Keun Baé


“Keun baé, teu kudu jadi pikiran.”
“Keun baé, entong kapapanjangan.”
“Keun baé, geus kudu kitu jadina.”

Kalimah ieu remen dikedalkeun ku kolot anu geus asak tinimbangan katut ihlas narima naon anu geus kajadian. Kalimah pangbeberah supaya naon anu karandapan téh bisa ditarimakeun. Kalimah pikeun ngupahan ka saha waé anu keur ngarandapan kajadian anu henteu dipiharep, saperti kaleungitan harta atawa teu hasil dina usaha.

Kolot jeung budak
Kolot jeung budak

Kalimah ieu kadang ditarjamahkeun yén jalma anu ngucapkeunana téh éléhan atawa épés méér. Embung usaha leuwih kahot jeung nyayagakeun sumanget anu leuwih ngagugudag deui. Tapi sabenerna mah lamun diteuleuman deui, lain ka dinya maksudna. Anu ngaranna usaha mah kudu soson-soson, kudu bener-bener. Anu kudu diculkeun naon anu geus karandapan. Anu geus karandapan mah ulah jadi pikiran atawa jadi bangbaluh pikeun ka hareupna. Anu geus karandapan mah geus lain uruseun deui. Anu geus karandapan mah kudu dijadikeun palajaran atawa pieunteungeun pikeun ka hareupna. Kudu manco ka anu bakal kasorang.

Kekecapan dina kalimah anu dikedalkeun ku kolot mah biasana miboga harti anu jero lamun daék neuleumanana. Kekecapan anu kaluar kusabab lobana pangalaman anu geus kasorang. Kekecapan anu kaasup papagah jeung wejangan, anu kaluar sabab nyaah ka anu leuwih ngora. Papagah kusabab geus asak jeujeuhan.

Upamana waé dina nalika kaleungitan harta atawa kapalingan, lain teu hayangeun pikeun néangan laratanana atawa néangan anu malingna. Tapi leuwih condong kana narimakeun éta kaayaan. Tibatan mangjangkeun urusan, leuwih hadé diihlaskeun. Pajarkeun téh apanan harta mah gampang kari néangan deui. Mana leungit atawa ilang ogé lain milikna atawa lain cawiskeunana. Harta éta mah milik batur.

(Gambar meunang nginjeum ti Blogspot)

Banda Tatalang Raga


Lamun kudu milih, tangtuna ogé milih raga. Tibatan banda, anu penting pikeun hirupna jalma mah nyaéta raga. Banda taya hartina lamun dibandingkeun reujeung raga. Banda bisa kénéh diitung atawa aya hargana, sedengkeun raga mah taya itung-itunganana atawa moal kaitung hargana. Kusabab kitu, banda bisa dikorbankeun pikeun nalangan raga. Da anu ngaranna banda mah bisa ditéangan deui maké raga.

Banda bisa disebut ogé harta anu bisa ditéangan nalika hirup ieu. Arék naon waé rupana atawa wujudna. Arék taneuh, imah, duit, mobil jeung anu séjénna. Ari raga nyaéta sesebutan pikeun awak atawa diri jalma. Pikeun jalma hirup, anu ngaranna harta téh kacida pentingna. Loba jalma anu bélaan indit isuk balik burit pikeun néangan anu ngaranna harta. Harta pikeun bekel ngalakonan kahirupan di dunya ieu, boh pikeun dirina atawa pikeun kulawargana. Malahan aya anu nepikeun ka toh pati jiwa raga pikeun néangan harta banda éta. Teu anéh lamun aya jalma anu kacida mupustina kana harta téh. Hartana kacida dijagana, diatur pisan makéna supaya ulah gampang béakna.

Ngan tetep waé, anu ngaranna harta mah taya hartina dibandingkeun reujeung raga atawa pangawakan. Dina waktuna diperlukeun pikeun nulungan raga, kudu bisa. Teu jadi halangan sanajan harta téh kacida dipupustina, dina palebah diperlukeun pikeun nulungan raga mah harta téh taya hartina. Harta banda anu dipikameumeutna, bisa waé dijual pikeun nulungan raga. Dina palebah raga atawa pangawak meunang rerepet atawa kaserang panyakit, anu merlukeun béaya anu gedé, apanan harta banda dijual.

