Haliah Dunya Nempo ka Handap, Perkara Ahérat Nempo ka Luhur


Saur pun guru, dina nyanghareupan kaayaan anu matak pikasirikeun, naha sirik anu meunang (sirik anu alus) atawa sirik anu teu meunang (sirik anu goréng), aya dua hal anu kudu jadi catetan. Duanana kudu dicatet jeung dilaksanakeun supaya ulah nepikeun ka tigebrus kana sirik anu goréng. Sakumaha anu geus kamaphum, anu ngaranna sirik mah datangna lamun nempo kaayaan batur anu béda reujeung urang, utamana lamun batur leuwih onjoy atawa saluhureun diri urang.

Sirik ka babaturan

Dua hal anu kudu dicatet téh nyaéta kudu apal kudu ka saha urang miboga sipat sirik, supaya sirikna jadi miboga niley alus. Aya sirik ka jalma anu sahandapeun urang, jeung aya sirik ka jalma anu saluhureun urang. Dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu ayana di saluhureun urang, jeung dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu aya di sahandapeun urang (biasana mah ka jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah tara sirik).

Dina palebah sirik ka jalma anu ayana di sahandapeun urang (lamun arék nyebut sirik), bisana mah dina haliah dunya atawa perkara dunya. Dina perkara haliah dunya, urang kudu nempo ka jalma-jalma anu kaayaanana di sahandapeun urang. Lamun nempo jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah biasana moal sirik, da naon anu kudu dipikasirikna. Jadi supaya ulah nepikeun ka sirik ngeunaan kadunyaan, kudu loba nempoan jalma anu kaayaanana di sahandapeun.

Kumaha dina perkara ahérat? Dina perkara aherat mah kudu sablikna. Perkara aherat mah kudu nempoan jalma anu ayana di saluhureun, supaya jadi sirik, naha batur mah bet loba ibadahna. Lamun sirik ka jalma anu loba ibadahna, tangtuna ogé bakal ngakibatkeun hayang nurutan ngalobaan ibadah.

Kitu saur pun guru téh….

Melak Cabé Bakal jadi Cabé, Melak Bonténg Bakal jadi Bonténg


Aya cabé aya bonténg. Aya tangkal cabé aya ogé tangkal bonténg. Duanana osok jadi pepelakan di kebon atawa di huma. Naha jadi pepelakan anu utama atawa pepelakan anu ngan ukur panambah wungkul. Pepelakan anu utama, atuh kebon téh dipinuhan ku cabé atawa bonténg. Sedengkeun lamun jadi pepelakan panambah mah biasana osok dipelak dina sela-sela pepelakan séjénna kayaning paré di huma. Sanajan ngan ukur jadi pepelakan panambah, ari ngahasilkeunana mah angger waé ngahasilkeun atawa buahan anu bisa dipanén dina waktuna panén.

Sanajan duanana mangrupakeun pepelakan anu sarua bisa dipelak kalawan dihijikeun melakna dina hiji tempat atawa kebon, duanana mangrupakeun pepelakan anu béda. Béda kacida. Da ku nempo atawa ngadéngé ngaranna ogé apanan geus béda. Dina wujudna ogé béda, pon kitu deui rasa jeung mangpaatna. Wujudna beda, anu hiji mah leutik anu hiji ma gedé. Rasana, anu hiji mah lada anu hiji deui mah henteu. Mangpaatna anu hiji mah bisa didahar kalawan ditambulan, sedengkeun anu hiji deui mah langka anu daékeun nambulan. Ditambah deui tangkalna ogé béda, anu hiji mah ngareuy, sedengkeun anu hiji deui mah miboga tangkal.
Sanajan loba bédana, lain hartina henteu bisa dihijiken atawa dicampurkeun. Aya kalana kadaharan anu mangrupakeun campuran antara cabé jeung bonténg. Lamun eukeur hayang petis bonteng, cabé jeung bonténg bakal patepung lawung paamprok jonghok. Kitu deui jeung kadaharan cobék bonteng katut karédok. Pacampurna dina ieu hal mah matak resep ka anu ngadaharna, komo pikeun anu mikaresep kadaharan saperti kitu mah.

Cabe jeung bonteng dina tangkalna

Ngan nyakitu téa, anu ngaranna cabé mah béda reujeung bonténg. Moal pahili antara cabé jeng bonténg. Atawa pasalia ngahasilkeun. Tangkal cabé mah bakal ngahasilkeun cabé, sedengkeun areuy bonténg mah bakal ngahasilkeun bonténg. Moal aya tangkal cabé anu ngahasilkeun bonténg atawa sabalikna.

Melak cabé bakal jadi cabé, melak bonténg bakal jadi bonténg. Melak hadé bakal jadi hadé melak goréng bakal jadi goréng.

