
Hayang pisan unggal poé bisa midangkeun tulisan/pedalan dina ieu blog. Ngan nyakitu téa geningan. Pedalan atawa tulisan téh henteu bisa mayeng unggal waktu bisa dijieun. Pedalan atawa tulisan henteu bisa dijieun lamun taya pamanggih naon anu baris ditulis atawa dipedalkeun. Dina ayana ogé, pamanggih téh kadangkala henteu bisa langsung dijadikeun tulisan. Pamanggih téh kudu dikokolakeun (diolah) heula. Kumaha carana supaya pamanggih téh bisa dijadikeun tulisan anu merenah. Lamun geus ngawujud jadi tulisan mah kakara bisa dipedalkeun.
Jadi lamun hayang tulisanana mayeng unggal poé mah alusna unggal poé téh miboga pamanggih ngeunaan naon baé anu bisa dijadikeun tulisan. Pamanggih téh langsung disusun jadi tulisan dina blog. Arék saeutik atawa loba, pamanggih téh langsung dijieun tulisan. Kitu sotén lamun lulus banglus pamanggihna. Nalika euweuh pamanggih mah, nya wayahna waé kudu mikir atawa néangan pamanggih nepikeun ka kapanggih.
Kusabab pamanggih téh henteu unggal waktu kapanggih atawa kasampeur, aya alusna lamun sagala rupa pamanggih téh dikokolakeun kalawan alus. Kudu nyieun daptar pamanggih anu kapanggih, naha dihaja dipanggihan atawa henteu kahaja (kapanggih). Sanggeus dijieun daptar, terus dijieun tulisan. Tulisanana ogé kudu dikokolakeun kalawan bener ogé. Nalika pamanggih téh loba beubeunanganana, henteu langsung dijadikeun pedalan, tapi saeutik-saeutik medalkeunana. Sanajan dina hiji waktu miboga pamanggih nepikeun ka sapuluh siki, anu dipedalkeun mah alusna henteu langsung kabéhanana. Tapi nungtutan, hiji-hiji atawa dua-dua dina sapoéna. Nalika dina hiji poé poékeun ku pamanggih, kakara medalkeuna pamanggih/tulisan sésana.
Ku jalan ieu, pedalan téh sahanteuna baris mayeng unggal waktu (poé).