sedengkeun si Acim ngahuleng. Rét manéhna ka si Omon keur anteng. Rét ka jero tajug barudak mani ramé raribut sanajan dihulag ogé. Rét ka luar, geus rada poék. Manéhna ngahuleng deui.

Teu lila manéhna nanya ka si Omon. “Mon…?”

Si Omon teu ngajawab.

“Mon…?” Si Acim deui bari noél kana kélékna.

Atuh si Omon téh ngagurubug. Manéhna ngalieuk. “Aya naon atuh…?”

“Mani husu kitu ngapalkeunana…?”

“Nya heu-euh atuh. Sugan waé gancang apal.” Témbal si Omon.

“Ari eta eusina ngeunaan naon?”

“Eusi naon…?”

“Eta…, pidatoan manéh.”

“Oh. Ngeunaan Isro’ Mi’raj.” Témbal si Omon.

Si Acim unggut-unggutan.

“Eh, heu-euh.” Si Acim asa kaingetan. “Meureunan ngeunaan naon hartina Isro’ Mi’raj nya…?

“Nya enya atuh. Kuring nerangkeun naon hartina Isro’ jeung Mi’raj.” Si Omon asa agul kana eusi pidatoanana.

“Naon atuh hartina?” Si Acim hayangeun apal. Teuing api-api teu apal.

“Isro’ téh hartina mah miang ti peuting. Sedengkeun Mi’raj téh naék ka luhur….” Si Omon nerangkeun. Ngan omonganana teu kebat, da kaburu kapotong ku si Acim.

“Ngarti atuh lamun kitu mah.” Ceuk si Acim. “Isro’ Mi’raj téh naék tarajé dina waktu peuting nya…?”

“His, lain atuh!” Si Omon ngagebés pamanggih si Acim.

Taraje

“Apanan tadi Mi’raj téh naék lain…? Apanan lamun urang naék téh osok maké tarajé….”

“Ih…, ieu mah lain naék maké tarajé atuh.” si Omon jadi keuheuleun. “Tapi Isro’ Mi’raj téh lalampahan Nabi Muhammad ngadeuheus ka Gusti Allah.”

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)