Harta banda bisa dijadikeun pikeun nalangan raga atawa awak. Harta anu ditéangan ku jalan tihothat, kudu bisa dijadikeun pikeun gaganti pikeun nulungan jeung nalangan anu néanganana.

Gambaran harta banda jeung jalma

Da keur naon loba harta banda ogé, lamun awakna raripuh mah. Mending raga jagjag belejag, sanajan henteu miboga harta ogé. Harta mah bisa ditéangan maké raga anu jagjag waringkas.

(Gambar meunang nginjeum ti http://kataitukata.wordpress.com/)

Bonténg Ngalawan Kadu


Teu kabayang kumaha jadina lamun bonténg ngalawan kadu. Uyuhan waé bonténg daékeun ngalawan kadu. Da lamun nilik kana kaayaan mah pamohalan meunangna lamun bonténg ngalawan kadu. Nilik luaranana, bonténn mah rangu. Sedengkeun ari kadu apanan sakitu ranggéténgna ku cucuk anu teuas. Jadi, lamun bonténg ngalawan kadu téh sigana mah bonténg bakal ngalaman tatu anu kacida rohakana.

Rahayat leutik lamun kudu ngalawan jalma jegud atawa jalma anu miboga kalungguhan, bisa tumiba kana kaayaan ieu. Rahayat leutik bisa diibaratkeun kana bonténg. Sedengkeun jalma anu miboga kalungguhan bisa diibaratkeun kana kadu. Rahayat leutik mah moal meunang lamun kudu ngalawan jalma jegud. Arék dina widang nanaon ogé, susah meunangna rahayat leutik mah. Naha arék dina widang pulitik, widang ékonomi, widang hukum jeung widang séjénna, rahayat leutik mah lolobana katindes ku jalma jegud atawa jalma anu miboga kalungguhan.

Bonteng jeung kadu

Lamun nempo kaayaan, rahayat leutik mah teu bisa ngalawan ka jalma anu miboga kalungguhan. Da dina ngalawanna ogé geus jelas bakal éléhna téh. Anu bisa dipilampah téh paling ogé ngan ukur ngajerit maratan langit dina jero haté. Komo da kahirupan ayeuna mah anu diniléy téh kalungguhan, beungharna jeung jegudna jalma. Umumna jalma dihargaan kusabab miboga harta anu loba jeung kalungguhan anu luhur. Najan ajén dirina taya nanaonna, ari hartana loba mah pada mihormat.

Kualatan kitu, tibatan ngalawan tapi matak cilaka, mending cicing supaya aman jeung henteu ngagunasika.

Sirikan ka Batur


Kuring jeung batur. Kuring nempo batur. Lamun batur kitu, asa kuhayang kitu. Lamun batur kieu asa kuhayang kieu. Batur miboga itu, asa kuhayang miboga itu. Batur bisa kieu asa kuhayang bisa kieu. Da kumaha deui, bet asa hayang sarua reujeung batur. Malahan lamun bisa mah ngaleuwihan batur. Batur teh kudu éléh ku kuring, ulah nepikeun batur ngéléhkeun kuring.

Tapi naha kudu kitu? Naha bet sirikan ka batur? Pédah batur kitu atawa boga anu kitu, naha kuring kudu kitu ogé? Naha kudu kitu?

Saur pun guru mah, aya dua hal ngeunaan sirik nempo batur bisa kitu atawa miboga hal anu kitu. Najan sirik téh goréng, tapi teu kabéh sirik éta goréng. Aya sirik anu alus. Anu kumaha atuh sirik anu meunang (alus) jeung sirik anu teu meunang (goréng) téh?

