Nepikeun ka Pakétrok Iteuk


Lamun kaparengan papada sarua dipanjangkeun umurna, taya deui anu dipiharep, kajaba bisa babarengan salilana atawa salila dibéré waktu ngajalankeun kahirupan. Ti mimiti babarengan ti keur ngora kénéh, nepikeun ka aki-aki nini-nini, bisa babarengan sabobot sapihanéan runtut raut sauyunan. Henteu nepikeun pegat di tengah jalan. Ngan ukur umur anu bisa megatkeunana. Kitu kalolobaan anu dipiharep ku unggal jalma dina ngalakonan atawa nyorang kahirupan rumah tanggana.

Mangtaun-taun ngalakonan kahirupan rumah tangga henteu nyababkeun nguranganana kanyaah. Kanyaah angger aya, henteu luntur kaibunan henteu laas kahujanan. Najan nepikeun ka leumpang diseundak maké tongkat atawa iteuk, angger tetep renggenek dina kahirupanana, henteu nepikeun ka leungit.

Nini jeung aki

Kanyaah reujeung tali kakait pikeun hirup babarengan aya salawasna nepikeun ka tongkat atawa iteuk anu dipaké pikeun mantuan nangtung reujeung leumpang téh diadu atawa pakétrok. Iteuk ngajadi saksi dina raketna tali laki rabi dua jalma. Kusabab kitu, laki rabina téh disebutna nepikeun ka pakétrok iteuk.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Sajarah di Lembur


Sanajan sajarah téh biasana dipagunemkeunana di sakolaan, da pédah aya pangajaranana, di lembur ogé anu ngaranna sajarah mah lain euweuh. Di lembur ogé osok aya anu nyabit-nyabit kana sajarah mah. Ngan sajarahna, biasana mah ngan ukur tatalépa ngaliwatan obrolan atawa omongan wungkul. Taya catetan sajarah anu dijadikeun buku. Pon kitu deui teu nepikeun ka ditetelepék nepikeun ka bubuk leutikna.

Aki keur nyaritakeun jaman baheula

Sajarah di lembur mah lolobana aya pakaitna reujeung karuhun. Sakumaha anu geus disebutkeun saméméhna, anu ngaranna sajarah mah ngeunaan kahirupan jalma baheula atawa anu geus kaliwat. Barudak biasana mah osok naranggap caritaan kolot ngeunaan jaman keur ngorana éta kolot. Naha arék keur jaman bajoang ngusir Kompeni atawa jaman Jepun. Da caritaan éta anu matak ramé pikeun barudak mah. Komo lamun éta kolotna (nini atawa aki) anu resep cacarita.

Salian ti ngeunaan kahirupan pribadi jaman baheula karuhun atawa kolot, bisa ogé sajarah ieu pikeun nyukcruk galur turunan atawa pancakaki. Ku jalan nilik kana sajarahna, bisa kapanggih saha waé dulur anu masih kénéh aya kakait dulur atawa baraya.

Jadi sajarah di lembur mah ambahanana téh ngan saeutik. Ngan ukur ngawengku salembur atawa saturunan wungkul. Pangjauhna jauhna, paling ogé ngeunaan sajarah ngadegna lembur, saha waé anu ngadegkeun lembur jeung kumaha kaayaan harita waktu ngadegna.

Ngalalakon Nu Didongdon, Ti Pasamon Ka Saban Wewengkon


Cing caringkas, jagjag waringkas, kudu jadi jalma bedas
Awakna kudu teuas lir ibarat batu cadas
Teu gampang, teu haringhang, jauh tina ngahelas
Sanajan kitu tetep bisa ngabedakeun mana hideung mana bodas

Masing jujur, supaya hirup henteu palalaur
Ulah lamur, mun nempo batur keur mujur
Ulah sirikan, ulah hayangan, lamun batur aya di luhur
Alukan milu bungah bungangang, milu sukur

Tong loba kahariwang, sanajan hirup kudu ngayang
Tong haleungheum, sanajan poe kawas lain beurang
Tong hanaangan, sanajan poe keur bayeungyang
Tong sieunan, da doa kolot teu weleh marengan ujang

Tong nguyung, komo kudu ngukur kabingung
Tong elat inget, yen hirup mah kudu padungdung
Tong talangke, tong nganti jalma-jalma geus suwung
Poma inget, kana doa jeung harepan anu jadi indung

Omat ulah poho kana diri, diri anu sajati
Lapampahan di dieu lain pikeun kaluli-luli
Da nu ngaranna wanci mah geus aya anu ngonci
Kudu inget, kana penggeuing jeung pepeling ti nini aki

Hirup kudu satuhu, kana naon anu geus kaelmu
Pagawean, paripolah, tetep aya anu kudu digugu
Pangaweruh mangpaat, satru oge tangtu bakal milu
Inget, kudu inget, sagala piwejang anu jadi guru

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=404673441893)