Paraseuneu


Di pawon atawa dapur, osok aya tempat di luhureun hawu pikeun teuteundeunan. Ieu tempat osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu dihaneutan atawa digarang. Ieu tempat disebutna téh paraseuneu.

Paraseuneu di luhureun hawu
Paraseuneu di luhureun hawu

Nilik kana ngaranna mah ampir sarua reujeung para, anu aya di luhureun imah handapeun hateup. Ngan anu ngabédakeunana nyaéta anu tadi téa: paraseuneu mah osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu hawa haneut atawa panas. Salian ti éta téh, dijieunana ogé di luhureun hawu (luhureun seuneu di hawu).

Dina paraseuneu biasana mah osok jadi tempat pikeun neundeun hasil tatanén anu baris dijadikeun bibit pepelakan kayaning jagong, siki cabé, suuk, kacang taneuh, siki waluh jeung siki bonténg. Bisa ogé dijadikeun pikeun ngagarang dahareun supaya awét lila (hadareun jadi garing). Salian ti dahareun, aya ogé pikeun teuteundeunan wawadahan kayaning boboko jeung nyiru supaya garing henteu katiisan.

Ngigelan Jaman atawa Diigelan ku Jaman?


Ngigel atawa ngibing teu bisa leupas tina anu diigelanana. Ngigel biasana mah osok dipirig ku tatabeuhan. Dina ngigel kudu nurut kana tatabeuhanana. Dina pakaitna antara tatabeuhan reujeung ngigel, aya hal anu jadi pangbébéda. Tatabeuhan henteu gumantung kana ngigel, sedengkeun ngigel biasana mah gumantung kana tatabeuhan. Tatabeuhan tetep bisa dilakonan sanajan taya anu ngigelan. Sabalikna, ngigel henteu dibarengan ku tatabeuhan, asa henteu puguh alang ujurna (ngigel kudu dibarengan ku tatabeuhan). Ngigel lain ngan ukur dibarengan atawa dipirig ku tatabeuhan wungkul, tapi ogé ngigel kudu sarua atawa sarimbagan reujeung tatabeuhanana. Ngigel kudu sawirahma reujeung tatabeuhanana salaku anu diigelanana.

Gambaran barudak keur diajar ngigel
Gambaran barudak keur diajar ngigel

Jaman kiwari, lain ngan ukur tatabeuhan wungkul anu diigelan téh. Supaya bisa tetep aya janggélékna (eksistensina), kudu bisa ngigelan naon anu keur lumangsung ayeuna. Supaya dianggap aya jeung henteu tinggaleun jaman, kudu bisa ngigelan jaman anu keur lumangsung. Ayeuna jaman modéren, kudu bisa ngigelan kana modérenna jaman. Ulah nepikeun ka tinggaleun ku jaman anu beuki maju. Lamun henteu bisa ngigelan jaman, bakal kasingsalkeun, bakal ditinggalkeun ku batur.

Kumaha lamun miboga kahayang anu sabalikna, hayang diigelan ku jaman? Ieu kahayang leuwih hadé jeung payus, supaya henteu kapalidkeun (kabawa palid) ku jaman. Anu ngaranna ngigelan, pasti waé kudu nurut kana naon anu diigelanana. Lamun ngigelan jaman, hartina anu miboga kakawasaan téh jaman. Sabalikna lamun diigelan jaman, hartina jaman anu ngiluan, kumaha ceuk anu diigelanana.

Ngan hanjakal, jaman anu keur lumangsung téh teu apal saha anu ngadalikeunana. Jadi teu sagawayah bisa ngadalikeun jaman. Béh dituna, moal bisa ngadalikeun jaman anu keur lumangsung ayeuna. Kacida beuratna lamun hayang ngadalikeun jaman, komo teu boga kakawasaan mah.