Sirik ka babaturan

Sirik anu hadé mah nyaéta sirik kana pasipatan atawa kalakuan jalma anu alus. Sirik ieu ngabalukarkeun hayangna nurutan milampah pagawéan anu alus ogé. Jadi lamun nempo kalakuan jalma séjén anu hadé atawa alus, kudu sirik hayang nurutan milampah kahadéan deui. Sedengkeun sirik anu goréng mah biasana hayang miboga naon anu dipiboga ku batur, supaya bisa kapimilik ku dirina kalawan batur jadi henteu ngapimilik. Lamun batur boga harta anu loba, dirina hayang boga ogé kalawan batur anu miboga harta hayangna jadi miskin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/-YOnaa_rQF3k/TmM_XrFuWVI/AAAAAAAAADk/_WOeIu_-2yU/s1600/iri.jpg)

Naon Alusna Jadi Pagawé Nagri téh?


Naon atuh anu bisa diandelkeun tina pagawéan jadi pagawé nagri téh?

Aya sababaraha perkara anu jadi anggapan urang lembur utamana kolot-kolot ngeunaan pagawéan jadi pagawé nagri. Hal anu kahiji tangtuna ngeunaan beubeunangan anu leuwih dipikawanoh ku ngaran GAJIH. Anu ngaranna pagawé nagri mah bakal meunang gajih. Unggal bulan pasti bakal meunang gajih, moal aya saatna. Ngocor terus unggal bulan. Tinggal soson-soson dina digawéna, bulanan pasti bakal meunang. Sanajan leutik, teu jadi masalah. Anu penting mah henteu pegat. Salian ti meunang gajih unggal bulan, anu ngaranna pagawé nagri mah bakal meunang PANGSIUNAN. Sanajan geus réngsé digawéna kusabab geus kolot, bulanan atawa gajih moal eureun. Unggal bulan sanajan geus teu digawé deui jadi pagawé nagri, bakal meunang duit pangsiunan. Hal ieu anu ngabédakeun reujeung digawé di pausahaan swasta. Najan di swasta mah gajihna gedé dibandingkeun reujeung jadi pagawé nagri, tapi di ahir moal meunang duit pangsiunan. Kitu….

Pagawe Nagri Sipil

Terus ngeunaan pagawéanana, anu ngaranna pagawé nagri mah kacida gampangna. Komo lamun jadi urang kantoran mah. Tinggal diuk dina korsi nyanghareupan méja, kitu jeung kitu waé unggal poéna. Jadi teu merlukeun gawé anu kudu ngaluarkeun tanaga anu gedé katut késang anu ngucur. Malahan anu leuwih gampang deui mah, cenah, lamun hayang duit téh tinggal marap atawa nanda tangan dina keretas. Hayang duit téh modalna pulpén reujeung keretas wungkul.

Lamun nempo kaayaan anu kitu mah, saha jalmana atuh anu teu hayang jadi pagawé nagri (PNS).

Ngan, ari kabuktianana naha bener saperti kitu atawa henteu…?

(Gambar meunang nginjeum ti http://parlementaria.files.wordpress.com/2010/02/pns.jpg)

Kahayang Kolot mah Budak téh Sing Jadi Jelema


Jadi jelema, geus jadi kacapangan pikeun kolot-kolot urang lembur mah. Lamun miboga budak, rata-rata kolot téh mikahayang budakna jadi jelema. Teu anéh lamun kolot anu keyeng mikahayang budakna jadi jelema jeung dirojong ku kahayang budakna ogé anu satuju kana kahayang kolotna, budakna téh osok dijununkeun nepikeun ka jucungna. Lamun sakola, disakolakeun nepi ka jucungna. Tara kagok, komo lamun kudu pugag di tengah jalan mah. Ngan angger waé, sanajan kahayangna mah budakna téh jadi jelema, lolobana mah tara dirojong ku budakna jeung kaayaan. Kolot mana anu teu hayang lamun nempo budakna bisa nepikeun ka jucungna. Euweuh kolot anu teu hayangeun budakna bisa sakola nepikeun ka sakola luhur di dayeuh. Ngan aya kalana kahayang ieu téh seu sapagodos reujeung sikep katut kahayang anu jadi budakna. Budakna aya anu embungeun lamun kudu neruskeun sakola nepikeun ka sakola luhur. Loba budak anu milih hirup jadi urang lembur anu teu merlukeun tingkatan sakola anu luhur, cukup ku lulus SD waé.

