Lamun Kurikulum 2013 Dilaksanakeun, Kumaha Nasib Basa Sunda?


Ayeuna téh cenah keur ramé-raména madungdengkeun ngeunaan Kurikulum 2013. Kurikulum anyar éta sabenerna mah dijieun kalawan maksud supaya barudak sakola hususna barudak SD henteu beurat teuing dina diajarna di sakola. Henteu loba teuing pangajaran anu kudu diiluan ku barudak sakola. Nurutkeun rarancangan, Kurikulum 2013 jumlah pangajaran di sakola dasar (SD) bakal dikurangan, pon kitu deui reujeung pangajaran di SMP. Lamun tadina jumlah pangajaran di SD téh jumlahna sapuluh siki dikurangan jadi genep rupa pangajaran nyaéta Matematika, Bahasa Indonesia, Agama, Pendidikan Jasmani, Pendidikan Pancasila dan Kewarganegaraan, katut Kesenian. Sedengkeun ari barudak SMP anu tadina diajar 12 pangajaran, dikurangan jadi sapuluh pangajaran: Pendidikan Agama, Pancasila dan Kewarganegaraan, Bahasa Indonesia, Matematika, IPA, IPS, Bahasa Inggris, Seni Budaya dan Muatan Lokal, Pendidikan Jasmani dan Kesehatan, katut Prakarya.

Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola
Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola

Ngilikan kana maksudna mah alus ogé supaya barudak téh teu loba teuing beungbeurat dina diajarna. Ngan hanjakal, pikeun pihak-pihak di daérah mah ieu kurikulum anyar téh bakal ngaleungitkeun pangajaran Bahasa Daérah di sakola-sakola, contona waé nya pangajaran Basa Sunda. Keur peujeuh mah sanajan aya pangajaranana ogé di sakola, Basa Sunda téh susah ngahonjatna (barudak sakola susah bisana), komo deui ieu dileungitkeun. Arék kumaha nasib Basa Sunda ka hareupna lamun henteu diajarkeun di sakola? Barudak sakola moal apal jeung bisa kana Basa Sunda. Salian ti éta, lamun Basa Sunda dileungitkeun tina kurikulum dina harti henteu diajarkeun deui di sakola-sakola, kumaha atuh nasib guru Basa Sunda ka hareupna? Maenya kudu ngajar pangajaran séjén! Ogé kumaha nasib jurusan Pendidikan Basa Sunda di paguron luhur anu nyayagikeun guru-guru Basa Sunda ka hareupna? Piraku kudu tutup mah!

Lamun kitu mah, Kurikulum 2013 téh henteu ngabélaan kana Basa Sunda salaku basa daérah anu aya di Indonésia. Taya deui carana ku jalan kudu ngarobah éta Kurikulum saacanna ditetepkeun ku pamaréntah. Sahanteuna henteu mupus basa daérah tina pangajaran di sakola.

Loba tokoh masarakat Sunda hususna anu mikadeudeuh kana Basa Sunda asa neuteuli kana kahayang jeung pamadegan pamaréntah ieu. Aranjeunna néangan tarékah kumaha supaya Basa Sunda henteu dileungitkeun tina pangajaran di sakola-sakola. Warta panganyarna, dina poé isukan (Senén) bakal diayakeun démonstrasi pikeun megatan ditetepkeunana Kurikulum 2013 kajaba lamun ngasupkeun basa daérah kana Kurikulum anu anyar. Démonstrasi  anu dijudulan Aksi Budaya Nolak Kurikulum 2013 bakal dilumangsungkeun di hareupeun Gedung Saté terus ka tugu Monumén Perjuangan.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

2 thoughts on “Lamun Kurikulum 2013 Dilaksanakeun, Kumaha Nasib Basa Sunda?

  1. Pernah ngaos artikelna Pa Ajip Rosidi. Justru nu kudu diperhatikeun dina sistem pendidikan teh pelajaran basa, boh basa Indonesia komo deui basa Sunda.

    Mapag dinten Senén nu pamungkas taun 2012 ,Mugia ganti taun aya dina kabarokahan kangge urang sadaya. Amin!

    Like

    • Untung kurikulumna teuacan ditetepkeun. Masih keneh rarancang. Mudah-mudahan wae tiasa dirobih.

      Wilujeng taun engal oge. Taun engal anu nyandak sumanget engal ngarojong kana kasaean anu langkung-langkung ti taun sateuacanna…
      Aamiin

      Like

Tunda talatah