Mangpaat Kaulinan Barudak


Lamun ditengetan mah, kacida lobana mangpaat anu bisa diala tina Kaulinan Barudak teh. Utamana mangpaat pikeun ngaronjatkeun pangabisa dina kahirupan sapopoena. Salian ti eta oge kumaha supaya bisa hirup akur jeung dulur kitu deui jeung batur, sauyunan ka papada jalma. Da dina waktu arulin teh lolobana mah dilakukeun lobaan jeung babaturan ulinna.

Barudak arulin

Di antara mangpaat Kaulinan Barudak anu bisa kakoreh, nyaeta:

  1. Pangajaran supaya bisa hirup sauyunan, gawe babarengan jeung babaturan. Dina sababaraha jinis kaulinan barudak, aya ajaran anu ngutamakeun hirup sauyunan, akur jeung babaturan. Dina ngalaksanakeun kaulinanana kudu dibarengan ku babaturan, teu bisa dilakukan ku sorangan. Contona wae dina nyieun sasaungan, maen sapintrong, jujulangketan, jeung nu lianna.
  2. Ngajarkeun supaya silih elehkeun. Teu salawasna dina ulinna barudak teh kudu gawe babarengan dina harti silih rojong, tapi aya kaulinan barudak anu ngajarkeun supaya kudu silih elehkeun, kudu meunang. Saperti dina ulin pris-prisan, ucing-ucingan, dam-daman, peperangan, jeung rea-rea deui. Sok sanajan kitu, tetap wae ari akurna mah kudu. Dina ngalaksanakeun kaulinanna teh kudu adil, kudu nyatria, kudu satuhu kana aturan anu dijieun saacanna ngalakukeun kaulinan. Lamun aturan ieu dirempak bisi kapapanjangan jadi papasaeaan, anu tungtungna bisa jadi garelut.
  3. Silih ajarkeun pangabisa. Dina hal ieu, biasana anu geus bisa ngalakukeun kaulinan, osok ngajarkeun kaulinan kanu acan bisa. Kusabab kitu, tungtungna anu acan bisa (bisa wae) bakal ngilu bisa. Komo deui lamun dina kaulinan anu diwangun ku grup-grup. Dina sagrup-sagrupna, budak anu geus bisa ngajarkeun cara-carana, supaya bisa meunang ngalawan grup nu lianna.
  4. Ngajarkeun hirup anu aya dipingping kunu bisa. Lamun ngalakukeun kaulinan anu digrup-grup, biasana osok aya budak anu dianggap paling kolot atawa anu pangbisana dijadikeun pamimpin dina grupna. Kumaha supaya bisa meunang dina ulin, kudu nurut ka budak anu geus pangalaman. Sanajan kitu, tetep nu ngaranna pangrojong atawa saran ti budak nu lianna masih bisa keneh ditarima.
  5. Pangajaran supaya silih tulungan, tulung-tinulungan jeung papada jalma, jeung babaturan. Saperti dina maen peperangan. Dina maen peperangan, jeung balad kudu silih tulungan dina ngelengkeun musuh. Jeung kaulinan nu lianna.
  6. Ngautamakeun hirup motekar. Loba pisan kaulinan barudak anu ngajarkeun yen hirup kudu motekar. Da dina ulin teh teu wungkul kudu kitu wungkul. Aya hal-hal anu kudu diluyukeun jeung kaayaan jeung kabisa budak. Atawa aya oge kaulinan anu merlukan parobahan. Contona wae dina maen momobilan. Aya budak anu ngabogaan kai pikeun nyieun momobilanna, aya oge anu teu bogaeun. Anu teu bogaeun bisa ngamangfaatkeun barang-barang anu aya di sabudeureunana, bisa ngagunakeun palapah kawung, cangkang jeruk, atawa sakadar ku tangkal cau.
  7. Ngajarkeun kumaha bisa hirup leuwih dewasa atawa kokoloteun. Dina ngalaksanakeun kaulinan, kadang osok aya wae pacogregan anu disababkeun hal-hal anu teu kasawang ti anggalna. Kumaha supaya pacogregan teh teu kapapanjangan, barudak kudu ngabogaan pikiran kokoloteun, da ieu mah ngan ukur ulin atawa heureuy. Lamun eleh dina tarung, nya kudu ngaku eleh ulah nepi ka embung eleh.
