Mawakeun ka Guru Kelas Nalika Lulus Sakola


Dina nalika lulus ti sakola dasar (SD), geus jadi kabiasaan pikeun barudak sakola anu lulus ti kelas genep SD osok mawakeun ka guru kelas hususna ka guru kelas genep. Sanggeus diwawarkeun ngeunaan lulus jeung henteuna, barudak anu lulus téh osok ngahajakeun datang ka imahna guru kelas bari barangbawa. Babawaan sarupaning dahareun anu dibérékeun ka guru kelas. Itung-itung tanda mulangtarima ka guru anu salila ieu ngawurukan di sakola nepikeun ka lulusna.

Sanajan henteu jadi hiji kawajiban atawa anu dikudukeun, geus jadi kabiasaan pikeun barudak kelas genep. Angkatna bisa babarengan atawa sorangan-sorangan, ngahajakeun ngadatangan imah guru. Malahan pernah aya babaturan (lanceuk kelas) anu ngadon mawakeun sanajan geus liwat li lulusna (anu lulusna taun kamarina).

Ieu mah pangalaman baheula keur sakola. Ayeuna mah kurang apal, naha aya kénéh ieu kabiasaan téh atawa geus ilang.

Niron Nalika Ujian EBTANAS


Dina nyinghareupan ujian ahir atawa ÉBTANAS, barudak kelas genep teh dititah ngendong di bumina pun guru di deukeuteun sakola tempat ngayakeun ujian ÉBTANAS. Sabab lamun didugdag mah lumayan jauh, bisi pas dina ngiluan ujianana kabeurangan. Barudak sakelas téh diangkir kabehanana pikeun ngendong salila ujian ÉBTANAS. Salian supaya ulah kabeurangan ogé supaya aya anu mapatahan ngapalkeun dina waktu peutingna.

Dina waktu isuk-isukna arék ngalaksanakeun ujian, barudak anu arék ujian téh dibekelan lalab jeung beubeutian kayaning jahé, laja jeung sajabana, anu kabeneran aya di kebon hareupeun bumina pun guru. Bekel téh diasupkeun kana wadah tina kérésék aya kana tilu kérésék mah. Saur pun guru, éta bekel téh kudu dibikeunkeun ka anu nalingankeun ujian ÉBTANAS saacan prungna ujian. Kadé ulah nepikeun ka kapendakeun ku anu ngaroris ujian, kitu pamundut pun guru téh.

Barudak sakola keur ujian

Waktu asup waktuna ujian saméméh soal ujian dibagikeun, kérésék babawaan téh dikahareupkeun dibikeunkeun ka anu nalingakeun ujian ÉBTANAS. Ku anu nalingakeun ÉBTANAS, éta kérésék téh disimpen di jero bangku (disumputkeun). Sanggeus kitu mah prung waé ujian téh dilaksanakeun. Barudak anu miluan ujian harusu nengetan soal dina lembaran ujian.

Ngan teu lila ti harita, budak anu diukna di panghareupna ngaharéwos ka budak anu di tukangeunana bari mikeunkeun lambaran keretas leutik. “Papaykeun ka tukang,” pokna.

Ditengetan geningan lambaran keretas téh aya tulisan angka atawa nomer jeung abjad. Katut aya panambahna di bagéan handapna ku sababaraha kalimah. Siga mangrupakeun jawaban soal ujian. Nya, buru-buru waé ditiron (dipindahkeun) éta tulisan dina lambaran keretas leutik téh kana keretas jawaban. Sanggeus réngsé mah dipapaykeun ka tukang. Teu bisa lila nyenyekel éta keretas téh da anu ditukangeun ngabuburu waé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://3.bp.blogspot.com/-gErvC3sOUL8/TcqH0W5E6rI/AAAAAAAAAQQ/2kOB2_fOAfU/s1600/SAM_3639.JPG)

Basa Inggris Urang Lembur


“Mon, urang mah kadang osok bingung lamun nempo aksara atawa ngadéngé anu ngomongna Basa Inggris téh.” Ceuk si Acim dina hiji waktu.

