SD Negeri Margajaya Bogor Maké Aksara Sunda


Sakola dasar anu aya di dayeuh Bogor, SD Negeri Margajaya nyieun papan ngaran sakola anu dilengkepan ku aksara Sunda. Nurut inpo anu diancokeun ku Republika, ieu léngkah dicokot dina raraga ngabudayakeun jeung miara budaya Sunda pikeun barudak entragan anyar.

Harepanana mah ieu léngkah téh bakal diturutan ku sakola-sakola séjénna anu aya di dayeuh Bogor. Lamun diturutan ku sakola-sakola séjénna téh bakal ngarojong pisan reujeung gerakan Ngabogor. Dinas pendidikan dayeuh Bogor mibanda jeung geus nyieun program anu dingaranan gerakan Ngabogor. Ngabogor mangrupakeun kapondokan tina Bogoh ka Bogor.

SD Negeri Margajaya dayeuh Bogor, ngagunakeun aksara Sunda dina papan ngaranna
SD Negeri Margajaya dayeuh Bogor, ngagunakeun aksara Sunda dina papan ngaranna

Gerakan ieu bisa ditembrakeun ku sikep, pagawéan jeung pasipatan. Salasahijina nyaéta miara jeung ngagunakeun aksara Sunda. Gerakan Ngabogor ieu ngawengku opat gerakan nyaéta lingkungan, kapribadian, kaimanan jeung cinta kana budaya. Ngaliwatan Ngabogor ieu, unggal sakola dirojong pisan lamun mibanda karakter séwang-séwangan. Karakter anu dicokot tina opat rupa tadi, bisa mibanda karakter lingkungan, karakter agama, pribadi atawa budaya.

Atuh, lamun nilik kana ieu program, léngkah anu ditembrakeun ku SD Negeri Margajaya mangrupakeun karakter anu mikanyaah kana budaya. Leuwih jauhna, naon anu diayakeun ku SD Negeri Margajaya ogé aya pakaitna reujeung program ngagunakeun Basa Sunda anu dilaksanakeun unggal poé Saptu.

7 Poé Pendidikan Istimewa di Purwakarta


Nurutkeun inpo anu dipedalkeun ku Pos Kota, dina poe mangkukna di Purwakarta dipedalkeun program anyar anu kacida motekarna. Program anu langsung dipedalkeun ku Bupati Purwakarta ieu dingaranan 7 Poe Pendidikan Istimewa. Luyu reujeung ngaranna, program ieu nojo kana perkara pendidikan hususna pendidikan barudak di sakola. Pendidikan teh dilumangsungkeun henteu eureun-eureun, tujuh poe dina samingguna.

Dina ngalumangsungkeun ieu program, geus dicawiskeun sababaraha jejer anu beda-beda unggal poena. Barudak bakal meunang rupa-rupa jinis pangajaran dina unggal poena. Dina poe senen, barudak bakal meunangkeun pangajaran anu disebut ajeg nusantara. Ari poe salasana mapag buana, rebo maneuh di Sunda, kemis nyanding wawangi, jumaah nyucikeun diri ditambah saptu-ahadna betah di imah.

7 Poé Pendidikan Istimewa di Purwakarta
7 Poé Pendidikan Istimewa di Purwakarta

Nurutkeun runtuyan ieu jejer, barudak barudak sakola bakal mayeng meunang pangajaran unggal poéna. Dina poé senén barudak bakal diajar ngeunaan nusantara, pikeun leuwih mikawanoh nagara Indonésia katut sagala hal anu aya di jerona kayaning budaya nepikeun ka alamna. Poé salasana barudak bakal meunangkeun pangajaran ngeunaan alam dunya anu aya patalina reujeung budayana katut élmu pangaweruhna. Poé rebo dieusi ku pangajaran mikawanoh budaya jeung tradisi daérah Sunda. Barudak bakal diajar ngeunaan palasipah kahirupan urang Sunda anu linuhung saperti hirup dibarung silih asah, ilih asih jeung silih asuh. Poé kemisna dijejeran nyanding wawangi anu aya pakaitna reujeung ngaluarkeun niléy rasa jeung seni barudak. Sedengkeun poé jumaah aya pakaitna reujeung ngaronjatkeun niléy spiritual.