Anu bisa dipigawé mah nyaéta anu tadi, ngigelan jaman supaya ulah tinggaleun jaman jeung bisa katangar yén masih kénéh aya janggélékna. Sanajan kudu ngigelan jaman, tetep ulah poho kana purwadaksina.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Cul Dog-dog Tinggal Igel


Keur husu mah geningan poho kana nanaon. Sok padahal éta téh pira, ngan ukur pésbukan. Pésbukan téh dibawa anteng mah tara karasa, pangpangna teu karasa méakeun waktu. Najan dina waktuna keur gawé ogé, teu nolih kana pagawéan anu sakuduna dipaju, angger waé pésbukan mah henteu bisa tinggaleun. Hanca deui, hanca deui pésbukan. Unggal poé tara tinggaleun kana pésbukan téh. Asana téh henteu apdol lamun sapoé henteu pésbukan.

Pesbukan
Pesbukan

Saleuheung lamun di luareun jam pacabakan mah, da ieu mah geningan dina waktuna digawé ogé, teu leupas tina neuteup pésbuk. Pésbukan deui, pésbukan deui. Teuing kumaha atuh jujutanana, bet resep-resep teuing kana pésbukan téh. Da asalna mah biasa-biasa waé, teu pati teuing kabongroy.

Lamun diitung-itung mah geningan, waktu gawé téh lolobana mah dipaké pikeun pésbukan. Pacabakan anu utamana mah henteu dipiroséa. Ngan untung waé ayeuna mah keur kabeneran nyalsé. Pacabakan acan aya anu nampeu deui.

Angger waé kétang waktu gawé mah kuduna dipaké pikeun gawé.

Sosompang jeung Sorondoy


Sakurilingeun imah téh biasana mah osok aya panyawéran. Tempat anu aya di handapeun hateup luareun imah saméméh ontob. Tempat lamun dina nalika kaayaan hujan téh osok bisa dipaké ngiuhan. Lamun kaayaan hujan, jalma anu kahujanan osok ngadon ngiuhan di panyawéran. Pon kitu deui ingu-inguna kayaning hayam, meri osok ngilu ngiuhan di panyawéran. Lumayan bisa ngahalangan hujan henteu ninggang kana awak. Ngan nalika hujan gedé katut dibarung ku angin, panyawéran téh henteu salawasna bisa dipaké pikeun ngiuhan. Da osok kasawéran ku cai hujan anu katebak ku angin.

Sosompang
Sosompang

Ieu panyawéran téh osok aya anu dipanjangan supaya tempat anu uihna leuwih lega. Panyawéran téh ditumbu hateupna kalawan maké usuk, eréng katut ditutupan hateup (kenténg). Pikeun nahan beungbeurat tumbu hateup ieu biasana mah dilengkepan ku tihang. Lamun geus ditumbu mah hateupna, jadi aya lolongkrang pikeun ngiuhan anu leuwih lega. Ieu hateup tambahan atawa tumbu téh biasana mah disebutna sosompang. Di wewengkon séjén mah aya anu nyebut ku kecap sorondoy.

Sosompang biasana mah dijieunna di gigir atawa tukangeun imah. Tara aya anu ngadon nyieun sosompang di hareupeun imah. Sosompang téh loba pisan mangpaatna pikeun anu boga imah. Salian ti bisa dipaké pikeun ngiuhan, ogé bisa dijadikeun tempat teuteundeunan kayaning suluh meunang ngala ti kebon/leuweung; neundeun paparabotan jeung wawadahan kayaning dingkul, nyiru jeung pacul; pikeun neunden popoéan nalika hujan; nyieun tempat ngasakan kadaharan (hawu); atawa tempat digawé nalika hujan; pikeun teuteundeunan hasil tatanén; jeung pikeun teuteundeunan anu séjénna.

Ciri sosompang mah biasana ngan ukur aya iuh-iuhan wungkul (hateup). Ari gigirna mah euweuh kikidingan. Sosompang mah diantepkeun sina ngageblong katempo ti luareun imah. Handapna ogé biasana mah diantepkeun sina diamparan taneuh, henteu dialasan maké amparan nanaon. Atuh saha waé jeung naon waé bisa gampang pikeun cicing di sosompang pikeun ngadon ngiuhan.