“Naha kumaha kitu?” ceuk si Omon héraneun.

“Eta waé loba pisan anu teu kahartina.” Ceuk si Acim rada bingung.

“Piraku masih kénéh bingung.” Ceuk si Omon.

“Da kumaha deui atuh….”

“Eta, ari diajar bahasa Inggris geus sabaraha taun?” Si Omo mencrong.

“Nya…, lima taun meurenan.”

“Naha maké meureunan sagala…?”

“Nya, bener lah lima taun.” Témbal si Acim supaya jéntré.

“Piraku waé atuh ari geus lima taun tacan bisa kénéh nanaon mah.” Si Omon nyindiran. “Ari kuring mah nya teu nanaon. Da kuring mah diajarna ogé ngan ukur tilu taun.”

“Lain perkara lila atawa henteuna ieu mah. Tapi da tetep wav anu ngaranna Basa Inggris mah hésé.”

“Hésé sotenan ceuk nu teu diajar atawa embung diajar. Da anu daék mah gampang ngartina.”

“Heueuh lebah dinyana mah. Tapi da tetep waé pikeun kuring mah, béda Basa Inggris téh.”

“Maksud manéh béda kumaha?”

“Nya béda wae. Heueuh éta, mani béda….”

“Béda kumaha…?” Si Omon megat omongan. Manéhna beuki panasaran.

“Heueuh. Béda antara Basa Inggris anu diajarkeun di sakolah reujeung basa Inggris di urang.” Ceuk si Acim.

“Béda kumaha…? Da anu ku kuring apal mah, Basa Inggris mah sarua waé, hésé!” Ceuk si Omon.

“Kuring ogé sarua, héséna mah. Ngan kacida bédana antara Basa Inggris urang Inggris reujeung Basa Inggris di urang.”

“Manéh mah jadi lieur ka kuringna ogé.” Si Omon ngahuleng, “piraku béda sagala! Di mana-mana ogé anu ngaranna Basa Inggris mah sarua.”

“Ih, manéh mah can apal nya?”

“Apal naon…?” Si Omon malik nanya bari mencrong.

“Heueuh, apanan ceuk guru kuring di sakola mah cenah, di lembur oge osok maké Basa Inggris. Nya kaasup di lembur urang. Tah urang téh biasana mah osok maké Basa Inggris.” Ceuk si Acim ngajelaskeun.

“Basa Inggris?” Si Omon beuki teu ngarti.

“Enya urang nyarita téh maké Basa Inggris. Tapi Basa Inggrisna téh apanan kacida bédana jeung Basa Inggris anu ti Inggris.”

“Maksud manéh naon atuh…?”

“Kuring mah sakadar méré nyaho wungkul, yén urang téh sabenerna dina nyarita téh maké Basa Inggris, ngan Basa Inggrisna béda.”

“Kitu nya…?”

“Meureun….”

Lobana Péngkolan


Barudak kelas opat téh ngalabring. Kabéhanana arindit ka lemburna si Duloh bari diiringkeun ku Pa Cucu, guru olah raga di sakola. Maranéhna téh ngabogaan maksud pikeun ngalongok si Duloh, anu geus saminggu teu sakola. Cenah mah, ceuk béja ti kolotna, si Duloh téh kaserang panyakit lumayan parna. Nya, barudak sakelas téh ngabring ka imahna si Duloh anu aya di lembur anu lumayan jauh ti sakola. Jalan anu diliwatan teh jalan satapak da supaya leuwih deukeut tibatan ngaliwatan jalan gedé. Barudak kelas opat téh ngabringna ancal-ancalan, aya sababaraha rombongan. Barudak awéwé mah ngabringna rombongan tiheula. Sedengkeun rombongan pangtukangna mah rombongan si Opan dibaturan ku Pa Cucu. Sedengkeun si Acim, si Omon jeung si Duyéh ngabring tiluan jadi rombongan di tengah di tukangeun barudak awéwé. Unggal rombongan téh sajajalan pada guntreng waé ngalobrol. Sagala diobrolkeun. Nya kitu deui jeung rombongan si Acim.

