Haliah Dunya Nempo ka Handap, Perkara Ahérat Nempo ka Luhur


Saur pun guru, dina nyanghareupan kaayaan anu matak pikasirikeun, naha sirik anu meunang (sirik anu alus) atawa sirik anu teu meunang (sirik anu goréng), aya dua hal anu kudu jadi catetan. Duanana kudu dicatet jeung dilaksanakeun supaya ulah nepikeun ka tigebrus kana sirik anu goréng. Sakumaha anu geus kamaphum, anu ngaranna sirik mah datangna lamun nempo kaayaan batur anu béda reujeung urang, utamana lamun batur leuwih onjoy atawa saluhureun diri urang.

Sirik ka babaturan

Dua hal anu kudu dicatet téh nyaéta kudu apal kudu ka saha urang miboga sipat sirik, supaya sirikna jadi miboga niley alus. Aya sirik ka jalma anu sahandapeun urang, jeung aya sirik ka jalma anu saluhureun urang. Dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu ayana di saluhureun urang, jeung dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu aya di sahandapeun urang (biasana mah ka jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah tara sirik).

Dina palebah sirik ka jalma anu ayana di sahandapeun urang (lamun arék nyebut sirik), bisana mah dina haliah dunya atawa perkara dunya. Dina perkara haliah dunya, urang kudu nempo ka jalma-jalma anu kaayaanana di sahandapeun urang. Lamun nempo jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah biasana moal sirik, da naon anu kudu dipikasirikna. Jadi supaya ulah nepikeun ka sirik ngeunaan kadunyaan, kudu loba nempoan jalma anu kaayaanana di sahandapeun.

Kumaha dina perkara ahérat? Dina perkara aherat mah kudu sablikna. Perkara aherat mah kudu nempoan jalma anu ayana di saluhureun, supaya jadi sirik, naha batur mah bet loba ibadahna. Lamun sirik ka jalma anu loba ibadahna, tangtuna ogé bakal ngakibatkeun hayang nurutan ngalobaan ibadah.

Kitu saur pun guru téh….

Lilikuran jeung Lailatul Qodar


Sakumaha kamaphum ku sakabéhna anu ngaranna bulan puasa kaahirnakeun mah osok dipaké pikeun néangan peutingan Lailatul Qodar. Peutingan ieu mangrupakeun peutingan anu kacida pentingan pikeun jalma-jalma anu paruasa. Jalma-jalma anu ngarti jeung apal kana kaagungan éta peuting, dina ahir bulan puasa osok beuki leket kana ibadahna, beuki nambahan ibadahna. Dina peuting-peuting lilikuran hususna peuting ganjil, saperti tanggal 21, 23, 25, 27 atawa tanggal 29 Romadon, bisa jadi mangrupakeun peuting Lailatul Qodar.

Maleman kodar (Lailatul Qodar)

Peutingan Lailatul Qodar mangrupakeun hiji peuting anu agung, anu dina peuting éta lamun hiji jalma migawé ibadah mangka éta ibadahna téh leuwih alus tibatan ibadah salila sarébu bulan. Jadi pikeun anu apal mah kana kaonjoyan éta peuting, bakal néangan éta peuting. Da peuting éta téh taya anu apal ninggangna dina peutingan kasabaraha. Ngan anu jelas, cenah saur pun guru mah bakal datangna téh dina peuting lilikuran anu ganjil.

Kusabab taya jalma anu apal iraha-irahana, biasana mah unggal peuting lilikuran hususna maleman ganjil osok dipaké itikap di masigit atawa tadarusan. Sanggeus réngsé solat Taraweh téh osok disambung ku tadarusan jeung itikap, henteu langsung balik ka imah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://nahimunkar.com/wp-content/uploads/2011/08/makna_lailatul_qadar.jpg)

Masigit téh Ngabeukahan


Asa aya anu béda di masigit téh. Teuing naon atuh bédana téh, ngan anu jelas aya bédana. Heueuh béda pisan kaayaan masigit téh antara mimiti bulan puasa reujeung ayeuna di ahir-ahir puasa. Di mimiti bulan puasa mah masigit téh asa hareurin, heurin usik, pinuh ku jalma-jalma anu ngadon solat Tarawéh. Sedengkeun ari di ahir puasa mah masigit téh asa ngalegaan, henteu hareurin teuing ku jalma-jalma anu ngadon solat Tarawéh. Jadi loba tempat anu karosong. Naha masigit téh ngalegaan kitu? Jigana mah….

Ngalegaanana téh kusabab masigitna ngabeukahan atawa jalma anu ngiluan solat Tarawéhna ngorotan kitu? Sigana mah jalmana anu ngorotan….