Mahasiswa paguron luhur keur wisuda

Dina perkara kaayaan, sanajan aya kasapagodosan antara kahayang kolot reujeung budak, ngan teu dirojong ku kaayaan. Kaayaan anu sarwa walurat bisa jadi halangan pikeun kolot-kolot dina nyakolakeun budakna. Komo dina danget ayeuna anu ngaranna sakola téh geningan kacida ngabeuratkeunana. Béayana lumayan gedé lamun kudu neruskeun ka sakola luhur. Ditambah deui ku tempat sakola anu jauh di dayeuh.

Untung pikeun kolot anu miboga pangleuleuwih dina perkara harta anu dirojong ku kahayang budakna anu hayang junun, bisa nyakolakeun budakna nepikeun ka jucungna. Salian ti éta aya ogé kolot anu dina harta mah pas-pasan, tapi miboga kayakinan yén anu ngaranna harta mah bisa ditéangan, osok bisa ngusahakeun asal budakna ogé soson-soson dina sakolana. Béh dituna miboga kayakinan, rejeki budak mah osok aya waé.

Budak anu bisa junun sakolana, biasana mah osok dipiharep jadi jelema. Harepan kolot-kolotna katut dulur-dulurna, anu bisa ngajait harkat darajat kolotna di masarakat lembur.

Naon atuh anu dipimaksud ku kecap jadi jelema téh? Jadi jelema téh bisa disebut ogé hasil dina meunangkeun harta jeung darajat. Sanggeus bérés sakola, bisa meunang pagawéan anu alus. Salasahiji pagawéan anu jadi kacapangan kolot-kolot urang lembur mah nyaéta jadi pagawé nagri (PNS).

Kurban Jaman Nabi Adam


Kurban atawa meuncit sato piaraan, bisa dijujut atawa dicukcruk nepikeun ka mangsa Nabi Adam masih kénéh kumelendang di alam dunya ieu. Dina waktu harita, anak-anakna Nabi Adam anu ngaranna Habil jeung Qobil dititah ngorbankeun hartana séwang-séwangan. Habil anu pagawéanana kana nganggon ingon-ingon sabangsaning domba, ngorbankeun ingon-ingon piaraanana. Sedengkeun Qobil anu pakasabanana kana tatanén, ngorbankeun hasil tatanénna. Duanana sarua ngorbankeun hartana, ngaluarkeun hasil tina pakasabanana. Duanana sarua turut tumut kana paréntahan Gusti Allah ngaliwatan Nabi Adam anu jadi kolot maranéhna.

Domba pikeun kurban
Ngan dina perkara ngorbankeun hartana, aya hal anu ngabédakeun duanana. Tapi anu ngabédakeun téh lain dina wujudna, tapi béda dina eusina éta anu dikorbankeunana. Bédana téh nyaéta, ari Habil mah ngorbakeun hartana téh kalawan ihlas bari dirojong ku milih sato piaraan anu pangalusna. Sedengkeun ari Qobil mah ngorbankeun hartana téh milih hasil tatanén anu panyésaan jeung anu goréngna wungkul.

Eta hal téh jadi balukar ditampa reujeung henteuna kurban maranéhna. Nya, tina anu duaan téh, anu saurang mah kurbanna téh ditarima sedengkeun anu saurang deui mah henteu ditarima. Anu ditarima téh nyaéta kurbanna Habil, sedengkeun kurbanna Qobil mah henteu ditarima.

Eta hal téh dumasar kana Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran, anu pihartieunana kurang leuwih: “Caritakeun ka maranéhna ngeunaan riwayat dua urang anak Adam (Habil jeung Qobil) nurutkeun jujutan anu sabenerna, waktu duanana nyanggakeun kurban, mangka ditarima éta kurban anu saurang tina anu duaan éta jeung teu ditarima anu saurang deui, jeung manéhna nyarita “Kuring pasti maéhan manéhna”. Nyarita ogé Habil “Saéstuna Allah ngan ukur narima kurban ti jalma-jalma anu takwa.”

Jadi sabenerna mah anu ngaranna kurban téh geus aya ti jaman Nabi Adam kénéh.