(Gambar meunang nginjeum ti Pos Kota)

Belang Betong


Mangsa keur budak mah remen ngadéngé kekecap ieu téh. Pangpangna mangsa sakola di SD. Kolot téh loba anu mapagahan ka budakna supaya ulah belang betong ari sakola téh. Sakola mah kudu rajin. Tapi ieu husus pikeun budak anu ngedul kana sakolana, kadang daék sakola kadang embung sakola. Rajeun daék sakola lamun dipapaksa kudu sakola. Da budak anu rajin sakola mah henteu kudu ditititah deui sakolana.

Gambaran barudak sakola keur indit sakola
Gambaran barudak sakola keur indit sakola

Budak anu daék sakolana kakapeungan disebutna téh belang betong. Atuh, saha kolotna anu hayang miboga anak anu kedul sakola, atawa daék kakapeungan. Kolot mah nyakolakeun budak téh supaya daék diajar, supaya pinter. Supaya miboga élmu pikeun bekel hirup ka hareupna. Lamun kedul mah atuh moal meunang élmu anu mucekil.

Dina prak-prakanana, lain ngan ukur pikeun budak anu daék kakapeungan sakola wungkul. Belang betong ogé osok dilarapkeun dina hal séjénna. Budak anu keur diajar solat ogé, aya kalana nalika horéam mah tara dilakonan. Budak téh ngalakonan solat lamun keur hayang, lamun waktuna horéam mah najan dipapaksa ogé angger horéam. Lamun dititah ka masigit pikeun diajar ngaji, ogé sarua waé. Kadang daék indit ngaji, kadang cicing waé di imah najan geus waktuna ngaji ogé.

Najan remen dilarapkeun ka barudak, sabenerna mah bisa dilarapkeun ka saha waé kaasup pikeun kolot. Kolot anu kadang daék kadang embung bisa disebut belang betong. Ngan hanjakal remen dipaké pikeun budak anu keur mangsana diajar, boh diajar di sakola (élmu umum) atawa diajar élmu agama.

Burung


Henteu salawasna jeung henteu sakabéh jalma anu ngalakonan atawa migawé hiji perkara bisa nepikeun ka jucungna. Aya kalana runtag di tengah jalan. Anu sakuduna bisa nepikeun ka junun, ieu mah di tengah jalan ogé geus enggeusan. Arék pas di tengah-tengahna atawa kakara nincak pagawéan atawa ampir nepi ka tungtungna. Perkara anu dipigawé atawa dilakonanana bisa naon waé, kaasup nalika nyiar élmu di sakola.

Gambaran barudak sakol
Gambaran barudak sakol

Nalika budak sakola nyiar élmu di sakolaan, henteu sakabéh budak anu sakola bisa ngaréngsékeun nyiar élmuna nepikeun ka jucungna. Osok aya budak sakola anu runtag di tengah jalan, henteu bisa nepikeun ka junun nyiar élmuna. Nalika sakola di SD, budak téh dina nyiar élmuna henteu nepikeun ka réngsé kelas genepna. Tacan ogé réngséna nyiar élmu nepikeun ka kelas genep tur réngsé kelas genepna, geus eureun sakolana.

Alesan henteu ditepikeun ka tungtung dina nyiar élmuna biasana mah kusabab horéam diajar atawa kurang waragadna. Osok aya budak anu horéam diajar di sakola, leuwih milih di lembur babantu digawé ka kolotna. Atawa kolotna henteu bisa nyukupan kana waragad anu kudu dikaluarkeun salila nyiar élmu di sakolaan. Antukna budak téh ngan semet dinya wungkul nyiar élmu di sakolaan téh. Henteu diteruskeun deui sakolana.

Budak anu henteu bisa neruskeun nyiar élmu di sakolaan biasana mah disebutna burung sakolana. Sebutan ieu condong kana perkara anu rada goréng, budak anu embung neruskeun sakolana kusabab embung sakola atawa horéam diajar.

Kaulinan Barudak jadi Ékstrakurikulér di SDN 1 Cibening


Meunang inpo anu dipidangkeun ku blog SDN 1 Cibening Purwakarta yén di sakola éta anu ngaranna Kaulinan Barudak téh diasupkeun kana kagiatan ékstrakurikulér. Jadi barudak sakola salian ti diajar pangajaran umum sakumaha anu geus diatur dina kurikulum ogé bisa ngiluan kana kagiatan ékstrakurikulér tambahan. Barudak bisa ngiluan diajar jeung ngaulinkeun Kaulinan Barudak saperti oray-orayan jeung ucing sumput. Diasupkeunana Kaulinan Barudak kana ékstrakurikulér ieu mangrupakeun salasahiji jalan pikeun ngajaga jeung miara budaya di Tatar Sunda hususna ngeunaan Kaulinan Barudak.

