Teuing ti mana asalna jeung ti saha mimitina anu nyebarkeun kayakinan atawa anggapan ieu téh. Da pokona mah lamun geus nyabit-nyabit taun 2000, pasti aku kagambar jeung loba anu nyebutkeun yén taun 2000 mah cenah bakal kiamat. Matak harita mah lamun hayang nanaon téh kudu saacanna taun 2000, da lamun dina taun 2000 atawa sanggeus taun 2000 mah moal bisa kusabab kaburu kiamat. Lamun boga kahayang, ditedunana kudu saacanna taun 2000.
Naha bet taun 2000 kiamat téh?

Sigana mah (sigana ieu ogé), nilik kana ngaran taunna. Apanan taun 2000 mah pas pisan jangkepna. Ngaranna alus pisan. Jeung apanan kakara bakal manggihan taun 2000. Da saacanna tacan manggih taun anu ngaranna 2000. Ditambah deui, 2000 teh nuduhkeun taun anu geus kacida kolotna. Umur kalender wae geus 2000, komo deui jeung umur dunya. Jadi geus nepi meureunan kana waktuna kahirupan di dunya kudu lekasan.
Tapi éta mah baheula saacanna taun 2000, mangsa keur bolon kénéh, anu ngan ukur bisa narima naon ceuk kolot. Tacan apal kana nanaon. Da geningan sanggeus nyorang taun 2000, kiamat téh euweuh datang. Entong boroning nembongan, kiamat téh euweuh hibar-hibarna acan. Kahirupan di alam dunya masih kénéh lumangsung.
Anu jelas mah Ki Amat anu ninggalkeun dunya kusabab tilar dunyana.