Aksi Budaya Nolak Kurikulum 2013


Ieu mah mangrupakeun cutatan tina kagiatan anu disebarkeun ngaliwatan Pesbuk

 
 

(Sumber: https://www.facebook.com/)

Lamun Kurikulum 2013 Dilaksanakeun, Kumaha Nasib Basa Sunda?


Ayeuna téh cenah keur ramé-raména madungdengkeun ngeunaan Kurikulum 2013. Kurikulum anyar éta sabenerna mah dijieun kalawan maksud supaya barudak sakola hususna barudak SD henteu beurat teuing dina diajarna di sakola. Henteu loba teuing pangajaran anu kudu diiluan ku barudak sakola. Nurutkeun rarancangan, Kurikulum 2013 jumlah pangajaran di sakola dasar (SD) bakal dikurangan, pon kitu deui reujeung pangajaran di SMP. Lamun tadina jumlah pangajaran di SD téh jumlahna sapuluh siki dikurangan jadi genep rupa pangajaran nyaéta Matematika, Bahasa Indonesia, Agama, Pendidikan Jasmani, Pendidikan Pancasila dan Kewarganegaraan, katut Kesenian. Sedengkeun ari barudak SMP anu tadina diajar 12 pangajaran, dikurangan jadi sapuluh pangajaran: Pendidikan Agama, Pancasila dan Kewarganegaraan, Bahasa Indonesia, Matematika, IPA, IPS, Bahasa Inggris, Seni Budaya dan Muatan Lokal, Pendidikan Jasmani dan Kesehatan, katut Prakarya.

Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola
Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola

Ngilikan kana maksudna mah alus ogé supaya barudak téh teu loba teuing beungbeurat dina diajarna. Ngan hanjakal, pikeun pihak-pihak di daérah mah ieu kurikulum anyar téh bakal ngaleungitkeun pangajaran Bahasa Daérah di sakola-sakola, contona waé nya pangajaran Basa Sunda. Keur peujeuh mah sanajan aya pangajaranana ogé di sakola, Basa Sunda téh susah ngahonjatna (barudak sakola susah bisana), komo deui ieu dileungitkeun. Arék kumaha nasib Basa Sunda ka hareupna lamun henteu diajarkeun di sakola? Barudak sakola moal apal jeung bisa kana Basa Sunda. Salian ti éta, lamun Basa Sunda dileungitkeun tina kurikulum dina harti henteu diajarkeun deui di sakola-sakola, kumaha atuh nasib guru Basa Sunda ka hareupna? Maenya kudu ngajar pangajaran séjén! Ogé kumaha nasib jurusan Pendidikan Basa Sunda di paguron luhur anu nyayagikeun guru-guru Basa Sunda ka hareupna? Piraku kudu tutup mah!

Lamun kitu mah, Kurikulum 2013 téh henteu ngabélaan kana Basa Sunda salaku basa daérah anu aya di Indonésia. Taya deui carana ku jalan kudu ngarobah éta Kurikulum saacanna ditetepkeun ku pamaréntah. Sahanteuna henteu mupus basa daérah tina pangajaran di sakola.

Loba tokoh masarakat Sunda hususna anu mikadeudeuh kana Basa Sunda asa neuteuli kana kahayang jeung pamadegan pamaréntah ieu. Aranjeunna néangan tarékah kumaha supaya Basa Sunda henteu dileungitkeun tina pangajaran di sakola-sakola. Warta panganyarna, dina poé isukan (Senén) bakal diayakeun démonstrasi pikeun megatan ditetepkeunana Kurikulum 2013 kajaba lamun ngasupkeun basa daérah kana Kurikulum anu anyar. Démonstrasi  anu dijudulan Aksi Budaya Nolak Kurikulum 2013 bakal dilumangsungkeun di hareupeun Gedung Saté terus ka tugu Monumén Perjuangan.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Radio Baraya Sunda (RBS)


Radio Baraya Sunda (RBS) mangrupakeun salasahiji grup di pésbuk anu sipatna bébas bisa diiluan ku saha waé (Open Group). Grup ieu dijieun pikeun jadi salasahiji tempat ngobrol jeung komunikasina baraya anu resep kana nyetél RBS. Saméméhna, grup Radio Baraya Sunda (RBS) di pésbuk ieu dijieun ku aktipis Sunda anu nyieun RBS (Radio Baraya Sunda), salasahiji radio anu siaranana ngaliwatan média internét. Jadi sabenerna mah RBS bisa disebutkeun stasiun radio anu nyebarkeun siaranana ngaliwatan internét. RBS diadegkeun di Bandung dina ping 20 Méi 2011 ku aktipis Sunda. Salian ti pikeun jadi média komunikasi, antara baraya RBS, grup Radio Baraya Sunda ieu ogé digunakeun pikeun manjangkeun tali mimitran.

