Béda Mangsa Béda Ceta


Lain waktu anu kudu disalahkeun, lamun kaayaan ngalaman parobahan. Geus jadi hiji papastén, lamun waktu ngangkleung ngoloyong taya kendatna. Geus jadi hiji katangtuan, lamun waktu terus maju taya eureuna. Waktu ngalaman robah, kaayaan ogé pipilueun ngilu robah. Ieu meureunan anu disebut ‘dinamis’ téh. Kaayaan kahirupan di alam pawenangan henteu tetep renggenek kitu jeung kitu. Ti waktu ka waktu ngalaman parobahan. Kaayaan anu henteu tetep dina hiji kaayaan. Ngan parobahan anu tetep mah, parobahan tetep jadi parobahan.

Waktu dina kahirupan jalma
Waktu dina kahirupan jalma

Parobahan tetep jadi parobahan. Bisa robah jadi leuwih alus tibatan asalna, atawa parobahan anu leuwih goréng tibatan asalna. Kumaha anu jadi jejer parobahanana. Kumaha anu mawa parobahanana. Anu mawana mapay jalan bener, bakal jadi leuwih alus. Anu mawana mawa ka jalan anu goréng, bakal leuwih goréng.

Parobahan teu leupas tina jejer anu mawa parobahanana. Nguluyurna waktu beuki dieu beuki dieu, sareundeuk saigel reujeung parobahan anu dialaman ku jejerna. Nguluyurna waktu, dina lolongkrang ambahan waktu, mawa rupa-rupa lalakon anu kasorang. Mangpirang-pirang lalakon mekelan rupa-rupa pamanggih. Pamanggih anu jadi cekelan jeung daluang pakeun jadi pieunteungeun atawa jadi pangajaran.

Daluang méré angkeran, mana jalan anu kudu disorang. Mana anu bisa disorang, mana anu henteu meunang disorang. Daluang méré watesan mana papagon jeung larangan. Daluang beuki ampeg ku panjangna lalampahan nu disorang. Beuki lila lalampahan, beuki lila waktu nu disorang, beuki lega ambahan daluang.

Daluang jadi bekel lumampah mapay jalan kahirupan, saméméh dipungkas ku bagbagan lekasan.

*Parobahan lain paro bahan.

Advertisements

Pentingna Élmu jeung Amal


Saur pun guru mah, aya kakait anu kacida pageuhna antara élmu reujeung amal téh. Duanana teu bisa dipisahkeun deui. Aya istilah ‘Ilmu ‘Amaliyah, ‘Amal ‘Ilmiyah. Lamun boga élmu kudu diamalkeun, jeung lamun ngalakukeun amal téh kudu apal kana élmuna. Jeung hiji deui anu kudu jadi cekelan téh nyaéta amal tanpa élmu éta bohong, terus lamun élmu tanpa amal ibarat tangkal anu teu buahan.

Jadi, anu ngaranna élmu reujeung amal téh kacida pentingna pikeun sakumna jalma téh. Duanana kudu sarua dilakonan, teu meunang milih salasahijina wungkul, komo lamun ninggalkeun duanana mah. Élmu jeung amal bisa dijadikeun bekel pikeun ngalakonan kahirupan di dunya ayeuna katut di ahérat engké. Dina ngalakonan kahirupan di dunya ieu, anu dipinuhan ku sagala rupa masalah, dibutuhkeun élmu pangaweruh pikeun ngungkulanana. Ngalakonan kahirupan supaya bener henteu ngarempak papagon geus nyata, dibutuhkeun élmu pikeun mikanyaho sagalana. Sanggeus nyaho kana élmuna, henteu eureun ngan ukur mikanyaho wungkul. Tapi éta kanyaho téh ulah ngan ukur jadi kanyaho wungkul. Kanyaho kudu bisa diprakeun dina kahirupan sapopoéna. Supaya kanyahonya miboga harti dina kahirupan, katut kanyaho téh bisa sapagodos sajugjugan reujeung kahirupanana. Ulah nepikeun ari kanyaho muruna ka kidul, ari prak-prakanana bet muru ka wétan. Ulah nepikeun ka geus mikanyaho hiji perkara téh goréng, tapi get dilakonan.

Jalma anu alus mah, antara élmu reujeung amalna téh sajugjugan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, henteu papalingpang. Jalma anu papalingpang antara élmu reujeung amalna, sarua reujeung henteu ngamalkeun élmuna. Élmu anu dipiboga, lamun henteu diamalkeun mah sarua jeung tangkal anu teu buahan. Tangkal anu teu buahan mah taya mangpaatna. Tangkal anu teu mangpaat mah paling ogé dituar, moal lila diantepkeun sina ngarunggunuk.

Lamun hiji jalma ngalakonan hiji pagawéan atawa amal, tapi teu apal kana élmuna, éta mah sarua reujeung bohong. Amal anu dipigawéna sarua reujeung bohong atawa taya hartina. Sanajan pagawéanana téh alus, tapi lamun henteu dibarung ku élmuna, moal aya hartina. Sampurnana pagawéan atawa amal téh lamun miboga kanyaho kana éta pagawéan. Jalma anu keur migawé atawa keur nyieun amal, kudu apal kana naon anu keur dipigawéna. Apal kana hukumna, apal kana kumaha migawéna (tata carana) katut tujuan éta pagawéanana.

