Éndahna Batu Dua dina Kanyataan


Nganjang ka wewengkon Batu Dua, sanajan ngaliwatan jalan anu ruksa katut dipapag ku poé anu panas bisa kaubaran ku éndahna alam wewengkon Sumedang. Patempatan béh wétaneun katut kaléreun Batu Dua anu upluk-aplak, pacampur antara pasawahan reujeung pasir, nambah éndahna tetempoan. Komo deui lamun bendungan Jatigedé geus ngajanggélék, baris katempo ngemplangna cai bendungan.

Batu Dua Tatan-tatan Mapag Kajawaraan Paralayang Internasional


Pi saminggueun deui kana diayakeunana kajawaraan Paralayang Di wewengkon Batu Dua Désa Cimarga Kacamatan Cisitu, tempat katut jalan anu nojo ka éta patempatan téh keur dibebenah. Tempat anu baris dipaké kajawaraanana, keur dicaangan jeung dilegaan. Tempat pikeun ngapungna atlét paralayang anu tatanding diberesihan tina jujukutan supaya lalega.

Sumedang ka Batu Dua Cimarga ngaliwatan Bakom
Sumedang ka Batu Dua Cimarga ngaliwatan Bakom

Pon kitu deui reujeung jalan anu baris dipaké liliwatan anu arék ka Batu Dua ti Kasongambang(?) keur dihangkeutkeun dibenenah. Jalan séjén anu bisa dipaké ka Cimarga salian jalan anu ti wewengkon Bakom téh keur diaspal. Da lamun ngandelkeun jalan anu ti Bakom mah lumayan jauh jeung malipir lamping. Ditambah deui jalanna anu ruksak pisan. Jaba leuwih jauh jeung nanjak.

Ceuk béja mah, anu arék tatanding téh nalika inditna mah baris maké jalan anu ti Bakom. Balikna lamun jalan ti Kasongambang geus réngsé diaspalna, baris ngaliwatan jalan ieu. Lamun tacang réngsé mah nya kapaksa jalan ka Bakom deui.

Di sisi belah kidul tempat kajawaraanana geus mimiti diwangun sasaungan. Sasaungan basajan pikeun tempat jujualan (wawarungan) urang dinya katut tempat ngiuhan nalika panas poé. Lamun hanaang téh teu kudu ka mamana deui.

Mikawanoh Sajarah Sumedang dina Gempungan Grup Pésbuk Sumedang Tandang


Sakumaha rarancang anu geus dijieun saméméhna, dina poé Ahad ping 22 Séptémber 2013, Grup Sumedang Tandang di pésbuk ngayakeun gempungan atawa riungan anu munggaran. Nurutkeun inpo susulan, tempatna lumangsungna lain di alun-alun Sumedang tapi dialihkeun ka Gedung Negara di komplék Musieum Geusan Ulun Sumedang. Ngan dina prak-prakanana, ieu acara téh dilumangsungkeunana di Gedong Sri Manganti Musieum Geusan Ulun. Kebeneran pihak musieum nyadiakeun tempat jeung waktu pikeun riungan kalawan diluuhan ti pihak musieum. Pasosoréna acara dimimitian ku mikawanoh ngeunaan sajarah Sumedang. Ti pihak musieum ngaguar ngeunaan sajarah ngeunaan Sumedang ti mimiti jaman Karajaan nepikeun ka jadi Kabupatén.

Saregep mikawanoh sajarah Sumedang
Saregep mikawanoh sajarah Sumedang

Sanggeus ngaguar sajarah, diteruskeun ku nguriling ka unggal gedong anu jadi tempat neundeun rupa-rupa barang titinggal sajarah Sumedang. Ngilikan naon waé anu aya di jero musieum. Ti mimiti rupa-rupa duit ti jaman Walanda nepikeun ka ayeuna, pancakaki (Babon) Karajaan Sumedang, rupa-rupa buku jieunan jaman baheula, rupa-rupa pakarang paranti perang, makuta Binokasih, alat kasenian nepikeun ka karéta Naga Paksi.

Oléh-oléh anu lumayan mucekil, iraha deui atuh mikawanoh sajarah Sumedang téh. Salaku urang Sumedang kacida payusna lamun apal kana sajarah Sumedang. Salasahiji sumber sajarah ngeunaan Sumedang téh nyaéta di musieum ieu. Sanajan henteu bisa kaguar kabéhanana, sahanteuna aya dadasar pikeun leuwih mikawanoh Sumedang. Geningan ngaguar sajarah mah henteu cukup ku waktu sajam dua jamn. Sugan ka hareupna bisa leuwih mikawanoh deui Sumedang. Lamun henteu dipikawanoh ku urang, nya ku saha deui…?