Basa Sunda


Lagu: Basa Sunda
Haleuang: Iin Parlina Bimbo
Rumpaka:

Lagu Basa Sunda ku Iin Parlina Bimbo
Lagu Basa Sunda ku Iin Parlina Bimbo

Deudeuh teuing Basa Sunda
Basa pangindungan rasa
Gambaran lemesna budi
Kedaling galindeng ati

Deudeuh teuing Basa Sunda
Basa endah boga wanda
Ciciren diri awaking
Nu nyanding dina hariring

Duh Basa Sunda
Naha teu dipirosea
Duh ulah era
Nyarita ku Basa Sunda

Duh Basa Sunda
Basa luhung hade tangtung
Ulah ditundung
Tong sieun disebut ngampung

Deudeuh teuing Basa Sunda
Anjeun ceurik dina ati
Bongan gening urang Sunda
Geus loba nu teu mupusti

Duh Basa Sunda
Naha teu dipirosea
Duh ulah era
Nyarita ku Basa Sunda

Duh Basa Sunda
Basa luhung hade tangtung
Ulah ditundung
Tong sieun disebut ngampung

(Gambar meunang nginjeum ti youtube)

Sakeudeung deui Wancina Kompanyeu Pemilukada Sumedang


Sanggeus ngawanohkeun unggal Cabup/Cawabup Sumedang pikeun Pemilukada 2013 ka masarakat di unggal Daerah Pemilihan, ayeuna bakal nincak kana undakan kompanyeu. Unggal Cabup/Cawabup dibéré waktu pikeun ngabibita/meredih masarakat anu bakal ilubiung dina Pemilukada supaya milih maranéhna. Nurutkeun aturan anu dijieun ku KPU, kompanyeuna Pemilukada Sumedang bakal dilumangsungkeun salila 14 poé, mimiti ping 7 nepikeun ka ping 21 Pébruari 2013.

Pemilukada Sumedang
Pemilukada Sumedang

Ari jadwalna, dina poéan kahiji (7 Pébruari) unggal Cabup/Cawabup medar visi jeung misi dina gempungan gedé (sidang paripurna) DPRD Sumedang. Sedengkeun poéan kaduana, nerap-nerapkeun alat kompanyeu di tempat-tempat anu geus di tangtukeun. Poéan saterusna nepikeun ka poéan ka-14, ngalakukeun kompanyeu langsung ka masarakat. Dina ngalakukeun kompanyeuna, wilayah Kabupaten Sumedang dibagi jadi dalapan wewengkon kompanyeu.

Wewengkon kompanyeu anu geus ditangtukeun téh nyaéta:

  1. Wewengkon kahiji, Cimanggung jeung Jatinangor.
  2. Wewengkon kadua, Tanjungsari, Sukasari, Pamulihan, Rancakalong.
  3. Wewengkon katilu, Sumedang Utara, Sumedang Selatan.
  4. Wewengkon kaopat, Cisarua, Ganeas, Situraja, Cisitu.
  5. Wewengkon kalima, Darmaraja, Cibugel, Jatinunggal, Wado.
  6. Wewengkon kagenep, Jatigede, Tomo, Ujungjaya.
  7. Wewengkon katujuh, Conggeang, Cimalaka, Paseh.
  8. Wewengkon kadalapan, Buahdua, Tanjungkerta, Tanjungmedar, Surian.