(Gambar meunang nginjeum ti internét terus diropéa)

Ngagandeuang


Nutup lawang kagorengan
Muka lawang kahadean
Nyengker pasalingsingan
Nyangcang pasaliaan

Na reumbayna cimata
Na ngeclakna cikasedih
Na nyurucudna cipanon
Na alumna paroman

Tukang titinggal baheula
Ayeuna tincakeun leumpang
Gigireun nu sasampiran
Hareupeun na sasampeuran

Gagalur waktu nu tangtu
Ngeteyep lain halon
Leumpang henteu ngadandeuang
Lumpat nu muru jugjugan

Ngagandeuang

(Gambar meunang nginjeum ti http://groups.inf.ed.ac.uk/mrg/gallery/melrose2004/walking.jpg, Dicutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150376212441894)

Waktu jeung Kahirupan Jalma


Waktu anu dipaké ku jalma dina ngajalankeun kahirupanana, saur pun guru mah, moal leupas tina dua perkara. Waktu hirupna jalma téh moal leupas tina dua hal anu pasilingsingan, nyaéta hadé jeung goréng. Aya waktu jalma anu dipaké kana kahadéan jeung aya waktu anu dipaké pikeun kagoréngan. Moal bisa leuwih ti dua perkara ieu. Lamun waktu anu marengan hiji jalma henteu dipaké pikeun kahadéan, pasti éta waktu téh dipaké pikeun kagoréngan. Kitu deui sabalikna, lamun waktuna henteu dipaké pikeun kagoréngan tangtuna ogé dipaké pikeun kahadéan.

Jadi lamun, apal kana ieu hal mah, jalma téh moal miboga anggapan waktu anu dipakéna téh aya di tengah-tengah antara kahadéan jeung kagoréngan. Moal aya waktu anu digunakeun pikeun perkara anu euweuh harti hadé atawa goréng. Perkara anu dipigawé jalma téh pasti miboga niley hadé atawa goréng. Lamun henteu hadé pasti goréng.

Waktu dina kahirupan jalma

Lamun waktu anu dicawiskeun pikeun hiji jalma dipaké pikeun ulin, pagawéan ulinna téh bisa ditiley, naha kaasup hadaéan atawa kagoréngan. Teu bisa éta ulin téh euweuh niley kahadéan atawa kagoréngan. Lamun ulinna téh pikeun kahadéan, tangtuna ogé bakal jadi kahadéan. Sabalikna lamun ulinna téh pikeun kagoréngan, bakal jadi kagoréngan.

Waktu anu digugulung salila hirup jalma, bakal miboga niley. Naha waktuna téh dipaké pikeun kahadéan atawa kagiréngan. Anu ahirna mah, bisa diitung, naha dina kahirupanana waktu jalma téh loba kénéh dipaké pikeun kahadéan atawa kagoréngan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://3.bp.blogspot.com/-Ulg9Wo4Obmw/TbV79UNGhzI/AAAAAAAAABo/_eZUIc0vcLw/s1600/waktu2.jpg)

Pieunteungeun jeung Pangajaran


Dina kahirupan kadang aya hal-hal anu kudu dijadikeun pangajaran atawa bahan pangajaran, kadang aya ogé anu kudu dijadikeun bahan pieunteungeun. Naon atuh bédana?

Hade jadi pangajaran, goreng jadi pieunteungeun

Sakumaha anu geus disebutkeun dina tulisan anu tiheula, anu ngaranna kahirupan teu leupas tina dua hal nyaéta hadé reujeung goréng. Sikep jalma anu alus mah, kana éta dua hal téh kudu béda. Kumaha atuh sikep jalma sakuduna téh?

Sikepna teh nyaeta….

Lamun kana anu hadé kudu dijadikeun pangajaran. Kaayaan anu hade, boh anu keur kaalaman atawa geus kaalaman, naha ku sorangan atawa ku batur, naha kacatet atawa henteu, anu ngaranna kahadéan mah kudu dijadikeun bahan pangajaran. Anu kade mah kudu diajarkeun. Diajar supaya anu hadé téh bisa diconto jeung dipigawé deui. Anu tungtungna, kahadéan teh bakal langgeng atawa tetep aya dina kahirupan. Sanajan dina wujud anu geus robah atawa béda kusabab robahna jaman atawa waktu.

Ari pieunteungeun?

Anu kudu dijadikeun pieunteungeun mah nyaeta hal atawa perkara atawa pagawean anu goréng. Pieunteungeun teh nyaeta perkara anu kudu dijadikeun eunteung. Anu garanna eunteung, bisa apal anu goréng sanajan disumputkeun. Jadi anu goréng mah kudu dijadikeun eunteung pikeun kahirupan ayeuna, pikeun ngajalankeun kahirupan jaman ayeuna. Lamun pagawéan anu eukeur dijalankeun téh sarua reujeung anu aya dinu eunteung, maka bakal katempo éta pagawéan anu keur dipugawé téh goréng. Lamun goréng, ulah dipigawé atawa gagancangan ditolak atawa dieureunan.

Ngeunaan Sajarah


Naha bet ngomong sajarah nya?