Jalan Satapak

“Cim, apal imahna si Duloh?” Si Duyéh nanya ka si Acim.

“Acan kuring mah.” Témbal si Acim, “apanan kakara ayeuna ngahajakeun ngajugjug ka lemburna oge….”

“Ari manéh Mon?” Si Duyéh giliran nanya ka si Omon.

“Kuring mah apal ari lemburna si Duloh mah. Ngan teu apal ari lebah-lebahna imah si Duloh mah.”

“Iraha éta téh?” si Acim ngarérét ka si Omon.

“Geus lila, dua bulan kamari.” Témbal si Omon.

“Jauh teu lemburna téh?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Nya lumayan lah, tapi da lamun mapay jalan satapak ieu mah moal jauh teuing.” Ceuk si Omon.

“Leuwih deukeut nya?”

“Heu-euh.”

“Sabaraha lila deui?” si Acim panasaran.

“Nya kira-kira sapuluh pengkolan deui mah.”

“Sapuluh pengkolan…?” Si Acim melong ka si Omon. Ceuk pikir manéhna lumayan jauh kénéh atuh. Nempo jalan anu bakal disorangna téh apanan lalempeng, jarang aya pengkolan.

“Naha, Mon…?” Si Duyéh panasaran, “ti iraha pengkolan jadi loba…?”

“Maksud manéh…?” Si Omon malik nanya ka si Duyéh.

“Heu-euh, éta. Pengkolan bet bisa loba kitu. Da anu ku kuring apal mah, péngkolan mah ngan aya dua….”

“Nya ari péngkolanana mah heu-euh atuh nya aya dua.” Si Omon rada teugeug.

“Salah atuh…..” Si Acim nyelengkeung.

Anu duaan ngarérét ka di Acim anu leumpangna miheulaan, tuluy manéhna leumpangna mundur, nyanghareupan ka anu duaan. Anu duaan melong ka si Acim.

“Lobana péngkolan mang lain dua.”

“Maksud manéh…?” Si Omon neuteup.

“Sabaraha kitu…?” Si Duyéh oge panasaran.

“Nya aya opat atuh péngkolan mah.”

“Ti iraha péngkolan jadi opat…?” Si Duyéh teu percaya. ” Da anu ku kuring apal mah, péngkolan mah ngan aya dua. Méngkol ka kénca jeung méngkol ka katuhu.”

“Nya éta mah baheula. Ayeuna mah béda deui atuh.” Témbal si Acim.

“Ari anu dua deui ka mana kitu méngkolna?” Bagéan si Omon anu nanya.

“Anu dua deui mah méngkol ka luhur jeung méngkol ka handap.” Témbal si Acim bari nyéréngéh.

“Eta mah lain péngkolan atuh, tanjakan jeung pudunan.” Ceuk si Duyéh keuheul.

“Apanan ieu mah landian séjénna. Eta téh sarua jeung pengkolan.”

“Nya béda atuh…!” Si Duyéh embung éléh.

“Nya sarua baé atuh.” Si Acim keukeuh.

“Béda…!” Si Duyéh deui.

“Apanan anu ngaranna méngkol téh henteu lempeng lin? Tah anu ngaranna tanjakan jeung pudunan oge apanan henteu lempeng tina jalan anu datar.” Ceuk si Acim ngajelaskeun.

“Pokona mah béda.” Si Duyéh keukeuh.

Si Omon cicing waé, nempo babaturanana anu keur hoghag, keukeuh kana pamanggihna sewang-sewangan.

Roko Cap Sigay


“Bu, si Acim mah tos wantun nyesep…!” Ceuk si Ijah, babaturan sakelasna si Acim ka guru anu kakara asup ka kelas.

Si Ibu, anu ngaranna Ibu Héni teu langsung ngajawab. Manéhna muru kana bangkuna anu aya di hareup. Terus neundeun buku anu dibawana di luhureun méja.

“Leres Bu….” Si Kokom mairan.

Bu Héni neuteup nguriling ka sakurilingeun kelas.

