Ngahontal Kabagjaan anu Sampurna


Kabagjaan mangrupakeun udagan pikeun sakabéh jalma. Kabagjaan anu sampurna bisa disebut ogé kabagjaan anu taya tandinganana, kabagjaan anu paripurna, nyaéta kabagjaan dunya rawuh ahérat. Lamun di dunya bisa bagja, piraku dia ahérat ogé henteu meunang bagja. Sakumaha pidua urang sadayana, dina dua sapujagat (saur pun guru mah), dina nyuhunkeun kabagjaan teh apanan di dunya ongkoh, di ahérat ongkoh.

Komo pikeun jalma anu miboga kayakinan yén kahirupan lain ngan ukur di dunya, tapi ogé aya kahirupan di ahérat, bakal ngudag kabagjaan anu sampurna: bagja dunya ditambah ku bagja di ahérat. Aya kasaluyuan antara kabagjaan di dunya jeung di ahérat.

Bagja bungah

Pikeun meunangkeun kabagjaan di dunya, henteu ngan ukur ngandelkeun ngadua wungkul, tapi kudu jeung prak-prakanana. Pon kitu pikeun ngudag kabagjaan di ahérat. Kudu aya usaha anu nyata pikeun ngahontal kabagjaan éta. Pikeun ngudag kabagjaan di dunya, jalma kudu ngusahakeun bisa ngahontalna nalika keur hirup di dunya. Pikeun ngahontal kabagjaan di ahérat ogé sarua kudu diusahakeun, ngan ngusahakeunana teu bisa nalika keur di ahérat, tapi keur di dunya ieu. Anu ngaranna kabagjaan di ahérat ditangtukeun ku usaha nu dilakonan keur di dunya ieu. Di ahérat mah kari ngala buah usaha nalika di dunya ieu. Jadi usaha anu dilakukeun nalika di dunya lain ngan ukur pikeung ngudag kabagjaan di dunya wungkul, tapi kumaha carana supaya usaha anu dipigawé téh bisa dipaké pikeun ngahontal kabagjaan di ahérat ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://2.bp.blogspot.com/-2tQ7TffLuBs/TjSx5zKEAxI/AAAAAAAAAIM/HD0F22OxWaY/s1600/bahagia.jpg)

Haliah Dunya Nempo ka Handap, Perkara Ahérat Nempo ka Luhur


Saur pun guru, dina nyanghareupan kaayaan anu matak pikasirikeun, naha sirik anu meunang (sirik anu alus) atawa sirik anu teu meunang (sirik anu goréng), aya dua hal anu kudu jadi catetan. Duanana kudu dicatet jeung dilaksanakeun supaya ulah nepikeun ka tigebrus kana sirik anu goréng. Sakumaha anu geus kamaphum, anu ngaranna sirik mah datangna lamun nempo kaayaan batur anu béda reujeung urang, utamana lamun batur leuwih onjoy atawa saluhureun diri urang.

Sirik ka babaturan

Dua hal anu kudu dicatet téh nyaéta kudu apal kudu ka saha urang miboga sipat sirik, supaya sirikna jadi miboga niley alus. Aya sirik ka jalma anu sahandapeun urang, jeung aya sirik ka jalma anu saluhureun urang. Dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu ayana di saluhureun urang, jeung dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu aya di sahandapeun urang (biasana mah ka jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah tara sirik).

Dina palebah sirik ka jalma anu ayana di sahandapeun urang (lamun arék nyebut sirik), bisana mah dina haliah dunya atawa perkara dunya. Dina perkara haliah dunya, urang kudu nempo ka jalma-jalma anu kaayaanana di sahandapeun urang. Lamun nempo jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah biasana moal sirik, da naon anu kudu dipikasirikna. Jadi supaya ulah nepikeun ka sirik ngeunaan kadunyaan, kudu loba nempoan jalma anu kaayaanana di sahandapeun.

Kumaha dina perkara ahérat? Dina perkara aherat mah kudu sablikna. Perkara aherat mah kudu nempoan jalma anu ayana di saluhureun, supaya jadi sirik, naha batur mah bet loba ibadahna. Lamun sirik ka jalma anu loba ibadahna, tangtuna ogé bakal ngakibatkeun hayang nurutan ngalobaan ibadah.

Kitu saur pun guru téh….

‘Jadi Jelema’ téh Kadang Osok Témpat Sabeulah


Ngomongkeun ngeunaan jadi jelema, anu jadi udagan kalolobaan jalma di dunya ieu, moal leupas tina hasilna jalma dina ngahontal kahayang katut udagan anu aya pakaitna reujeung kahirupan di dunya ieu (ngahontal kabagjaan di dunya).  Anu jadi implengan ngeunaan ‘jadi jelema’ téh apanan lolobana mah lamun bisa hasil ngudag jeung meunangkeun pakaya anu loba atawa leuwih ti cukup jeung miboga harkat darajat anu luhur di hareupeun papada jalma (miboga kalungguhan). Ieu dua hal bisa dijadikeun ukuran pikeun jalma anu ‘jadi jelema’. Lamun saurang jalma geus bisa ‘jadi jelema’, sahanteuna geus hasil ngahontal salasahiji tina anu dua hal éta, kitu ogé lamun henteu bisa duanana.

Udagan jalma teh osok beurat sabeulah

Jadi hasil henteuna ‘jadi jelema’ atawa bisa ngahontal kabagjaan téh, kalolobanana mah diukur ku haliah dunya, lain ku hal séjénna saperti ku pangarti anu linuhung atawa kalakuan anu alus. Da sanajan miboga pangarti anu linuhung reujeung kalakuan anu bener-bener alus, tacan tangtu bisa ‘jadi jelema’ lamun henteu hasil dina nyiar pakaya anu bisa katempo juglugna, ceuk paribasana mah bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, teu kakurangan nanaon, atawa bisa ngabogaan kalungguhan anu katara ku jalma séjén.

Tapi, naha bener kitu anu disebut jadi jelema atawa hasil dina ngahontal kabagjaan téh ngan ukur bisa diukur ku haliah dunya wungkul? Jawabanana bisa bener, bisa ogé salah. Gumantung ka jalma anu nyanghareupanana.

Lamun jalma anu panceg neuteup kahirupan anu lain ngan ukur di dunya wungkul, tangtuna ogé nganggap kabagjaan atawa ‘jadi jelema’ téh lain ngan ukur di dunya wungkul tapi ogé kumaha bisa ngahontal kabagjaan di sanggeusna mulang ti dunya ieu. Jadi kabagjaan anu diudagna téh henteu témpat sabeulah, ngan ukur ngungudag dunya wungkul, tapi ogé ngungudag kabagjaan di ahérat. Béda deui reujeung jalma anu ngan ngagugulung dunya wungkul, anu diudagna téh ngan ukur kabagjaan dunya wungkul, teu paduli kana kahirupan sanggeus di dunya.

Arék milih anu mana nya…? Mangga, badé milih anu mana waé ogé….

Baca oge:

  1. Kahayang Kolot mah Budak teh Sing Jadi Jelema
  2. Naon Alusna jadi Pagawe Nagri teh?

(Gambar diropea meunang nginjem ti http://www.medansatu.com/files/images/timbangan.jpg)