Aki-aki Tujuh Mulud


“Cim, maneh pernah ulin ka imahna si Opan acan…?” si Omon nanya ka si Acim, basa duanana eukeur dariuk dina babangkuan di sisi jalan deukeuteun imah di Omon.

“Acan. Aya naon kitu?”

“Henteu nanaon…, ngan eta wae mani resep teh lamun ulin ka imahna teh.” Tembal si Omon.

“Resep naon kitu? Loba dahareun nya…?” Si Acim nyindiran si Omon.

“His…! Lain atuh.” Si Omon ngagebes. “Ieu mah lain perkara dahareun….”

“Enggeus naon atuh?”

“Eta, resep lamun geus ngadengekeun akina cacarita….” Si Omon ngajelaskeun.

“Carita naon kitu…?” Si Acim jadi manco ayeun mah, panasaran.

“Eta…, carita jaman baheula. Jaman eukeur aya keneh Walanda reujeung jaman Jepang.”

“Ah…, atuh carita eta mah aki urang oge osok ngobrolkeun atuh. Sugan teh carita naon….” Si Acim jadi kaduhung, borona mah daria didengekeunana.

“His, ieu mah lain perkara caritana. Da ieu mah cacaritana teh mani rame, jeung pepeta sagala, sagala dipraktekeun.” Tembal si Omon.

“Terus…?”

“Nya kitu wungkul….”

“Sugan teh naon anu rame teh….” Si Acim keuheul.

“Ih…, tong waka kitu atuh.” Si Omon ngajentrekeun. “Anu jadi kapanasaran kuring mah eta aki si Opan teh, masih keneh jagjag waringkas. Teu katempo yen geus kolot.”

“Sabaraha kitu umurna…?” Si Acim panasaran.

“Teuing atuh. Da cenah mah lamun disaruakeun jeung umur aki kuring mah kolotan keneh aki si Opan.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh. Eta oge euceuk aki si Opan. Cenah baheulana teh aki kuring jeung akina si Opan teh babaturan waktu eukeur bajoang. Harita teh cenah kolot keneh akina si Opan. Sedengkeun aki kuring apanan geus ninggalkeun sataun katukang.”

Si Acim teu ngomong.

“Tapi lamun nempo kaayaan akina si Opan, teu jiga-jiga anu geus kolot.” Si Omon neruskeun omonganana.

“Ari umur aki maneh sabaraha kitu, Mon?”

Si Omon ngahuleng, teu langsung ngajawab.

“Nya kira-kirana mah 80 taun leuwihan lah….” Ahirna si Omon ngajawab. “Ari aki maneh, Cim?”

“Teuing atuh kuring oge teu apal. Engke wae urang tanyakeun heula.”

“Ceuk aki kuring mah, aki maneh jeung aki kuring teh sapantaran cenah.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh. Lamun kitu mah kolotan keneh akina si Opan….”

“Kolotan teh kudu jelas sabaraha-baraha taunna atuh….”

“Nu matak kuring oge teu apal….” Si Omon keukeuh.

“Nya heueuh atuh lah. Geus kolot pisan aki si Opan mah….” si Acim bangkenu.

Si Omon nyengir nempo kalakuan si Acim kitu teh.