Ieu mah beubeunangan atawa daluang ti panyabaan. Da ngomongkeun sajarah mah biasana aya dina pangajaran di sakola-sakola, naha sakola handap, sakola tengah atawa paguron luhur. Di sakola mah, ngeunaan sajarah teh ditengetan pisan, ti mimiti ayana jelema di dunya ieu nepikeun ka ayeuna. Malahan mah aya palajaran husus anu ngaranna PSPB atawa Sajarah. Sajarah teh kacida pentingna pikeun kahirupan jalma. Da ngaliwatan sajarah, jalma anu hirup ayeuna bisa apal ngeunaan kaayaan jaman baheula.

Da sajarah mah eusina téh ngeunaan jaman baheula atawa carita ngeunaan jaman baheula. Ku ayana jujutan waktu, moal bisa aya jaman ayeuna lamun euweuh jaman baheula. Jaman ayeuna osok aya patali reujeung jaman baheula, atawa kaayaan jaman ayeuna téh kumaha kaayaan jaman baheula.

Ku jalan apal sajarah, bisa apal kumaha kaayaan jaman baheula. Eta kaayaan jaman baheula téh bisa dijadikeun pieunteungeun atawa bahan pangajaran dina jaman ayeuna. Jadi, aya dua hal anu bisa diala tina sajarah jaman baheula: nyaéta dijadikeun pieunteungeun atawa dijadikeun pangajaran. Ieu hal téh, sakumaha kahirupan jalma ayeuna, anu ngaranna kahirupan moal leupas tina hadé reujeung goréng, kahirupan sajarah ogé moal leupas tina dua hal éta: aya sajarah ngeunaan kahadéan, aya sajarah ngeunaan kagoréngan.

Sajarah ibarat tangkal

Jadi mangpaat sajarah pikeun kahirupan jalma téh, pangpangna kumaha supaya sajarah bisa dijadikeun dua hal tadi. Sajarah anu hadé kudu dijadikeun bahan pangajaran pikeun kahirupan ayeuna. Sedengkeun sajarah anu goréng kudu dijadikeun pieunteungeun pikeun kahirupan jalma ayeuna.

Ngeunaan sajarah, asal kecapna téh cenah tina basa Arab anu lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda mah hartina téh tangkal atawa dahan tatangkalan.

Sajarah téh bisa disebut ogé pangajaran atawa élmu anu eusina ngeunaan hal atawa kaayaan jaman baheula. Sajarah utamana ngomongkeun ngeunaan kaayaan atawa kahirupan jalma jaman baheula. Da anu nyieun sajarah mah jalma anu hirup di dunya ieu. Sajarah téh bisa aya kusabab ayana jalma. Lamun euweuh jalma mah tacan tangtu aya anu ngaranna sajarah.

Jadi, anu ngaranna sajarah mah moal leupas tina kahirupan jalma.

Hade Goreng Ku Omong


Geus sababaraha poé manéhna téh ngan ukur baeud waé ka déwék. Teuing kunaon atuh. Da saméméhna mah henteu kitu. Saacanna mah biasa waé, sakumaha reujeung babaturan: lamun papanggih osok barang tanya, ku kalimah arék ka mana waé ari ilaing? Atawa ku kalimah, kumaha kulawarga, calageur kabéh teu? Kitu biasana mah.

Ngan ti saprak poe Senén, sikepna téh bet robah. Ngan déwék téh bingung. Naha sikep kituna téh ngan ukur ka déwék wungkul atawa ka nu séjén ogé sarua. Da éta téa, ti saprak ti poé senén, sikepna téh jadi béda, jadi robah. Jadi teu apal kaayaanana, kukumahana.
Beuki bingungna mah, manéhna siga anu embung panggih ogé. Siga anu hayang ngajauhan. Naha kunaon atuh ari ilaing téh? Bet robah sagala sikepna ka déwék? Kitu lamun kongang mah. Ngan arék nyarita atawa nanyakeun téh asa bingung sieun matak teu ngeunah kana haténa.

Ngan ukur bisa nyarita dina haté wungkul, da déwék euweuh kawani. Tapi lain euweuh kawani-kawani teuing ketang. Da arék nyaritana ogé manéhna siga anu euweuh waktu. Siga euweuh waktu anu nyalsé. Siga anu loba pagawéan atawa pakasaban. Euweuh waé waktu eukeur ngobrol atawa cacarita téh.

Kudu kumaha atuh? Bet asa diganggayong kieu.

Ngobrol

Kudu kumaha atuh kudu kumaha?

Bet jadi bingung. Bet jadi teu puguh pacabakan. Kudu kumaha?

Tétéla pisan, di dieu pentingna obrolan téh. Kuduna mah manéhna téh méré katerangan anu jéntré: kumaha kaayaan anu sabenerna. Lamun boga kahayang mah nya tinggal nyarita waé atuh. Lamun aya kateungeunah kusabab paripolah déwék, nya tinggal nyarita waé langsung. Naon susahna atuh ilaing téh?

Tapi, nyatana? Naha bet susah ngomong ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti: http://images.clipartof.com/small/63179-Royalty-Free-RF-Clipart-Illustration-Of-Black-And-White-Human-Factor-Men-Talking.jpg)