Masigit anu ngalegaan

Jadi inget kana kasauran pun guru. Saurna, bulan puasa téh lir ibarat tarung atawa silih éléhkeun atawa kompetisi antara jalma-jalma anu ngadon puasa. Anu ngaranna kompetisi miboga babak-babak anu tangtu. Aya babak penyisihan, saperdalapan pinal, saparapat pinal, semi pinal jeung babak pinal. Jadi lamun diibaratkeun mah, dina mimiti bulan puasa bisa disebutkeun babak penyisihan. Beuki ka dieuna, maju jadi babak saperdalapan pinal, saparapat pinal nepikeun ka babak pinal. Unggal babak pasti aya jalma anu ngurangan jumlahna. Lamun dina mimiti atawa babak penyisihan mah rempeg pisan anu ngiluanana téh, nya dina babak pinal mah tangtuna ogé bakal saeutik pisan anu ngiluanana. Jadi ayeuna mah di ahir puasa geus asup kana babak pinal. Atuh jalma-jalma anu masih kénéh tetep satia dina ngalakonan ibadah hususna ibadah solat Tarawéh teh, geus nincak kana babak pinal. Di babak pinal mah ngan ukur dieusi ku jalma-jalma anu geus kawentar niley ibadahna. Anu biasa-biasa mah moal bisa asup ka babak pinal.

Jadi ngabeukahanana masigit téh kusabab ayana ‘SELEKSI ALAM’, saha jalma anu bener-bener ibadahna reujeung anu henteu.

(Gambar meunang nginjeum ti http://amaliasolicha.files.wordpress.com/2008/08/jiu-shi-ni278.jpg)

Bagjana Jalma anu Solatna Bener


Saur pun guru mah cenah, kacida bagjana jalma anu bisa migawé solat anu bener. Solat anu bener bakal mamawa bener kanu ibadah séjénna. Kitu deui sabalikna, lamun solatna goréng bisa mamawa goréng kanu amal séjénna. Jadi solat téh bisa dijadikeun gunung pananggeuhan atawa tempat gumantungna amal-amal séjénna.

Gambar jalma keur solat babarengan

Lamun kitu mah, keur nanaonan jalma lamun ngadekul ngalakonan kahadéan jeung amal ibadah anu séjénna lamun henteu dibarengan ku ibadah solat. Da sanajan amal ibadahnya rempeg ogé lamun henteu dibarengan ku solat mah taya hartina. Diibaratkeun dina iitungan atawa angka mah, cenah, anu ngaranna solat téh lir ibarat angka hiji, sedengkeun amal anu séjénna diibaratkeun kana angka enol. Lamun hiji jalma ngalakonan solat, éta jalma miboga angka hiji. Terus lamun éta jalma migawé amal anu séjénna, éta jalma miboga angka enol. Lamun dihijikeun jadi angka sapuluh. Ditambah deui ku amal hadé séjénna, jadi angka saratus, ditambah deui amalna jadi sarébu, jeung saterusna.

Sedengkeun lamun hiji jalma henteu migawé solat, mangka bakal miboga angka enol lain hiji. Lamun ditambah ku kahadéan séjénna, ditambah deui enol. Jadi éta jalma miboga angka enol dua. Keur nanaon angka enol, sanajan loba ogé lamun euweuh angka hijian mah.
Saur hadis mah cenah, “Anu pangmimitina dihisab pikeun hiji hamba di poéan kiamah téh solat. Lamun solatna hadé mangka bakal hadé kabéh amalna. Lamun solatna goréng mangka bakal goréng ogé kabéh amalna”.

(Gambar meunang nginjeum ti http://ustadchandra.files.wordpress.com/2010/01/khusyuk-solat.jpg)

Ibadah di Bulan Rayagung


Teu karasa, ayeuna geus asup deui ka Bulan Rayagung, bulan Raya anu Agung. Pikeun urang Islam anu apal kana agungna ieu bulan, bakal neangan kunaon bet ieu bulan téh disebut agung. Soalna dina bulan ieu, loba ibadah anu bisa atawa kudu dilaksanakeun. Lamun nuturkeun tapak lacak Kanjeng Nabi mah, nengetan Hadis, pasti bakal manggihan naon waé ibadah anu bisa dilaksanakeun dina ieu bulan, hususna dina sapuluh poé anu mimiti.

Rosululloh ngadawuh dina hadis anu unina kurang leuwih, “Taya deui poé anu di jerona amal soléh leuwih dipikacinta ku Gusti Alloh tibatan poé éta, nyaéta sapuluh poé dina Bulan Rayagung. Sohabat nanya, “Héi Rosululloh, henteu ogé jeung jihad di jalan Alloh?” Rosul ngajawab, “Henteu ogé jihad di jalan Alloh, kajaba jalma anu kaluar (jihad) ku harta jeung ragana, tuluy henteu balik deui nanaonna ogé.” (HR Bukhori).

