Cing caringkas, jagjag waringkas, kudu jadi jalma bedas
Awakna kudu teuas lir ibarat batu cadas
Teu gampang, teu haringhang, jauh tina ngahelas
Sanajan kitu tetep bisa ngabedakeun mana hideung mana bodas
Masing jujur, supaya hirup henteu palalaur
Ulah lamur, mun nempo batur keur mujur
Ulah sirikan, ulah hayangan, lamun batur aya di luhur
Alukan milu bungah bungangang, milu sukur
Tong loba kahariwang, sanajan hirup kudu ngayang
Tong haleungheum, sanajan poe kawas lain beurang
Tong hanaangan, sanajan poe keur bayeungyang
Tong sieunan, da doa kolot teu weleh marengan ujang
Tong nguyung, komo kudu ngukur kabingung
Tong elat inget, yen hirup mah kudu padungdung
Tong talangke, tong nganti jalma-jalma geus suwung
Poma inget, kana doa jeung harepan anu jadi indung
Omat ulah poho kana diri, diri anu sajati
Lapampahan di dieu lain pikeun kaluli-luli
Da nu ngaranna wanci mah geus aya anu ngonci
Kudu inget, kana penggeuing jeung pepeling ti nini aki
Hirup kudu satuhu, kana naon anu geus kaelmu
Pagawean, paripolah, tetep aya anu kudu digugu
Pangaweruh mangpaat, satru oge tangtu bakal milu
Inget, kudu inget, sagala piwejang anu jadi guru
(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=404673441893)