Pasanggiri Pop Sunda Sumedang


Dina raraga ngamumulé Basa Sunda jeung ngamumulé seni Sunda, baris diayakeun pasanggiri Pop Sunda Sumedang. Pasanggiri ieu dilumangsungkeun ku panata calagara anu mangrupakeun gawé bareng antara Tandang Creative Community, Patuzzu Multigrafika jeung Hanjuang Sumedang kalawan pangrojong ti SMTV Sumedang. Pasanggiri bakal dilaksananakeun dina ping 26 jeung 27 Agustus 2017. Dina prungna pasanggiri aya dua undakan anu kudu diliwatan ku pamilon ieu pasanggiri, nyaéta undakan seléksi jeung undakan puncer (final).

Ieu pasanggiri bébas bisa diiluan ku saha waé, asal kaasup dina wengku umur ti mimiti sapuluh taun nepikeun ka 70 taun katut urang Jawa Barat. Kalawan sarat anu kudu ditedunan ku anu ngiluan kana ieu pasanggiri nyaéta ngeusian formulir daptar anu geus disadiakeun ku panata calagara (panitia), terus mayar waragad daptar anu gedéna Rp 100 rébu pikeun unggal pamilon ditambah potrét pamilon ukuran 3R anu jinisna dua rupa nyaéta potrét close up jeung sakabéh awak.

Pamilon bisa daptar langsung ngaliwatan kantor SMTV Sumedang di Jl. Raya Bandung – Cirebon No. 289 Désa Mandalahérang Kacamatan Cimalaka atawa bisa ogé ngaliwatan Pattuzu Multigrafika di Blk. Parakanmuncang Kacamatan Cimanggung. Salian ti éta, pamilon ogé bisa daptar ngaliwatan sawatara kontak anu disadiakeun ku panata calagara anu diantarana waé di nomer 0813-2068-9425 (Zay) pikeun pamilon anu dumuk di wewengkon Jatinangor jeung Tanjungsari, 0813-2410-2017 (Diky) pikeun pamilon anu dumuk di wewengkon Darmaraja jeung sabudeureunana kaasup Majalengka, 0812-2105-9657 (Oniel) atawa 0852-2216-9808 (Dali) pikeun urang Rancakalon jeung sabudeureunana katut Subang, 0888-0901-2637 (Nugie) atawa 0852-6454-7249 (Dadi) pikeun urang dayeuh Sumedang katut sabudeureunana.

Pasanggiri Pop Sunda Sumedang

Pamilon anu ngiluan kana pasanggiri ieu bisa milih lagu wajib anu bakal dibawakeun dina prungna pasanggiri, ditambah jeung lagu pilihan anu geus disadiakeun. Lagu wajib anu bisa dipilih ku pamilon mangrupakeun lagu anu biasa dihaleuangkeun ku Fanny Sabila nyaeta Tahu Sumedang, Ceurik Cimanuk atawa Darmaga Cinta. Sedengkeun lagu pilihanana nyaéta tin lagu-lagu anu dihaleuangkeun ku Minus One.

Waktu anu disadiakeun ku panata calagara pikeun narima pamilon anu daptar nepikeun ka ping 20 Agustus 2017. Anu daptar bisa jadi pamilon ieu pasanggiri bakal meunangkeun kagegelan mangrupa VCD Fanny Sabila, Paket Starter Pack 2 GB, Digiloop Telkomsel jeung Stiker Pasanggiri Pop Sunda.

Pamilon anu geus daptar baris ngiluan technical meeting anu baris dilaksanakeun dina poé Ahad ping 20 Agustus 2017. Anu saterusna bakal ngiluan pasanggiri dina ping 26 nepikeun ka 27 Agustus 2017.

Pasanggiri ieu marebutkeun hadiah mangrupa duit (uang pembinaan), piala katut mini clip jeung video clip. Ieu hadiah diancokeun pikeun jawara kahiji, kadua jeung katilu.

Patalimarga Sumedang – Cirebon Kapegat ku Jalan nu Titeundeut


Pikeun anu arék lumampah ngagunakeun kandaraan ngaliwatan Désa Bugel Kacamatan Tomo, boh ti béh kulonna atawa ti béh wétanna, alusna mah mending kénéh pindah jalan ka jalur alternatif atawa jalan tol Cikampék – Palimanan. Utamana kandaraan anu gilindingna loba, kayaning mobil, ulah maksakeun ngaliwat ka jalan anu nepungkeun Sumedang – Majalengka éta. Sababna, kaayaan jalan ieu di lelewek Dusun Cireki aya bagéan jalan nu neundeut ka handap. Teu kagok, neundeutna nepikeun ka saméter leuwih kalawan panjang jalan anu neundeutna nepikeun ka 75 méter.

jalan-samemeh-titeundeut
Jalan samemeh titeundeut (Google Street View)

Cenah mah, jalan titeundeut ieu kulantaran kaayaan taneuh sabudeureunana anu teu weweg. Dirojong ku hujan anu ngageyer ka ieu wewengkon. Anu antukna taneuh di sahandapeun ieu jalan ngagulusur ka handap.

