Lamun Kurikulum 2013 Dilaksanakeun, Kumaha Nasib Basa Sunda?


Ayeuna téh cenah keur ramé-raména madungdengkeun ngeunaan Kurikulum 2013. Kurikulum anyar éta sabenerna mah dijieun kalawan maksud supaya barudak sakola hususna barudak SD henteu beurat teuing dina diajarna di sakola. Henteu loba teuing pangajaran anu kudu diiluan ku barudak sakola. Nurutkeun rarancangan, Kurikulum 2013 jumlah pangajaran di sakola dasar (SD) bakal dikurangan, pon kitu deui reujeung pangajaran di SMP. Lamun tadina jumlah pangajaran di SD téh jumlahna sapuluh siki dikurangan jadi genep rupa pangajaran nyaéta Matematika, Bahasa Indonesia, Agama, Pendidikan Jasmani, Pendidikan Pancasila dan Kewarganegaraan, katut Kesenian. Sedengkeun ari barudak SMP anu tadina diajar 12 pangajaran, dikurangan jadi sapuluh pangajaran: Pendidikan Agama, Pancasila dan Kewarganegaraan, Bahasa Indonesia, Matematika, IPA, IPS, Bahasa Inggris, Seni Budaya dan Muatan Lokal, Pendidikan Jasmani dan Kesehatan, katut Prakarya.

Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola
Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola

Ngilikan kana maksudna mah alus ogé supaya barudak téh teu loba teuing beungbeurat dina diajarna. Ngan hanjakal, pikeun pihak-pihak di daérah mah ieu kurikulum anyar téh bakal ngaleungitkeun pangajaran Bahasa Daérah di sakola-sakola, contona waé nya pangajaran Basa Sunda. Keur peujeuh mah sanajan aya pangajaranana ogé di sakola, Basa Sunda téh susah ngahonjatna (barudak sakola susah bisana), komo deui ieu dileungitkeun. Arék kumaha nasib Basa Sunda ka hareupna lamun henteu diajarkeun di sakola? Barudak sakola moal apal jeung bisa kana Basa Sunda. Salian ti éta, lamun Basa Sunda dileungitkeun tina kurikulum dina harti henteu diajarkeun deui di sakola-sakola, kumaha atuh nasib guru Basa Sunda ka hareupna? Maenya kudu ngajar pangajaran séjén! Ogé kumaha nasib jurusan Pendidikan Basa Sunda di paguron luhur anu nyayagikeun guru-guru Basa Sunda ka hareupna? Piraku kudu tutup mah!

Lamun kitu mah, Kurikulum 2013 téh henteu ngabélaan kana Basa Sunda salaku basa daérah anu aya di Indonésia. Taya deui carana ku jalan kudu ngarobah éta Kurikulum saacanna ditetepkeun ku pamaréntah. Sahanteuna henteu mupus basa daérah tina pangajaran di sakola.

Loba tokoh masarakat Sunda hususna anu mikadeudeuh kana Basa Sunda asa neuteuli kana kahayang jeung pamadegan pamaréntah ieu. Aranjeunna néangan tarékah kumaha supaya Basa Sunda henteu dileungitkeun tina pangajaran di sakola-sakola. Warta panganyarna, dina poé isukan (Senén) bakal diayakeun démonstrasi pikeun megatan ditetepkeunana Kurikulum 2013 kajaba lamun ngasupkeun basa daérah kana Kurikulum anu anyar. Démonstrasi  anu dijudulan Aksi Budaya Nolak Kurikulum 2013 bakal dilumangsungkeun di hareupeun Gedung Saté terus ka tugu Monumén Perjuangan.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)


Dina maén ayun-ayunan, aya hal anu bisa dijadikeun tengetaneun. Nyaéta ngeunaan ayunan. Da anu ngaranna yaun-ayunan mah cara maénna teh diayun-ayun. Ayun-ayunan aya pakaitna reujeung pangajaran Fisika di sakola ngeunaan ayunan (Getaran).

Dina maénna, aya dua rupa. Aya anu ayun-ayunanana téh kusabab diayun-ayun. Aya ogé anu diayunkeun ku sorangan. Anu diayunkeun ku sorangan mah, ayun-ayunanana téh henteu diayunkeun ku batur, tapi maké bantuan suku ku jalan diulang-ulang ka hareup ka tukang di handapeun pangdiukan ayunan.

Ari ayunan anu diayun-ayun mah kudu aya budak anu daékeun ngayun-ngayun. Biasana anu ngayun-ngayunna téh cicingna di tukangeun anu diayunkeunana.

Gambar ayunan

Dina maenkeunana ogé, lamun barudakna piligenti, biasana mah osok lomba pajangkung-jangkung atawa pajauh-jauh ngayunkeunana. Sanajan henteu langsung katempo anu meunangna, tapi osok ngabogaan rasa resep atawa agul lamun bisa ngayunkeun ayunanan téh pangjauhna atawa pangjangkungna.

Dina hal séjén, bisa ogé pikeun ngareureuwas budak séjén, utamana lamun ngayunkeun éta ayunan téh kujalan diayunkeun ku hudak séjén. Budak anu ngayunkeun ayunan, osok ngahajakeun ngayunkeun ayunanana téh sing jauh atawa jangkung. Supaya budak anu diayunkeunana téh reuwas atawa jadi paureun.

Jadi lamun dikaitkeun reujeung pangajaran Fisika mah, maén ayun-ayunan téh mangrupakeun hiji prak-prakan tina téori Fisika ngeunaan Getaran atawa Ayunan.

Dina pangajaran Getaran/Ayunan aya anu disebut: Gaya (F), massa benda (m), Percepatan gravitasi (g), Sudut simpangan, panjang tali (l), jeung simpangan getaran (x). Lamun diterapkeun kana ayun-ayunan mah, gaya téh mangrupakeun gedéna tanaga anu kudu dikaluarkeun ku budak waktu ngayunkeun éta ayunan. Massa benda bisa disebut ogé ku massa (beurat budak) anu diuk dina ayunan, percepatan gravitasi mah gancangna gravitasi, sudut simpangan mah aya hubunganana reujeung gedéna sudut atawa méngkolna tali ayunan tina tali lamun ngagantung. Sedengkeun panjang tali sarua eujeung panjang tali ayunan, terus simpangan getaran aya hubungana reujeung jauhna ayunan tina ayunan lamun cicing.

Ngeunaan itung-itungan Fisika anu leuwih jéntré bakal dituliskeun dina tulisan séjén.

Baca oge:

  1. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)