  8. Ngajarkeun kumaha supaya ngagunakeun akal jeung pikiran katut kabisa dina ngungkulan sagala masalah.  Lamun ngalaman masalah dina ngalakukeun kaulinan, dibutuhkeun solusi pikeun ngungkulan masalah eta. Naha masalah dina kakurang jalma atawa kakurangan bahan atawa bisa wae kaayaan anu teu nagrojong misalna kaayaan hujan.
  9. Ngajarkeun kumaha carana ngamangfaatkeun sagala rupa anu aya di sakuliringeun/sabudeureun tempat ulin. Dina ngalaksanakeun kaulinan, kadang diperlukeun barang-barang pikeun ngalaksanakeun kaulinanana. Contona wae maen ayun-ayunan. Maen ayun-ayunan merlukeun tali atawa barang pikeun ayunan. Biasana lamun ayun-ayunan osok make samping anu ditalikeun kana dahan atawa palang. Lamun teu boga samping, bisa ngagunakeun barang nu lian, saperti tali rapia, tali tina awi tali, tali tina sabangsaning areuy-areuyan, atawa oge ngagunakeun awi tali saleunjeur.
  10. Nambahan elmu atawa pangaweruh. Dina ngalakukeun kaulinan, anu bisa osok ngajarkeun kaulinan ka budak anu acan bisa. Ku hal ieu, budak anu acan bisa atawa apal jadi bisa atawa apal kana kaulinan anu bakal atawa eukeur dilakonanana.
  11. Ngalaksanakeun prak-prakan pangajaran di sakola. Aya sababaraha kaulinan barudak lamun ditengetan leuwih jero mah bisa dijadikeun alat pikeun mraktekeun teori pangajaran di sakola. Contona wae pangajaran IPA (Ilmu Pengetahuan Alam). Salaku elmu anu datangna tina hasil ngotektak atawa panalungtikan ti alam sabudeureun, tangtu teorina teh moal leupas ti kaayaan sabudeureun. Ulin kokoleceran bisa dijadikeun praktek tina pangajaran teori di sakola. Naha sababna kolecer kudu dipalincangkeun heula lamun hayang muter. Terus oge kunaon sababna dina ulin pepeletokkan pelorna bisa ngacleng lumayan tarik. Jeung rea kaulinan lainna anu bisa dijadikeun alat praktek.
  12. Ngawangun jati diri atawa kapribadi budak dina nyanghareupan kahirupan nu bakal datang. Ku ayana kaulinan ieu teh, saeutikna bisa ngawujudkeun budak anu teu leupas tina kaayaan lingkungan sabudeureunana. Sanajan geus nincak rumaja atawa geus gede, biasana pangalaman-pangalaman jaman keur budak teh osok aya wae tapakna. Kumaha endahna hirup keur budak, ulin jeung babaturan. Jadi, sanajan geus gede oge moal nepikeun ka mopohokeun kana kaulinan keur leutikna, nya kitu deui ka babaturanana. Sanajan geus pajauh jeung babaturan, pasti aya kahayang pikeun ngumpul deui, nyoreang ka mangsa ka tukang.
  13. Ngajarkeun budaya sorang anu kacida alusna dibandingkeun jeung budaya anu asup ti luar. Kaulinan barudak mangrupakeun hasil tina budaya sorangan anu memang turunan ti nini aki, turunan ti karuhun anu cocok jeung kahirupan di hiji tempat. Tibatan ngalakakukeun kaulinan anu asalna ti luar, leuwih alus keneh kaulinan anu asalna ti budaya sorangan.
  14. Ngeusi waktu kosong. Sanajan ngaranna ulin, tapi loba kolot anu ‘miharep‘ budakna pikeun ulin. Tibatan aya di imah, leuwih alus pikeun ulin. Komo deui lamun di imahna teh ngadon rungsing ka kolot.
  15. Ngajarkeun cara ngadu atawa judi. Salian ti mangpaat anu alus, aya oge kaulinan barudak anu ngajarkeun cara-cara judi atawa maen. Anu tungtungna bisa jadi kabiasaan engke geus gede. Lamun keur budak mah maenna teh tara maen taruhan atawa tumpangan, bisa wae geus gede mah jadi resep maen tumpangan. Conto kaulinan barudak anu bisa jadi ngajarkeun judi atwa ngadu atawa maen judi di antarana: nagdu kaleci, ngadu karet.
Advertisements

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out /  Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Robih )

Connecting to %s