Nepikeun ka Pakétrok Iteuk


Lamun kaparengan papada sarua dipanjangkeun umurna, taya deui anu dipiharep, kajaba bisa babarengan salilana atawa salila dibéré waktu ngajalankeun kahirupan. Ti mimiti babarengan ti keur ngora kénéh, nepikeun ka aki-aki nini-nini, bisa babarengan sabobot sapihanéan runtut raut sauyunan. Henteu nepikeun pegat di tengah jalan. Ngan ukur umur anu bisa megatkeunana. Kitu kalolobaan anu dipiharep ku unggal jalma dina ngalakonan atawa nyorang kahirupan rumah tanggana.

Mangtaun-taun ngalakonan kahirupan rumah tangga henteu nyababkeun nguranganana kanyaah. Kanyaah angger aya, henteu luntur kaibunan henteu laas kahujanan. Najan nepikeun ka leumpang diseundak maké tongkat atawa iteuk, angger tetep renggenek dina kahirupanana, henteu nepikeun ka leungit.

Nini jeung aki

Kanyaah reujeung tali kakait pikeun hirup babarengan aya salawasna nepikeun ka tongkat atawa iteuk anu dipaké pikeun mantuan nangtung reujeung leumpang téh diadu atawa pakétrok. Iteuk ngajadi saksi dina raketna tali laki rabi dua jalma. Kusabab kitu, laki rabina téh disebutna nepikeun ka pakétrok iteuk.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Ngaroroték


“Mon manéh apal hartina ngroroték?” Ceuk si Acim ka si Omon basa maranéhna arulin di sisi lembur.

“Naon kitu?” Si Omon malik nanya.

“Jawab heula atuh.”

“Apanan matak nanya ogé teu apal.” Témbal si Omon.

“Bisi waé manéh geus apal. Da ngabéjaan anu geus apal mah keur naon.” Ceuk si Acim teu buru-buru ngabéjaan hartina.

“Heueuh naon atuh?” Si Omon maksa.

“Sakeudeung heula atuh.” Si Acim ngarénghap heula.

Si Omon teu nyarita deui. Manéhna ngadagoan caritaan si Acim satuluyna.

“Basa aya kénéh jenatna nini kuring, kuring osok diajak ngaroroték ku nini kuring ka kebon.” Ceuk si Acim ngamimitian nyarita.

“Terus…?” Si Omon megat caritaan.

“Nya saterusna mah kuring téh mantuan nini kuring ngaroroték.”

“Kitu nya…?”

“Heuheuh.” Si Acim unggeuk.

“Ari ngaroroték téh naon atuh?” Si Omon mencrong.

“Ngaroroték téh nyaéta…, ngala suluh. Ngan biasana mah suluhna téh anu laleutik, sabangsaning régang atawa dahan anu laleutik.” Ceuk si Acim.

“Ih, sugan téh naon. Sugan téh anu anéh.” Ceuk si Omon siga anu handeueul. “Borona mah dibandungan.”

Si Acim ukur nyenghél.

Suluh

Naon Sababna Jalma Kakandunganana dina Beuteung?


“Mon, kuring boga tatarucingan.” Ceuk si Duyéh ka si Omon. “Tebak nya…!”

“Tatarucingan naon…?” Si Omon malik nanya ka si Duyéh.

“Ieu…,” si Duyéh mikir heula saheulaanan. “Naon sababna jalma di dunya ieu kakandunganana dina beuteung?”

Si Duyéh melong ka si Omon. Ari si Omon ngahuleng.

“Naon sok sababna…?” Ceuk si Duyéh deui bari leungeunna nyekelan taktak si Omon ti gigireunana.

“Kéla atuh….” Témbal si Omon bari ngépéskeun leungeun si Duyéh.

“Tong lila teuing atuh mikirna, da ieu mah gampang.” Ceuk si Duyéh deui maksa.

Si Omon teu ngajawab.

“Gampang atuh jawabanana mah.” Si Duyéh arék miheulaan ngajawab pananyana.

“Ke heula, ceuk kuring ogé.” Si Omon kesel.

Si Duyéh jadi cicing. Ngadagoan jawaban ti si Omon.

Teu lila si Omon méré jawaban. “Nya geus ti dituna atuh. Geus kuduna lamun jalma kakandungan dina beuteung. Enggeus dina naon deui atuh.”

