Jantung


Kenging Lies Tjandra Kancana

 
 

Hujan ngaririncik basa Aisah datang ka imah indungna, bajuna rancucut, nempo indungna keur diuk dina balé di dapur bari nyisig, Aisah langsung nyuuh kana lahunan indungna. Nyegruk ceurik kanyenyerian dina lahunan indungna. Awakna ngagibrig siga anu kabulusan. Bari pinuh ku kanyaah ku indungna sirahna diusapan. Pok ngomong leuleuy “Aya naon deui Nyai?”

Aisah nenggak nempo paroman indungna bari cipanona merebes mili, bari nyaritana dareuda “Kang Iwan mawa awéwé deui ka kamar Nyai, Ema.”

Indungna ngusapan buuk anakna bari teu weléh némbongkeun kasabaran, “Lain kakarak sakali pan kituna téh Nyai, keun engké ogé eureun sorangan. Anggap wé jelema mabok. Ke ogé aya eureunna”

Aisah unggeuk “Enya Ema sigana mah moal sakali-kali deui kikituanana téh”

Aisah nyuuh deui kana lahunan Indungna. Rét indungna ngarérét kana kantong kérésék hideung gedé anu masih dikeukeuweuk ku anakna. Manéhna nanya “Mawa naon éta keur Ema Nyai?

Aisah cengkat pék eusi kérésék dibukakeun, aya  nu dibungkus ku samping Sido Mukti urut maké manéhna basa ngadahup ka Iwan.

“Naon éta téh Nyai?” Indungna nanya bari neges-neges anu ngagolér hareupeunana.

“Jantung Kang Iwan Ema…”

(LTK, Sentul City jam 23  tgl 26-12-012)

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.cosarosta.com/)

Lalangiran


Langir téh sasatoan anu miboga peurah dina tungtung buntutna. Buntut langir mah biasana posok melengkung ka luhur, atawa ka béh tukangeun awakna.

Kabiasaan atawa pagawean lalangiran, nyarupaan kana  pasipatan langir anu osok melengkungkeun buntutna ka luhur. Jalma atawa budak anu lalangiran ogé sarua, ngan anu dipelengkungkeunana téh nyaeta sukuna. Jalma atawa budak anu ngadon ngadapang atawa dadapangan, aya kalana suku semet tuur ka handap téh osok ditangtungkeun ka luhur (ditilepkeun ka tukang), naha sabeulah atawa duanana. Ngan biasana mah anu osok ditangtungkeunana téh kadua sukuna. Nilepkeunana téh naha arék diulang-ulang (ditilepkeun-dilempengkeun bulak-balik) atawa ditilepkeun wungkul. Sikep ieu téh disebutna lalangiran.

Orok anu lalangiran

Ngan ceuk kolot mah, sikep ieu téh teu menang dipigawé. Paribasana téh ulah lalangiran, pamali. Cenah, pamalina teu meunang lalangiran téh bisi ditinggalkeun kolot pangpangna ditinggalkeun ku indung. Lamun lalangiran téh bisi paéh indung. Kitu cenah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.dokterkoas.com/wp-content/uploads/2011/06/bayi-merangkak.jpeg)

Naha jeung Naha


Naha kawas nu dikurung,
Naha nolak pangjurung,
Naha bet ngahurun balung,
Naha cicing na bangbarung,

Naha paromanna nguyung,
Naha embung jucung,
Naha kudu disurung-surung,
Naha era ku pangambung,

Naha siga lain ka indung,
Naha teu sieun panundung,
Naha da lain patung,
Naha pinuh kabingung,

Naha jadi pundung,
Naha bet kerung,
Naha nyumput na karung,
Naha siga dialung-alung,

Naha dikongkoyang ku sarung,
Naha lain gera padungdung,
Naha embung tarung,
Naha da bakal boga sirung

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150089998476894)

Ari Sare mah Osok Sareupna


“Cim, apal teu manéh.” Ceuk si Duyéh ka si Acim.

“Apal naon ari manéh…?” Si Acim malik nanya.

“Eta, ceuk kolot kuring mah ulah saré sareupna cenah.” Ceuk si Duyéh ngajéntrékeun.

“Teu meunang nya…?’ Si Acim ngahuleng.

Si Duyéh unggeuk bari neuteup ka si Acim.

“Naha cenah, naon sababna…?” Si Acim panasaran.

“Teu apal kuring ogé. Ngan pokona mah ulah saré wanci sareupna. Pokona mah kitu.” Ceuk si Duyéh deui.

“Lamun kuring saré sareupna, kumaha tah?” Si Acim siga anu nangtang.

“Teu meunang. Pamali éta téh. Bisi matak….”

Si Acim ngahuleng.

“Tapi salila ieu kuring mah saré téh osok sareupna waé. Kumaha nya…?” Ceuk si Acim teu euleum-euleum.

Si Duyéh melong. “Tah éta téh kabiasaan anu goréng. Lamun kuring mah geus dicarékan ku indung kuring.”

“Dicarékan nya…?”

“Heueuh.”
“Tapi naha indung kuring mah tara nyarékan nya…? Kitu deui bapa kuring.” Ceuk si Acim siga anu héraneun. “Siga anu haré-haré waé.”

“Teu apaleun meureunan.” Si Duyéh nebak. “Tah ti ayeuna mah teu meunang saré sareupan téh. Bisi matak….”

“Bisi matak nya….”

Si Duyéh teu némbalan. Manéhna ukur unggeuk.

“Tapi, da geus biasa kuring mah.”

“Heueuh anu enggeus mah keun baé. Ngan ka hareupna ulah….” Si Suyéh ngawawadian.

“Terus lamun arék saré kudu kumaha atuh…?”

