Haliah Dunya Nempo ka Handap, Perkara Ahérat Nempo ka Luhur


Saur pun guru, dina nyanghareupan kaayaan anu matak pikasirikeun, naha sirik anu meunang (sirik anu alus) atawa sirik anu teu meunang (sirik anu goréng), aya dua hal anu kudu jadi catetan. Duanana kudu dicatet jeung dilaksanakeun supaya ulah nepikeun ka tigebrus kana sirik anu goréng. Sakumaha anu geus kamaphum, anu ngaranna sirik mah datangna lamun nempo kaayaan batur anu béda reujeung urang, utamana lamun batur leuwih onjoy atawa saluhureun diri urang.

Sirik ka babaturan

Dua hal anu kudu dicatet téh nyaéta kudu apal kudu ka saha urang miboga sipat sirik, supaya sirikna jadi miboga niley alus. Aya sirik ka jalma anu sahandapeun urang, jeung aya sirik ka jalma anu saluhureun urang. Dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu ayana di saluhureun urang, jeung dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu aya di sahandapeun urang (biasana mah ka jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah tara sirik).

Dina palebah sirik ka jalma anu ayana di sahandapeun urang (lamun arék nyebut sirik), bisana mah dina haliah dunya atawa perkara dunya. Dina perkara haliah dunya, urang kudu nempo ka jalma-jalma anu kaayaanana di sahandapeun urang. Lamun nempo jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah biasana moal sirik, da naon anu kudu dipikasirikna. Jadi supaya ulah nepikeun ka sirik ngeunaan kadunyaan, kudu loba nempoan jalma anu kaayaanana di sahandapeun.

Kumaha dina perkara ahérat? Dina perkara aherat mah kudu sablikna. Perkara aherat mah kudu nempoan jalma anu ayana di saluhureun, supaya jadi sirik, naha batur mah bet loba ibadahna. Lamun sirik ka jalma anu loba ibadahna, tangtuna ogé bakal ngakibatkeun hayang nurutan ngalobaan ibadah.

Kitu saur pun guru téh….

Sirikan ka Batur


Kuring jeung batur. Kuring nempo batur. Lamun batur kitu, asa kuhayang kitu. Lamun batur kieu asa kuhayang kieu. Batur miboga itu, asa kuhayang miboga itu. Batur bisa kieu asa kuhayang bisa kieu. Da kumaha deui, bet asa hayang sarua reujeung batur. Malahan lamun bisa mah ngaleuwihan batur. Batur teh kudu éléh ku kuring, ulah nepikeun batur ngéléhkeun kuring.

Tapi naha kudu kitu? Naha bet sirikan ka batur? Pédah batur kitu atawa boga anu kitu, naha kuring kudu kitu ogé? Naha kudu kitu?

Saur pun guru mah, aya dua hal ngeunaan sirik nempo batur bisa kitu atawa miboga hal anu kitu. Najan sirik téh goréng, tapi teu kabéh sirik éta goréng. Aya sirik anu alus. Anu kumaha atuh sirik anu meunang (alus) jeung sirik anu teu meunang (goréng) téh?

Sirik ka babaturan

Sirik anu hadé mah nyaéta sirik kana pasipatan atawa kalakuan jalma anu alus. Sirik ieu ngabalukarkeun hayangna nurutan milampah pagawéan anu alus ogé. Jadi lamun nempo kalakuan jalma séjén anu hadé atawa alus, kudu sirik hayang nurutan milampah kahadéan deui. Sedengkeun sirik anu goréng mah biasana hayang miboga naon anu dipiboga ku batur, supaya bisa kapimilik ku dirina kalawan batur jadi henteu ngapimilik. Lamun batur boga harta anu loba, dirina hayang boga ogé kalawan batur anu miboga harta hayangna jadi miskin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/-YOnaa_rQF3k/TmM_XrFuWVI/AAAAAAAAADk/_WOeIu_-2yU/s1600/iri.jpg)

Ngalalakon Nu Didongdon, Ti Pasamon Ka Saban Wewengkon


Cing caringkas, jagjag waringkas, kudu jadi jalma bedas
Awakna kudu teuas lir ibarat batu cadas
Teu gampang, teu haringhang, jauh tina ngahelas
Sanajan kitu tetep bisa ngabedakeun mana hideung mana bodas

Masing jujur, supaya hirup henteu palalaur
Ulah lamur, mun nempo batur keur mujur
Ulah sirikan, ulah hayangan, lamun batur aya di luhur
Alukan milu bungah bungangang, milu sukur

Tong loba kahariwang, sanajan hirup kudu ngayang
Tong haleungheum, sanajan poe kawas lain beurang
Tong hanaangan, sanajan poe keur bayeungyang
Tong sieunan, da doa kolot teu weleh marengan ujang

Tong nguyung, komo kudu ngukur kabingung
Tong elat inget, yen hirup mah kudu padungdung
Tong talangke, tong nganti jalma-jalma geus suwung
Poma inget, kana doa jeung harepan anu jadi indung

Omat ulah poho kana diri, diri anu sajati
Lapampahan di dieu lain pikeun kaluli-luli
Da nu ngaranna wanci mah geus aya anu ngonci
Kudu inget, kana penggeuing jeung pepeling ti nini aki

Hirup kudu satuhu, kana naon anu geus kaelmu
Pagawean, paripolah, tetep aya anu kudu digugu
Pangaweruh mangpaat, satru oge tangtu bakal milu
Inget, kudu inget, sagala piwejang anu jadi guru

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=404673441893)