“Leres éta téh, Cim?” Bu Héni kakara nanya ka si Acim bari neuteup.

Anu diteuteup cicing waé siga anu teu sieun dicarékan.

“Leres, Bu.” Témbalna antaré pisan.

“Naha…? Apanan saur Ibu ogé, alit kénéh mah teu kénging wantun-wantun nyobian nyesep.” Ceuk Bu Héni nyaram.

“Da raos Bu….”

“Naon raosna kitu?” Bu Héni neuteup ka si Acim. “Sesepeun téh pinuh ku panyawat wungkul. Sarengna deui da moal matak wareg kana patuanganana ogé.”

Si Acim teu langsung ngajawab. Manéhna ngalieuk ka si Omon anu diuk dina korsi di béh kencaeunana.

“Da sanés abdi wungkul, Bu.” Ceuk si Acim.

Daun kawung dipoe

“Abdi mah henteu kétang Bu.” Si Omon ngabéla dirina.

Bu Héni melong ka si Omon.

“Naha…? Leres éta téh Mon?” Bu Héni nanya ka si Omon.

“Henteu abdi mah Bu. Abdi mah henteu nyesep….”

“Bohong kétang Bu. Omon ogé sasarengan sareng abdi nyesepna da.” Si Acim keukeuh.

Bu Héni gantian neuteup si Omon jeung si Acim.

“Atos. Atos! Anu atos mah atos. Mung ka payunna ulah sakali-kali deui nya.” Bu Héni méré peupeujeuh ka barudak, hususna si Omon jeung si Acim.

“Tapi…, Bu?” Si Acim teu kebat nyaritana.

“Naon Cim? Tos kacanduan nya…?”

“Sanés kitu Bu. Da abdi mah nyesepna ogé henteu nganggo bako.” Ceuk si Acim.

“Nu leres…?” Bu Héni neuteup.

“Muhun, Bu. Da abdi mah nyesepna ogé Roko Cap Sigay….”

“Maksadna? Roko naon kitu éta téh?”

“Muhun, roko cap sigay. rokona pun aki.” Témbal si Acim.

“Eta, Bu. Abdi sareng Acim mah nyesepna sanés roko tapi nyesep saun kawung.” Si Omon mantuan mangjawabkeun si Acim.

“Oh éta…. Tapi tetep, ulah dugikeun ka kateterasan, nya. Da anu namina nyesep mah sami waé, awon” Bu Héni ngawawadian.

Ngalalakon Nu Didongdon, Ti Pasamon Ka Saban Wewengkon


Cing caringkas, jagjag waringkas, kudu jadi jalma bedas
Awakna kudu teuas lir ibarat batu cadas
Teu gampang, teu haringhang, jauh tina ngahelas
Sanajan kitu tetep bisa ngabedakeun mana hideung mana bodas

Masing jujur, supaya hirup henteu palalaur
Ulah lamur, mun nempo batur keur mujur
Ulah sirikan, ulah hayangan, lamun batur aya di luhur
Alukan milu bungah bungangang, milu sukur

Tong loba kahariwang, sanajan hirup kudu ngayang
Tong haleungheum, sanajan poe kawas lain beurang
Tong hanaangan, sanajan poe keur bayeungyang
Tong sieunan, da doa kolot teu weleh marengan ujang

Tong nguyung, komo kudu ngukur kabingung
Tong elat inget, yen hirup mah kudu padungdung
Tong talangke, tong nganti jalma-jalma geus suwung
Poma inget, kana doa jeung harepan anu jadi indung

Omat ulah poho kana diri, diri anu sajati
Lapampahan di dieu lain pikeun kaluli-luli
Da nu ngaranna wanci mah geus aya anu ngonci
Kudu inget, kana penggeuing jeung pepeling ti nini aki

Hirup kudu satuhu, kana naon anu geus kaelmu
Pagawean, paripolah, tetep aya anu kudu digugu
Pangaweruh mangpaat, satru oge tangtu bakal milu
Inget, kudu inget, sagala piwejang anu jadi guru

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=404673441893)