Tepas, Rohangan Imah Panghareupna


Ngalongok ka lembur, ayeuna mah geus jarang wangunan imah panggung téh. Kalolobaan imah geus ganti jadi imah gedong. Kari sababaraha urang anu masih kénéh maké imah panggung téh. Béda jeung baheula. Baheula mah rata-rata imah téh imah panggung. Waas lamun inget ka imah panggung téh. Resep pisan lamun arulin reujeung babaturan di imah babaturan. Ngadon hareureuy arulin di tepas imah. Arék maén congkak atawa éncrak atawa ngadon gagambaran dina buku gambar, bisa dipigawé di tepas imah. Ulin/heureuy anu embung kokotoran ku taneuh, biasana mah dipigawé di tepas imah. Kitu ogé lamun tepas imahna keur kosong henteu dipaké riungan atawa narima sémah ku anu boga imah.

Tepas imah panggung
Tepas imah panggung

Tepas imah bisa disebutkeun ngaran salasahiji rohangan anu aya di imah panggung. Ieu rohangan ditempatkeunana di panghareupna hiji imah. Anu arék asup ka imah, lamun ngaliwatan jalan hareup pasti bakal ngaliwatan tepas imah ieu. Tepas imah biasana mah mangrupa hiji rohangan anu taya kikidingan atawa henteu maké bilik. Sisi-sisi luarna diantepkeun sina ngagebla. Atuh anu ngadon diuk dina tepas teh bakal bisa nempoan ka luareun imah, pon kitu deui anu ti luar bisa nempo anu keur dariuk di tepas imah. Hal ieu téh aya alusna, anu tatamu atawa ngadon diuk teu kudu asup ka imah. Anu ngadon diuk bisa bari ngadaweung di sisi tepas.

Ngan teu salawasna tepas imah téh tampa kikiding. Aya kalana tepas imah téh dibunian ku bilik. Bilik anu dipakéna biasana mah henteu sakabéhna nepikeun ka luhur. Kikidingna kira-kira sacangkéng budak leutik. Tepas ieu mah teu bisa dipaké ngadaweung kajaba di lawang tepasna. Da teu kahontal ti buruan mah, jangkung teuing. Tapi kétang, barudak anu resep tuak-taék jeung henteu sieunan ragrag mah, tepas samodél kieu téh osok dipaké ngadon ngadaweung atawa diuk dina luhureun kikidingna.

Cenah mah, mangpaat utama tepas ieu téh pikeun narima sémah. Sémah anu ngadon nganjang, osok ditarima di tepas imah.

Siraru Haliber Tanda Usum Ngaseuk


Geus baku lamun ngimimitan ngecrek hujan téh, di buruan ujug-ujug loba anu haliber néangan cahya anu caang. Padahal pabeubeurang mah teu katempo hiji-hiji acan. Mangsa nincak wanci magrib, kakara daratang teuing datangna ti mana. Datang haliber muru cahya cempor atawa lampu ngadon ngagimbung nguririlingan lampu/cempor. Teu lila maruragan ka handap bari jangjangna ngayang di handap. Anu tadina hiber téh jadi patingkarayap di handap, ka mana-meni. Matak paur kumaha lamun katincak atawa katindihan.

Siraru keur ngagimbung dina tehel
Siraru keur ngagimbung dina tehel

Kitu geningan Siraru mah. Marucunghul nalika mimiti usum hujan, anu jadi tanda ngamimitianana ngaseuk paré huma. Siraru, sato anu sarimbagan reujeung rinyuh (cenah mah sarua kénéh reujeung rinyuh), ngadon haliber ninggalkeun liangna dina taneuh. Haliberna nalika wanci manjig sareupna, wanci poé ngamimitan poék. Eta Siraru hiber néangan cahya kayaning lampu atawa damar/cempor. Cenah ceuk béja anu kapaluruh, éta Siraru haliber téh néangan pasanganana pikeun nyieun rundayan anyar anu bakal neruskeun kahirupanana. Sanggeus panggih reujeung pasanganana mah cenah, bakal néangan tempat anu alus pikeun neruskeun kahirupanana, pikeun nyieun karajaan masing-masing Siraru.

Pikeun anu ngalaman mah biasana rumasa kaganggu ogé ku ayana éta Siraru téh. Henteu kaganggu kumaha, di imah biasana mah osok jadi barala ku jangjang éta Siraru. Tacan deui ku lobana Siraru anu ngarayap minuhan palupuh atawa papan, matak paur katincak. Ngan teu salawasna Siraru téh ngeselkeun (matak kesel). Pikeun jalma anu resep nguseup mah, éta Siraru téh osok dijieun eupan nguseup lauk. Leuwih jauhna deui, aya ogé anu ngadon ngasakan éta Siraru jadi kadaharan kayaning wajit. Jadi, aya Siraru anu ngadon dijieun wajit.

Pikeun anu hayang ngala Siraru mah kacida gampangna. Tinggal nyadiakeun baskom atawa émbér anu dieusian ku cai terus di tengah-tengahna diteundenan lampu atawa cempor/lilin. Diantepkeun ogé, lila-lila mah éta Siraru bakal minuhan baskom/émbér.