Tongtolang nangka kawinan bapa Poé salasa teu béja-béja Aduh-aduh si bapa nganyeunyeuri ka ema Bapa mah suka-suka jeung nu ngora
Baheula mah da teu apal naon maksud anu sabenerna tina lagu ieu. Nu penting mah resep waé ngalagu atawa ngadéngékeun ieu lagu téh. Teuing asalna ti mana ieu lagu téh, da ujug-ujug loba anu mikaresep, utamana barudak. Tina siaran radio kitu…?
Tongtolang nangka
Dina ngalagukeunana, malahan apanan aya tambahan sagala. Tambahan lagu pikeun pikeun ditembangkeun ku alok. Mangsa manggung di sakola nalika samen, barudak anu kabagéan nabeuh dogdog apanan salasahiji lagu anu dipentaskeunana téh lagu ieu.
Lamun lagu ieu ditambahan ku lagu pikeun alok, jadina téh kieu:
Tongtolang nangka Alok: Nangka aya tongtolangan kawinan bapa Alok: bapa arék dikawinkeun Poé salasa Alok: Rebo Kemis mah teu bisa Teu béja-béja Alok: Bébéja mah dicarékan Aduh-aduh si bapa Alok: Si bapa aduh-aduhan Nganyenyeri ka ema Alok: Ema dinyenyeri ku si bapa Bapa mah suka-suka Alok: Bapa mah suka-suka Jeung nu ngora Alok: Jeung nu ngora
Cing caringkas, jagjag waringkas, kudu jadi jalma bedas
Awakna kudu teuas lir ibarat batu cadas
Teu gampang, teu haringhang, jauh tina ngahelas
Sanajan kitu tetep bisa ngabedakeun mana hideung mana bodas
Masing jujur, supaya hirup henteu palalaur
Ulah lamur, mun nempo batur keur mujur
Ulah sirikan, ulah hayangan, lamun batur aya di luhur
Alukan milu bungah bungangang, milu sukur
Tong loba kahariwang, sanajan hirup kudu ngayang
Tong haleungheum, sanajan poe kawas lain beurang
Tong hanaangan, sanajan poe keur bayeungyang
Tong sieunan, da doa kolot teu weleh marengan ujang
Tong nguyung, komo kudu ngukur kabingung
Tong elat inget, yen hirup mah kudu padungdung
Tong talangke, tong nganti jalma-jalma geus suwung
Poma inget, kana doa jeung harepan anu jadi indung
Omat ulah poho kana diri, diri anu sajati
Lapampahan di dieu lain pikeun kaluli-luli
Da nu ngaranna wanci mah geus aya anu ngonci
Kudu inget, kana penggeuing jeung pepeling ti nini aki
Hirup kudu satuhu, kana naon anu geus kaelmu
Pagawean, paripolah, tetep aya anu kudu digugu
Pangaweruh mangpaat, satru oge tangtu bakal milu
Inget, kudu inget, sagala piwejang anu jadi guru
Hirup hurip teu bisa pakumaha, taya tangan pangawasa, lian ijin ti Nu Maha Kawasa
Gubrag ka dunya teu mawa harta banda, ngan ukur raga satangtung anu teu walakaya
Koceak carinakdak sasat aya kahayang, teuing ku loba pamenta
Kecap tacan nyata, raga tacan biasa, ngan cimata nu ngagentra
Icikibung dina luhur bangbarung, ngan ukur bisa kerung
Sanajan loba pangjurung, nu nalikung teu meunang embung
Nyambung, lalampahan bakal sagala kasarung
Nu diteangan ngan ukur anu bisa tutulung
Pagaliwotah, ngahiji reujeung sagala anu utuh-etah
Ieu kudu kieu, itu kudu kitu, eta mani heurin ku letah
Ngagunung, ngajegir teu beunang jeumh teu bisa dipondah
Naon atuh, kumaha atuh, nu kudu dipilampah
Indung anu ngakandung, salamina teu pernah bingung
Ngagugulung, teu ieuh ngarasula atawa pundung
Sanajan awak ampir bengkung, beurat kunu dikandung
Teu pernah nguyung, da eta mah ngan ukur salangkung
Bapa anu ngayuga, teu loba anu dipenta
Teuing ku sabar, ngajaga ngariksa ka anu jadi putra, ka anu jadi geureuha
Teuing ku sabar, neangan bekel pikeun sagala rupa
Indit isuk, balik sore, gawe teu satengah hate, tara ieuh ngarasula
Indung anu ngakandung Salapan bulan langkung Dipikanyaah dipidangdung Euweuh indung anu nguyung pundung Sanajan kadang aya anu embung
Bapa anu ngayuga Ihtiar neangan beaya Saban poe teu weleh nyatria Kumaha jeung kumaha Supaya anakna jadi jalma
Gubrag ka dunya pada mapag ku pangbagea Utun inji geus atra aya Pada mulasara pada nampa Pada-pada hayang boga carita Rundayan hirup anu mula
Dirawu dipangku, nini aki boga incu Dipuja didama-dama, indung bapa boga putra Papada galumbira sadaya tatangga Jabangbayi geus salamet gubrag ka dunya Jadi jalma harepan sakumna warga
Koceak dengek teu beunang dicarek Teu nempo di kolot eukeur kerek Meusmeus ngarenghik, hayang nyapek Teu nyadar kana kaayaan kolot, ku sangeunahna dewek Untung kolot mah rido reujeung daek