Sapuluh poe di awal bulan Rayagung

Kusabab kitu, hayu urang mangpaatkeun waktu dina bulan Rayagung ieu pikeun ngalaksanakeun ibadah ka Gusti Alloh. Ibadah anu bisa dilaksanakeun dina bulan ieu diantarana waé:

  1. Ngalaksanakeun Ibadah Haji jeung Umroh. Ieu mangrupakeun ibadah anu utama dina bulan ieu. Da dina bulan séjénna mah euweuh kajaba ibadah umroh. Ibadah Haji ayana di bulan ieu.
  2. Puasa salila sapuluh poé di mimiti bulan Rayagung. Nya sahenteuna, puasana dina poéan Arofah nyaéta tanggal 10 Rayagung.
  3. Ngalobakeun takbir jeung zikir.
  4. Ngalobakeun amal soléh.
  5. Ngalaksanakeun Takbir Mutlak.
  6. Ngalaksanakeun Kurban.
  7. Teu beunang ngeureutan kuku jeung neukteuk buuk.
  8. Ngalaksanakeun solat ‘Idul Adha jeung ngadéngékeun Khutbahna.

Munggah Haji jeung Gelar Haji


Dina bulan Rayagung mah, aya hiji ibadah anu tacan tangtu sakabéh urang Islam bisa ngalaksanakeunana. Eta ibadah téh nyaéta ibadah haji atawa anu osok disebut ogé Munggah Haji.

Munggah Haji téh naon?

Munggah téh bisa dihartikeun ogé ku kecap naék. Jadi munggah haji téh harti satarabasna mah naék haji. Naék lain kusabab dina ngalaksanakeun hajina téh naék kapal ngapung (kapal udara) atawa kapang ngangkleung (kapal cai), tapi geus jadi istilah anu geus ngalaman ibadah haji mah osok naék darajatna, da biasana osok pada nyebut Pa Haji atawa Bu Haji. Salian ti éta ogé anu geus Mungga Haji mah ‘kudu’ bisa naékeun darajat ibadahna (takwana). Anu geus ngalaksanakeun ibadah haji mah osok meunang gelar Haji. Arék hayang atawa kacida hayangna atawa embung ogé, biasana mah osok pada nyebut kitu.

Munggah Haji di Dayeuh Mekkah

Anu hayang atawa kacida hayangna, meureunan bisa waé hayang ngabogaan gelar haji atawa géngsi. Bisa waé hayang katanggar yen manéhna téh pernah indit ka Mekkah. Atuh anu embung meunang gelar éta atawa ngaranna maké panambah gelar éta, téh bisa waé ngabogaan kayakinan anu ngaranna ibadah haji mah euweuh sangkut pautna reujeung gelar Haji. Da ibadah anu ditarima mah lain gelarna tapi kumaha supaya Ibadah Hajina téh jadi Ibadah Haji anu Mabrur.

Perkara éta mah keun waé lah, kumaha jalmana waé. Naha munggah hajina téh kusabab hayang meunang gelar atawa hayang ibadah, atawa hayang meunang duanana.

Ngabuburit: Mulung Buah Saninten


“Cim kamari manéh ka mana? Ditéangan ku kuring jeung nu séjén.” Ceuk si Omon ka si Acim wanci haneut moyan.

“Kuring mah aya waé di imah. Tibra kuring mah.”

“Ih manéh mah kana saré waé atuh.”

“Naon kitu? Apanan anu puasa mah saréna ogé ibadah. Kitu lain ceuk Mang Ahmad ogé.”

“Heueuh ari lebah dinyana mah. Ari ayeuna manéh arék saré deui…?”

“Ayeuna mah teuing nya. Naon kitu?”

“Urang mulung buah saninten yu?”

“Saninten?” Si Acim mencrong.

Si Omon unggeuk, tandana ngaheueuhkeun.

“Iraha?”

“Ayeuna atuh. Meungpeung acan panas.”

“Saha waé?”

Buah Saninten (sumber foto: http://thesaninten.files.wordpress.com/2009/07/castanopsis-argentea-buah-41.jpg?w=495&h=371)

“Nya lobaan atuh. Kamari ogé ka ditu. Ngan manéh anu teu ngiluan téh. Kamari mah lobaan.” Ceuk si Omon siga anu ngabibita si Acim.

“Hayu atuh. Kuring ka imah heula nya. Engké ku kuring disampeur ka imah manéh.” Ceuk si Acim bari indit ka imahna. Manéhna nyokot heula bedog leutik bogana, teu poho mawa koja pikeun wadah buah saninten beubeunangana. Sanggeus siap, manéhna muru ka imahna si Omon. Nepi ka buruan imah si Omon, di tepas geus aya sababaraha urang babaturanana, aya si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna. Malah budak awéwé ogé aya anu miluan. Teu lila maranéhna ngabring muru ka sisi lembur deukeuteun kuburan. Kabeneran di sisi lembur deukeuteun kuburan téh loba tatangkal anu galedé, sababaraha diantarana nya tangkal saninten. Barudak téh mencar muru ka unggal handapeun tangkal saninten. Maranéhna néangan buah saninten anu maruragan kusabab geus kolot atawa kabawa angin. Buah saninten anu katimu teh terus waé dipesékan make péso atawa régang, aya oge anu ditakolan maké batu supaya bencar. Sanggeus dipesék tina kulitna anu dipinuhan ku cucuk, diwadahan bawana séwang-séwangan. Kusabab bulan puasa, éta buah saninten téh teu bisa langung didahar atawa diasaan.

Bookmark and Share