Néangan Luang ti Papada Urang


Luang asalna ti papada jalma deui. Luang téh miboga harti pangalaman, élmu pangaweruh anu kapanggih salila ngalakonan kahirupan, atawa élmu panimu meunang mulungan sasieureun sabeunyeureun salila nyorang kahirupan. Pangalaman atawa pamanggih sanajan ngan ukur sasieureun sabeunyeureun, asal aya mangpaatna pikeun kahirupan jalma, boh pikeun dirina atawa diri batur bisa jadi luang. Komo deui pangalaman anu geus gerot mah, loba pisan luangna. Jadi lamun niténan kana ieu hal, anu ngaranna luang mah asalna téh ti papada jalma atawa ti papada urang.

Ngaguar pangalaman kolot

Dina néangan atawa nyiar luang, teu bisa ngan ukur nempo di jalma atawa di sahana, ti saha asal daluangna. Da luang mah lain ngan ukur ti jalma anu geus gerot wungkul. Najan jalma anu kasebut budak kamari soré ogé lamun miboga luang mah euweuh salahna dicokot. Jadi luang mah teu bisa nempo di jinis jalma anu miboga luangna. Tinggal kumaha ngala jeung misah-misahna, mana luang anu alus dicokot jeung mana luang anu goréng.

Luang bisa dicokot atawa ditéang ti jalma anu geus kahot, geus loba pangalamana atawa geus jalma anu geus legok tapak genténg kadék. Kolot-kolot anu geus loba pangalaman biasana mah loba pisan luangna, anu bisa dipulungan piken ngalakonan kahirupan ka hareupna. Luang kumaha cara ngalakonan kahirupan anu alus atawa bener tangtuna bakal nyampak. Luang anu utama bisa dikoréhan anu asalna ti kolot sorangan, atawa jalma anu dipikolot.

(Gambar meunang nginjeum ti http://chlorofil.files.wordpress.com/2011/03/keluarga.jpg)

Dina Lolongkrang Anyar


Nyorang lolongkrang anyar
Lapang teu bisa nawar
Seja cumpon nedunan panyiar
Ambahan sagala diguar

Hamo cicing kudu liar
Téangan gera nyebar
Titincakan paampar-ampar
Hahalang gera tuar

Cing gilig masing cénghar
Kana diri kudu milebar
Sugan panggih wanci beunghar
Sagala pikiran janglar

Béh ditu dina tétélar
Lolongkrang pikeun ngencar
Papanna kawas lincar
Susuganan bisa lancar

Di luar kacida lémpar
Loba jalma liwat ngalalar
Nu nyorangan atawa kembar
Nu tigin atawa salancar

Kabéh kaluar ngadahdar
Néang pikiran ngolémbar
Sugan manggih keun lintar
Atawa ukur seja dahar

Ngan kudu tetep ngagalasar
Apal titincakan dasar
Nu ti mimiti geus digelar
Ngajauhan nu teu dipalar

Caritaan ulah nambah éar
Arék alus arék méngpar
Laklakan ieuh diumbar
Kaambeuna matak pengar

Komo dibarung humandeuar
Dikoréhan nepi ka dadasar
Nganggap nu lain pakacar
Hiji waktu bisi neunggar

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150111468931894)

Dongeng Teu Eureun


Aya carita katompérnakeun
Taya ulas pikeun mengpeun
Ngaberung nambah sieun
Najan pakajeun-kajeun
Lebah dinya geus diteundeun

Kahareupna seja pakeun
Pék cekel ulah dipiceun
Ulah pohoan sagala meureun
Komo kitu kieu sagala kajeun
Engké moal meunang peunteun

Di dieu kuring jeung anjeun
Kudu apal tong kuuleun
Pangarti kabéh ungkeun
Tong nyésa kabéh tamplokeun
Taya anu matak ginggiapeun

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150111060441894)

Ngeunaan Sajarah


Naha bet ngomong sajarah nya?

Ieu mah beubeunangan atawa daluang ti panyabaan. Da ngomongkeun sajarah mah biasana aya dina pangajaran di sakola-sakola, naha sakola handap, sakola tengah atawa paguron luhur. Di sakola mah, ngeunaan sajarah teh ditengetan pisan, ti mimiti ayana jelema di dunya ieu nepikeun ka ayeuna. Malahan mah aya palajaran husus anu ngaranna PSPB atawa Sajarah. Sajarah teh kacida pentingna pikeun kahirupan jalma. Da ngaliwatan sajarah, jalma anu hirup ayeuna bisa apal ngeunaan kaayaan jaman baheula.

Da sajarah mah eusina téh ngeunaan jaman baheula atawa carita ngeunaan jaman baheula. Ku ayana jujutan waktu, moal bisa aya jaman ayeuna lamun euweuh jaman baheula. Jaman ayeuna osok aya patali reujeung jaman baheula, atawa kaayaan jaman ayeuna téh kumaha kaayaan jaman baheula.