(Inpo jeung gambar meunang nyutat ti KPU Kabupaten Sumedang)

Rupa-rupa Pakakas pikeun Nyieun Rupa-rupa Aplikasi Mobile


Mekarna rupa-rupa parabot keupeul (hénpon) dibarengan reujeung mekarna rupa-rupa sistem operasi anu dipelak dina unggal parabot keupeul. Béda parabot keupeul bisa waé miboga sistem operasi anu béda. Antara hiji jinis hénpon reujeung jinis hénpon anu séjén, miboga sistem operasi anu béda. Bédana sistem operasi ieu nyababkeun unggal parabot keupeul (hénpon) miboga kamonésan, kamampuhan jeung pasipatan anu béda-béda. Atuh pikeun anu arék nyieun aplikasi mobile téh mikabutuh pakakas pikeun nyieun aplikasi mobile anu ngawengku sakabéh sistem operasi. Supaya dina sakali nyieun aplikasi mobile téh bisa diterapkeun (dipasang) dina unggal hénpon anu béda-béda sistem operasina. Henteu kudu susah-susah nyieun aplikasi anu béda-béda pikeun unggal sistem operasi.

Pakakas pikeun ngawangun aplikasi mobile dina rupa-rupa henpon
Pakakas pikeun ngawangun aplikasi mobile dina rupa-rupa henpon

Untungna ayeuna geus aya anu nyadiakeun pakakas anu bisa dipaké nyieun aplikasi mobile pikeun rupa-rupa hénpon/sistem operasi. Aya sababaraha pakakas anu geus kawentar kalawan sadia di mandala maya, kari ngundeur waé.

  1. RhoMobile, mangrupakeun salasahiji rangkay gawé anu dumasar kana Ruby. Ieu pakakas bisa digunakeun ku anu nyieun aplikasi mobile anu diancokeun husus (native) anu ngawengku rupa-rupa sistem operasi dina hénpon saperti Android, Windows Mobile, Symbian, iPhone katut RIM. Rangkay gawé anu dipedalkeun ku RhoMobile ieu bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi mobile anu bisa dijalankeun dina rupa-rupa hénpon. Sakali nyieun aplikasi mobile, éta aplikasi anu dijieunna bisa dipaké dina sababaraha jinis hénpon anu béda-béda sistem operasina.
  2. PhoneGap, bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi dina parabot keupeul Android, Palm, Symbian, BlackBerry, iPhone, iTouch jeung iPad. Pakakas ieu ngagunakeun basa anu osok dipaké dina nyieun aplikasi loka/web standar saperti HTML jeung JavaScript. PhoneGap bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi mobile anu ngaksés kamonésan hardware saperti accelerometer, GPS/lokasi, kaméra, sora jeung sajabana.
  3. Appcelerator, bisa disebut ogé Titanium Development Platform anu dikaluarkeun ku Appcelerator. Ieu pakakas bisa dipaké pikeun ngawangun aplikasi mobile, tablet ogé aplikasi desktop ngaliwatan basa pemrograman web saperti HTML, PHP, JavaScript, Ruby jeung Python. Cenah mah, aplikasi anu dijieun maké ieu pakakas bisa nepikeun ka 1000 aplikasi dina sabulanna. Kapinunjulan ieu pakakas mah nyaéta anu makéna bisa ngaksés 300 informasi API jeung lokasi. Salian ti éta ogé aya panambahna, nyaéta: event/kajadian dina aplikasi bisa diobah-obah, aplikasi anu dijieunna bisa dumasar kana hardware sacara langsung, katut data anu diperlukeun ku aplikasina bisa diteundeun di parabot keupeulna langsung atawa di cloud.
  4. MoSync, mangrupakeun pakakas pikeun ngawangun aplikasi mobile anu dumasar kana pemrograman web standar. Ieu pakakas bisa dipaké ku anu ngawangun aplikasi kalawan ngawengku kana compiler, librari, runtime, device profile jeung parabot séjénna anu loba gunana. Salian ti ngarojong basa pemrograman JavaScript, PHP, Ruby, Python jeung nu séjénna, MoSync ogé ngarojong basa C/C++. MoSync bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi mobile dina sistem operasi Windows Mobile, Windows Phone, iOS, BlackBerry, Android, Symbian, Moblin jeung sababaraha sistem operasi Linux pikeun parabot keupeul.

(Dicutat ti about.com, gambar meunang nginjeum ti mosync.com)