Sumedang Leungiteun Tahu?


Kumaha jadina lamun di Sumedang euweuh anu nyieun tahu….

Teu kabayang lamun Sumedang leupas tina kadaharan anu ngaranna tahu. Geus papada apal tahu mangrupakeun salasahiji kadaharan anu jadi andelan pikeun Sumedang. Kuayana tahu, Sumedang kakoncara ka mana-mana. Lamun ngobrolkeun tahu, pasti inget ka Sumedang. Kitu deui lamun ngobrolkeun Sumedang, pasti anu inget téh kana tahu. Teu anéh lamun tahu jadi salasahiji ikon (ciri/tanda) pikeun Sumedang. Sanajan di wewengkon séjén ogé aya anu osok nyieunan tahu, angger waé anu kakoncara mah tahu Sumedang.

Lamun ngaliwat ka Sumedang atawa ngadon ulin ka Sumedang, balikna tacan sampurna lamun henteu meuli heula tahu pikeun oléh-oléhna. Anu ngaliwat ka Sumedang henteu kudu susah néangan tukang jualan tahu. Sisi jalan utama di wewengkon Sumedang loba anu ngajualan tahu. Kari nyisi waé sakalian reureuh.

Kitu sotén lamun dina kaayaan normal. Nalika keur henteu normal mah pasti aya bédana. Contona waé ayeuna. Cenah néangan tahu di Sumedang téh kacida susahna. Henteu susah kumaha, nurutkeun inpo, cenah mah tukang nyieunan tahu di Sumedang téh eureun heula saheulaanan mah nyieunan tahuna. Salila tilu poé, mimiti ping salapan nepikeun ka ping dua welas Séptémber, tukang tahu henteu nyieun tahu. Alatanana mah bahan paranti nyieun tahuna mahal. Bener pisan, apanan nalika dolar naék nepikeun ka sawelas rébu leuwih, hahargaan barang anu asalna ti luar nagri bakal ngiluan nérékél naék. Kaasup kacang kedelé anu kalolobanana mah meunang meuli ti luar nagri, ngiluan nérékél naék. Naékna harga kacang kedelé anu nepikeun ka 10.000 sakilona ieu ngabeurat pisan pikeun tukang tahu. Arék kumaha ngajual tahuna? Naha arék ditaékeun hargana atawa ukuranana beuki leutik? Anu jadi kasalempangna mah sieun anu meuli tahu téh ngurangan.

Tahu Sumedang. Bakal leungit?
Tahu Sumedang. Bakal leungit?

Nya saheulaanan mah henteu nyieunan tahu heula. Susuganan pamaréntah bisa ngawaro kahayang tukang nyieunan tahu (jeung tukang nyieunan témpé) supaya harga kacang kedelé téh henteu mahal teuing. Arék kumaha waé carana, asal hargana ulah mahal teuing. Naha ku jalan ngalobaan meuli kacang kedelé ti luar nagri atawa masrahkeun tugas ngimporna ka Bulog deui, atawa ku jalan nyaliksik bisi aya anu ngaheureuykeun harga kedelé supaya nguntungkeun sawaréh jalma. Éta mah masrahkeun waé ka pamaréntah. Pameredihna mah ngan ukur hiji: hargana ulah mahal teuing.

Susuganan waé pamaréntah bisa gancang néangan jalan pikeun ngungkulan mas’alah harga kacang kedelé ieu. Supaya tahu henteu lila teuing leungitna ti Sumedang.

Sumedang kaleungitan tahu? Asa ku teungteuingeun….

(Gambar meunang nginjeum ti Wikipedia)

17 thoughts on “Sumedang Leungiteun Tahu?

Tunda talatah