Ku jalan apal sajarah, bisa apal kumaha kaayaan jaman baheula. Eta kaayaan jaman baheula téh bisa dijadikeun pieunteungeun atawa bahan pangajaran dina jaman ayeuna. Jadi, aya dua hal anu bisa diala tina sajarah jaman baheula: nyaéta dijadikeun pieunteungeun atawa dijadikeun pangajaran. Ieu hal téh, sakumaha kahirupan jalma ayeuna, anu ngaranna kahirupan moal leupas tina hadé reujeung goréng, kahirupan sajarah ogé moal leupas tina dua hal éta: aya sajarah ngeunaan kahadéan, aya sajarah ngeunaan kagoréngan.

Sajarah ibarat tangkal

Jadi mangpaat sajarah pikeun kahirupan jalma téh, pangpangna kumaha supaya sajarah bisa dijadikeun dua hal tadi. Sajarah anu hadé kudu dijadikeun bahan pangajaran pikeun kahirupan ayeuna. Sedengkeun sajarah anu goréng kudu dijadikeun pieunteungeun pikeun kahirupan jalma ayeuna.

Ngeunaan sajarah, asal kecapna téh cenah tina basa Arab anu lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda mah hartina téh tangkal atawa dahan tatangkalan.

Sajarah téh bisa disebut ogé pangajaran atawa élmu anu eusina ngeunaan hal atawa kaayaan jaman baheula. Sajarah utamana ngomongkeun ngeunaan kaayaan atawa kahirupan jalma jaman baheula. Da anu nyieun sajarah mah jalma anu hirup di dunya ieu. Sajarah téh bisa aya kusabab ayana jalma. Lamun euweuh jalma mah tacan tangtu aya anu ngaranna sajarah.

Jadi, anu ngaranna sajarah mah moal leupas tina kahirupan jalma.

Jodo Pati Bagja Cilaka Kagungan Gusti


Jodo pati bagja cilaka mah kumaha Gusti.

Jodo pati bagja cilaka mah kagungan Gusti.

Jadi inget kekecapan kolot, pikeun ngupahan téh biasana mah ku kecap jodo pati bagja cilaka mah geus aya anu nangtukeun. Perkara jodo pati bagja jeung cilaka mah aya dina kakawasaan Gusti Alloh. Jalma mah teu bisa kukumaha.

Éta kecap téh biasa dikedalkeun lamun aya jalma meunang karerepet anu hésé kaungkulanana, atawa meunang musibah. Kaasup ogé lamun aya jalma atawa dirina anu tacan meunang waé jodo.

Jadi anu opat perkara éta téh kabéhanana ogé geus aya anu nangtukeun nyaéta Gusti Alloh. Jalma mah teu bisa nanaon deui, da geus aya anu nangtukeun. Perkara jodo, unggal jalma geus ngabogaan jodona séwang-séwangan. Unggal jalma anu gubrag ka dunya geus dicatet saha jodona. Kitu deui ngeunaan pati atawa paéhna, geus ditangtukeun ku Gusti Alloh. Pon kitu deui jeung perkara bajga reujeung cilaka, duanana geus aya dina katangtuan Gusti Alloh. Jalma mah tinggal narimakeun naon anu geus dicawiskeun pikeun manéhna ti Gusti Alloh. Arék hadé atawa arek goréng, geus jadi kawajiban jalma pikeun narimakeunana. Da anu ngaranna Gusti Alloh mah Maha Sagala Nyaho, naon anu alus pikeun mahlukna reujeung naon anu goréng pikeun mahlukna (jalma).

Jodo pati bagja cilaka kagungan Gusti

Ngan dina kanyataanana, teu saeutik jalma anu teu bisa narima kana kanyataan. Da osok aya dina anu opat perkara ieu téh papalingpang reujeung kahayangna. Aya jalma anu hayang bagja, bisa waé kalahka meunang cilaka. Atawa jalma anu hayang paéh kusabab teu kuat nandangan tunggara dina hirupna, teu bisa paéh kusabab tacan waktuna. Atawa jalma anu hayang ngabogaan jodo anu ‘geulis’, kalahka meunang jodo anu pasalia reujeung anu dipikahayangna. Tapi teu kabéh kitu, da aya ogé dina opat perkara éta, anu sarua reujeung anu dipikahayang ku hiji jalma. Aya jalma anu hayang bagja, kaparengan dibéré bagja. Nya pastina saha anu henteu bungah. Aya jalma anu hayang dibéré jodo anu ‘geulis’, pék téh dibéré jodo anu sarua ‘geulis’. Nya éta mah wayahna waé kudu narimakeun.

Sanajan kitu, Gusti Alloh méré lolongkrang ka jalma pikeun nepikeun paménta, kaasup dina perkara anu opat ieu. Jalma dibéré jalan ku cara ngadoa nepikeun paméntana ka Gusti Alloh, hayang ménta anu kumaha. Ieu bisa jadi jalan pikeun nyaruakeun naon anu dipikahayang reujeung anu bakal kanyataan. Ngan tetep perkara bakal bukti atawa henteuna mah aya dina kakawasaan Gusti Alloh.