-
-
-

Dina émprona, barudak anu ngiluan kana ieu éktrakurikulér téh lalatihan di buruan sakola nalika peré sakola jeung balik sakola. Maranéhanana mintonkeun Kaulinan Barudak baheula ngaliwatan pintonan kasenian. Kalayan dipirig ku tatabeuhan seni Sunda, barudak dialajar budaya anu kacida mundelna ku niléy-niléy kahirupan jeung ngadidik maranéhna.

Salian ti Kaulinan Barudak, aya deui éktrakurikulér husus ngeunaan kasenian Sunda, saperti seni sisingaan. Beuki dihangkeutkeunana ékstrakurikulér kasenian ieu henteu leupas tina bakal diayakeunana kagiatan Pramuka anu baris dilumangsungkeun di SDN 2 Cikopo dina ping 25 – 29 Oktober. Dina ieu kagiatan, unggal sakola mintonkeun kasenian séwang-séwangan.

(Inpo jeung potret meunang nginjeum ti blog SDN 1 Cibening)

“Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De’Ranch Lembang”


Dina raraga ngeusian peré barudak sakola, De’Ranch ngayakeun kagiatan anu dingaranan ‘Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda’. Ieu kagiatan téh dilumangsungkeun salila dalapan poé (leuwih ti saminggu), ti mimiti poé Saptu ping 22 Juni 2013 nepikeun ka poé Saptu deui ping 29 Juni 2013.

Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De'Ranch Lembang
Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De’Ranch Lembang

Ieu acara téh mintonkeun rupa-rupa kasenian Sunda saperti Léngsér, Sisingaan, Karinding, Kuda Lumping, Kacapi Suling, Jaipongan, Calung, jeung Pencak Silat. Dibarung ku dipintonkeunana rupa-rupa kaulinan barudak baheula kayaning jajangkungan, congklak, oray-orayan, ayang-ayanggung, jeung anu séjénna. Pidangan kasenian jeung kaulinan barudak téh lolobana mah diancokeun ku barudak sakola. Anu ngadongdon bisa ngilu ilubiuang sacara langsung kana kagiatan anu dilumangsungkeun.

Salian ti ayana pintonan kasenian reujeung kaulinan barudak, ditambah ogé aya bazar anu nyadiakeun kadaharan mangrupa awug, leupeut, gegetuk, bajigur, badros jeung anu séjénna.

(Sumber inpo jeung gambar: De’Ranch Lembang)

Indit Sakola bari Leumpang, Budak Leuwih Pinter


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku Okezone Lifestyle, cenah budak anu indit ka sakola bari leumpang bakal leuwih pinter tibatan anu naék kandaraan. Indit ka sakola bari leumpang bisa nyababkeun budak téh leuwih pinter. Utamana pikeun budak sakola ti jinis awéwé.

barudak nu indit ka sakola bari leumpang
barudak nu indit ka sakola bari leumpang

Nurutkeun panalungtikan anu dipedalkeun ngaliwatan Archives of Pediatrics & Adolescent Medicine, kapinteran budak hususna ngeunaan cara gawé kognitif bisa dialusan (leuwih alus) ku jalan leumpang nalika indit ka sakolana. Hasil panalungtikanana nyebutkeun yén budak sakola (hususna budak awéwé) anu leumpang leuwih alus diajar di sakolana tibatan budak anu inditna bari numpak kandaraan. Jadi aya pakaitna antara ngagerakeun raga nalika indit ka sakola reujeung diajar di sakola.

Panalungtikan anu dijejeran Food and Assessment of the Nutritional Status of Spain Adolescents ieu ngalibetkeun rumaja lalaki jeung awéwé di nagri Spanyol kalawan miboga umur 13 nepikeun ka 18 taun. Jumlah rumaja anu diilukeun téh nepikeun ka 1.700 urang.

Hal séjén anu bisa dijadikeun cekelan nyaéta plastisitas tumuwuhna otak budak paling alus dina nalika/mangsa rumaja. Dina ieu entragan, tumuwuhna cara gawé kognitif budak kacida alusna.

Jadi, lamun ka sakola téh alusna mah bari leumpang.