“Nya saré mah kitu waé. Ari manéh kawas anu acan ngalaman saré waé. Nya ari saré mah peureum atuh. Ngedeng….” Si Duyéh keuheuleun.

Sare (gambar meunang ngunder ti: http://josephraven.files.wordpress.com/2008/11/sleep1.jpg)

Si Acim ngan ukur nyenghél waé nempo si Duyéh rada ambekeun téh.

“Ari manéh lamun saré osok kumaha…?” Si Acim bagéan nanya ka si Duyéh.

“Nya sarua atuh jeung manéh. Peureum di mana-mana ogé anu ngaranna saré mah.” Si Duyéh rada teugeug.

“Lain kitu.” Si Acim rada ngagebés. “Manéh lamun saré osok sareupna lain?”

“Apanan tadi ogé kuring mah ulaheun. Pamali!” Ceuk si Duyéh keuheul.

“Lain kitu maksud kuring mah. Lamun manéh saré osok sareupna lain, kumaha reupna lain…?” Ceuk si Acim ngajelaskeun.

Si Duyéh ngahuleng. Mikir.

“Kitu lain? Lamun saré mah iraha reupna waé. Lamun geus reup mah peureum, pasti langsung saré.”

“Teu ngarti ah!” Si Duyéh ngejat.

Si Acim ukur mésem.

Ngalalakon Nu Didongdon, Ti Pasamon Ka Saban Wewengkon


Cing caringkas, jagjag waringkas, kudu jadi jalma bedas
Awakna kudu teuas lir ibarat batu cadas
Teu gampang, teu haringhang, jauh tina ngahelas
Sanajan kitu tetep bisa ngabedakeun mana hideung mana bodas

Masing jujur, supaya hirup henteu palalaur
Ulah lamur, mun nempo batur keur mujur
Ulah sirikan, ulah hayangan, lamun batur aya di luhur
Alukan milu bungah bungangang, milu sukur

Tong loba kahariwang, sanajan hirup kudu ngayang
Tong haleungheum, sanajan poe kawas lain beurang
Tong hanaangan, sanajan poe keur bayeungyang
Tong sieunan, da doa kolot teu weleh marengan ujang

Tong nguyung, komo kudu ngukur kabingung
Tong elat inget, yen hirup mah kudu padungdung
Tong talangke, tong nganti jalma-jalma geus suwung
Poma inget, kana doa jeung harepan anu jadi indung

Omat ulah poho kana diri, diri anu sajati
Lapampahan di dieu lain pikeun kaluli-luli
Da nu ngaranna wanci mah geus aya anu ngonci
Kudu inget, kana penggeuing jeung pepeling ti nini aki

Hirup kudu satuhu, kana naon anu geus kaelmu
Pagawean, paripolah, tetep aya anu kudu digugu
Pangaweruh mangpaat, satru oge tangtu bakal milu
Inget, kudu inget, sagala piwejang anu jadi guru

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=404673441893)

Budak Eta….


Hirup hurip teu bisa pakumaha, taya tangan pangawasa, lian ijin ti Nu Maha Kawasa
Gubrag ka dunya teu mawa harta banda, ngan ukur raga satangtung anu teu walakaya
Koceak carinakdak sasat aya kahayang, teuing ku loba pamenta
Kecap tacan nyata, raga tacan biasa, ngan cimata nu ngagentra

Icikibung dina luhur bangbarung, ngan ukur bisa kerung
Sanajan loba pangjurung, nu nalikung teu meunang embung
Nyambung, lalampahan bakal sagala kasarung
Nu diteangan ngan ukur anu bisa tutulung

Pagaliwotah, ngahiji reujeung sagala anu utuh-etah
Ieu kudu kieu, itu kudu kitu, eta mani heurin ku letah
Ngagunung, ngajegir teu beunang jeumh teu bisa dipondah
Naon atuh, kumaha atuh, nu kudu dipilampah

Indung anu ngakandung, salamina teu pernah bingung
Ngagugulung, teu ieuh ngarasula atawa pundung
Sanajan awak ampir bengkung, beurat kunu dikandung
Teu pernah nguyung, da eta mah ngan ukur salangkung

Bapa anu ngayuga, teu loba anu dipenta
Teuing ku sabar, ngajaga ngariksa ka anu jadi putra, ka anu jadi geureuha
Teuing ku sabar, neangan bekel pikeun sagala rupa
Indit isuk, balik sore, gawe teu satengah hate, tara ieuh ngarasula

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=404566151893)

Carita Baheula jeung Ayeuna


Indung anu ngakandung
Salapan bulan langkung
Dipikanyaah dipidangdung
Euweuh indung anu nguyung pundung
Sanajan kadang aya anu embung

Bapa anu ngayuga
Ihtiar neangan beaya
Saban poe teu weleh nyatria
Kumaha jeung kumaha
Supaya anakna jadi jalma

Gubrag ka dunya pada mapag ku pangbagea
Utun inji geus atra aya
Pada mulasara pada nampa
Pada-pada hayang boga carita
Rundayan hirup anu mula

Dirawu dipangku, nini aki boga incu
Dipuja didama-dama, indung bapa boga putra
Papada galumbira sadaya tatangga
Jabangbayi geus salamet gubrag ka dunya
Jadi jalma harepan sakumna warga

Koceak dengek teu beunang dicarek
Teu nempo di kolot eukeur kerek
Meusmeus ngarenghik, hayang nyapek
Teu nyadar kana kaayaan kolot, ku sangeunahna dewek
Untung kolot mah rido reujeung daek

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/topic.php?uid=38027927709&topic=10083&perpage=30&last_page=1&hash=03316b9f615bb4b9975dcee3700daf41#!/note.php?note_id=305768596893)