Si Duyéh unggut-unggutan bari mésem.

“Bener teu?” Ceuk si Omon ka si Duyéh, hayang jawabanana téh éta anu bener.

“Lain kitu, da.” Ceuk si Duyéh.

“Enggeus naon kitu?” Si Omon melong ka si Duyéh.

“Sababna mah kieu gera.” Ceuk si Duyéh mani daria pisan, bari memener diukna.

Ari si Omon cicing, ngaregepkeun naon anu bakal dicaritakeun ku si Duyéh.

“Ceuk nini kuring sababaraha waktu anu geus kaliwat, cenah tempat urang hirup teh aya di Buana Panca Tengah. Hartina aya di tengah-tengah. Jadi sabenerna mah di luhureun jeung di handapeun urang téh masih kénéh aya anu ngaranna dunya. Kusabab urang mah ayana di tengah-tengah, jadi waé kakandunganana téh dina beuteung. Kitu…,” ceuk si Duyéh ngajéntrékeun.

“Terus ari anu di luhur jeung handapeun urang kumaha?” Si Omon panasaran. “Sarua henteu?”

“Ké heula. Kuring acan bérés!” Si Duyéh ngagebés, pédah omonganana dipegat.

Si Omon cicing.

“Anu hirupna di dunya luhureun urang mah kakandunganana téh dina beuheung. Sedengkeun anu hirupna di handapeun dunya urang mah kakandunganana téh dina bitis.”

Si Omon melong ka si Duyéh, asa teu percaya. “Bener kitu…?”

“Nya meureunan. Da éta mah ceuk nini kuring.”

Ngalalakon Nu Didongdon, Ti Pasamon Ka Saban Wewengkon


Cing caringkas, jagjag waringkas, kudu jadi jalma bedas
Awakna kudu teuas lir ibarat batu cadas
Teu gampang, teu haringhang, jauh tina ngahelas
Sanajan kitu tetep bisa ngabedakeun mana hideung mana bodas

Masing jujur, supaya hirup henteu palalaur
Ulah lamur, mun nempo batur keur mujur
Ulah sirikan, ulah hayangan, lamun batur aya di luhur
Alukan milu bungah bungangang, milu sukur

Tong loba kahariwang, sanajan hirup kudu ngayang
Tong haleungheum, sanajan poe kawas lain beurang
Tong hanaangan, sanajan poe keur bayeungyang
Tong sieunan, da doa kolot teu weleh marengan ujang

Tong nguyung, komo kudu ngukur kabingung
Tong elat inget, yen hirup mah kudu padungdung
Tong talangke, tong nganti jalma-jalma geus suwung
Poma inget, kana doa jeung harepan anu jadi indung

Omat ulah poho kana diri, diri anu sajati
Lapampahan di dieu lain pikeun kaluli-luli
Da nu ngaranna wanci mah geus aya anu ngonci
Kudu inget, kana penggeuing jeung pepeling ti nini aki

Hirup kudu satuhu, kana naon anu geus kaelmu
Pagawean, paripolah, tetep aya anu kudu digugu
Pangaweruh mangpaat, satru oge tangtu bakal milu
Inget, kudu inget, sagala piwejang anu jadi guru

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=404673441893)

Denah Rohangan Imah Panggung (2)


Di handap mangrupakeun conto sejen denah rohangan imah panggung anu kawilang gampang. Ieu denah teh meunang nitenan bumina pun nini kapungkur. Wangunana kacida sederhanana. Wilujeng nitenan wae.

Denah Rohangan Imah Panggung

Rohanganana dina imah ieu mah ngan ukur aya dua rohangan anu misah. Rohangan sejenna mah teu jelas watesna. Anu jelas mah rohangan tengah (hurup C) reujeung rohangan goah (hurup B). Rohangan sejenna mah saperti dapur reujeung enggon atawa pangkeng, teu jelas watesna, da ngahiji reujeung rohangan tengah. Di sebut enggon (hurup A) teh kusabab osok dipake istirahat atawa sare. Sedengkeun bagean dapur mah bisa dibedakeunana teh kusabab ayana hawu.

Panto anu dipake pikeun kaluar asup imah teh ngan aya hihi, panto hareup. Di luarna aya golodog tina leunjeuran awi tali.