jalan-satutasna-titeundeut
Jalan anu titeundeut (potret: pesbuk Ganies Prihartono)

Ieu kajadian mimitina mah dina peuting tadi, kira-kira wanci sareureuh budak. Mimitina anu neundeutna téh ngan ukur sapuluh méteran kalawan jerona satengah méteran. Poé tadi, isuk-isuk jalan anu titeundeut téh ngajeroan jeung manjangan nepikeun ka saméter leuwih jerona katut 75 méter panjangna.

jalan-titeundeut
Perenahna jalan anu titeundeut (gambar: Google Maps)

Kuayana ieu kajadian, jalan teu bisa diliwatan ku kandaraan utamana mobil. Motor mah masih bisa sésélékét, da anu titeundeutna geus mimiti disaeuran ku keusik jeung batu. Mobil anu arék ngaliwat ka ieu jalan, dipindahkeun ka jalan tol Cipali atawa bisa ngaliwatan jalan alternatif Cikamurang – Conggéang atawa ngaliwatan Jatigedé.

(Warta meunang nyutat ti sawatara inpo, foto/gambar: internet jeung pesbuk)

Mapag Milangkala Sumedang ka-437 Taun 2017


mapag-milangkala-439-sumedang
Mapag milangkala Sumedang anu ka-439 taun 2017

#PrayForSumedang


#PrayForSumedang, Ngadunga pikeun Sumedang
#PrayForSumedang, Ngadunga pikeun Sumedang

Hujan Badag, Sawatara Tempat di Sumedang Katarajang Urug


Hujan badag anu tumiba dina poé Salasa mangkukna mawa béja anu matak tugeunah. Cenah nurutkeun inpo anu sumber di mandala maya sawatara wewengkon anu aya di Kabupatén Sumedang ngalaman urug jeung caah. Sawatara tempat heuseusna di wewengkon Desa Cihérang ngalaman urug nepikeun ka aya imah anu kaurugan nepikeun ka ruksakna. Malahan cenah aya warga masarakat anu nepikeun ka tiwasna.

Desa Cihérang anu perenahna aya di jalanan anu nepungkeun dayeuh Sumedang reujeung dayeuh Bandung, ngalaman urug di sababaraha tempat. Taneuh anu urugna salian ti ngaurugan imah, aya ogé anu ngaurugan jalan gedé anu nepungkeun Sumedang jeung Bandung. Jalan gedé anu aya di wewengkon Dusun Cihérang, Cimarémé jeung Singkup keurugan ku taneuh. Anu antukna jalan téh teu bisa diliwatan ku kandaraan boh anu ka Bandung ti Sumedang atawa sabalikna.

Pikeun anu arék nyanyabaan ka wewengkon Bandung, ti Sumedang mah bisa ngaliwatan jalan nguriling ka Rancakalong. Sedengkeun anu ti wewengkon Cirebon mah dititah ngagunakeun jalan tol Cikampék – Palimanan. Pikeun poé ayeuna mah cenah, kandaraan geus bisa ngaliwatan jalan Cadas Pangéran sanggeus taneuh anu ngarimbunan jajalaneun disingkirkeun heula ngagunakeun alat-alat beurat kayaning béko. Ngan pikeun anu arék ngulampreng ka wewengkon Cadas Pangéran kudu ati-ati, bisi jalanna masih kénéh laleueur.

Urug di Dusun Ciherang (potret: pesbuk)
Urug di Dusun Ciherang (potret: pesbuk)

Tina urug ieu, sawatara warga masarakat anu kakeunaan ku musibah urug dipindahkeun ka GOR Tadjimaléla. Aya nepikeun ka 75 kulawarga anu kudu ngungsi.

Salian ti di wewengkon Cihérang, urug ogé tumiba di wewengkon Dusun Citengah jeung di Désa Mekarahayu. Di Dusun Citengah mah cenah aya saurang anu tilar dunya. Sedengkeun di Désa Mekarahayu mah urugna aya anu ngarimbunan imah nepikeun ka sapuluh imah jeung aya ogé anu ngarimbunan jalan.

Urut caah di walungan Cicapar (potret: pesbuk)
Urut caah di walungan Cicapar (potret: pesbuk)

Wewengkon di dayeuh Sumedang anu kaliwatan ku walungan Cipélés, katumibaan ku caah. Wewengkon anu kakeueum ku cai diantarana Dusun Panjeléran, Dusun Bojong, jeung Dusun Cibitung kakeueum ku cai anu asalna ti walungan Cipélés. Terus di wewengkon Situraja ogé teu tinggaleun. Walungan Cicapar kacaahan ku cai. Sasak anu kakara diwangun sataun anu ngaliwatan walungan Cicapar ruksak. Sasak anu jadi jalan motong urang Désa Ambit pikeun ka dayeuh Situraja potong katarajang ku cai caah. Teu tinggaleun pasawahan anu aya di sisi walungan kaeléb ku cai caah.