Radio Baraya Sunda (RBS) di pesbuk
Radio Baraya Sunda (RBS) di pesbuk

Pikeun baraya anu hayang jadi anggahota ieu grup bisa asup ka ieu grup. Kalawan peupeujeuh ti anu ngokolakeun ieu grup, baraya anu ilubiung kana ieu grup alusna maké poto profil katut nyadiakeun inpo diri anu bener supaya gampang dina mangsana riung mungpulung baraya sacara langsung. Baraya anu hayang jadi anggahota ieu grup, kari asup waé ka alamat https://www.facebook.com/groups/baraya.rbs/.

Peupeujeuh atawa pameredih séjénna ka baraya anu ngiluan kana ieu grup, lamun nyieun pairan, status, gambar atawa panumbu pidio kudu aya patali atawa pakait reujeung siaran anu keur dipidangkeun ku RBS. Lamun aya kiriman teu merenah atawa taya pakaitna reujeung RBS, kirimanana bakal dipupus ku admin grup. Ieu geus jadi katangtuan anu kudu ditedunan ku unggal anggahota grup.

Atuh, pikeun baraya anu hayang jadi donatur atawa pandeudeul (sponsor) RBS, ditarima ogé ku RBS. Carana bisa ngirim pésen ka tukang siaran RBS (Gan Aham, Ki Jayus atawa Nyai Endit). Pangrojong ieu bisa jadi pangdeudeul pikeun RBS supaya leuwih alus deui. Pikeun inpo grudp ieu anu leuwih panceg, bisa dilongok langsung dina lambaran About ieu grup.

Ngahangkeutkeun Pangwangunan Padésaan, Kahayang Cabup Sumedang Nomer Genep dina Lawungan ka Kampung Ciburuan


Sanajan dipapag ku hujan, acara wawanohan/lawungan jeung Calon Bupati Sumedang ti partéy Golkar, henteu nepikeun ka pugag. Dilaksanakeun di Balé Musawarah Dusun Ciburuan, acara lawungan dihadiran ku sabagéan masarakat Kampung Ciburuan anu ngahaja datang ka Balé Musawarah. Acara dimimitian kurang leuwih jam tujuh peuting (28/12), kalawan langsung dibuka ku wawanohan reujeung Pa Taufik Gunawansyah salaku calon Bupati Sumedang ti Partéy Golkar.

Dina lawungan ieu, salaku Calon ti Partéy Golkar, Taufik Gunawansyah ngajéntrékeun sabab musabab nyalonkeun anjeuna jadi Bupati Sumedang. Salasahijina hayang ngalaksanakeun program anu geus dirarancang ku partéyna ti béh ditu mula anu aya pakaitna reujeung ngamajukeun ékonomi padésan. Program anu dingaranan ADD (Alokasi Dana Desa) jeung DADU (Dana Alokasi Desa Umum) téh hayang leuwih dihangkeutkeun deui katut leuwih gedé deui hancenganana. Salian ti éta cenah bakal ditambahan ku diwangunna Lembaga Pengelola Potensi Ekonomi Padesaan.

Lawungan Cabup Sumedang nomer genep ka Ciburuan
Lawungan Cabup Sumedang nomer genep ka Ciburuan

Ditambahan deui ku implengan ngeunaan Sumedang kahareupna. Taun 2013 mangrupakeun taun dimana Sumedang keur ngaréngsékeun poroyék-poroyék gedé nyaéta Jalan Tol Cisumdawu, Bendungan Jatigedé anu bakal mangaruhan kamajuan Sumedang. Acan deui kuayana Bandara Kertajati di Majalengka, nambahan deui pangaruhna. Pangaruh anu lamun henteu diungkulan kalawan bener bakal mawa akibat goréng ka masarakat Sumedang. Pikeun ngungkulanana, cenah, teu leupas tina kahayang ngamajukeun ékonomi padésaan anu tadi. Da rahayat lolobana mah ayana di padésaan, sedengkeun pangwangunan ayeuna lolobana di dayeuh. Ka hareupna, pangwangunan di padésaan bakal dilobaan.

Naon sababna henteu babarengan (koalisi) reujeung partéy séjén? Disebutkeun cenah supaya gampang dina nyieun kawijakan. Moal aya silih kenyang kahayang antara partéy anu ngiluan koalisi. Kitu deui reujeung calon mandiri, bakal susah dina nyieun kawijakan. Da euweuh anu sagolongan (sapartéy) reujeung anggota dewan anu nyatujuan kana kawijakan anu dijieun ku Bupati. Ieu cenah jadi kapinunjulan calon bupati nomer genep.