Nulis ngeunaan kajadian atawa hal anu aya pakaitna reujeung bulan anu eukeur dilakonan, jadi inget kana ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda. Kumaha atuh lamun ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda téh ditaan hiji-hijina. Ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda mah teu leupas tina ngaran bulan dina Basa Jawa jeung ngaran bulan dina Kaléndér Islam (Kaléndér Hijriyah). Da bener ogé, tanggal-tanggal dina pananggalan bulan Sunda mah sarua atawa ampir sarua reujeung pananggalan di Jawa jeung Kaléndér Hijriyah. Anu ngabédakeunana téh ngaran sabagéan bulanna. Sedengkeun éntépanana mah sarua baé. Lobana bulan oge sarua aya dua belas.
Ari ngaran-ngaranna mah nyaéta:
- Muharam
- Sapar
- Mulud
- Silih Mulud
- Jumadil Awal
- Jumadil Ahir
- Rajab
- Rewah
- Puasa
- Sawal
- Hapit
- Rayagung

Sedengkeun ngaran poéna mah nyaéta:
- Ahad
- Senén
- Salasa
- Rebo
- Kemis
- Jumaah
- Saptu
hatur nuhun lur..
rumaos urng sunda, ngan teu apal ka ngaran2 bulan acan..
sakali deui hatur luhun pisan.
wasalam
LikeLike
sawangsulna. Hatur nuhun parantos kersa ngalongok ka ieu blog
LikeLike
Kang uninga teu pami nami sasih dina basa Sunda Kuna?
LikeLike
Nami-namina teh saurna mah: Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Arawana, Badra, Asuji
LikeLike