Gantole Lintas Alam di Batu Dua


Salian ti cabor Paralayang, di Batu Dua ogé bakal dijadikeun tempat tatandang cabor Gantole. Ngan henteu sakabéh nomer Gantole diayakeun di Batu Dua, anu dilumangsungkeun di Batu Dua mah ngan ukur nomer Lintas Alam wungkul. Pikeun nomer Ketepatan Mendarat mah diayakeunana di Bukit Pasir Panjang Bandung Barat.

Cabor Gantole di PON XIX Jawa Barat 2016
Cabor Gantole di PON XIX Jawa Barat 2016 (gambar: THB Gantole)

Tatandang Gantole di Batu Dua téh waktuna sababaraha poé reujeung eujeung cabor Paralayang. Wancina wungkul anu béda téh, Gantole diayakeun sanggeus réngsé ngapungkeun Paralayang. Nurutkeun rarancang mah unggal poéna tatandang Gantole bakal diayakeun dina wanci pecat sawed kira-kira jam sapuluhan. Kajaba poé Jumaah bakal diayakeun satutasna solat Jumaah.

Nurutkeun rarancang, tatandang cabor Gantole nomer Lintas Alam bakal dilumangsungkeun mimiti ping 14 Séptémber sanggeus diayakeun Technical Meeting dina poé saméméhna. Tatandang cabor Gantole di Batu Dua bakal dipungkas dina ping 18 Séptémber. Tatandang saterusna dipindahkeun ka Bandung Barat.

Patandang Gantole ngapung di Batu Dua (potret: pesbuk Igun Gunawan)
Patandang Gantole ngapung di Batu Dua (potret: pesbuk Igun Gunawan)

Dina lima poé tatandang, bakal diayakeun tatandang sarintakan dina sapoéna. Atuh sakabéhna, patandang bakal ngalakukeun tatandang lima rintakan. Aya dua kelas dina cabor Gantole nomer Lintas Alam ieu nyaéta Kelas A jeung Kelas B. Anu ngabédakeun éta dua kelas téh nyaéta jinis kakapalan atawa langlayangan anu dipaké ngapungna. Jinis kakapalan/langlayangan anu dipaké ku Kelas A mah mibanda layar atawa jangjang ganda. Sedengkeun jinis di Kelas B mah layarna ngan hiji.

Atuh pikeun anu hayang lalajo tatandang cabor Gantole, bisa datang langsung dina waktuna di Batu Dua. Sakalian lalajo tatandang Paralayang bisa ogé diteruskeun kana lalajo tatandang Gantole. Catet waé waktuna, nurutkeun rarancang mah dilumangsungkeunana mimiti ping 14 nepikeun ka 18 Séptémber.

(Inpo meunang nyutat ti THB Gantole)

Taman Endog Ngaleungit, Tilem Kunu Dagang


Geus lila sabenerna mah ieu kaayaan téh, ti saméméh Pasar Sandang diwangun deui. Taman Endog anu asalna tempat arulin jeung niis, ayeuna mah teu katara ti luar téh. Da kahalangan ku jongko anu daragang di sakurilingeunana. Jongko tempat daragang anu asalna ti pasar. Bari nungguan réngsé pasar diwangun, anu jualan téh daragangna pindah ka sabudeureun Taman Endog.

Kusabab dilingkung ku jongko anu jualan, Taman Endog jadi teu katempo ti saluareunana, boh ti jalan utama (Jalan Mayor Abdurahman) boh jalan anu ka Tegalkalong (Jalan Sebelas April). Lamun hayang nempo jeung nyaho kana kaayaan Taman Endog kudu asup heula ka jero taman ngaliwatan jalan leutik séséléké diantara jongko. Di jero tamanna cenah mah teu kaurus pisan. Tugu atawa monumén Endogna mah masih kénéh ngajega reujeung tangkal palemna masih kénéh aya, ngan hanjakal taman di sakurilingeunana geus teu siga deui. Sawatara pot kembang anu galedé geus teu nyari deui, komo kembangna mah. Babangkuan tina beusi tempat dariuk anu ngadon ulin ka Taman Endog ogé raruksak. Salian ti dikurilingan ku jongko tempat dagang, Taman Endogna dikurilingan ku pager tina séng.

Tugu/Monumen di Taman Endog anu kahalangan ku jongko dagangan
Tugu/Monumen di Taman Endog anu kahalangan ku jongko dagangan

Robahna kaayaan Taman Endog ieu teu leupas tina pindahna anu dagang ti jero pasar ka wewengkon Taman Endog. Sabab, pasar keur diwangun deui. Pangwangunana sorangan teu bisa langsung diwangun kusabab loba leungeun anu ngahalangan, ulaheun diwangun. Kakara taun ayeuna éta pasar bisa diwangun (direnovasi). Salila tacan réngsé mah pasarna, anu jualan téh bakal ngagunakeun lahan di sabudeureun Taman Endog. Kakara balik deui ka jero pasar lamun pangwangunan pasar geus réngsé.

(Inpo jeung potret meunang nyutat ti Detikom)