Jalan Hirup Jalma


Rupa-rupa pisan jalma mah. Masing-masing jalma pasti ngabogaan hal-hal anu beda. Masing-masing jalma ngabogaan pamadegan jeung cekelanana sewang-sewangan. Jalma ngabogaan lalakon hirupna sewang-sewangan. Aya anu kitu, aya anu kieu.

Anu jadi beda  diantara hiji jalma reujeung jalma sejenna teh, salasahiji contona nyaeta jalan hirup anu dilakokan ku masing-masing jalma. Ngan intina mah, saur pun guru, jalan anu ku jelema disorang salila hirupna teh aya tilu rupa. Enya, jalan hirup jalma mah ngan ukur tilu rupa jalan.

Naon wae atuh…?

Sakumaha Pidawuh Gusti Nu Maha Agung dina Quran surat Al-Fatihah ayat 6-7, anu pihartoseunana kirang langkung:

Tuduhkeun abdi ka jalan anu lempeng. Nyaeta jalanna jalma-jalma anu disinugrahan kani’matan, lain jalanna jalma-jalma nu dibendon jeung jalma-jalma nu sasab (QS. Al-Fatihah: 6-7)

Nurutkeun ieu ayat, jalan anu disorang ku jalma anu hirup di dunya teh aya tilu rupa nyaeta jalan anu lempeng, jalan anu dipikabendon jeung jalan anu kasasar. Jadi dina ngajalankeun kahirupanana teh, moal leupas tina eta jalan. Lamun henteu ngaliwatan jalan anu lempeng tangtuna oge ngaliwatan jalan anu dipikaceuceun ku Alloh atawa jalan anu kasasar.

Ari jalan anu lempeng teh nyaeta jalanna jalma-jalma anu geus dibere kani’matan ku Alloh, jalanna para Nabi jeung jalma-jalma anu turut tumut kana jalan anjeunna. Tah jalan anu lempeng ieu teh jadi jalan anu kudu disorang ku jalma-jalma anu hayang salamet dunya rawuh aherat. Jalan ieu teh jalan anu dipikarido ku Alloh.

Sedengkeun jalan anu dua deui mah nyaeta jalan anu teu dipikarido ku Allah. Ari jalanna jalma-jalma anu dipikabendo ku Alla nyaeta jalan hirup jalma-jalma anu ngabogaan elmu tapi teu diamalkeun. Jalma-jalma anu nyorang jalan ieu mah jalma anu ngarti kana elmu reujeung bebeneran, tapi kahirupanana teu sarua reujeung naon anu aya dina pangartina. Maranehna teh nyokot jalan anu papalingpang antara naon anu geus dipikanyaho yen eta teh bener reujeung dina prak-prakan lalampahanana. Ari jalan jalma-jalma anu kasasar mah jalma anu teu ngabogaan elmu atawa kanyaho. Ari lalampahanana mah hayang bener, tapi kusabab henteu ngabogaan elmuna, jadi wae nyasab.

Pikeun urang mah, nya tinggal milih wae hayang jalan anu mana. Da eta mah pilihan pikeun jalma anu hirup di dunya ieu. Lamun hayang salamet dunya aherat, tangtuna oge kudu milih jalan anu lempeng. Tapi sanajan ieu jalan teh disorang ku jalma-jalma anu dibere kani’matan, lain hartina jalma-jalma anu ngaliwatan jalan ieu teh bakal nari’mat, da kabuktinaana loba keneh jalma anu milih jalan anu dipikabendu ku Alloh atawa milih jalan anu sasab. Jalan anu lempeng ieu mah ni’matna teh lain diniley ku kani’matan nafsu, tapi ku kani’matan ngalakonan hirup anu sabenerna. Hirup anu bener-bener aya dina kahirupan nyata nyaeta pikeun neruskeun jalan anu disorang ku para Nabi dina merjuangkeun ajaran anu dibawa ku aranjeunna.

Tunda talatah