Kalungguhan Panulis Anu Ngokolakeun Blog di WordPress


Sahanteuna aya opat kalungguhan panulis anu bisa dipaké dina blog di WordPress. Opatanana miboga tingkatan reujeung pangabisa atawa hak anu béda-béda. Opat tingkatan kalungguhan téh nyaéta Administrator, Pangropéa (Editor), Panulis (Autor) katut Pangdeudeul (Kontributor). Kalungguhan pangluhurna mah Administrator. Ieu kalungguhan mibogaan pangabisa jeung hak anu loba kaasup mupus blog anu dipibogana, ngasupkeun anu séjén pikeun jadi panulis. Pokona mah Administrator téh mangrupakeun jalma anu ngapimilik éta blog. Administrator mah taya anu ngawawatesanan dina ngokolakeun blogna.

Kalungguhan anu kadua nyaéta Pangropéa. Ieu kalungguhan mah ngan ukur miboga hak pikeun nempoan, ngarobah (ngaropéa), medalkeun katut mupus tulisan atawa lambaran. Ditambahan ku kamampuhan pikeun ngokolakeun pairan, ngatur katagori, ngatur tag jeung panumbu katut ngunggah payil/gambar.

Kalungguhan katiluna disebut Panulis (Autor). Ieu kalungguhan mah utamana ngeunaan ngokolakeun tulisan ti mimiti nyieun, ngaropéa, katut medalkeun tulisan. Salian ti éta bisa ogé mupus tulisan beunangna. Lamun tulisan beunang anu séjén mah henteu bisaeun. Ditambahan ogé ku kabisa pikeun ngunggah payil atawa gambar.

Rupa-rupa kalungguhan panulis dina blog di WordPress
Rupa-rupa kalungguhan panulis dina blog di WordPress

Kalungguhan kaopatna nyaéta Pangdeudeul (Kontributor). Ieu kalungguhan mah ngan ukur bisa nyieun tulisan wungkul tapi teu bisa langsung dipedalkeun. Tulisan anu dijieun ku ieu pangdeudeul kudu dikirim heula ka Administrator pikeun disaluyuan. Sanggeus disaluyuan ku Administrator katut dipedalkeun, ieu pangdeudeul kakara bisa ngaropéa tulisanana. Kakurangan pangdeudeul anu séjénna téh nyaéta henteu bisaeun ngunggah payil atawa gambar.

Salian ti anu opat di luhur, aya deui kalungguhan panambahna. Nyaéta follower (anu nuturkeun). Sabenerna mah ieu mah lain kalungguhan anu bisa ngiluan ngokolakeun blog, da follower mah henteu bisa ngirimkeun tulisan atawa medalkeun tulisan. Pon kitu deui ngunggah payil. Ieu kalungguhan mah ngan ukur bisa narima wawaran wungkul lamun aya pedalan anyar dina blog anu dituturkeunana.

6 thoughts on “Kalungguhan Panulis Anu Ngokolakeun Blog di WordPress

Tunda talatah